Rabu, 30 November 2011

Mapag Bulan Romadhon 1432 H.

oleh Wangsa Urang Subang Pituin pada 29 Juli 2011 jam 11:42



أَلْحَمْدُ للهِ الَّذِيْ هذَانَالِهَذَا, وَمَاكُنَّالِنَهْتَديَ لَوْلاَ أَنْ هَدَانَااللهُ, وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ, وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمّدََا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ, أَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمّدٍِ وَعَلَى آلِه وَأَصْحبِه أَجْمَعِيْنَ.  (أَمَّابَعْدُ) أَيُّهَاالْحَاضِرُوْنَ ! إِتَّقُوااللهَ حَقَّ تُقَاتِه وَلاَتَمُوْتُنَّ إِلاَّوَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ.أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ` بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ ` شَهْرُ رَمَضَانَ الَّذِيَ أُنزِلَ فِيهِ الْقُرْآنُ هُدًى لِّلنَّاسِ وَبَيِّنَاتٍ مِّنَ الْهُدَى وَالْفُرْقَانِ فَمَن شَهِدَ مِنكُمُ الشَّهْرَ فَلْيَصُمْهُ وَمَن كَانَ مَرِيضاً أَوْ عَلَى سَفَرٍ فَعِدَّةٌ مِّنْ أَيَّامٍ أُخَرَ يُرِيدُ اللّهُ بِكُمُ الْيُسْرَ وَلاَ يُرِيدُ بِكُمُ الْعُسْرَ وَلِتُكْمِلُواْ الْعِدَّةَ وَلِتُكَبِّرُواْ اللّهَ عَلَى مَا هَدَاكُمْ وَلَعَلَّكُمْ تَشْكُرُونَ

Hadirin Rohimakumulloh !

Mangga urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng kataqwaan urang ka Alloh, margi ukur taqwa minangka bekel nu panghade-hadena. Tur ukur ku taqwa bisa kahontalna kasalametan dunya rawuh akherat.

Hadirin Rohimakumulloh !

Sakedap deui urang bakal lebet ka sasih nu agung, sasih shiyam, sasih Romadhon. Dina raraga ieu pisan, Rosulululloh S.A.W. kantos mapag sasih nu mulya ieu ku khutbahna dipayuneun para shohabat,

أَيُّهَاالنَّاسُ ! قَدْ أَظَلَّكُمْ شَهْرٌ عَظِيْمٌ شَهْرٌ مُبَارَكٌ فِيْهِ لَيْلَةٌ خَيْرٌ مِنْ أَلْفِ شَهْرٍ جَعَلَ اللهُ صِيَامَهُ فَرِيضَةً وَقِيَامَ لَيْلِهِ تَطَوُّعًا مَنْ تَقَرَّبَ فِيْهِ بِخَصْلَةٍ مِنَ الْخَيْرِ كَانَ كَمَنْ أَدَّى فَرِيْضَةً فِيْمَا سِوَاهُ وَمَنْ أَدَّى فِيْهِ فَرِيْضّةً كَانَ كَمَنْ أَدَّى سَبْعِيْنَ فَرِيْضَةً فِيْمَا سِوَاهُ.

“Yeuh manusa ! geus dating ka aranjeun sakabeh bulan nu agung, bulan nu pinuh ku barokah, di jero bulan ieu aya hiji peuting nu eta peuting teh ajenna leuwih alus batan sarebu bulan nya nu disebut lailatul qodar tea. Alloh geus gajadikeun puasa ieu wajib hukumna. Jeung disunahkeun pikeun ngadegkeun qiyamullail nyaeta shalat Taraweh. Sing saha jalma nu ngadeukeutkeun diri ka Allah ku amal-amal kahadean, saperti shalat sunat, sodaqoh, jeung sajabana, maka saolah-olah manehna geus ngalakukeun ibadah wajib di bulan sejen. Jeung sing saha jalmana nu ngamalkeun ibadah wajib maka manehna saolah-olah geus ngamalkeun 70 kafarduan di bulan sejen”

Hadirin Rohimakumulloh !

Jadi, mapag bulan Romadhon teh geus aya contona ti Kanjeng Nabi S.A.W. ku kituna mangga urang papag bulan Romadhon teh ku ati nu wening, ku kolbu nu saestu bari khusyu, dibarung nancebkeun dina ati niat ikhlas seja bakti diri ka Alloh Robbul ‘Izzaty, seja seba raga ka Alloh ‘Azza Wa Jalla. Kalayan teu petot urang neneda ka Nu Maha Kawsa mugia urang sadaya dipaparinan panjang yuswa, dipaparinan kasehatan lahir oge bathin  dina enggoning ngeusian sasih Romadhon nu bakal katincak ku urang. Amin.

Mugia bae urang manjing kana Dawuhan Rosulullah S.A.W. nu diriwayatkeun ku Imam Ahmad:

مَنْ فَرِحَ بِدُخُوْلِ رَمَضَانَ حَرَّ الله ُ جَسَدَهُ عَلَى النِّيْرَانِ

“Sing saha jalmana nu ngarasa bungah ku asupna (datangna) bulan Romadhon, maka Alloh bakal ngaharamkeun jasad manehna tina lentaban seuneu naraka-narakana Alloh”

Hadirin Rohimakumulloh !

Naon sabab sasih Romadhon teh disebat Agung tur mulya, munggaran diuningakeun sakumaha nu ka unggel dina khutbahna Rosululloh S.A.W. yen Sasih Romadhon teh sasih nu pinuh ku barokah, amal-amal kasunahan nu dilakukeun dina sasih eta, ganjaranna bakal dilipetgandakeun malihan mah disamikeun sareng ganjaran ibadah wajib dina bulan sejen, pon kitu keneh ibadah wajib nu dilakukeun dina sasih eta bakal diganjar 70 kali tikel  ganjaranana sareng ibadah wajib dina sasih sanesna.

Oge kajaba ti eta dina sasih Romadhon teh aya hiji peuting nu ajenna leuwih hade batan sarebu bulan, nu katelah nyaeta Lailatul Qodar, ngan peuting eta teh dirusiahkeun ku Alloh, teu saban jalma manggihan, ngan pasti ayana. Mugia urang diantawisna nu mendakan eta wengi lailatul Qodar. Amin

Teras dina sasih Romadhon oge, minangka sasih dimana dilungsurkeunana Al-Qur’an, sakumaha nu kaunggel dina Dawuhan Alloh S.W.T. :

 شَهْرُ رَمَضَانَ الَّذِيَ أُنزِلَ فِيهِ الْقُرْآنُ هُدًى لِّلنَّاسِ وَبَيِّنَاتٍ مِّنَ الْهُدَى وَالْفُرْقَانِ

“Bulan Romadhon teh minangka bulan diturunkeunnana Al-Qur’an, nu jadi pituduh pikeun manusa, oge jadi kapertelaan tina sagala bentuk pituduh oge nu jadi alat pikeun ngabedakeun mana nu Hak oge mana nu bathal” (Al-Baqarah : 185).

Hadirin Rohimakumulloh !

Salajengna naon sabab urang diwajibkeun atawa dikudukeun puasa dina bulan Romadhon ? ha lieu minangka parentah Alloh s.w.t. sakumaha nu kaunggel dina lajengan ayat Surat Al-Baqarah ayat 185:

فَمَن شَهِدَ مِنكُمُ الشَّهْرَ فَلْيَصُمْهُ وَمَن كَانَ مَرِيضاً أَوْ عَلَى سَفَرٍ فَعِدَّةٌ مِّنْ أَيَّامٍ أُخَرَ

“Maka sing saha jalma nu tepung jeung bulan eta atawa (nu ningali bulan minangka pertanda geus manjing ka tanggal hiji Romadhon), maka prak lakukeun puasa, jeung mun seug diantara aranjeun aya nu gering  atawa keur ngayakeun lalampahan atawa keur aya dipanyabaan, maka wajib pikeun manehna nyumponan sababaraha poe nu ditinggalkeunana dina poe sejenna”

Dawuhan Alloh ieu geus jelas yen geuningan wajib hukumna urang ngalakonan puasa di bulan Romadhon teh, malihan dina Ayat nu sanes masih dina Surat Al-Baqarah dina ayat 183 dijelaskeun:

يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُواْ كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِينَ مِن قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ

“Yeuh jalma-jalma nu ariman ! diwajibkeun pikeun aranjeun puasa sakumaha nu geus diwajibkeun ka jalma-jalma samemeh aranjeun, sangkan aranjeun taqwa”

Hadirin Rohimakumulloh !

Sasih Romadhon teh minangka sasih nu kacida agungna, sasih ieu minangka sasih nu kacida istimewana, sabab sagala kahadean kumpul dijerona, tur dilipetgandakeun pahalana, sagala bentuk kata’atan bakal ditarima, sagala do’a bakal diijabah, tur sagala dosa bakal dihampura, hal ieu teh sakumaha nu kaunggel dina Dawuhan Rosululloh S.A.W nu sumberna ti Ibnu Abbas R.A.:

لَوْ تَعْلَمُ أُمَّتِيْ مَا فِى رَمَضَانَ لَتَمَنَّوْ أَنْ تَكُوْنَ السَّنَةُ كُلُّهَا رَمَضَانَ لَأَنَّ الْحَسَنَةَ فِيْهِ مُجْتَمِعَةٌ وَالطَّاعَةَ مَقْبُوْلَةٌ وَالدَّعَوَاتِ مُسْتَجَابَةٌ وَالذُّ نُوْبَ مَغْفُوْرَةٌ وَالْجَنَّةَ مُشْتَقَةٌ

“Mun sakirana Umat Kami nyaho kana naon-naon kahadean di jero bulan Romadhon, maka geus tangtu maranehna bakal miharep sangkan bulan-bulan dina sataun teh jadi bulan Romadhon kabehanana. Sabab sagala bentuk kata’atan bakal ditarima, sagala do’a bakal diijabah, tur sagala dosa bakal dihampura jeung sawarga bakal ngarep-ngarep ka maranehna nu ngalakonana ibadah puasa dina bulan Romadhon”

Ibadah shaum teh ibadah nu kacida rusiahna, sabab ibadah shaum mah benten sareng ibadah-ibadah sanesna, ibadah shaum mah henteu bisa ditembong-ditembong, sabab ukur nu ngalakonana sareng Allah nu uninga. sakumaha nu kaunggel dina Hadits Qudsy, Alloh ngadawuh:

كُلّ عَمَلِ ابْنِ آدَمَ لَهُ إِلَّا الصَّوْمَ فَإِنَّهُ لِيْ وَ أَنَا أَجْزِيْ بِهِ

“Sakabeh amalna anak Adam mulang ka maranehna sorangan, kajaba ibadah puasa, sabab saestuna ibadah puasa mah keur Kami maka Kami nu bakal ngawalesna (maparin ganjarana) ”

Mangga urang samia tatan-tatan ngaberesihkeun diri boh lahir oge bathin dina mapag sasih romadhon ieu, mangga urang silih bebaskeun ngeunaan hakul adamy masing-masing, silih hampura dina sagala kasalahan antara urang jeung urang, raketkeun deui tali duduluran nu geus pegat, malah mandar dina ngeusian bulan romadhon nu bakal katincak ku urang teh, urang geus beresih tina rereged dosa, boh dosa ka Alloh oge dosa ka sasama, sangkan ibadah puasa urang ditampi ku Alloh S.W.T. Amin.

     بَارَكَ الله ُلِيْ وَلَكُمْ فِىاْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمُ` وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآياَتِ وَالذِّكْرِاْلحَكِيْمُ` وَتَقَبَّلْ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ اْلعَلِيْمُ` أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأسْتَغْفِرُالله َاْلعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ` وَلِسَآئِرِ اْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ, وَاْلمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ` أَلأَحْيآءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ` فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنَّهُ هُوَاْلغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ

Subang, 29072011

Micinta Nabi eta sami Micinta Allah

oleh Wangsa Urang Subang Pituin pada 22 Juli 2011 jam 11:04

Alloh ngadawuh:

قل إن كنتم تحبون الله فاتبعونى يحببكم الله ويغفرلكم ذنوبكم إن الله غفور الرحيم (ال عمران:31

“Pok ucapkeun (ku anjeun Muhammad) lamun aranjeun mikacinta Allah maka tuturkeun Kaula, maka tanwande anjeun sakabeh bakal dipikacinta ku Allah, jeung prak menta hampura anjeun tina dosa-dosa anjeun, saestuna Allah Dzat Maha Ngahampura”
(Ali Imran: 31).

Tah ieu ayat ieu teh mertelakeun yen urang teh kudu apal, yen saestuna cinta saurang hamba ka Allah sareng Rasul-Na, nyaeta kataatan ka Manten-Na tur turut tumut kana parentah Manten-Na, anapon cinta Alloh ka hamba-Na nyaeta maparin anugerah ka maranehna kalayan ngahampura dosa-dosa maranehna.

Dicarioskeun, lamun saurang hamba nalika apal yen kasampurnaan nu hakiki eta milik Alloh, jeung saestuna naon anu ditingali ku manehna sampurna, boh dirina sorangan atawa jalma lian. Satemenna eta ti Alloh sumpingna tur kalayan pitulung Alloh, tinangtu cintana moal kahilian ku hal sejen salian ti cinta ka Alloh tur wungkul keur Alloh. Hal kitu teh bakal jadi cukang lantaran kahayangna pikeun ngabakti ngaula ka Alloh, turta bakal numuwuhkeun kakuatan pikeun tetep ngadeukeutkeun dirina ka Alloh.

Kusabab kitu, cinta nu samodel kitu, ditafsirkeun sarupaning kahayang pikeun nambahan kataatan tur dijadikeun salah sahiji jalan nu ngadorong dirina pikeun nuturkeun jeung miconto kana tapak lacak kasunahan Rosululloh S.A.W. dina sajeroning Ibadah ka Alloh S.W.T. nyatana ngajalankeun kataatan ka Manten-Na.

Diriwayatkeun ti Hasan, Ngaromong kaum-kaum di zaman Rasululloh SAW.,:

 ”Ya Muhammad !, saestuna kami kacida cintana ka Pangeran Kami.”

Tuluy Alloh ngalungsurkeun ieu ayat:

قل إن كنتم تحبون الله فاتبعونى يحببكم الله ويغفرلكم ذنوبكم إن الله غفور الرحيم (ال عمران:31)

“Pok ucapkeun (ku anjeun Muhammad) lamun aranjeun mikacinta Allah maka tuturkeun Kaula, maka tanwande anjeun sakabeh bakal dipikacinta ku Allah, jeung prak menta hampura anjeun tina dosa-dosa anjeun, saestuna Allah Dzat Maha Ngahampura”
(Ali Imran: 31).

Ti Basyir Al-Hafie RA. Anjeuna nyarios:

"Kami ningali Kanjeng Nabi Muhammad SAW. Dina sajeroning impian". Manten-Na ngadawuh:

“Hai Basyir ! naha anjeun nyaho ku naon Alloh ngangkat darajat anjeun, diantara batur-batur anjeun ?”.

Kami  ngajawab kana pasualan nu diajukeun ku Rosululloh SAW.:

”Abdi Gamparan Ya Rosululloh! henteu uninga”,

Rosululloh SAW. ngadawuh deui:

“Naon sabab Alloh ngangkat darajat anjeun diantara batur-batur anjeun, nyaeta  panghormatan anjeun nu hade ka jalma-jalma nu sholeh, nasehat-nasehat anjeun ka batur-batur anjeun,cinta anjeun ka batur-batur anjeun oge ka nu nyepeng sunah kaula, jeung terakhir anjeun turut tumut kana Sunah Kaula”.

Kanjeng Nabi SAW. Ngadawuh deui:

“Sing saha nu ngahirupkeun sunah Kaula, maka manehna bener-bener micinta Kaula, jeung sing saha jalma nu mikacinta Kaula, tanwande manehna bakal babarengan di sagedengeun Kaula di surga jaga dina poe kiamat”.

Dina sabagian Atsar nu masyhur dicarioskeun, saestuna jalma nu nyekel kuat kana Sunah Nabi SAW. Nu jadi dunungan sakabehna makhluk jeung para Rasul, dina mangsa morosotna akhlak tur loba pasaliana paham jeung aliran, maka manehna bakal meunang ganjaran  ti saratus jalma anu maot syahid.

Rasululloh S.A.W.  ngadawuh:

“Sakabeh umat Kaula bakal diasupkeun kana Surga, kajaba jalma anu nolak”.

Para Shahabat naros:

“Ya Rosulullah ! saha anu nolak lebet ka surga teh ?”.

Rosululloh SAW. Ngadawuh deui:

“Sing saha jalma anu taat ka Kaula maka manehna bakal asup kana Surga, jeung sing saha nu nukang nonggong tegesna ninggalkeun kana taat ka Kaula maka manehna geus bener-bener nolak kaula, sayiap laku lampah nu teu di dadasaran ku Sunah Kaula maka laku lampah eta ka asup nukang nonggong ka Kaula”.

Sabagian Ulama nyarios:

 “Lamun anjeun ningali aya surang jalma anu bisa hiber ngapung ka awang-awang, bisa napak sancang leumpang di luhur cai, ngadahar seuneu atawa sarupaning eta, tapi manehna ninggalkeun salah sahiji kawajiban tina kawajiban-kawajiban (fardhu-fardhu-na) Allah SWT. Atawa salah sahiji kasunahan tina kasunahan-kasunahan Rasululloh SAW. Kalayan dihaja, maka sawadina anjeun kudu nyaho yen manehna teh jalma tukang bohong dina aku-akuanana, tur kasakatianana eta lain karomah tapi istidraj, ‘Audzu Billahi Min Dzaalik”.

Junaid Al-Baghdady sasauran:

“Saurang Jalma  teu bisa ngahontal datang tur deukeut ngadeuheus Ka Alloh, taya kajaba kalayan pitulung Alloh SWT., sedengkeun jalan pikeun ngadeuheus deukeut Ka Alloh anging nuturkeun tapak lacak kasunahan Rosululloh SAW.”.

Ahmad Al-Hawari nyarios:

“Satiap amal anu teu didadasaran sunah Rasululloh SAW. Eta kabeh kaasup Bathil”.

Rosululloh SAW. Ngadawuh:

“Sing saha jalmana nu ngalalaworakeun kana Sunah Kaula, maka Haram pikeun manehna Syafa’at Kaula”.

(Ieu kabeh diterangkeun dina kitab ‘Syir’atul Islam’).

Wallohu A'lam.

Caag

Subang, 22 Juli 2011

Hariwang

oleh Wangsa Urang Subang Pituin pada 21 Juli 2011 jam 18:52

Bingahna mah bingah, ngan hariwang salempang karaosna, margi syare'atna mah nambih yuswa teh tapi hakekatna mah geuningan ngirangan tina kontrak nu tos ditangtoskeun ku Nu Maha Kawasa. Muhun hariwang kana kalaipan diri, nu sakieu kaayaanana, lengkah seueur keneh sering nincak kana jalan salah, tabe’at masih keneh seueur mawa mafsadat batan manfa’at, masih keneh campodeh lelewodeh kana amanah. Hirup masih seueur keneh omeaneun,
Ya Alloh Nu Maha Heman, Kalayan Kaheman Anjeun Gusti ! jisim abdi masih tiasa dipaparin yuswa dugi ka wangkid kiwari.
Ya Allah Pangéran Jisim abdi !

Ya Allah Dzat Lautan Hampura, Nu Maha Kawasa tur Maha Wijaksana

Rumaos jisim abdi tos laku kaniaya ka diri jisim abdi ogé ka sasama

Rumaos jisim abdi tebih tina lampah ibadah, tapi caket raket kana lampah salah

Rumaos jisim abdi tebih tina lampah ta’at, tapi caket raket kana lampah maksiyat

Rumaos jisim abdi kalebet kana hamba Gusti nu tos mungkir kana jangji rawuh aturan Gusti.

Rumaos jisim abdi teu pantes janten ahli sawarga tina kawelasan Anjeun Gusti. Tapi jisim abdi hamo kiat saupamina janten ahli naraka.


Rumaos jisim abdi teu acan kalebet kana golongan jalmi-jalmi anu dipikacinta ogé mikacinta Anjeun Gusti, tapi jisim abdi hoyong kalebet ka golongan jalmi-jalmi nu salawasna mikacinta ogé dipikacinta ku Anjeun Gusti
Ya Allah ! Wungkul ka Anjeun Gusti jisim abdi ibadah, ogé wungkul ka Anjeun Gusti jisim abdi nyuhunkeun pitulung
Rumaos jisim abdi makhluk nu laip, anu teu luput tina kaluputan sinareng kalepatan nu ngakibatkeun jisim abdi milampah dosa.
Kukituna, mugi Anjeun Gusti ngahaputen kana sadaya dosa-dosa jisim abdi,
Ogé dosa Ibu rama jisim abdi, pasihkeun ka aranjeunna kadeudeuh, kawelas tur kaasih Anjeun Gusti, sapertos aranjeunna mikaasih, mikahéman jisim abdi ti awit abdi alit tug dugi ka abdi sawawa dewasa ayeuna.

Mugi Anjeun Gusti ngahapunten dosa guru-guru jisim abdi, dosa jalmi-jalmi nu teu acan katohonan kawajibanana ku jisim abdi , ogé dosa kaum muslimin sadayana, teu kakantun ogé dosa para pamingpin jisim abdi, mugi Anjeun Gusti maparin tuduh jalan ka aranjeunna geusan mingpin jisim abdi kana jalan nu dipikaridho ku Anjeun Gusti

Sabab jisim abdi yakin upami Anjeun Gusti teu ngahapunten kana dosa jisim abdi, ogé teu ngarahmatan jisim abdi. Meureun jisim abdi kalebet jalmi anu rugi tur kenging bebendon Anjeun Gusti.

Duh Gusti Nu Maha Suci ukur ka Anjeun Gusti abdi pasrah,
Lampah nu pinuh ku dosa, Mugi-mugi dihampura
Duh Gusti  Panutan abdi,
abdi moal deui-deui gaduh lampah nu teu uni
Lampah nu ngotoran diri
Duh Gusti  Ya Alloh Panutan Abdi
Duh Gusti Ya Alloh Panggeuing ati
Pangapingkeun diri abdi sing teras dijalan Anjeun Gusti

AMin...

Mang juha ngadongeng deui (Tobat Alatan Impian 3 ) Khotam

oleh Wangsa Urang Subang Pituin pada 14 Juli 2011 jam 12:00

“Gejlig !..gejlig…!..kadéngé léngkah nu datang téh mingkin ngadeukeutan, ceuli akang asa katorékan ku ngadéngé léngkahna, sabudeureun rohangan nu ku akang dicicingan ..inggeung siga aya lini pangaruh ku léngkah nu datang nyampeurkeun, sora angina mingkin séah, nambahan kakeueung akang, ..Gejlig….!....gejlig…!...beuki deukeut baé…awak akang ngageter, ngadadak asa kapupul bayu awak akang leuleus lungsé taya tangan pangawasa, kabawa ku kaayaan, tuluy akang ngedepruk sideku, tuluy akang nutupan beungeut ku dua dampal leungeun akang, akang tipeperekt embung ningali nu datang nepungan, akang embung tepung jeung maranéhna, karep mah akang téh hayang ngeujat ti dinya, …tapi….akang teu walakaya, ..sedengkeun jalma nu ngaku babaturan akang tadi, ukur cicing ngajentul siga nu teu malire kana kaayaan akang”.

“Gejil-gejlig…sora léngkah téh geuning sigana lain saurang tapi kadéngé sora léngkah duaan, ..akang ngadedéngékeun, bari tetep teu puguh rarasaan, jeung panasaran saha nu datang téh..?...bakat ku kapangaruhan ku kayaan nu kacida keueungna akang tetep sideku ngarumpukan beungeut ku dua dampal leungeun akang, bari satengah sujud dua siku akang disendekelkeun kana taneuh, kitu kaayaan akang harita, éstu keueung, kakeueung akang harita, éstu keueungna kacida…bari tetep sasambat ka maranéh, akang ménta tulung…akang hayang dibaturan…” jep jalma buraong téh ngeureunkeun caritana, tuluy rada ngahuleng siga nu aya diinget-inget, tuluy neruskeun deui caritana:

“Keur tagiwur rarasaan kitu, jep sora léngkah téh teu kadéngé deui, siga nu eureun hareupeun akang, tuluy kadéngé aya sora nu handaruan, kadéngé rada sesentak, éstu sora nu matak ngaruntagkeun jajantung jeung matak ancurna gegendangan ceuli, kadéngé maranéhna nyebut aran akang, sababaraha kali. Akang tetep sideku bari ngarumpukan beungeut ku dua dampal leungeun akang, tuluy kadéngé deui manéhna nyarita:
“Yeuhh…manusa !...sok cengkatkeun sirah andika, buka leungeun nu nutupan beungeut andika téh, prak geura madepkeun beungeut andika ka kami duaan, ..sok tong talangké harérésé….!,,geus waktuna andika ..ngajawab patakonan kubur nu minangka tugas kami duaan, siap teu siap kana ngajawab patakonan kami andika kudu siap…!” ceuk éta sora nu datang tadi, bari nyebutkeun aran maranéhna duaan, nayéta manéhna ngaku aran Munkar jeung Nakir….”
Dititah kitu akang téh nya kapaksa ngawanikeun nyengkat sirah, sanajan nyampak rasa kasieun nu kacida, tuluy akang ngarobah posisi nu satengah sujud téh jadi diuk, tuluy muka dua leungeun akang nu nutupan beungeut, bréh katingali ku akang, aya dua makhluk nu kacida jangkung badagna, beungeutna pikasieuneun, bari katingali mamawa paneunggeul tina gada nu kacida baradagna, mun seug diteunggeulkeun ka awak akang téh geus pasti bakal ancur teu mangrupa. Ningali kitu tuluy akang nyéségkeun awak najan karasana leuleus ogé saised-saised ka sisi éta rohangan tempat akang cicing harita, karep mah akang hayang lumpat ngejat ngajauhan, tapi teu bisa… kadéngé maranéhna nyarita, nakon akang ku patakonan nu kahiji, patakonan nu ampir mirip jeung nu dibaca ku lebé nalika nalqinkeun akang tadi pas beres dipendem, memeh maranéh arindit ninggalkeun akang”
“Man Robbuka….?. (..saha pangeran andika….?)”…..ceuk éta makhluk ngamimitian nanya ka akang,….akang ngabigeu teu bisa ngajawab
. “Man Robbuka…?....saha pangeran andika…?’….makhluk téh nanya deui ka akang, akang tetep ngabigeu teu bisa ngajawab….nepi ka tilu kali, akang tetep ngabigeu, létah asa kaku, pikiran ngalayang neangan jawaban tetep lebeng teu inget kana naon-naon, keur anteng pikiran akang neangan jawaban, hiuuukk…..asa aya angin nu nebak ka awak akang, hawana karasa ngahéab..panas kacida, sora ngahiukna ..handaruan …….ngan habek téh awak asa aya nu neunggeul,…atuh goak téh akang ngagoak ..da geuningan akang téh diteungeul ku gada nu badag nu dicekel ku salah saurang makhluk nu ngaku Munkar jeung Nakir téa, ….”
“Akang gogoakan, nahan kanyeri, awak asa pasiksak, tulang asa remuk, sirah asa bencar ku akibat teunggeulan éta, ngan teu lila kaayaan kituna téh, …karasa akang téh jagjag deui, awak nu remuk téh asa beleger deui ..” jep jalma buraong téh ngeureunkeun deui caritana, ngarenghap narik nafas jero pisan, demi pamajikanana ngadedempes ngadéngékeun salakina nu keur ngadongéng. Tuluy jalma buraong téh neruskeun deui caritanana:
“Tuluy Maranéhna …ngajukeun deui patakonan nu kadua kalian, “Man Nabiyyuka ? (….saha Nabi andika ?)” ..persis siga kana patakonan nu kahiji akang ngabigeu …teu bisa ngajawab. Hiuuuk deui ....asa aya angin nu nebak ka awak akang, hawana karasa ngahéab..panas kacida, sora ngahiukna ..handaruan …….saperti tadi ..ngan habek téh awak asa aya nu neunggeul,…atuh goak deui .. akang ngagoak nahan kanyeri…”
“Tuluy maranéhna nanya deui ku pertanyaan nu katilu kali, nepi ka nu kagenep kaliana, “Ma diinuka ..?...(naon agama andika …?)” ....Maa Qiblatuka…? (Naon kiblat andika ..?)” ….”Maa Imaamuka…?..(naon Imam Andika …?)” ….”Man ..ikhwaanuka ?...(saha nu jadi babaturan andika..? )”…. Lebeng kabéh ogé ….euweuh nu kajawab ku akang, satiap akang teu bisa ngajawab diantara patakonan éta ..akang diteunggeulan ….tuluy beleger deui …kitu jeung kitu…baé kaayan akang harita, nepi ka akang ukur bisa ..gogoakan,gogrowokan Ampuunn….!....tobaat..!...kuring tobaaaaat..!Ampuuunn !......nya nepi ka akang hudang ..da…diguguyah ku manéh…”
Ceuk éta jalma buraong ..mungkas carita nu kaalaman dina impianana.
Jep jarempé duanana rarépéh teu aya nu nyarita, ting haruleng mikiran naon nu tadi dicaritakeun, teu lila ngong kadéngé hawar-hawar sora adzan shubuh ti masigit, kojéngkang jalma buraong téh ngojéngkang tina diukna muru ka lawang panto, ngan teu kebat manéhna ngarandeg da ditanya ku pamajikanana:

“Rék kamana kang ..?”

“Rék ka cai ah..! beberesih, ..geus waktuna ..sholat shubuh..kami rék diajar tobat…” jawab jalma buraong bari nongtoyod leumpang muru ka lawang panto kamar tuluy kaluar nuju ka jamban.
“Alhamdulillah….ya Allah …! Do’a abdi diijabah ku Anjeun …geuningan salaki abdi téh ayeuna…sadar najan ngalangkungan impenan…duh Gusti ! mugia ..Anjeun netepkeun hidayah ka caroge abdi ..oge ka jisim abdi, ka kulawarga abdi ..oge kaum muslimin sadayana ..tug dugi ka anjeun ..misahkeun nyawa tin raga-raga abdi sadaya, sareng mugia anjeun netepkeun ..kaislaman abdi-abdi sadaya tug dugi abdi-abdi sadaya maot, sarta mugia anjeun netepkeun kana maot-maot abdi sadaya ..teh maot nu husnul khotimah….” Ceuk pamajikanana, bari manéhna sarua tuluy ngojéngkang nuturkeun salakina ka jamban.

“Tah kitu dongengna mah euy, !” Ceuk Mang Juha mungkas caritaanana.

“Duh ..meni resep mang, sihoreng hidayah mah datangna henteu disangka-sangka, anging kersaning Alloh Ta’ala, jeung kumaha nya mang nasib kuring jaga di alam kubur, naha bakal salamet bisa ngajawab patakonan malaekat naha moal nya?... asa loba kahariwang kieu geuningan mang !" 

Caaaag

Subang 14072011

Mang Juha ngadongeng deui (Tobat alatan Impian 2)

oleh Wangsa Urang Subang Pituin pada 13 Juli 2011 jam 14:55

Eureun deui jalma buraong teh tina nyaritana, ngahuleng deui nginget-nginget deui kaayaan nu kaalaman dina ngimpina, tuluy nyarita deui:

“Geus kitu tuluy akang téh ngalieuk ka beulah kenca, plek poek mongkleng teu katingali curuk-curuk acan, ngan sakeudeung kaayaan kituna téh da satuluyna bray..! katingali hiji kaayaan alam nu sarua akang acan pernah nincak ka alam éta, harita akang ningali kaayaan nu matak pikasieuneun, pikakeueungeun, matak muringkak bulu punduk, sabab katingali ku akang seuneu nu ngabeubeula ngalentab-lentab, nu mawa hawana panas kacida, panasna titikelan batan panasna sueneu dunya, ngahéab panas karasa ka awak akang, terus éta seuneu téh bet ngadeukeutan siga rek ngaduruk akang, tuluy akang ngabalieurkeun beungeut, plek poek deui kaayaan téh”. Eureun heula nyaritanai jalma buraong, narik nafas tuluy ngahuleng deui nginget-nginget deui kaayaan nu kaalaman dina ngimpina, tuluy nyarita deui:

“Tuluy akang ningalian ka sabudeureun rohangan, bréh katingali deui maraneh nu keur ngagugulung nyeungceurikan akang, akang harita teu walakaya teu bisa kukumaha, ukur bisa pasrah kana kateuwalakayaaan. Barang keur kitu, gebeg akang téh ngarenjag reuwas, sabab aya nu datang hiji makhluk teuing ti mana datangna, awakna minuhan rohangan, kacida badag jeung jangkungna, nu manehna téh ngaku-ngaku ngaranna Izroil…” jep deui eureun sakeudeung jalma buraong tina nyaritana, leng ngahuleng deui nginget-nginget deui kaayaan nu kaalaman dina ngimpina, tuluy nyarita deui


“Tuluy manehna nyaritakeun maksud kadatanganana ka akang, horeng manehna téh rek nyabut nyawa akang, harita akang langsung nolak, adug lajer nyingkahan manehna, nolak embung-embungan, akang gugurinjalan, ngan orokaya akang harita teu bisa kukumaha, éta makhluk nu beungeutna piksieuneun teh, tuluy ngaranggeum bari terus ngajenggut bari ngagugunyeng sirah akang, bari kadenge manehna nyarita ka akang:

“Cicing siah.! Maneh geus waktuna kudu mulang !.wayahna ..katetepan pangeran teu bisa diengke-engke ogé teu bisa di geura-geura, estu kabeh ogé geus aya katangtuanana masing-masing,…tah ! ayeuna giliran katetepan maneh nu geus tumiba…..ku kituna ..tarimakeun kalayan pasrah….”

“Kitu pokna téh bari terus ngadudut nyawa akang, duh geuningan meni karasa pisan nyerina dicabut nyawa teh, lah nyerina téh meni kacida ..perih ting sereset asa boga tatu parna sawak-awak…tuluy diseblok ku ci uyah, peurih ..peurih karasana ..peurihna kacida tikel-tikelnal. Duh ! pokona mah nyerina teu bisa kagambarkeun ku carita, harita akang adug lajer nahan kanyeri aduh-aduhan ..karep mah hayang ngalawan nyingkahan eta makhluk tapi tetep teu bisa, akang jejeritan gogorowokan menta tulung ka maraneh, tapi naha bet caricing bae, kalah ngadon terus milu ngagugunyeng akang bari careurik..…tah nu matak akang ngagorowok téh éta kajadian nu kaalaman dina impian akang téh “Ceuk jalma buraong mungkas caritaanana

“Oh..! kitu kang !..tah geuningan ..panggeuing teh datangna ngaliwatan impian. Nu matak geura eureunan laku jahat teh, geus ayeuna mah sing geura sadar, geura tobat ayeuna mah , apan umur akang teh geus tunggang gunung, sok ulah sieun teu ditarima tobat ku Pangeran, nu penting mah niat tobatna, kalayan ikhlas bari niat moal ngalakukeun deui eta kalakuan, kitu apan ceuk pa Ustadz oge dina tiap pangajian nu ku kami sering ngahadiran” ceuk Pamajikanana nyarita, nu titatadi ukur ngadedengekeun. Bari pok nanya deui:

“Terus éta ngagorowok nu kadua kalina…akang ngimpi naon deui ..?”pokna deui nanya ka salakina jalma buraong tea. “Terus éta ngagorowok nu kadua kalina…akang ngimpi naon deui ..?”pokna deui nanya ka salakina jalma buraong téa.

“Tah…éta mah akang ngimpi deui, nu leuwih anéh sabab bet nyambung impian téh, harita dina impian nu kaalamaan ku akang saréngséna nyawa akang kaluar tina jasad, naha akang bet bisa ningalikeun layon akang keur dipulasara ti mimiti dipandian, tuluy dibungkus ku boé, di shalatan, tuluy digarotong ku pasaran tug nepi ka akang dipendem, réngsé layon akang bérés dipendem, tuluy maranéh marulang, karep mah akang harita téh hayang nuturkeun milu balik jeung maranéh, tapi teu bisa siga aya ahahalang nu kacida kuatna nghalangan akang, akang ukur bisa gogorowokan ngageroan ka maranéh, ngan euweuh saurang ogé ti antara maranéh nu ngadéngé kana panggero akang, maranéh tonggoy baralik ninggalkeun akang nu nyorangan cuang-cieung euweuh batur ngobrol, taya batur geusan jadi pamuntang tulung, akang harita ceurik nga naha-naha kana kaayaan, tengteuingeun pisan maranéh ninggalkeun akang sorangan…” jalma buraong eureun heula nyaritana, tuluy neureuy ciduh maseuhan tikorona nu karasa garing, geus kitu tuluy ngalanjutkeun deui caritana:

“Geus kitu mah tuluy akang téh siga aya nu nungtun pikeun ngadeukeutan layon akang nu aya dijero kaluat nu dibungkus ku boéh, duh mani kacida paroék mongkléng buta radinna kaayaan téh, geueuman, tempatna kacida heureut ukur pipinding padung jeung lemah nu ngalingkung rohangan tempat akang ngajelepeng, tuluy karasa siga aya nu nungtun ka akang pikeun ngasupan deui kana jasad akang nu tadi geus jadi layon téa, geus kitu karasa aneh deui ku akang, sabab akang tuluy bisa usik deui, gurinjal akang téh ngagurinjal, tuluy akang gugurinjalan nepi ka boéh nu mungkus layon akang téh ngajebral muka. Karep seja nguniang diuk, ngan teu bisa da tempatna duk-dek heureut…jadi akang teu bisa laluasa usik, teu bisa diuk-diuk acan, ukur bisa ngajelepeng, nangkarak ngabebengkang…karasa eungap, sumpek, rupek..jeung sajabana..”

“Keur teu paruguh akang ngararasakeun kaayaan, akang reuwas, sabab dadak sakala kaayaan téh asa jadi robah, akang asa pindah alam, pipinding padung teu katingali deui, akang harita rada bisa laluasa usik jeung diuk, tapi tetep kaayaan téh poék mongkléng, barang keur kitu torojol téh aya nu datang hiji tangtungan jalma, akang ngarasa reuwas campur bungah da asa aya batur. Katingali ngaduekeutan, ku akang disidik-sidik éta jalma téh, naha bet dedeganana ampir mirip sarimbag jeung akang, ngan hanjakal remeng-remeng ku akang katingali beungeutna, duh ! akang téh bet teu kuat neuteup lila, sabab goréng patut kacida, beungeutna pinuh ku bilatung, tina ceulina kaluar kala jengking, tina irungna kaluar bilatung, lah pokona mah geus teu mangrupa beungeut, tuluy awakna bau hangru ditambah bau bangké, nepi ka akang mekek irung sebel hayang utah, tapi akang ngawanikeun nanya ka manéhna, “Ké..ké…hampura ki silah !...ari ki silah téh saha ?’...ceuk akang nanya ka éta jalma, kadéngé manéhna ngajawab:
“Mun anjeun hayang apal…! Yeuhhh..kami téh apan ..batur anjeun salila anjeun hirup di alam dunya…”

Ngadéngé jawaban kitu ..harita kénéh akang ngageter awak leuleus satulang sandi….campur reuwas, bari tetep dina haté was-was antara percaya jeung teu percaya kana jawaban éta jalma nu anyar datang, tuluy akang nanya deui ka manéhna:

“Ah..nu bener siah…! Teu .!.teu rumasa ..kuring ..boga batur siga anjeun..tong aku-akuan siah..! kaditu nyingkah…nu jauh !...teu rumasa aing boga sobat siga anjeun ! kaditu ,,,aing teu kuat ku bau manéh …kaditu siah nyingkah sing jauh !” Dikitukeun ku akang manéhna ngajawab deui:


“Tong mungkir anjeun…! Tong ngusir kami ! apan keur di dunya mah anjeun kacida resepna ka kami, ampir anjeun teu bisa leupas ti kami, éstu anjeun téh ngadalitan ka kami béak beurang bék peuting ..apan anjeun téh resep hirup reureujeungan eujeung kami, mun aya nu misah téh ..anjeun kalah ka ngadat, kalah ngajak perang, … tapi naha ayeuna bet teu ngaku siah !...kalah ngusir kami..”

Ngadéngé jawaban éta jalma kitu, akang jadi panasaran, tuluy akang nanya deui,“Nya seug lah …! bisi kami poho..da batur kami téh loba ..nya saha..atuh anjeun téh nu sabenerna ?..kami jadi panasaran..” Kadéngé manéhna ngajawab deui:


“Yeuh ..! apan kami téh bukti tina laku lampah anjeun salila hirup di alam dunya…ieu kami bukti tina laku ngajahat anjeun ka sasama !, ieu kami bukti laku lampah ngagunasika anjeun ka sasama anjeun !, ieu kami bukti laku teu ecreug anjeun nu salilana ngarugikeun ka sasama anjeun !, ieu bukti laku kaniaya anjeun ka sasama anjeun !, ieu kami bukti laku culas anjeun ka sasama anjeun !, ieu kami bukti laku mergasa anjeun kana hak sasama anjeun !..tah ieu kami bukti laku nu nukang nonggong anjeun ka Pangéran anjeun !…ku kituna wayahna ..kami kudu jadi batur anjeun ayeuna, narima teu narima ..anjeun kudu narima …”

Ngadéngé jawaban kitu ..akang…teu bisa kukumaha, pasrah kana kaayaan, da diusir ku akang téh si jalma kalah ka tetep mugen hayang tetep maturan, akang ukur bisa nyegruk ceurik, pinuh rasa kaduhung, bingung teu manggih tungtung, susah rasa nu taya sudana, akang ukur bisa nga naha-naha kana kaayaan, nganaha-naha ka diri, akang ukur bisa sasambat ka ema jeung abah, sasambat ka maranéh, akang ménta tulung, keueung, sieun, akang gogorowokan…ukur bisa kitu kaayaan akang harita”.

“Barang akang keur tagiwur rarasaan kitu, karasa ku akang kaayaan téh ngadadak inggeung siga aya lini, kadéngé sora angin nu séah, nambah rasa ka keueung akang, dédéngéan nu teu paruguh kadéngé ku akang, tuluy kadéngé sora nu ngagejlig leumpang ngadeukeutan, nu léngkahna ngeundeurkeun kaayaan, léngkah-léngkahna matak soak nu ngadéngé, matak ngaruntagkeun jajantung, éstu léngkah nu matak pikakeueungeun ....." (Hanca)

Caag
Subang,13072011

Mang Juha ngadongeng deui ( Tobat alatan Impian 1)

oleh Wangsa Urang Subang Pituin pada 12 Juli 2011 jam 14:57

“Keur naon mang ? bangun nu nyalse yeuh, teu aya acara mang ?”. Tanya Ibro ka Mang Juha, nu harita keur ngadaweung ditepas imahna.

“Ah !. keur kieu weh …ngadaweung, sakuduna mah poe ieu teh indit ka Tasik euy ?” Tembal Mang Juha.

“Atuh naha bet rek ka Tasik wayah kieu di imah keneh…” Ceuk Ibro.

“Ah… rek naon indit ka Tasik oge… jugjuggeun euweuh, teangeun euweuh,  ka olok-olok ongkos….mending ngadaweung..bari ngopi” Jawab Mang Juha.

“Beu’ ku nataku ari geus ngaheureuykeun teh,  Cing mang ah ngasaan rokona, kabeneran yeuh ukur mawa korek apina wungkul, rokona mah acan meuli” Ceuk Si Ibro.

“Lah ..manehna mah lain acan meuli, tapi mumul meuli siah, “. Walon Mang Juha.

“Lain ..ditingalikeun teh asa ku anteng ngahuleng bari ngadaweung… siga aya nu dipikiran?” Ceuk Ibro nanya, bari kodongkang nyokot roko nu ngagoler di luhureun meja nu disanghareupan ku manehna jeung Juha.

“Enya ..bro euy, dewek teh keur nginget-nginget hiji dongeng, baheula keur dewek sok nyantri kalong di Mama Ajengan Ali Qosimy” Jawab Mang Juha.

“Dekh… memang amang pernah nyantri nya ?” Ceuk Ibro bari nyeungeut roko nu geus newel dina biwirna.

“Yeehh…. Nya pernah atuh… kieu-kieu oge pernah ngasaan …jipang siah..”Walon Mang Juha

“Naon Jipang teh mang ?”Ibro nanya.

“Heueuh ngaji ngadapang, apan baheula mah, euweuh korsi, euweuh meja, bari ngalogat, saba’ada sholat Isya, jeung shubuh,  sok ting daraplok dina teras masigit, ngalogat, komo mun seug ngaji saba’da shubuh mah sok teu bener ngalogat teh, ngadon sare tibra dewek mah, da tunduh pisan, tapi najan bari kitu, eta mama Ali Qosimy sugan ngageureuh-geureuh… eh… da henteu atuh, kalah ka ngantep, tuluy bae anjeunna mah norolang ngajelaskeun, teu tolih santri-santrina mah ting galuher ngudupung sare, naleukeuman kitab.. beu’ nya ari inget ka lebah dinya, dewek mah haying seuri aya, kaduhung aya, kaduhungna.. heueuh henteu soson-soson ngaji teh..” Jawab Mang Juha Panjang lebar.

“Baruk….. kitu mang ? beu’ … te disangka teu dinyana… horeng si amang teh .. pernah boga pangalaman ngalogat, pantesan pisan atuh …di warung ma Icih, heu heu… “ Ceuk Ibro teu kebat.

“Emang naon siah di warung Ma Icih…?”Tanya Mang Juha, rada mureleng.

“Heueuh… logatan amang mening panjang… he he ..”Ceuk si Ibro.

“Jadil siah….! Eta mah lain logat siah, bon hutang dewek… “Ceuk Mang Juha rumasa.

“Lain Mang eta carita naon atuh, nu keur diinget-inget  ku amang teh, sok lah guar, mungpung kuring teu boga acara yeuh, resep lah mun seug amang ngadongeng teh” Ceuk si Ibro.

“Oh …enya eta bro euy dongeng  jalma buraong nu tobat alatan impian….”Walon Mang Juha.

“Tah…. Kumaha atuh caritana…sok lah gancang pedar… mang !“ Ceuk Ibro.

Kieu caritana mah ….aya hiji kulawarga, salaki jeung pamajikan, salakina hiji jalma buraong nu pagaweanana tukang rarampog nu geus kahot, estu tukang bobok tukang tarok, tukang mukaan tali anderok. Sedengkeun pamajikanana rajin ibadah, unggal tos ibadah eta pamajikanana ku rajin ngado’akeun nu jadi salakina sangkan sadar, demi salakina euweuh euih-euihna, ngan angger bae ngalakukeun kajahatan, najan dipepelingan ku nu jadi pamajikanana oge.
Kocapkeun dina hiji peuting,  kalagian eta salakina the henteu indit kamana-mana, sore keneh oge geus sare tibra ,  barang asup tengah peuting, si salaki nu buraong the ujug gogorowokan:

"Ampuunn….!....tobaat..!...kuring tobaaaaat..!Ampuuunn !..”. gorowokna sihoreng ngimpi meureun. Atuh ningali kitu ..pamajikanana langsung ngaguyah-guyah ngahudangkeun manehna.

“Kang ! ..hudang kang ..iyeuh ! ..aya naon ..bet gogorowokan kitu….nepi ka ngadua kalian…? ” Ceuk pamajikanana nu kagareuwahkeun, bari tetep ngaguguyah salakina nu buraong tea.

Diguguyah kitu ku pamajikanana, nya manehna téh langsung ngagurinjal hudang, katingali nafasna ngahegak siga nu tas manggihan kareuwas. Keur kaayaan kitu, solongkrong pamajikanana nyodorkeun cai sagelas bari pok nyarita:

“Yeuh ..kang nginum heula ..mbeh tenang…!”
Teu nyarita langsung kerewek éta cai dina gelas nu disodorkeun ku pamajikanana téh ditarima tuluy diinum meni ngaleklek. Beres nginum jeung geus kumpul deui pangacianana mah kadenge manehna teh nyarita:

“Duh tiwas ....! akang téh dua kali ngimpi tuluy-tuluy nu matak pikareuwaseun jeung pikakeueungeun..“

“Ngimpi naon atuh akang téh ?” Tanya pamajikanana

“Enya akang téh ngimpi …gering parna, harita akang digugulung diceungceurikan ku maraneh, bruh bréh kalangkang kahirupan nu geus dipilampah ku akang narembongan, abah jeung ema nu geus areuweuh téh daratang ngahiap-hiap ka akang sangkan milu ka maranehna, ngan akang harita nolak embung, les deui laleungitan areuwueuh deui tina titingalian akang harita, tuluy akang téh ngalieuk ka katuhu bréh katingali ku akang hiji kaayaan alam nu lega satungtung deuleu estu upluk-aplakna,, duka kaayaan alam di mana akang ogé acan pernah ngalaman nincak ka alam dinya”. Ceuk salakina eureun heula sakeudeung nyaritana, tuluy nyarita deui:

“Duh eta mah mani sarwa endah, alam nu pinuh ku kanikmatan, katingali loba tatangkalan nu linduk iyuh nu siga meunang ngatur melakna, terus loba patamanan nu endah matak bétah, ditambah gedong-gedong sigrong nu ngadangong nu harerang ditaretes ku emas, perak inten mutiara, nu tinggurilap harerang, lah pokona mah matak pikabetéhun mun seug asup ka jerona, kumejot akang harita haying asup ka dinya, ngan duka ku naon akang teu bisa, da asa aya lalangse hahalang jarak pamisah nu teu bisa disingkahkeun ku akang. Les deui bayangan nu aya dititingalian akang téh lus-les laleungitan”.Eureun deui jalma buraong teh tina nyaritana, ngahuleng deui nginget-nginget deui kaayaan nu kaalaman dina ngimpina, (Hanca).

Caag
Subang, 12072011

Mang Juha Ngadongeng (III) Khotam

oleh Wangsa Urang Subang Pituin pada 12 Juli 2011 jam 11:31

Geus kitu mah si Belang teh nuluykeun lalampahanana, bari tetep lempeng henteu pungkal-pengkol, nya panungtunganana, manehna nepi ka sisi basisir sagara.   Barang geus nepi ka basisir, manehna bingung, nya kudu kumaha neruskeun lalampahan meuntas eta sagara, luak-lieuk euweuh hiji oge parahu, atawa alat pikeun meuntas eta sagara, bakating ku baluweng, antukna manehna ngadeukeutan hiji tangkal kalapa nu rada doyong ka tengah sagara nu kabeneran aya di eta sisi basisir, barang geus deukeut, gek bae manehna teh diuk bari tetep panonna manco lempeng ka tengah sagara nu kadenge ombakna pating jalegur, bari seah pasusul-susul, mun seug manehna neruskeun lalampahan teh biheung pamohalan nepi ka peuntas da ningali ombakna nu kacida baradagna. Leng bae manehna ngahuleng, nepika teu sadar reup bae manehna teh peureum sare meni tibra bari awakna nyarande kana tangkal kalapa, suku ngalungsar, katingali bangun lungse, kacapean meureun da geus ngayakeun lalampahan nu teu reureuh pisan.

Kocapkeun dina sajeroning sare manehna teh ngimpi anjog ka hiji tempat, nu eta tempat teh kacida caangna ku cahaya, bakating ku caang-caangna kaayaan nepika si belang teh teu kuateun muka panonna, bakating ku serab ningali eta cahaya, pangaruh ka awak si belang bet jadi lungse taya tangan pangawasa, leuleus satulang sandi, teu bisa ngobahkeun curuk-curuk acan. Dina kaayaan kitu, si belang maksakeun najan bari serab mukakeun panonna rada meletet, breh katingali aya hiji tangtungan makhluk nu kacida jangkung badagna, nu teu lila eta makhluk teh ngaleutikkan nepikeun ka kaayaan tangtunganana jadi siga ilaharna manusa, make pakean singsarwa bodas, kadenge eta makhluk teh nyarita,

“Yeuh belang…! Pamaksudan maneh geus nepi ayeuna mah, kami minangka wawakil Pangeran nu ku maneh diteangan, naon sabab pangeran ngangkir Kami pikeun nepungan maneh, sabab mun seug Pangeran nembongkeun wujud aslina, tanwande maneh hamo bakal kuat ningalina,  kapanasaran maneh geus kauninga ku Manten-Na, terus amanat-amanat nu dititipkeun ka maneh ti dua jalma nu tepung jeung maneh Manten-Na oge tos Uningaeun.

Tah ayeuna jung geura balik deui, sing soson-soson maneh nyiapkeun bebekelan keur hirup jaga, da Pangeran mah deukeut jeung hamba-hamba nu rajin nyaketan Manten-Na. Enggeus ayeuna mah tong dilanjutkeun lalampahan maneh teh. Angguran geura balik deui ka lembur. Terus eta amanat ti jalma nu kahiji nu dititipkeun ka maneh ngeunaan Ibadah manehna, bejakeun ka manehna yen ibadahna henteu ditarima ku Mantenna, sabab manehna aya rasa riya dina ibadahna, henteu ikhlas, jeung putusan ti Manten-Na manehna bakal digebruskeun kana naraka, sabab manehna agul teuing ku ibadah nu dilakukeunana. Kajaba mun manehna ngomean niat ibadahna. Tegesna mun manehna bisa ngaleungitkeun sifat riya’ dina ibadahna maka Mantenna bakal narima eta ibadah. Tapi sabalikna mun seug angger bae. Nya wayahna putusan Mantenna teu bisa dirobah.

Tuluy bejakeun ka jalma nu buraong nu geus tepung jeung maneh nu nitipkeun amanatna, yen Mantenna bakal narima tobatna mun seug manehna bener-bener ngeureunan laku jahatna, bejakeun tuluykeun tah niatna rek ngeureunan laku jahatna teh, jeung bejakeun ka manehna yen Manten-Na mutuskeun manehna bakal jadi ahli sawarga. Sakitu ti kami”.

Geus kitu mah eta makhluk teh langsung ngiles leungit, ilang tanpa karana, teuing kamana koloyongna. Gurinjal teh si belang langsung hudang tina sarena. Asa nongtoreng keneh omongan eta makhluk teh, kabeh karekam dina ingetanana. Sajongjonan manehna ngahuleng, mikiran naon nu kaalaman dina impian sajero ning manehna sabot sare tadi.  Keur anteng hulang-huleng kitu, ngong teh aya sora tan katingalan, siga ditopokeun kana ceulina:

“Geus tong loba ngahuleng, angguran geura balik kaditu, geura tepikeun eta amanat waleran ti Manten-Na ti Pangeran nu ku maneh di teangan tea, ka jalma-jalma nu tadi nitipkeun omongan ka maneh”.

Ngadenge kitu, korejat si belang teh ngorejat, bari tuluy luak-lieuk, neangan sumberna sora, tapi lebeng euweuh, geus kitu mah, giridig bae si belang teh nurut ka eta sora, seja balik henteu neruskeun deui lalampahanana.

Ayeuna mah semu nu nyalse balikkeun mah, henteu kawas mimiti manehna lumampah, demi arah nu dituju nyaeta patempatan si jalma nu buraong. Nya gancang ning carita, kocapkeun si belang teh geus nepi ka tempat nalika manehna tepung jeung jalma buraong tea, tuluy luak-lieuk nitenan kaayaan sabudeureun, barang keur anteng nitenan, ngan gorobas teh aya nu dating ti jero rungkun, bari tuluy eta jalma teh ngadeukeutan, sihoreng jalma buraong tea, tuluy jalma buraong teh ngadeukeutan si Belang, barang geus deukeut langsung eta jalma buraong teh nanya semu nu bungah:

“Tah geuningan  geus dating euy ! ku kami geus didadago, kumaha-kumaha euy caritana, kumaha geus tepung jeung pangeran teh ?... terus  ditepikeun henteu titipan omongan kami teh ?... geuwat siah bejakeun ka kami kumaha jawabanana..! geuwat !” Ceuk jalma buraong meni hariweswes.

“Alhamdulillah euy ! kami teh geus tepung jeung Pangeran nu ku kami diteangan teh, tapi nu nepunganana lain Pangeran ukur wawakilna, tapi sanajan ukur wawakil, kami geus ngarasa cukup nyacapkeun kapanasaran teh”. Jawab si belang.

“Terus kumaha, ditepikeun teu amanat kami  ?” Ceuk si jalma buraong.

“Ngeunaan amanat omongan anjeun,  ku kami geus ditepikeun, malahan memeh kami nyaritakeun oge, Pangeran geus uningaeun, da eta wawakil teh langsung bae mere jawabanana”.Tembal Si belang ngajelaskeun.
“Kumaha jawabanana… ? geuwat kami teu sabar hayang ngadenge” Ceuk jalma buraong biki panasaran bae.

“Ceuk eta wawakil Pangeran teh nyarita kieu, bejakeun waleran Manten-Na ka jalma nu geus nitip omongan ka maneh ngeunaan laku lampah jahatna, yen Mantenna bakal nampi kana eta tobatna mun seug bener-bener manehna tobat, jeung kaputusan manten-Na yen anjeun teh bakal jadi ahli sawarga, sabab sanajan anjeun ngalakukeun kajahatan oge tapi anjeun boga niat seja ngeureunan laku jahat anjeun, najan karek rencana komo mun seug bener-bener anjeun tobat mah, tah kitu jawabanana” Jawab si belang ngajalentrekeun, kalayan henteu dikurangan komo dileuwihan mah.

“Alah bener-bener Pangeran teh geuningan Maha Heman, karek rencana oge, kami dijangjian bakal jadi ahli sawarga, komo meureun mun seug kami tulus tobatna, alah haturnuhun pisan euy, ti mimiti wangkid ayeuna jeung kahareup, kami  jangji seja ngeureunan laku jahat kami. Hatur rebu nuhun”. Ceuk jalma buraong bari nganuhunkeun, “Tah ayeuna andika rek terus kamana ?, ” Ceuk jalma buraong nanya ka si belang.

“Ah ! kami mah rek tuluy mulang bae ka lembur, jeung rek nepungan jalma ahli ibadah apan aya keneh tepikeuneun amanat ka manehna”. Jawab si Belang.

“Oh kitu !, nya heug atuh, kami moal ngahalang-halang, tapi bisi andika hayang reureuh heula hayu atuh ka imah kaula heula”. Ceuk jalma buraong.

“Ah haturnuhun, lain kami nampik rezeki, ngan ieu apan amanat kudu buru-buru nepi, apan ceuk katerangan oge, amanat mah kudu geura ditepikeun, ulah diengke-engke… sakali deui haturnuhun pisan katampa kana tawaran kahadean anjeun, ngan da kumaha kami kudu buru-buru”. Jawab si Belang.
“Nya ari karep andika kitu mah, kami moal bisa ngahalang-halang, nya sok bae tuluykeun”. Ceuk Jalma Buraong.

Geus kitu mah, si Belang pamitan, ninggalkeun jalma buraong nu ngawaskeun bari paromanana semu nu bungah ku sabab nampa beja nu geus ditepikeun si Belang tea.  

Teu kacatur dijalanna, kacatur si Belang anjog ka padumukan jalma nu rajin ibadah, henteu harese neangan si Belang langsung ngajugjug ka tempat ibadah dimana si jalma ibadah sok cicing. Bener bae, karek oge si belang nepi ka buruan tempat ibadah, katingali si jalma rajin ibadah teh langsung mapag, kawas nu geus ngadadago. Barang geus adu harepan, si jalma rajin ibadah langsung bae merekpek nanya ka si Belang:

“Alah geungan ki silah .. nu didago-dago teh norojol, kuring geus nyeri beuheung sosonggeteun, boa-boa ki silah teh henteu kadieu deui, tapi sukur alhamdulillah geuningan ki silah teh dating, jadi mupus kana kasu’udzon kuring yeuh, hampura kuring geus su’udzon ka ki silah, kumaha tos tepung jeung Pangeran teh ? terus ditepikeun henteu amanat omongan kami ka Pangeran ?... kumaha jawabanana ?... geuwat bejakeun ka kuring, kuring  geus teu sabar” Ceuk jalma rajin Ibadah.

Diperekpek ku pananya samodel kitu, si Belang henteu langsung ngajawab, kalah ka nongtoyod ka teras tempat ibadah, ningali tingkah si belang kitu, jalma rajin ibadah nyarita bari nuturkeun di satukangeun si belang nu nuju ka teras tempat ibadah:

“Aeh enya… kalah ka langsung nanya,  henteu nitah anjeun reureuh heula, duh hampura pisan ki silah, enya sok bener leuwih hade urang ngobrol di teras, bari ki silah reureuh”

 Si belang tetep teu ngajawab, kalacat unggah kana teras tempat ibadah, tuluy gek diuk dina teras bari nyarandekeun awakna kana bilik tempat ibadah, suku disanghunjarkeun, renghap manehna ngharenghap bangun beurat pikeun nepikeun amanat jawaban kana titipan pananya jalma ibadah.  si belang ngarenghap, sajongjonan ngantep jalma ahli ibadah nu panasaran nungguan jawaban nu diuk bari andekak sila hareupeunana. Geus rada lila si Belang ngareureuhkeun kacapena, kadenge nyarita:

“Alhamdulillah, kami geus tepung jeung Pangeran teh, ngan lain Jeung pangeran langsung tapi ukur wawakilna nu ngadatangan kami, da ceuk eta wawakil, kami hamo bisa ningal wujud aslina, sabab kami lain makomna, kitu cenah, tah ngeunaan titipan omongan anjeun kami geus meunang jawabanana, sanajan eta titipan teu dicaritakeun ku kami, tapi geuningan Pangeran teh geus Uningaeun, jadi harita oge langsung dijawab pananya ngeunaan kapanasaran anjeun teh”. Ceuk si Belang, eureun heula sakeudeung nyaritana.

“Kumaha tah jawabanana…. ?” Tanya jalma ahli ibadah panasaran.

“Kieu ceuk eta wawakil Pangeran teh nyarita ka kuring, bejakeun ka ahli ibadah nya ka anjeun meureun, yen ibadah anjeun teh geningan henteu ditarima ku Mantenna, sabab anjeun dina ngalakonan ibadah teh geus kaeunteupan panyakit hate, tegesna aya rasa riya dina ibadah anjeun, heueuh henteu ikhlas, jeung putusan ti Manten-Na anjeun teh bakal digebruskeun kana naraka, sabab anjeun agul teuing kana ibadah nu ku anjeun dilakukeun, tah kitu jawabanana”. Ceuk si Belanga ngajelaskeun.

“Beu’ atuh percumah kuring ibadah, ari henteu ditarima mah, jeung ambuh atuh ibadah kuring teh, ari bakal diasupkeun kana naraka mah, lah …. Nemen-nemen teuing atuh ah… ! kami atek-atekan ibadah ari pamustunganana kieu mah” Ceuk jalma ibadah, bangun nu handeu’eul ngadenge jawaban Pangeran nu ditepikeun ku si belang samodel kitu.

“Yehhh… tong waka nyarita kitu, tong peunggas harepan, sabab Ceuk eta wawakil Pangeran teh, yen Kajaba mun anjeun ngomean niat ibadah anjeun. Tegesna mun anjeun bisa ngaleungitkeun sifat riya’ dina ibadah anjeun, maka Manten-Na bakal narima eta ibadah. Tapi sabalikna mun seug angger bae. Nya wayahna putusan Mantenna teu bisa dirobah, tah kitu jawaban akhirna teh”. Ceuk si belang.

“Alah… geus teu puguh atuh ah ! ibadah kami nu sakitu lila jeung lobana bae teu ditarima, komo mun seug kami ngamimitian deui…teu sudi siah…”Walon jalma ahi ibadah.

“Ah nya eta mah kumaha karep anjeun bae, nu penting mah kuring geus nepikeun amanat jawaban kana sagala pananya anjeun ka Pangeran, nya enggeus kami pamitan ah ! rek tuluy mulang”. Ceuk si Belang bari nguniang hudang tuluy indit ninggalkeun jalma ahli ibadah, nu keur ngahuleng, nga naha-naha kana kaputusan Pangeran.

Tah sakitu euy carita teh, jadi kasimpulanana, tong agul teuing kana ibadah urang nu dilakukeun, da can tandawuruh ditarima jeung henteuna ku Alloh, jeung ulah goreng sangka teuing ka jalma nu sok ngalakukeun kajahatan, da acan tangtu manehna anti ibadah. Da geuningan kaputusan Alloh mah henteu bisa diduga-duga henteu bisa disangka-sangka, bisa jadi nu buraong jadi calon ahli sawarga, sabalikna jalma ahli ibadah jadi calon ahli naraka. Tapi, tetep ibadah mah lakonan da memang kawajiban bari ngusahakeun ikhlas dina ngalakonana, anapon ditarima jeung henteuna ibadah nu ku urang dilakukeun, urang pasrahkeun bae ka Alloh, tah kitu keneh urang oge kudu aya usaha pikeun ninggalkeun kama’siyatan da memang geus sawadina kudu kitu.

Caaag.
Subang,12072011

MAng Juha Ngadongeng (II)

oleh Wangsa Urang Subang Pituin pada 10 Juli 2011 jam 20:32

Gancang ning carita, si Belang teh neruskeun lalampahanana pikeun nyacapkeun kapanasaranana pikeun tepung jeung Pangeran tea, ayeuna mah da geus meunang pituduh ti jalma nu rajin ibadah, jadi ayeuna mah manehna neruskeun lalampahan teh terus bae lempeng, teu tolih jajalaneun rumpil atawa garinjul, tuun unggah gunung, atawa kudu meuntas walungan, jeung norobos leuweung, nu penting mah pamikirna lalampahan kudu lempeng.

*****
Kacaritakeun manehna anjog dihiji patempatan, di tungtung lembur nu singkur, barang keur anteng leumpang, kolebat… ! aya nu ngolebat tina rungkun, reg bae si belang teh ngarandeg, bari tuluy luak-lieuk, nitenan kaayaan sabudeureun eta patempatan, keur anteng nitenan kitu, kadenge aya nu ngagorobas lebah tangkal badag, jleng teh katingali aya nu ngajleng, atuh gebeg teh si Belang teh ngagebeg bangun nureuwas, acan oge reureuh tina kareuwasna sakolebatan katingali aya kalangkangan ngolebat, nu satuluyna katingali ngabedega di hareupeun si Belang, hiji tangtungan jalma nu matana bolotot, buuk jabrig, suku jebrag, awak jebrog, nu katingali ngamang-ngamang gobang panjang nu gugurilapan katojo ku panon poe, nandakeun seukeutna eta gobang, bari lajag-lejeg, angger matana bolotot ningalikeun ka si belang, nu ku tingkah polah ieu jalma nyirikeun ieu jalma teh boga niat nu teu hade, teu lila kadenge si jalma nu ngabedega teh nyarita nanya semu hahaok:

 “Saha…maneh teh ki silah ?... jeung rek kamana…. hah !”

Di Tanya kitu si Belang teu langsung ngajawab, bari neger-neger maneh, tapi kalah ka langsung diuk dihandapeun tangkal badag nu aya di eta patempatan, tuluy ngecagkeun buntelan bebekelanana, geus rineh bari merenah diukna da pamikirna kabeneran bari ngareureuhkeun kacape bari nyarande ka eta tangkal, euweuh riuk-riuk sieun digunasika, atawa dikaniaya ku eta jalma. Ningali tingkahpolah si Belang kitu, si jalma nu ngabdega teh asa keuheul meureun da pananyana henteu langsung dijawab, kadenge langsung nanya deui bari sesentak:

“Yeeh….! Ditanya teh lain ngajawab siah , kalah diuk, naha silaing teu apal keur adu hareupan jeung saha, yeuh siah mun hayang apal, dewek teh begal, geus katelah dewek teh jalma nu buraong di ieu patempatan mah,…..ayeuna silaing siga nu teu sieun…siah… sok geuwat jawab,  saha silaing teh ? rek kamana… ? jeung eta babawaan geuwat kadieukeun….” Ceuk si jalma nu ngabedega, nu taya lian geuningan jalma buraong.

“Oh ! hampura atuh ki silah !  heug ku kami bakal dijawab, kami teh disarebut mah ku panelah si Belang, asal kami ti pakaleran, tah tujuan kami mun seug anjeun percaya mah, seja nepungan Pangeran pikeun nyacapkeun kapanasaran kami… tah kitu..”. Jawab si Belang.

“Naon…..! teu salah dedengean kitu dewek teh ?.. andika rek nepungan Pangeran,  naha bener siah ?” Ceuk jalma buraong nanya deui.

“Ih..! bener euy…. Kami rek nepungan Pangeran… tah ceuk jalma nu ahli ibadah basa kami tepung jeung manehna, yen jalanna kudu lempeng bae ulah pungkal-pengkol, nya ayeuna anjog nepi ka ieu patempatan”. Walon si Belang negeskeun deui.

“Beu’ asa araneh teuing dewek mah ngadengena oge, tapi najan bari kitu, kabeneran siah !… mun seug bener andika rek nepungan Pangeran, tah engke dimana geus tepung, dewek oge boga kapanasaran, cing pangtepikeun ka pangeran, naha dewek teh bener geus moal ditarima tobatna mun seug dewek milampah kajahatan bae, jeung  wawales naon nu bakal katarima ku dewek jaga mun seug dewek hantem-hanteman ngalakukeun kajahatan samodel kieu, da jujur hate leutik dewek sabenerna mah  geus bosen ngalakukeun kieu teh, tapi dalah dikumaha,  dewek teh acan bisa ngeureunan” Ceuk jalma buraong rada panjang lebar nyarita.

“Nya sok bae… ku kami bakal ditepikeun, tapi pamenta kami, ki silah urang ngahalangan jajalaneun kami, jeung ieu bebekelan ulah dipenta” Walon si Belang.

“Nya heug …ku kami dibere jalan, sok tuluykeun lalampahan andika teh, ngan omat pangnepikeun tah titipan omongan kami teh ka Pangeran, ke mun seug geus meunang jawabanana, omat balikna kudu jalan kadieu deui”. Ceuk jalma buraong, bari nitah nuluykeun lalampahan ka si Belang.(Hanca)

Caag.
Subang, 10072011

Mang Juha Ngadongeng (I)

oleh Wangsa Urang Subang Pituin pada 10 Juli 2011 jam 13:32

Basa kamari peuting, kami ngahadiran pangajian rajaban di masjid lebak, kami masih kaingetan ku dongengna Mama Ajengan Ali-Qosimy, nyaeta ngeunaan hiji carita kahirupan tilu jalma”. Ceuk Mang Juha ngamimitian muka obrolan.

“Lain ngahadiran meureun amang mah, tapi ngadahdiran, heu heu…. “. Walon Ibro.

“Yeehh…. Bener ieu mah bro euy…teuing kamari mah asa ku pogot ngaregepkeunana euy, biasana mah dewek sok … Luklor euy mun ngaji teh”. Ceuk Mang Juha.

“Naon luklor teh mang euy..?”. Tanya Ibro.

“Heueuh….mun seug geus ngeluk langsung bae molor….”. Ceuk Mang Juha.

“Beu’ geus aya deui bae istilah teh … maen disingkat bae..”. Tembal Ibro.

“Yeeeh.. Kapan usum sarwa kilat zaman ayeuna mah bro euy !, apdruk photo kilat, kirim surat system kilat, sagala oge bisa kilat zaman kiwari mah, nepi ka kawin oge loba nu kilat apanan euy…”. Ceuk Mang Juha deui.

“Kawin Kilat..? nu kumaha mang kawin kilat teh ?”. Tanya Ibro.

“Heueuh…kawin kilat.. akad nikah poe senen, poe minggu jebrol ngajuru…”. Jawab Mang Juha.

“Oh …kaasupna Parabola tea nya mang ?”. Ceuk Ibro.

“Naon Parabola teh ?”. Mang Juha malik nanya.

“Enya Parawan Bobol Tiheula…”. Jawab Ibro.

“Heueuh nu kitu teh kacilakaan tea aranna, mending mun dikawinkeun eta mun ditinggalkeun kabur ku lalakina henteu tanggung jenab, apan meureun  keuna ku pasribasa es Cendol dikalapaan”. Ceuk Mang Juha.

“Naon eta teh mang ?”. Tanya Ibro.

“Heueuh gundal-gendol euweuh bapaan”. Tembal Mang Juha.

“Geus ah ! Lain mang !..eta mulang kana caritaan amang tadi, enya ngeunaan dongeng Mama Ajengan Ali Qosimy tea, kumaha tah mang ? panasaran kuring mah, da kabeneran kamari kuring teh kapapancenan piket peuting ti tempat gawe, jadi teu bisa ngahadiran eta pangajian”. Ceuk Ibro.

“Heueuh kieu euy dongengna teh, Carita tilu jalma nu hiji jalma nu getol ibadah, nu hiji deui jalma nu buraong, jeung hiji deui jalma nu katelahna eta jalma teh disebut si Belang”. Tembal Mang Juha bari tuluy derekdek nyaritakeun. Si Ibro ngadengekeun meni saregep bagun embung aya nu kaliwat.

******

Tah ! tilu jalma eta teh, nu jadi lalakonna nyaeta jalma nu katelah si Belang, ari ditelah si Belang teh aya dua persi cenah, persi ka hiji ku sabab awakna belang, jadi weh di sebut si Belang, persi nu sejen nyebutkeun, ku sabab manehna kalakuanana teh sagala dipaju, tegesna ibadah osok, maksiyat osok, mun ceuk almarhum Kyai Haji Zaenudin MZ mah, STMJ, enya sholat terus maksiyat jalan tea ningan, jadi weh katelah si Belang.

Tah kacaritakeun dina hiji mangsa Si Belang teh jorojoy aya kahayang nu jadi hiji kapanasaran, nyaeta hayang tepung jeung Pangeran. Geus gilig hatena hayang patepungna teh, nu antukna manehna lunta indit ti lembur, bari mawa bebekelan sacukupna. bener bae si Belang hayang nyacapkeun kapanasaranana hayang tepung jeung Pangeran teh, da eta mah unggal ditanya ku jalma nu patepung dijalan jeung manehna, jawabna teh hiji, “Kami rek nepungan Gusti Alloh, Pangeran Kami, kami bener-bener panasaran”, kitu jawabna teh.

******

Gancang ning carita, si Belang teh geus beak poe, beak minggu, beak bulan  manehna neangan Pangeran, tapi angger acan bae aya laratanana, tapi ieu hal teh teu ngajadikeun peunggasna harepan, tuluy bae si Belang teh nikreuh ngeureuyeuh, nutur-nutur indung suku, mapay-mapay bapana lengkah, nyukcruk-nyukcruk walungan mapay-mapay wahangan, mipir-mipir gawir, nepikeun ka geus beak leuweung, beak gunung nu katincak jeung kasabaan ku manehna.
Nya kacaritakeun di hiji patempatan, kabeneran si Belang teh tepung jeung hiji jalma nu rajin Ibadah nu harita katingali karek kaluar ti tempat ibadah, ningali aya jelema nu rajin ibadah, atuh si Belang semu bungah, langsung bae nyampeurkeun, tuluy uluk salam bari ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman ka jalma rajin ibadah tea, dikitukeun nya jalma nu rajin ibadah teh langsung nanya:

“Ke.. ke.  Ari ki silah teh saha ?.. ti mana ? jeung rek ka mana ? “. Tanya jalma nu rajin ibadah

“Ceuk nu nyarebut mah, kami teh katelah si Belang, asal kami mah jauh ti pakaleran, ayeuna memang aya nu keur dituju pikeun nyacapkeun kapanasaran kami”. Jawab Si Belang.

“Kapanasaran naon atuh ki silah teh ?”. Tanya jalma nu rajin ibadah.

“Enya …kami teh hayang tepung jeung Pangeran, susuganan anjeun apal kamana jalanna ?”. Jawab Si Belang  nyaritakeun maksud luntana bari ditungtungan ku nanya.

“Duh…! alus pisan atuh maksud ki silah teh, kabeneran atuh kuring oge sarua aya kapanasaran, mun seug ki silah geus bisa nepungan pangeran, kami nitip omongan, enya kuring nitip pangnanyakeun ka Pangeran, kumaha hasil ibadah kuring teh ?, naha ditarima atawa henteu ?, naha alus atawa goring ibadah kuring teh ? naha bakal diganjar atawa henteu ibadah kuring teh ?, tah sakitu weh titipan omongan kuring mah, omat pangnanyakeun”. Ceuk Jalma nu Rajin Ibadah.

“Enya gampang eta mah, pasti ku kami bakal ditepikeun, tapi kamana jalanna ngarah kami bisa nepungan Pangeran, sugan ki silah apal”. Walon Si Belang.

“Aeh… enya …! Tah sakanyaho kuring mah, jalan pikeun nepungan Pangeran mah nyaeta terus bae lempeng, ulah pungkal-pengkol, pokona mah terus bae lempeng”. Jawab jalma nu rajin Ibadah.

“Tah geuningan, haturnuhun atuh nya, nya enggeus ah ! lain kami embung neruskeun obrolan, ngan da kumaha apan maksud kami acan nepi, sakali deui haturnuhun yeuh kana panuduhna, ayeuna mah kami rek neruskeun lalampahan”. Ceuk si Belang, bari tuluy pamitan.

“Oh..! nya mangga ki silah.. ! sok tuluykeun, ngan omat tah ..titipan omongan kami ..omat pang nepikeun”. Tembal nu rajin ibadah, bari ngaomat-omatan sangkan titipan omonganana ditepikeun.

“Beres…pasti, do’akeun bae mugia sing bisa tepung jeung Pangeran”. Ceuk si Belang, bari terus ngoloyong ninggalkeun jalma nu rajin ibadah, seja neruskeun lalampahanana nepungan pangeran tea.

“Amin…sok ku kuring dido’akeun mugia sing tinekanan pamaksudan ki silah teh”.Walon jalma nu rajin ibadah nga-aminan. Geus kitu mah duanana papisah. (HANCA)

Caag !
Subang, 10072011

Jadelll

oleh Wangsa Urang Subang Pituin pada 18 Juni 2011 jam 11:30

"Ibro...maneh mah meni ku tega..nyiksa bapa ilaing, Ti isuk bapa ilaing kokotetengan neangan ....na kamana bae ilaing teh atuh ? ". Ceuk Mang Juha

"Ah na da teu kamana-mana, emangna aya naon kitu mang ? sok ngarareuwas kieu" Tanya Ibro

"Itu cenah aya nu katarajang hare'eng.....pokona mah gaswat...bro euy". Ceuk Mang Juha

"Duh ! saha ...mang ? da isuk mah euweuh beja nanaon " . Ibro nanya bangun panasaran

"Beu' nya...dasar anak teu boga ras-rasan ilaing mah" . Ceuk Mang Juha

"Enya ..saha cenah nu gering teh mang ?..sugan bapa mere beja ka amang ". Walon Ibro

"Eta cenah ceuk bapa ilaing amanat ka kami ..yen munding Bapa ilaing hare'eng, tah ilaing dititah ngakod  eta munding tuluy bawa ka Puskesmas.. ...". Ceuk mang juha bari ngoloyong.

"Jadeeelllll.. hanas geus rareuwas kieu..dasar !?"

Caag
Subang,18062011

Pamuka Lawang Rezeki

oleh Wangsa Urang Subang Pituin pada 17 Juni 2011 jam 21:40
 
 
فَقُلْتُ اسْتَغْفِرُوا رَبَّكُمْ إِنَّهُ كَانَ غَفَّاراً  يُرْسِلِ السَّمَاء عَلَيْكُم مِّدْرَاراً وَيُمْدِدْكُمْ بِأَمْوَالٍ وَبَنِينَ وَيَجْعَل لَّكُمْ جَنَّاتٍ وَيَجْعَل لَّكُمْ أَنْهَاراً

 “Maka kami nyarita ka maranehna: ‘Prak geura marenta hampura  ka Pangeran arandika !, saestuna Anjeun-Na Dzat Maha Jembar Panghampura, tanwande  Anjeun-Na Dzat bakal nurunkeun cihujan ka arandika kalayan mayeng, Jeung Anjeun-Na Dzat bakal maparin pitulung ka arandika ku harta-banda katut anak sarta Anjeun-Na Dzat bakal nyawiskeun kebon-kebon, turta Anjeun-Na Dzat bakal nyawiskeun walungan-walungan keur arandika” (Nuh: 10-12)

Ti antara hal nu nyibukkeun hate kaum muslimin nyaeta nyiar rezeki. Miturut panalungtikan, aya sawatara kaum Muslimin nu boga pamadegan, yen dimana nyekel pageuh ajaran agama Islam bakal ngurangan kana rezeki nu disuprih oge nu dipibanda ku maranehna. Henteu nepi kadinya, malah nu leuwih parah jeung matak pikasediheun mah aya diantarana kaum Muslimin nu masih ngajaga kawajiban syare’at ajatan Islam, tapi maranehna boga pamadegan  dimana haying gampang dina nyuprih rezeki jeung ngumpulkeunana teh kudu ninggalkeun hokum-hukum syare’at Islam dina nyuprihna. Tegesna teu tolih kana halal jeung haram. Na’udzu Billahi Min  Dzaalik.

Maranehna nu boga pamadegan jeung lampah samodel kitu teh, kaasup jalma nu poho, atawa memang nu pura-pura poho yen Alloh nyare’atkeun agama-Na tegesna Agama Islam teh lain wungkul mangrupakeun pituduh pikeun manusa dina haliyah ka-akheratan, tapi Manten-Na oge maparin pituduh pikeun manusa kalayan nyare’atkeun ngeunaan haliyah kadunyaan.

Alloh sareng Rosul-Na henteu ngantep kitu bae ka umatna, kalayan tanpa ayana pituduh dina masalah nyiar bekel kahirupan di dunya. Tapi sabalikna, sabab-musabab meunang rezeki geus diatur tur geus dijelaskeun. Mun seug ummat Islam  ngarti, paham bari sadar kana ieu hal, tanwande Alloh bakal ngagampangkeun dina  nyiar rezeki tina mangpirang-pirang jalan, sarta bakal dibukakeun ka manehna kaberkahan ti langit jeung ti bumi.

Imam Bukhori ngauningakeun dina Shahihul Al-Bukhari-na, dina Kitabud Da’awat, Bab Qaulun Nabi “Rabbana Aatina fid Dunya Hasanah”, no. Hadist 6389, II/191 nu sumberna ti Anas Radhiallaahu anhu, anjeunna nyarios:

كَانَ أَكْثَرُ دُعَاءِ النَّبِيِّ صلى الله عليه وسلم : رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ.

 “Saestuna do’a nu sering diucapkeun ku Kanjeng Nabi s.a.w. nyaeta: Robbanaa Aatinaa Fid-Dunyaa Hasanatan Wa Fil-Aakhiroti Hasanatan Wa Qinaa ‘Adzaaban-Naar  (Duh Gusti abdi sadaya, paparin abdi sadaya kasaean di dunya, oge paparin abdi sadaya kasaean di akherat, oge mugia Anjeun Gusti ngaraksa abdi sadaya tina siksa seuneu naraka)”

 Di antara sabab musabab nu kacida pentingna nu jadi margalantaran diturunkeunana rezeki nyaeya ku  istighfar (menta hampura) jeung taubat ka Allah. Sakumaha nu kaunggel dina Al-Qur’an Dawuhan Alloh dina surat Nuh ayat 10 dugi ka ayat 12:

فَقُلْتُ اسْتَغْفِرُوا رَبَّكُمْ إِنَّهُ كَانَ غَفَّاراً  يُرْسِلِ السَّمَاء عَلَيْكُم مِّدْرَاراً وَيُمْدِدْكُمْ بِأَمْوَالٍ وَبَنِينَ وَيَجْعَل لَّكُمْ جَنَّاتٍ وَيَجْعَل لَّكُمْ أَنْهَاراً

 “Maka kami nyarita ka maranehna: ‘Prak geura marenta hampura  ka Pangeran arandika !, saestuna Anjeun-Na Dzat Maha Jembar Panghampura, tanwande  Anjeun-Na Dzat bakal nurunkeun cihujan ka arandika kalayan mayeng, Jeung Anjeun-Na Dzat bakal maparin pitulung ka arandika ku harta-banda katut anak sarta Anjeun-Na Dzat bakal nyawiskeun kebon-kebon, turta Anjeun-Na Dzat bakal nyawiskeun walungan-walungan keur arandika” (Nuh: 10-12)

Imam Al-Hafizh Ibnu Katsir dina tafsirna ngajelaskeun ngeunaan ayat munggaran, yen Maknana teh, nyaeta dimana aranjeun taubat ka Alloh, menta hampura ka Manten-Na tina sagala dosa, maka maraneh bakal dipaparinan rezeki nu loba ku Manten-Na, Manten-Na bakal nurunkeun cihujan sarta bakal maparin kaberkahan ti langit jeung ti bumi, turta bakal ngajadikeun tutuwuhan, oge ngalimpahruahkeun cisusu, jeung bakal ngalobakeun harta-banda katut anak-anak pikeun aranjeun, lain kitu bae Alloh oge bakal nyawiskeun kebon-kebon nu dijerona aya mangpirang-pirang bungbuahan pikeun aranjeun sarta Manten-Na bakal ngocorkeun walungan-walungan ti antara kebon-kebon eta oge pikeun aranjeun.

Imam Al-Qurtubi nyarioskeun ti Ibnu Shabih, yen anjeuna nyarios: “aya salah saurang lalaki nu dating ka Imam Hasan Al-Bashri, eta lalaki teh nyarita ngeunaan langkana cai dilemburna, antukna kebon, sawah jeung ingon-ingon oge urang lembur kakurangan ku cai. Nguping kana hal eta, maka Imam Hasan Al-Bishri nyarios: Prak lobakeun istighfar anjeun jeung urang lembur anjeun kaa Allah!.

Tuluy nu sejenna nyaritakeun ngeunaan kahirupanana nu keuna ku kamiskinan, saran ti Imam Hasan Al-Bishri teu benten sareng nu mimiti nyaeta anjeunna nyarios:  Prak lobakeun istighfar anjeun ka Allah!.
Kitu deui nalika aya nu dating nu minangsaraya ku caritaan: Yeuh Syaikh ! cobi do’akeun abdi  supaya abdi dipaparinan turunan ku Alloh”.  Maka Imam Hasan Al-Bishri teu benten sareng nu mimiti nyaeta anjeunna nyarios:  Prak lobakeun istighfar anjeun ka Allah!.

Nu dimaksud istighfar jeung tobat didieu, nyaeta lain saukur diucapkeun ku lisan wungkul, tanpa ngabekas dina hate, bari teu aya pangaruh seutik oge kana lampah anggota badan. Tegesna teu aya pangaruh kana kahirupanana, istighfar mah istighfar, ngan dosa tetep dipilampah. Tah Istighfar jeung tobat nu kitu nu teu kaasup  sampurna, sabab istighfar jeung tobat didieu nyaeta sakumaha nu dijelaskeun ku Imam Ar-Raghib Al-Asfahani nyaeta “Menta hampura tina sagala dosa nu geus pilampah, kalayan dibarengan ku ucapan jeung perbuatan lain ukur lisan wungkul”.

Sedengkeun makna tobat sakumaha nu dijelaskeun ku Imam Ar-Raghib Al-Asfahani, nyaeta  ninggalkeun dosa sabab ku kagorenganana, kaduhung kana naon-naon dosa nu geus dipilampah, jeung boga niat nu kuat dibarung kedal ikrar pikeun hamo bakal migawe deui eta dosa, terus dituturkeun ku lampah hade pikeun nebus eta dosa. Mun seug opat hal eta bisa kacumponan, maka tobatna kaasup sampurna.

Kitu keneh Imam An-Nawawi ngajelaskeun, yen para ulama nyarios: yen tobat tina saban dosa hukumna eta wajib. Mun seug maksiat atawa dosa nu dilakukeun antara hamba ka Allah,  nu teu aya sangkut pautna jeung hak sasama manusa, maka syaratna aya tilu:
  1. Kudu ninggalkeun eta maksiat.
  2. Kudu ayana rasa kaduhung kana milampah eta maksiyat.
  3. Kudu kedalna ikrar nu kuat hamo milampah deui eta maksiyat.

Mun seug salah sahiji tina tilu syarat di luhur henteu kacumponan maka kaasup henteu sah tobatna.

Mun tobatna aya patula-patali jeung hak manusa, maka syaratna aya opat, nyaeta tilu diantarana sami sareng nu diluhur, ditambih nu kaopatna nyaeta kudu ngabebaskeun diri tina nyumponan hak jalma nu pernah dinyenyeri, boh nu sifatna lahir atawa bathin. Mung seug bentuk kasalahanana ku ngaleungitkeun, ngaruksak atawa nyokot bari maksa mirusa, maka manehna kudu mulangkeun eta harta banda. Mun seug bentukna had (hukuman) maka manehna kudu mere kasempetan jalma nu geus dinyeyeri teh pikeun males, atawa menta hampura ka eta jalma. Tuluy mun seug bentuk kasalahan ka sasama ku rupa ngomongkeun aib, kasalahan batur (ghibah) maka manehna kudu menta dihampura supaya bebas tina eta dosa.

Ngeunaan kautamaan Istighfar dina ayat Dawuhan Alloh nu sanes, sakumaha nu kaunggel dina Al-Qur'an Surat Hud ayat  52:

وَيَا قَوْمِ اسْتَغْفِرُواْ رَبَّكُمْ ثُمَّ تُوبُواْ إِلَيْهِ يُرْسِلِ السَّمَاء عَلَيْكُم مِّدْرَاراً وَيَزِدْكُمْ قُوَّةً إِلَى قُوَّتِكُمْ وَلاَ تَتَوَلَّوْاْ مُجْرِمِينَ

“Jeung (pokna) : Yeuh kaom kaula ! Geura menta dihampura ka Pangeran arandika ! tuluy geura tarobat ka Anjeun-Na, tanwande Anjeun-Na nurunkeun hujan nu mayeng ti langit keur arandika. Jeung Anjeun-Na baris nambahkeun kakuatan kana kakuatan arandika nu geus aya. Jeung poma arandika ulah ngabalieur ku ngalampahkeun dosa”  (Hud: 52)

Imam Al-Hafizh Ibnu Katsir dina nafsirkeun ieu ayat gajelaskeun: “Tuluy Kanjeng Nabi Hud a.s. marentahkeun ka kaumna pikeun istighfar, nu antukna dosa-dosa nu samemehna bisa dileburkeun. Tuluy Kanjeng Nabi Hud a.s. marentahkeun ka kaumna supaya tarobat dina  waktu  nu ku maranehna disanghareupan. Sing saha jalmana mibanda sifat samodel kitu, maka Alloh bakal ngagampangkeun kana rezekina, dilancarkeun usahana, jeung dijaga kaayaan hirupna.
Jeung dina Qur’an Surat Hud ayat 3:

وَأَنِ اسْتَغْفِرُواْ رَبَّكُمْ ثُمَّ تُوبُواْ إِلَيْهِ يُمَتِّعْكُم مَّتَاعاً حَسَناً إِلَى أَجَلٍ مُّسَمًّى وَيُؤْتِ كُلَّ ذِي فَضْلٍ فَضْلَهُ وَإِن تَوَلَّوْاْ فَإِنِّيَ أَخَافُ عَلَيْكُمْ عَذَابَ يَوْمٍ كَبِيرٍ

“Jeung geura menta hampura ka Pangeran arandika, sarta geura tarobat ka Anjeun-Na, tanwande ANjeun-Na maparin kanikmatan anu hade ka arandika nepi ka waktu nu geus ditangtukeun, Jeung anjeun-Na Dzat baris maparin kurnia-Na ka saban-saban jalma anu mibanda kahadean. Upama arandika ngabalieur, nya saestuna kaula hariwang boh bisi arandika ditibanan siksaan dina poe kiamat”. (Hud: 3).

Imam Al-Qurthubi ngajelaskeun, yen ieu kabeh teh mangrupakeun buahna  istighfar jeung taubat. Tegesna,   Alloh bakal maparin kanikmatan ka aranjeun kalayan mangpirang-pirang manfaat, kayaning gampangna rezeki, oge kamakmuran hirup sarta Alloh hamo bakal nyiksa aranjeun sakumaha nu geus ditibankeun ku Manten-Na ka jalma-jalma nu dibinasakeun samameh aranjeun.

Dina hiji Hadits nu diriwayatkeun ku Imam Ahmad, Abu Daud, An-Nasa’I, Ibnu Majah jeung Al-Hakim nu dishohehkeun ku Imam Al-Hakim dina kitab Al-Mustadrak 4/262, jeung ku Syaikh Ahmad Muhammad Syaikh dina kitab Hamisy Al-Musnad 4/55, nu sumberna ieu Hadits ti Abdullah bin Abbas Rodhiyalloohu ‘Anhu, anjeunna nyarios, yen Rasululloh  s.a.w. ngadawuh:

مَنْ أَكْثَرَ اْلاِسْتِغْفَارَ جَعَلَ اللهُ مِنْ كُلِّ هَمٍّ فَرَجًا وَمِنْ كُلِّ ضِيْقٍ مَخْرَجًا وَرَزَقَهُ مِنْ حَيْثُ لاَ يَحْتَسِبُ.

“Sing saha jalmana nu ngalobakeun maca istighfar (menta hampura ka Alloh), maka  Alloh bakal ngajadikeun pikeun saban-saban  kasedihna jalan kaluar jeung pikeun tiap kasulit, karupek jeung kasumpekna kagampangan, sarta Alloh bakal maparin rezeki (nu halal) ti arah nu teu disangka-sangka.”

Dina Hadits nu mulia ieu, Kanjeng Nabi s.a.w. ngauningakeun ngeunaan tilu hasil nu bisa dihontal ku jalmanu ngalobakeun maca istighfar, nu kahiji bakal ngalebur kasedihna ku maparin jalan kaluar, nu kadua, Alloh bakal ngaganti kasulit hirupna ku kagampangan, jeung nu katilu nyaeta Alloh bakal maparin rezeki ti arah nu teu disangka-sangka.
Ku sabab kitu, ka sing saha bae nu miharep rezeki, maka prak geura lobakeun maca istighfar boh ku ucapan oge ku laku lampah, jeung kudu iatna, masing waspada, kana maca istighfar ukur dina lisan wungkul. Wallohu A’lam Bish-Showaab

 Subang, 17062011

Lalampahan ti Peuting (2)

oleh Wangsa Urang Subang Pituin pada 10 Juni 2011 jam 15:08

Tos rengse ngabeberkeun pangalamanana lajeng Kanjeng Nabi Muhammad s.a.w. mungkas  Dadawuhna.

“Tah kitu yeuh Umat kami, dulur-dulur kami kabeh !.. yen demi Alloh nu nyawa kami aya dina kakawasaanna-Na, yen peuting tadi kami teh bener-bener geus diiangkeun ku Alloh pikeun ngalakukeun lalampahan ka Baetul Muqoddas, tuluy kami naik ka langit kahiji nepi ka langit ka tujuh kalayan numpak hiji kandaraan nu lumpatna tarik lir ibarat kilat, kalayan dibaturan ku Malaikat Alloh nyaeta Malaikat Jibril. Nu satuluyna kami ngadeuheus ka Alloh Robbul ‘Aalamin, nya ku nampa hiji parentah ibadah nyaeta sholat lima waktu dina sapoe sapeuting. ”.

Ti saprak harita, kaayaan nagri Makkah geunjleung,  aya dua kubu, kubu nu hiji maranehna teu percaya kana naon nu disaurkeun ku Rosululloh s.a.w.. kubu nu kadua, maranehna percaya. Nepi ka antukna kajadian ieu teh jadi alat keur kaum musyrikin pikeun mangaruhan jalma-jalma nu geus ariman mangsa harita. Nya aya diantarana nu ariman oge jadi murtad, sabab kapangaruhan.

Nalika ieu kajadian wartosna dugi ka Abu Bakar. da aya diantara gegeden kaum Musyrikin nu ngahaja nyumpingan Abu Bakar, bari niatna mah seja mangaruhan Abu Bakar supaya milu mikangewa ka Rosululloh s.a.w.,

Yeuh Abu Bakar ! naha anjeun geus narima beja ti batur anjeun Muhammad ?” Ceuk eta gegeden Musyrikin naros ka Abu Bakar.

“Beja naon nya ?” Waler Abu Bakar

“Yen batur anjeun Muhammad ngabejakeun ka kami manehna teh geus ngalakukeun hiji lalampahan nu teu asup akal, nyaeta indit ti Mekkah ka Baitul Muqoddas terus ka langit dina waktu sapeuting” Ceuk eta gegeden Musyrikin ngajelaskeun.

Nguping kitu Abu Bakar langsung naros deui ka eta gegeden Musyrikin:

“Naha bener ieu beja teh langsung disaurkeun ku anjeunna”

“Bener..pisan Abu Bakar. henteu nginjeum ceuli kami ngadenge langsung” Jawab eta gegeden.

“Mun bener anjeunna nyarios kitu, maka kami percaya pisan yen eta beja bener ayana” Waler Abu Bakar tandes.

Ku hal eta pisan Abu Bakar kenging Gelar Ash-Shidiq, jalmi nu ngalereskeun nalika kaayaan jalma harita loba nu teu percaya kana sasauran Rosululloh s.a.w.

Ieu ringkesan carita rundayan kisah ngeunaan isra’ sareng mi’roj teh tos sering diguar ku para kiyai di pasantren, ku guru agama di sakola,  ku para khotib nalika keur khutbah, oge ku para mubalegh dipodium nalika acara pangaosan sareng sajabina.

Tah ayeuna kantun taros ka diri urang masing-masing, etang-etang muhasabah atanapi ngevaluasi diri, naha oleh-oleh isro’ mi’roj teh tos leres-leres ku urang dilaksnakeun naha teu acan ? naha tos karaos amisna ibadah sholat urang teh, naha teu acan ?. naha tos leres-leres ngajaga sapuratina kana waktos-waktosna ? naha tos napak dina kahirupan hasil tina ngalaksanakeun ibadah sholat teh, naha teu acan ? mangga waler ku manah masing-masing.

Sabab dina emprona ngeunaan nampa carita isro’ sareng mi’roj teh, boh jaman kapungkur nu langsung didugikeun ku Rosululloh s.a.w. oge zaman kiwari sanaos ku ngalangkungan lisan para Ulama, para kiyai, ustadz sareng ajengan atanapi ngalangkungan buku-buku oge kitab-kitab, tetep jalmi mah dibagi dua golongan dina nampina.

Golongan kahiji, nyaeta golongan nu tetep nolak kana ieu kajadian.

Golongan kadua, nyaeta golongan nu nampi kalayan pinuh ku kaimananan bari ngajalankeun sapuratina kana oleh-oleh ieu lalampahan Rosulululloh s.a.w.

Tah malihan tiasa oge ditambihan zaman kiwari mah eta dua golongan teh ku golongan nu katilu, nyaeta golongan nu ngalakonan-ngalakonana mah kana oleh-oleh isra’ sareng Mi’roj teh, tapi masih keneh lalawora dina ngalakonana.

Atanapi aya golongan nu ka opat, nyaeta golongan nu nampi-nampina mah kana ieu kajadian, percaya-percayana mah kana ieu carita, ngan hanjakal  teu acan daek keneh kana ngalakonan eta oleh-oleh Isro’ Mi’roj teh.
Tah asup ka golongan nu mana urang teh ?

Tapi parandene kitu, urang tetep ngadu’a ka Alloh mugia urang sadayana, para putra-putu, garwa oge rundayan turunan urang. Mugia salamina, masing tiasa ngajaga, ngariksa kana ngalaksanakeun ibadah sholat sareng waktu-waktuna. Anu mangrupakeun oleh-oleh sasih Rojab ieu. Amin.

Wallohu A’lam Bish-Showaab 

Lalampahan ti peuting (1)

oleh Wangsa Urang Subang Pituin pada 9 Juni 2011 jam 8:28

Maha Suci (Alloh) anu geus ngiangkeun abdi-Na dina hiji peuting ti Masjidil Haram ka Masjidil Aqsha, anu Sakurilingeunana ku Kami diberkahan, pikeun Kami nembongkeun ka manehna ti antara ayat-ayat Kami. Saestuna Anjeun-Na Nu Maha Ngadangu, tur Nu Maha Uninga”. (Al-Isra, 17: 1)

“Pamohalan pisan  siah !…ku numpak onta bae merelukeun lalampahan sabulan pikeun ngajugjug ka Baetul muqoddas teh, nya kitu deui mulangna geus dumuk sarua merelukeun waktu sabulan deui. Ari anjeun Muhammad ukur ku waktu sapeuting, alah ngabohong teh meni kaleuleuwihi anjeun mah Muhammad !... demi Lata jeung ‘Uzza kami henteu percaya .. henteu siah !..kami mah henteu percaya,  bohong anjeun Muhammad !”.

Kitu diantarana pok-pokkannana urang Quraesy nalika nampa warta ngeunaan isro’ jeung mi’rojna Kanjeng Nabi Muhammad s.a.w. ieu caritaan teh kedalna ti salah saurang gegeden Quraisy nyaeta Muth’ah bin Adi.
Tur ieu kajadian teh lumangsung nalika Kanjeng Nabi rengse ngalaksanakeun shalat Shubuh nu peutingna anjeunna tos diangkir ku Alloh pikeun ngadeuheus ka Manten-Na nu satuluyna nampa hiji parentah nyaeta parentah sholat lima waktu dina waktu sapoe sapeuting, nya nu katelah mah eta lalampahan teh  isro’ jeung mi’roj tea.

Nyaeta hiji lalampahan nu hamo  kahontal ku akal, sabab lalampahan ka Baetul Muqoddas nu merelukeun waktu sabulan pikeun ngajugjugna jeung sabulan pikeun mulangna teh, cukup ku lalampahan sapeuting. Ku kituna wajar kajadian ieu teh ngondang kacangcayaan jeung ka teu percayaan ti warga nu aya disabudeureun kota Mekkah, khususna kaum Quraesy.
Nu memang  Kanjeng Nabi Muhammad  s.a.w. oge harita ngaraos bingung teu manggih tungtung, susah manah teuaya sudana, sanaos kayakinan mah tetep teguh pengkuh yen tadi peuting anjeunna tos ngadeuheus ka Robbul ‘Aalamin. Demi nu ngajantenkeun kabingung anjeunna teh teu aya sanes, nyaeta kumaha carana pikeun nepikeun ieu warta ka urang mekkah umumna oge kaum Quraisy pada khususna dina mangsa harita, nu memang  geus sakuduna ditepikeun, sabab ieu hal teh kaasup warta nu eusina parentah ti Alloh s.w.t. bari anjeunna tos ngajudi yen pasti bakal loba jalma nu teu percaya kana ieu beja. Keur anteng mikiran kumaha carana pikeun nepikeun  ieu beja, torojol teh Abu Jahal nu kabeneran ngaliwat, nu langsung nyampeurkeun ngadeukeutan ka Rosululloh s.a.w. bari tuluy nyarita bari rada sinis:

Kumaha kabar anjeun yeuh Muhammad anak Abdullah…? Naha aya beja nu anyar tur penting nu datang ti pangeran anjeun, nu ku anjeun ayeuna katarima”

Ditaros kitu Rosulullah s.a.w. ngawaler: “Alhamdulillah …puji syukur wungkul pikeun Alloh Dzat Pangeran nu kami aya dina Kakawasaanna-Na,  Aeh geuningan Mamang, sumuhun Mang ! aya”. Bari rengkuh sopan, da tetep najan dikumaha-kumaha oge Abu Jahal nu sakitu ceuceub ka anjeunna teh masih pamanna ku anjeun,

“Beja Naon nya ?” Ceuk Abu Jahal Panasaran.

“Eta mang !  wengi tadi pisan … abdi tos ngayakeun lalampahan “..

“Lalampahan  ka mana ?“ Tanya abu Jahal deui

“Ka Baitul Maqdis” Waler Kanjeng Nabi s.a.w.  pondok.

“Tuluy rebun-rebun keneh ayeuna, anjeun geus aya deui didieu” Ceuk Abu Jahal

“Leres” Waler Kanjeng Nabi s.a.w.

Nguping sasauran Rosulululloh s.a.w. kitu, Abu Jahal seuri ngagakgak bangun nu ngeunah bari nembongkeun rasa kangewana ka Kanjeng Nabi s.a.w. sanajan Rosululloh s.a.w. alona pituin, seurina Abu Jahal teh sabab ku ka teu percayaanana kana naon nu disaurkeun ku Kanjeng Nabi s.a.w. tuluy Abu Jahal nyarita deui:

“Naha anjeun wani yeuh Muhammad anak Abdullah ! pikeun nyaritakeun  eta beja ka warga mekkah ?
“Ih Mangga wantun pisan !… sareng kaleresan atuh, abdi teh nuju bingung kumaha carana ngadugikeun ieu wartos, tah kaleresan Mamang nawisan kitu nya bingah nu aya, da memang tos sakedahna ieu wartos teh didugikeun” Waler
Rosululloh s.a.w. katingal paromanna semu nu bingah, sabab nuju bingung kumaha carana ngumpulkeun urang Mekkah, kari-kari Abu Jahal nawarkeun jasa, nya asa mobok manggih gorowong, manggih cukang komo mun meuntas.

“Tah mun seug anjeun wani ke ku kami bakal dikumpulkeun didieu”. Jawab Abu Jahal.

Geus kitu mah teu loba cacarita deui, Abu Jahal langsung ngumpulkeun warga Mekkah di Masjidil Haram.

Atuh  henteu  merelukeun waktu nu lila, kacaritakeun warga nu aya disabudeureun kota Mekkah geus kumpul di Masjidil Harom pikeun nampa beja nu bakal dicarioskeun ku Rosululloh s.a.w. ngeunaan beja nu katampa dina peuting tadi. Barang geus kumpul kitu, derekdek Kanjeng Nabi s.a.w. ngadugikeun eta beja kalayan atra teu aya nu di sumput-sumput,  naon nu katingali, nu karasa oge nu kaalaman dina waktu peuting tadi nalika anjeunna ngalaksanakeun lalampahan isro’ sareng mi’roj. Ti kawit anjeunna disumpingan ku Malaikat Jibril a.s. kalayan nyandak Buroq nu bakal jadi tutumpakan Rosululloh s.a.w. dina lalampahan peuting harita,  ti  Mekkah ka Masjidil Aqsha nu satuluyna anjeunna ngadeueheus ka Alloh.

Dina lalampahan eta anjeunna liren di tilu tempat pikeun reureuh. bari diparentah ku Malaikat Jibril tiap liren di tilu tempat eta teh kudu sholat dua roka’at. Anapon tempat nu kahiji nyaeta di Thaibah atanapi Yatsrib. Teras tempat nu kadua anjeunna liren di Gunung Sina, tempat Nabi Musa Munajat ka Alloh s.w.t. jeung nu terakhir di Baitul Lahmi, nyaeta tempat dimana Nabi Isa dibabarkeun.

Barang tos dugi ka Masjidil Aqsha dicarioskeun yen anjeunna tos diantos ku para Nabi-nabi nu tipayun samemeh anjeunna, nu harita mapag pinuh ku pangbagea, langsung anjeunna netepan berjama’ah kalayan anjeunna langsung nu janten Imam sedengkeun Ma’mumna para nabi-nabi nu tipayun. Rengse netepan lajeng anjeunna naek ka langit kahiji, kalayan ditungtun ku Malaikat Jibril naek kana hiji taraje nu kacida alusna, estu endah nu hamo aya tandingna. Barang geus nepi ka panto Gerbang Langit ka hiji anjeunna dipapag ku 1200 malaikat nu satuluyna ngawal anjeunna dina eta lalampahan, didieu anjeunna tepang sareng Nabi Isma’il a.s.

Salajengna Kanjeng Nabi s.a.w. ngajelaskeun yen anjeunna tepang sareng Kanjeng Nabi Adam a.s. nu harita nuju mayunan jiwa-jiwa umat manusa nu keur digiring kalayan ngabaris, didieu Rosululloh s.a.w. ningali jalma-jalma nu keur dihukum nu luyu reujeung lampah dosana, aya nu nelegan seuneu nu ngabebela nepi ka sungutna tutung kabeuleum tuluy ancur, ieu teh hukuman pikeun jalma-jalma nu nyalahgunakeun harta banda budak yatim. Teras anjeunna ningali jalma nu beuteung jeung awakna barareuh bari tuluy diserang ku buaya-buaya, ieu hukuman pikeun jalma-jalma nu resep ngarentenkeun. Jeung rea- rea deui kajadian nu kasaksen ku kanjeng Nabi s.a.w. nu eta kabeh teh minangka I’tibar pikeun jalma nu masih hirup kumelendang di alam dunya ti harita tug dugi ka runtagna ieu alam dunya.

(Hanca)

Subang, 9062011