Kamis, 03 Februari 2011

Biar tekor asal kesohor

Kacaritakeun Mang Odang pagawe kantoran di hiji pamarentahan daerah, manehna teh kasohor jalma nu ceuk urang batawi mah "biar tekor asal kesohor".

Kacaritakeun dina hiji poe manehna mulang ti pagawean ngajingjing kandang manuk nu dijerona teh aya manuk Anis. Barang gurutak oge langsung ditanya ku pamajikanana:

"Manuk ti mana bapana ?... kenging meser nya ?.. keur werit kaayaan oge ..kalah ka meuli manuk ..."

"Ih lain ...ieu mah meunang pamere, apan akang mah naon oge tara pernah meuli, pasti aya nu mere bae, lah tibang manuk anis hiji teuing mah teu kudu hese..." Ceuk Mang Odang agul, sok padahal eta manuk teh meunang ngahaja meuli. tapi da embung katohyan ku pamajikanana manehna royal,  nya antukna remen ngabohong, samodel harita, manuk Anis meunang meuli oge ngakuna meunang pamere.

Dijawab kitu pamajikanana teu nanya deui. Isukna Mang Odang bebeja ka pamajikanana yen manehna rek indit ka luar kota, pikeun ngayakeun kunjungan gawe ti kantor lilana saminggu, memeh indit manehna  pesen omat-omatan sangkan eta manuk Anis dipanguruskeun. dibere pesen kitu pamajikanana mere isyarat ukur ungklek tanda ngaenyakeun.

Kacaritakeun geus saminggu Mang Odang balik ti luar kota tea, barang nepi ka imah oge teu tolih kana nanaon, langsung bae nanyakeun manuk Anis nu nyampak geus euwueh dina jero kandang nu ngagantung di tihag tepas imah. Bari rada n ngagorowok Mang Odang nyarita:

"Indungnaa.... naha kamana ..manuk Anis teh, naha bet euweuh geuningan ?"

"Aya naon bapana...?.. datang-datang jol gogorowokan kitu, lain muru budak mah kalah ka nananyakeun manuk ... euweuh ...manuk mah geus di kubur.." jawab pamajikanana semu keuheul

"Naon..... geus dikubur..? beu' .....manuk Sajuta satengah... nepi ka paeh... kitu, naha kumaha nguruskeunana.. kapan kami geus omat-omatanana panguruskeun... "Ceuk Mang Odang nahan kakesel.

"Naon.... baruk manuk teh sajuta satengah ... lain meunang pamere ..manuk teh .. tuh.. nya ..nu gede bohong mah... da bongan bapana ..harita nyarita yen karek manuk hiji kitu mah... gampang tinggal menta.. nya ku kami teh teu karoris, da puguhan raripuh, nya kudu ngurus budak..nya kudu ngurus manuk...diantep weh ku kami teh teu ka paraban. nepi ka paehna eta manuk  teh..... heueuh meureun geus kuduna kanyahoan ku kami maneh ngabohong..." Jawab pamajikanana bari rada jengkel.

Caaag....
Subang,03022011