Kamis, 23 Desember 2010

“ULAH TALANGKÉ KANA ‘AMAL”

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I.

Maka Kami (saur Ibnu Qudamah Al-Maqdisy) nyarios: “Kanyahokeun – mugia Alloh ngarahmatan ka anjeun – yén saéstuna dunya ieu mangrupakeun ‘Kebonna Akhérat’ الد نيا مزرعة الأخرة  (Addunyaa Mazro’atul Akhiroh), sumber pikeun ngumpulkeun nnnnnnnkauntungan-kauntungan Akhérat jeung tempat pikeun miluruh bekel sarta barang-barang nu nguntungkeun. Hal sarupa kitu pisan nu bakal némbongkeun tur nimbulkeun ka jalma-jalma nu balap (nu lomba), kaunggulan pikeun jalma-jalma nu taqwa, kauntungan pikeun jalma-jalma nu shodiq (bener) jeung nu ngalakukeun amal kahadéan, sarta karugian kacida pikeun jalma-jalma nu salawasna milampah bathil (salah/laku teu hadé).

Kanyahokeun ogé yén ieu dunya téh mangrupakeun lamunan (angen-angen) pikeun ahli syurga jeung ahli naraka,
sakumaha dawuhan Alloh dina al-Qur’an surat Fathir ayat 37:

“Jeung maranéhna tingkocéak didinya (dina jero naraka): ‘Nun Gusti Pangéran abdi sadaya ! Mugi Gusti ngaluarkeun abdi sadaya (dina tempat/naraka ieu) supados abdi sadaya tiasa ngalampahkeun amal Sholéh anu bénten saréng amal-amal nu kantos ku abdi sadaya dipilampah’. Padahal (saur Alloh) naha lain kami téh geus maparin umur ka Maranéh”.

Saréng dawuhan Alloh dina surat Al-An’am ayat 27:

“Jeung upama anjeun (Muhammad) ningali nalika Maranéhna dijagragkeun di naraka, Maranéhna ngaromong: ‘Leuh …! Tada teuing hadéan upama kula sarérea dipulangkeun deui ka alam dunya, jeung moal ngabohongkeun deui kana ayat-ayat Pangéran, turta kami baris jadi jalma-jalma nu Mu’minin (nu ariman)”.

Ibnu Mas’ud kantos nyarios, sakumaha nu diriwayatkeun ku anjeunna: “Saéstuna roh para Syuhada ibarat manuk-manuk nu warna hejo nu leupas bebas di sawerga, hiber kamana baé eunteup sakahayangna, tuluy Maranéhna baralik deui kana lampu-lampu nu pating gulantung dina ‘Arasy, jeung nalika Maranéhna dina kaayaan saperti kitu, maka datang Alloh ka hareupeun Maranéhna bari Ngadawuh:

“Hai hamba-hamba kami (saur Alloh) ! prak geura ménta ka kami naon baé nu ku Maranéh di pikahayang jeung dipikaharep !’.

Maka Maranéhna (para Syuhada) unjukkan:

“Duh Gusti abdi sadaya ! abdi sadaya nyuhunkeun ka Anjeun ya Alloh supaya anjeun mulangkeun deui roh abdi sadaya kana jasad abdi sadaya tuluy ku anjeun ya Alloh pulangkeun deui abdi sadaya ka alam dunya, sahingga abdi sadaya maot deui  sakumaha maotna abdi sadaya nalika perlaya janten syuhada di médan danalaga“.

Maka nalika Alloh uninga yéng Maranéhna (para syuhada) teuaya deui paménta salian ti éta, maka Alloh ngantunkeun  Maranéhna.

Jeung kanyahokeun, duh dulur-dulur kabéh ! mudah-mudahan  Alloh salawasna maparin rohmat ka anjeun sadayana. Yén satemenna Alloh tos uninga yén Maranéhna (para Syuhada) bakal ménta samodél kitu. Ogé Maranéhna hamo bisa di balikkeun deui ka alam dunya. Naming didieu Alloh Ta’ala miharep supaya jalma-jalma nu ariman nu hirup di alam dunya arapal kana hal ieu, nu akhirna tumuwuh rasa pikeun ngabogaan niat nu gilig tur sumanget nu kuat bari yakin ka Alloh pikeun maot di jalan Alloh (tegesna jadi Syuhada).

Ibrohim At-Taimy[1] Rohimahullohu Ta’ala, sasauran:

“Kami ngabayangkeun yén diri kami téh aya di sawerga, ngadahar buah-buahan nu aya didinya, suka bungah seneng-seneng reujeung bidadari-bidadari sawerga, jeung ngagunakeun sagala kani’matan-kanikmatan nu aya di éta sawerga”.

Tuluy kami nanya ka diri kami sorangan:

“Héh …. diri kami ! naon sabenerna nu ku manéh dipikahayang tur diangen-engen téh ?”.
Tuluy diri kami ngajawab:

“Kami hayang dipulangkeun deui ka alam dunya supaya kami bisa nambahan amal-amal kami nu geus ngajadikeun cukang lantaran kami meunang sagala kani’matan samodél kieu”.


 Saba’da éta kami tuluy ngabayangkeun yén diri kami téh aya anjeucleung engkak-engkakkan dina naraka, diri kami téh di beuleum ku seuneu-na nu ngaléntab-léntab, tuluy kami dipaksa pikeun nginum cai nanah jeung geutih (Hamim-na naraka), sarta kami ngadahar buah Zaqqum. Tuluy ku lamunan ieu téh kami nanya deui ka diri kami sorangan:
“Naon nu dipikahayang jeung dipikaharep ku diri manéh téh ?”.

Tuluy ku diri kami di jawab:

“Kami hayang dipulangkeun deui ka alam dunya supaya kami bisa ngalakonan amal-amalan nu Sholéh nu jadi cukang lantaran bisana ngahindar jeung nyalametkeun tina siksaan naraka ieu nu kacida rongkahna’”.

Ku hal éta pisan, maka kami nyarita ka diri kami pribadi:

“Héh … diri ! ayeuna anjeun geus mibanda angen-angen jeung harepan nu dipikahayang ku anjeun, maka prak geura nagalakukeun amal Sholéh, ulah campoléh léléwodéh kana amal Sholéh, tong talangké ulah diengké-engké kana migawé lampah hadé, ulah nunda-nunda dina séba raga ka Nu Maha Kawasa”.

 Malah, sawaréh ulama salaf kantos ngagali kuburan pikeun dirina, lamun Maranéhna ngalaman future (rasa lungsé/haroréam) dina ngalakonan amal Sholéh, maka aranjeunna (para ulama) arasup kana kuburan nu geus meunang ngagali aranjeunna, tuluy aranjeunna ngalonjorkeun awakna dina jero liang lahad éta kuburan. Tuluy ngomong:

“Héh …  diri !, anggap yén diri anjeun téh geus paéh, jeung diri anjeun ayeuna geus aya dina jero liang lahad. Ayeuna naon nu dipikahayang ku anjeun téh ?”.

Maka diri kami ngajawab:

“Kami hayang dibalikkeun deui ka alam dunya supaya kami bisa ngalakukeun amal Sholéh leuwih loba deui”.

Tuluy kami ngomong deui ka diri pri badi:

Anjeun ayeuna geus mibanda angen-angen jeung harepan nu dipikahayang ku anjeun, maka prak ti ayeuna geura nagalakukeun amal Sholéh, oleh campoléh léléwodéh kana amal Sholéh, tong talangké ulah diengké-engké kana migawé lampah hadé, ulah nunda-nunda dina séba raga ka Nu Maha Kawasa”.    

Jeung kanyahokeun ku anjeun, mudah-mudahan Alloh mikaasih ka anjeun. Yén ahli kubur salawasna miharep pikeun ngalakukeun tasbih, Sanajan mun ukur sakali, supaya bisa nambahan catetan amal soléhna tur bisa ngalakukeun Taubat kana sawaréh lampah nu salahna, atawa ngadegkeun sholat sanajan mun ukur saroka’at pikeun ngangkat darajatna.
Kami geus ngariwayatkeun, yén aya salah saurang lalaki nu ngalakukeun sholat dua raka’at di sagédéngeun hiji kuburan, tuluy manéhna nyarandé les wéh manéhna kasaréan. Dina sajeroning saré manéhna ngimpi ningali ahli kubur ngaromong ka manéhna:

“Nyingkah manéh ti kami (ceuk ahli kubur) ! manéh geus nganyényeri ka kami. Demi Alloh, satemenna dua rokaat nu ku manéh di adegkeun, lamun tah kami nu ngalakukeunnana, maka dua roka’at éta leuwih dipikaresep ku kami batan dunya jeung saeusina. Saéstuna Maranéh salila di dunya ieu bisa ngalakukeun amaliyah-amaliyah kahadéan. Tapi Maranéh teu nyaho, saméntara kami didieu (di alam kubur) nu geus nyaho kana hakékat maot, teu bisa ngalakukeun amal sarupa reujeung nu ku Maranéh dilakukeun”.

Dumasar kana hal éta, maka prak geura manfaatkeun  –(mugia Alloh maparin rahmat ka anjeun) – kahirupan aranjeun nu kacida pisan gedé hargana, jeung jaga ogé  riksa waktu anjeun nu kacida pisan gedé niléina kana kahirupan anjeun.
Kanyahokeun ! yén hirup téh aya batesna, ambekan anjeun geus kaitung, satiap tarikan ambekan bakal ngurangan kana kaayaan diri anjeun. Umur téh sakabéhna ogé parondok, samentara nu nyésa tina hal éta kacida saeutikna. Ku sabab hal éta pisan satiap bagéan-bagéan (tina nafas/ambekan) nyaéta permata nu kacida gedé hargana tur teuaya bandingannana. Satemenna ku kahirupan nu samporét ieu bakal jadi kahirupan nu abadi dina jero kanikmatan atawa dina jero adzab nu kacida peurihna.

Lamun anjeun ngabandingkeun kahirupan ieu jeung ka abadian Akhérat, anjeun bakal nyaho, yén satiap nafas ngabanding leuwih gedé hargana ti batan nu mangrébu-rébu taun dina jero kani’matan nu taya batesna, atawa sabalikna, tina siksaan nu ngahawatirkeun. Nu hal sarupa kitu téh salah sahiji perkara nu tangtu hamo aya hargana sama sakali.

Ku sabab kitu, ulah sampé ngalalaworakeun mutiara nu kacida gedé pisan hargana nyatana umur anjeun, ku jalan tanpa
ngalakukeun salah sahiji ogé amalan nu hadé. Poma anjeun ulah ngantep umur anjeun mulang ka asal pangbalikan, balik ka geusan ngajadi téh tanpa ayana wawales/gaganti/bekel nu luyu tur saukuran nu matak nyugemakeun. Kudu saéstu jeung dienyana dina ngisian saban kaluar-kajerona nafas téh ku jalan tara ngosongan (tegesna terus dipinuhan) ku amal-amal kataatan jeung ngadeukeutkeun diri ka Alloh. sabab, saéstuna nalika anjeun mibanda mutiara nu kacida gedé harga jeung manfaatna (tegesna umur téa), tuluy leungit ngadadak, maka anjeun bakal ngarasa kacida sedihna. Tongboroning kitu, apan leungit wéh saeutik tina harta anjeun, pan bakal ngarusak kana kaayaan pikiran jeung diri anjeun. Kumaha lamun anjeun ngahaja miceun detik jeung menit tina waktu nu ku anjeun dipimilik kalayan kitu baé, tanpa teu dimanfaatkeun sama sakali pikeun migawé amal hadé ?. rék kumaha teu sedihna ku mulangna anjeun ka asal tanpa wawales/ganjaran/bekel nu saluyu reujeung pangorbanan nu matak nyugemakeun (tegesna anjeun rugi tur cilaka dua belas kali).

Wallohu A'lam
Subang, 24122010