Rabu, 22 Desember 2010

Balukar teu babadamian

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I.
Aya dua pasang salaki jeung pamajikan keur nandangan kabingung. Sabab, kandaraan pikeun usahana rusak, nyaeta sapedahna teh katubruk ku motor, ban hareupna nepi ka bingkeng pelekna siga angka dalapan.

"Deukhhh...! boga banda hiji-hijna teh kalah ka teu mangrupa kieu...." ceuk salakina nyarita

"Nya ..Atos kang..! da kumaha ..atuh ?..panginten tos ..kedahna nasib urang kieu,...nu penting mah akang salamet..wios lah sapedah mah da tiasa di lereskeun deui..kin pami aya rezeki langkung .." ceuk pamajikan ngareugreugkeun hate nu jadi salakina.

"Enya bener ..meureun geus kudu kieu kajadianana.!..nya akang hampura ..meureun ti poe isuk mah akang rada telat mulang nepi ka ieu sapedah hade deui....da meureun kudu leumpang ka tempat gawe teh .." ceuk salakina ...

"Ah teu sawios kang..!" Tembal pamajikanana

Kacaritakeun isukna, sarengsena sarapan, langsung salakina pamitan seja indit ka tempat digawe. katingali manehna leumpang bari nungtun sapedah nu rusak tea, pamikirna sakalian mangkat gawe eta sapedah nu rusak teh rek diamprkeun ka bengkel pikeun dihadean. najan bari disusurungna rada hese-hese oge eta sapedah da pelek banna bingkeng, tapi kapaksa da kudu dibawa ka bengkel.


Demi pamajikanana ngawaskeun di hareupeun lawang panto, geus rada jauh mah tuluy manehna asup deui, bari kade gegerendengan nyarita:

"Duh karunya teuing salaki aing, meureun kudu leumpang mun seug sapedah teu bener teh, da ningali kana karusakan samodel kitu mah biheung bener deui biheung moal, enya ari watang sapedahna mah teu pati rusak teuing, eta pelk banna meni jadi angka dalapan kitu, da asana teh kudu meuli deui nu anyar," kitu pokna teh bari gek manehna teh katingali diuk dina korsi sofa nu aya di tengah imah, ngan teu lila diukna teh, da katingali siga nu ngorejat, bari nyarita:

"Lah....kaya k ieu mah..! aing kapaksa ..itu boga anting sabeulah, da nu sabeulahna mah duka teuing kamana ngaclengna...leungit .. nepi ka ayeuna lebeng teu kapanggih...ah ! batan teu dipake-pake mah ku aing rek dijual bae....ke duitna urang beulikeun kana pelek ban sapedah salaki aing .... itung-itung mere 'kejutan' ka salaki aing, da manehna mah geus pasti moal ingeteun kana anting nu sabeulah eta..." kitu pokna teh, bari tuluy ngojengkang ka kamar, seja ganti baju jeung dangdan meueusan da rek mangkat ka pasar tea.

Kocapkeun salakina nu nungtun-nungtun sapedah rusak tea, katingali luut-leet kesang da rada jauh ka tempat manehna digawe teh, ngahaja leumpang da rek numpak kana ojek atawa angkot oge bakal ngaripuhkeunm, sabab manehna mamawa sapedah rusak, meureun kudu dobel ogkosna oge. katingali manehna eureun rek ngasoan meureun, kabeneran aya tangkal badag sisi jalan, guluprak sapedah teh diguprakkeun di sisi jalan, gek manehna teh diuk dihandapeun eta tangkal, tuluy manehna teh muka kancing bajuna satengah dada, dudukuyna di buka dicekel ku leungeun katuhu tuluy dikiplik-kiplikkeun ngipasan kana lebah dadana nu katingali rada juuh ku kesang, kadenge manehna gegerendengan nyarita:

"Duh cape geuingan lalampahan teh !....heueuh dipikir-dipikir, mun seug eta sapedah dihadean deui, pimanaeun aing keur mayaranana, geus pasti kaya kieu mah kudu ganti anyar eta pelek ban sapedah teh...da rusakna oge geus parah kitu...." kitu pokna teh, bari muka kantong gandongna, tuluy dibukakeun saletingna, lep manehna teh ngasupkeun leungeunna kana ete jero kantong, gorehel ngaluarkeun cai dina botol aqua urut, nu meunang mekelan pamajikanana, tuluy kumanehna teh diinum . lek-lek ..kadenge sora ngaleklek cai nu asupna kana tikorona.

Ampir beak satengahna eta cai dina botol teh, geus nginum tuluy kusiwel manehna ngaluarkeun roko tina saku bajuna kop sabatang wel diwewelkeun tungtung roko nu sabatang teh kana biwirna, kuwiel deui manehna teh ngaluarkeun korek api tuluy jegres dihurungkeun dut roko sabatang nu newel dina biwir teh disundut, serebung-serebung haseupna eta roko teh ngebul kaluar tina sungut jeung liang irungna, bangun nikmat, kadenge deui manehna gegerendengan nyarita:

"Ah...ieu sapedah ku aing moal dihadean...mending ku aing dijual bae, ke duitna ku aing rek dibeulikeun kana anting pamajikan aing sabeula da nu sabeulahna aya di imah, .. karunya pamajikan aing ....meureun matak tara dipake oge ..era piraku make anting ukur sabeulah...tah meungpeung ieu sapedah rusak, da dibeneran oge geus pasti moal hade deui..malah kudu nambahan kaluar duit. batan kitu mah ..heueuh ah ku aing rek dijual bae...rek dibeulikeun kana anting sabeulah keur ngalengkepan anting pamajikan nu geus aya sebulahna di imah ..itung-itung mere kabungah ka pamajikan..."..kituna teh tuluy manehna cengkat, lung roko nu kari tungtungna teh dialungkeun, tuluy ngarapihkeun kantong gandongna, geus ngarasa rapih tulluy manehna ngahudangkeun sapedah nu titatadi dijoprakkeun di sisi jalan. gejlig manehna teh indit deui neruskeun lalampahanana.

Kacaritakeun dua pasang salaki jeung pamajikan teh geus ngariung deui di tengah imah, sarengsena sholat isya, kadenge pamajikanana nyarita:

"Kang..! ...abdi aya 'kagegelan'' kangge akang...."

"Yeehhh..lain akang ngalelewe....sarua akang oge rek mere 'kabungah'...." walon salakina

"Naon ..nya ..?..." pokna teh duanana ampir bareng nyarita..silih tanyakeun

"sok akang heula atuh ..ti payun...!" ceuk panajikanana

"Tah akang teh tadi mikiran bae sapedah nu rusak, pamikir akang batan urang kudu ngahadean bari kudu kaluar duit ...akang tadi teh jorojoy aya pikiran pikeun ngajual eta sapedah...nya ku akang teh dijual eta sapedah teh,..tah duitna ku akang dibalanjakeun kana ieu yeuh....!" bari ngasongkeun anting sabeulah ka pamajikanana. " anting sabeulah...keur ngalengkepan ..anting maneh apan nu sabeulah tea....jadi ayeuna mah lengkep tah anting teh jadi dua..." jawab salakina

"Duh...ari si akang ....? ..abdi teh tadi ka pasar....meuli pelek ban sapedah ...tuh barangna oge disimpen di dapur..." ceuk pamajikanana

"euleuhh ...eta ..geuning...nya meunang duit ti mana ..kitu ? " tanya salakina

"Heueh..apan eta ngajual anting nu sabeulah tea...." ceuk pamajikanana

"DEukhhhhh....na ..kalah ka jadi kieu....ieu teh...?...." walon salakina...

CAAGGG

Subang, 17052010.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar