Sabtu, 18 Desember 2010

Gentong Anakan

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I.
Kacaritakeun Mang Udeng jalma malarat boga gentong hiji-hijina, ngan dasar keur sial eta gentong nu hiji-hijina deui teh peupeus kabadug ku anakna nu cikal, nya kapaksa manehna teh nginjeum gentong ka tatanggana nu beunghar.

"Punten juragan !.. pami diwidian sim kuring teh seja nambut heula gentong kenging sasaiheun mah ..atuh da ..itu nu di rorompok kaleresan kalah peupeus ..ka dupak pun anak.. seja meser da teu aya kangge meserna… "Ceuk Mang Udeng ka eta jalma beunghar.

"Aeh …tong sabulan atuh …lila teuing.. kumaha mun saminggu ?..saminggu eta oge aya syaratna ?" walon jalma beunghar semu rada harerese diinjeuman teh.. da memang geus kasohor ku pelitna.

"Nya teu sawios juragan ! ngan eta naon nu janten syaratna ..nun ?" Tanya Mang Udeng

"Ari syaratna teu beurat… sok ieu gentong pake… salila saminggu tapi kudu dibayar.. !" Ceuk nu beunghar.

"Mangga bae ..sun ! Sabaraha sim kuring kedah mayarna ?" Tembal Mang Udeng nyanggupan bari tuluy nanaya.

"Nya meujeuhna ..bae ..saminggu teh sapuluh rebu perak, ..tapi dimana geus saminggu manehn teu malikkeun eta Gentong .. maka ku kami bakal di denda.. tina sapuluh rebu teh, jadi dua belas rebu ..perak… kumaha satuju ..?" Ceuk nu beunghar.

"Nya mangga sun !..sim kuring sanggem.."Ceuk Mang Udeng nyanggupan.

Nya geus aya kasapukan kitu mah, balik bae Mang Udeng teh ka imahna bari manggul gentong.

*****
Kacaritakeun geus aya samingguna Mang Udeng nginjeum eta Gentong, ngan Mang Udeng acan mulangkeun eta gentong ka jalma beunghar tea. Ku kajadian eta, maka torojol teh nu jalma nu beunghar teh datang, karepna mah rek nyokot gentong jeung duit sewaanana. Demi harita Mang Udeng kabeneran keur aya teu ka mana-mana. Ningali datangna jalma beunghar eta, Mang Udeng langsung ngabageakeun. Tuluy merenahkeun tamuna. Geus meranah duanana tuluy Mang Udeng nyarita:

"Bade nyandak gentong tea ..nya juragan teh ?"

"Bener ..euy.. geus saminggu apan ..wayahna eta gentong ku kami rek dicokot.."Ceuk jalma nu beunghar.

"Ke atuh antosan sakedap…"Walon Mang Udeng bari tuluy ngoloyong ka pangkeng. Teu lila geus norojol deui..bari mawa gentong leutik.

"Aeh..naha ..bet gentong leutik ..apan nu kami mah gede… henteu sagede kieu..aeh..aeh… kumaha ieu teh ?" Ceuk nu beunghar semu keuheul.

"Ke…atuh juragan .. teu kenging .. bendu heula ..sun…"Walon Mang Udeng. "Memang gentong juragan mah …ageung.. itu aya keneh dipangkeng.. teu ical komo bari diical mah..paralun…sun…"tambah Mang Udeng ngajelaskeun.

"Naha atuh bet ….gentong leutik eta nu disogrogkeun ka kami..? sok geura kadieukeun gentong kami …jeung kade poho ..bayaran sewaanana..!" ceuk jalma beunghar

"Kieu ieu teh .juragan… naon sabab ieu gentong alit disanggakeun ka salira juragan… tah …mangga nyanggakeun …ieu gentong alit teh minangka anakna gentong nu ageung tea…kaleresan …geuning gentong nu ageung gaduhna nu juragan teh …dikersakeun …geuningan anakan…"Ceuk Mang Udeng ngajentrekeun ngeunaan kasangtukang manehna nyogrogkeun eta gentong leutik.

"Ah…piraku siah… gentong make anakan.."Ceuk nu Beunghar teu percaya

"Ih sadaya-daya sun..! ieu mah buktos nyata…. Sanes sim kuring akon-akon ngabohong… leres ieu mah tah ieu buktos na.."

"Euleuh..kutan…. kitu…. Eum ?... nya mun bener kitu mah… geus lah ..eta gentong simpen bae…ku maneh.. antepkeun salila sabulan mah didieu… tuluy ieu gentong nu leutik ku kami rek dibawa… jeung ngeunaan bayaran sewaan geus ku kami dibebaskeun… teu kudu bayar sewaan eta gentong..ngan kade dimana anakan .. eta anak gentong milik kami" ceuk nu beunghar bari terus pamitan indit mulang.

***
Kacatur geus meunang sabulan.. jalma beunghar teh datang deui ka Mang Udeng, nya kebeneran Mang Udeng keur aya, siga nu ngahaja nungguan.

"Kumaha eum .. gentong kami geus anakan sabaraha ayeuna..?"Tanya jalma nu beunghar …

Ditanya kitu Mang Udeng ngarenghap sakeudeung tuluy ngajawab:

"Duh Tiwaas… juragan… gentong juragan teh maot… saminggu kapengker.. hapunten simku ring teu ngawartosan..ka salira"

"Alah …. Piraku siah.. gentong ..make kudu paeh…geus aya-aya deui..bae.. maneh mah..teu percaya …siah kami mah…teu…. Teu percaya…?"Ceuk nu beunghar

"Aeh…aeh… na kumaha ari Juragan ?.. Naha teu percanten… apan nuju diwartosan ..gentong anakan… juragan percanten… naha ayeuna…. diwartosan gentong maot…juragan teu percanten?" ceuk Mang Udeng.

??????
Caaag.
Subang,22102010

Nu Hayang Mabrur Kalah ka Mabur

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I

Kacaritakeun aya hiji jalma karek mulang ti tanah suci, caritana hayang jadi haji mabrur, biasa anyar keneh mulang ti tanah suci mah cenah ceuk beja nu bisa dipercaya, enya ceuk nu geus arindit kaditu sok piarjeuneun nyaritakeun pangalamanana rarasaan asa diditu keneh, samodel cenah diditu mah mun seug datang waktu shubuh, para jama'ah teh jam hiji atawa jam dua peuting geus ti alabring arindit ka masjid, alesananana mah rupa-rupa aya nu sieun teu kabegan tempat da bubuhan memang umat muslim sadunya keur kumpul, aya oge nu geus jadi kabiasaan dilemburna jam hiji atawa jam dua janari teh geus indit ka masjid.

Tah samodel carita ieu nyaeta salah saurang jama'ah haji nu karek mulang, ti dituna mah manehna seja ngabiasakeun diri nungguan waktu sholat shubuh teh ti awal waktu. Demi kaayaan pilemburanana teh di lembur singkur jauh ka kota, ti imah manehna ka masjid teh rada anggang kudu ngaliwatan pakarangan kosong nu pinuh ku dapuran tangkal awi nu harieum pikakeueungeun ditambah tatangtakalan nu jarangkung badag. Kacaritakeun manehna geus aya dijero di masjid, langsung sholat dua roka'at da geus abdas di imah. tuluy wiridan, geus rada lila tuluy ngilikan jam nu naplok dina tembok katingali geus jam tilu, luak-lieuk katu kang acan aya bae nu jol datang. celetrek manehna teh ngahirupan sapeker ceg kana michrofhon .. terus .mere wawaran:

"Assalaaamu 'alaikum warohmatulloohi wa barokaatuh....htur uninga ka sadaya kaum muslimin wal muslimat...! peryogi ka uninga wireh ayeuna parantos tabuh 3 langkung 30 menit... mangga enggal tatan-tatan netepan shubuh... khusus kangge kaum pamegetna mangga urang sholat berjama'ah..... sakitu nu kapihatur hapunten tos kagareuwahkeun.... wassaalaamu 'alaikum warohmatulloohi wabarokaatuh.."

Geus nutup kitu mah...dituluykeun ku pupujian, nadzoman nu geus teu bireuk deui:

Hayu geura saradia,
meungpeung keur hirup di dunya,
amal keur sampeureun jaga,
di ahir moal sulaya

Horeng maot ngadodoho,
boro sok dipoho-poho,
datangna teu méré nyaho,
ngageretak taya témpo

Taya beurang taya peuting,
taya raja taya kuring,
dimana ajal geus sumping,
teu meunang témpo anaking

Jep ...jempe... tuluy luak lieuk-lieuk acan aya keneh bae nu datang, tuluy menhna teh wawaran deui:

"Mangga ....ka kaum pamegetna ...urang sholat shubuh berjama'ah...margi jam di masigit parantos tabuh 4 kirang lima belas menit...." Tuluy manehna teh ngahaleuang deui pupujian:

Horéng nyawa reujeung badan,
nu geus lila babarengan,
datang mangsa pipisahan,
paturay tineung amitan

Lain meureun lain sugan,
da ieu mah kanyataan,
kabéh pasti ngarandapan,
geuning awak urang pisan

Kagét reuwas mata mencrong,
rénghap ranjug menggah bengong,
napas ngangseg na genggerong,
nu deukeut geus katémbong

Horéng ieu téh sakarat,
dicabut ku malaikat,
nyawa ngangseg mapay urat,
teu aya daya keur lumpat

Jep jempe eureun... rada lila, tuluy manehna ningali deui kana jam, katingali geus nuduhkeun kana waktuna adzan shubuh, tuluy menhna adzan, nepi ka beres, beres adzan manehna luak-lieuk deui, angger bae euweuh nu datang. Tuluy sholat sunah Kobliyah shubuh. rengse sholat sunah tuluy wiridan. keur anteng wiridan ... ngadadak di luar kadenge seorna angin nu ngagelebug nebak kana tatangkalan,jeung dapuran tangkal awi nu aya di sabudeureun masigit, gebrug panto masigit teh nutup sorangan da kateumbag angin. jandela rereketan lir aya nu ngomekeun.

"Na kamarana ieu teh.........meni ku nemen nya ....sarare teh... duh na ...jadi kareueung kieu..." Ceuk manehna gegerendengan. tuluy ceg deui kana michrophone tuluy pupujian deui :

Ku rénghap nu panganggeusan,
pegat sakabéh harepan,
ngabengkang taya dayaan,
rék kumaha pangharepan

Boro mah keur suka bungah,
ngatur napsu seuri bungah,
béak témpo kudu pindah,
nyampeurkeun ka alam barjah

Geus waktu ninggalkeun lembur,
menuju ka alam kubur,
meunang ngali geus diukur,
mahi keur awak sakujur.

Rék naon anu dibawa,
duit naon anu dibawa,
meunang ngumpul-ngumpul téa,
bélaan nipu paséa.

Meunang tisuksruk tidungdung,
nu sok dipaké adigung,
kana solat matak liwung,
waktuna jakat mah embung

Ibadah katéler-télér,
nepi ka nyanghulu ngalér,
lapur badan engeus gémpor,
di tengah imah ngagolér

Ngajolopong diruruban,
diriung ditarungguan,
lagadar datang pasaran,
montong lila sosonoan.

Jep....jempe ..deui... kadenge seah angin nu ngagalebug beuki tarik..nambah rasa kakeueung...luak-lieuk ...angger bae euweuh nu datang..." Na ..kamarana atuh ieu teh.... diwawaran enggeus.... pupujian enggeus.... adzan enggeus... na acan bae aya nu daratang ieu teh.... kudu kumaha deui atuh... jeung ieu angin... kalah ka beuki tarik bae.. mingkin keueung bae... ieu teh..." Ceuk manehna rada ngutruk ...."Alah siah... mending komat... sugan daratang siah...!"... geus kitu mah.. ngong bae manehna teh komat. beres komat. Tuluy luak-lieuk deui angger bae acan aya nu datang.

"Alah..nemen-nemen teuing... ieu teh...can aya bae nu datang.. ah... mending balik kaya kieu mah....mending di imah ah... sholat shubuhna.... " Ngomong kituna teh bari gejlig bae balik teu tulus sholat shubuhna.

Caaag
Subang,07102010

Mustaqbilal QIblati

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I

Ceuk katerangan yen mun urang bisa basa hiji kaum, daerah atawa bangsa dimana bae ayana, urang hamo katipu, tegesna beh dieuna urang bakal langsung loman jeung warga eta daerah. Atuh beh dituna, mun seug aya nu ngajak ngobrol jeung sajabana urang henteu bingung.

Ngeunaan pasualan basa, kocapkeun aya carita pangalaman nu anyar datang ti tanah suci, wallohu a'lam bener jeung henteuna mah, mun seug ieu carita bohong .komo kuring nu nyaritakeunana leuwih-leuwih ti bohong, ngan ieu mah urang husnudzon bae, itung-itung jadi pieunteungeun yen geuningan di ajar basa teh kacida pentingna.

Kieu caritana teh, aya dua jama'ah haji salaki jeung pamajikan. Sarengsena ngalaksanakeun salah sahiji rukun ibadah haji niatna mah seja mulang ka hotel tempat maranehna jeung rombongan cicing salila ibadah haji. Samemeh mulang ka hotel jorojoy manehna teh hayang balanja korma keur bahan oleh-oleh mulang ka indonesia.

"Akang ..kumaha atuh urang balanjana.. kapan urang teu bisa basa arabna..?"Ceuk pamajikanana nanya ka salakina semu nu bingung.

"Alah ..tong bingung-bingung …indungna… keun lah nu kitu mah gampang.."Jawab salakina ngareugreugkeun.

"Ah… Ma enya… iraha bapana diajar basa arab…? Jeung ka saha…?"Pamajikanana nanya deui bangun cangcaya.

"Yeeh… kapan basa arab mah sering tepung atuh… apan urang teh sok maca qur'an, hadits ..apan eta make basa arab… terus mun sholat .apan babacaana oge make basa arab…"Ceuk salakina ngajentrekeun

"Enya eta mah kami oge nyaho… lain eta bapana bisa kitu ngobrolna ..mun ayeuna urang balanja korma…. Jeung nu dagangna..?"Walon pamajikanana

"Alah …make basa sholat bae.. atuh indungna…geus lah ..cicing kumaha bapa bae .."Ceuk salakina

Geus paduengdengan kitu mah, tuluy duanana teh asup ka pasar, luak-lieuk neangan nu dagang korma, kacaritakeun duanana geus manggih, tuluy maranehna ngadeukeutan… tuluy pulah-pilih, urang arab nu dagang korma langsung nanawarkeun ku basa arab, eta salaki jeung pamajikan teh ukur unggut-unggutan siga nu ngarti.

"Tuh siah..bapana geuningan.. meni nyoroscos kitu eta ngomongna urang arab teh siga nu ngaji..bae…"ceuk pamajikanana

"Keun bae antep …ke ke ..rek sabaraha kilo…urang meli korma teh..?"Jawab salakinabari ditungtungan ku nanya.

"Ah… tong loba teuing kumaha mun korma biasa ..opat kilo… terus korma atahna 3 kilo… ditambah bae ..korma Ajwa… dua kilo…" Ceuk pamajikana

"Nya enggeus atuh ..ke urang diomongkeun .."walon salakina.. bari terus ngomong ka nu dagang korma tea.

"Ya sayyid !" bisana ukur eta, da puguh dibejaan yen mun seug ngageroan ka urang arab teh ku landihan "sayyid" ..mun basa urang …"tuan/juragan". Tuluy manehna teh bari tutunjuk ka korma biasa …celengkeng ngomong siga nu enya:

"Arba'a Roka'atin…arba'a roka'atin…"

Urang Arab katingali ngahuleng, tapi teu lila… tuluy manehna ngawadahan korma kana palastik tuluy dicangkoleun kana timbangan bener bae …langsung dikilo opat kiloeun.

"Bapana ..bener ..ngartieun geuningan ..eta langsung dikilo opat kiloeun… bener pisan.."Ceuk pamajikanana..

Salakina teu ngajawab… tuluy tutunjuk deui kana korma nu atah.. bari celengkeung deui nyarita:

"Tsalasa Roka'atin…. Tsalasa Roka'atin …. Tsalasa Roka'atin "

Teu talangke.. eta urang Arab teh katingali langsung ngawadahan ..tilu kiloeun.

"Alah bener pisan ….. eta ngartieun geuningan nya … kade bapana ..eta korma ajwa .. dua kiloeun..bae.."Ceuk Pamajikanana ngingetan.

Salakina teu ngajawab.. tuluy bae.. manehna teh ..tutunjuk deui siga tadi….ka lebah korma ajwa:

"Rok'ataeni…Rok'ataeni… Rok'ataeni…. Ya sayyyid.."

Langsung eta urang arab teh ngawadahan deui ..dua kilo…korma ajwa. Geus kitu mah tuluy dirapihkeun.. bungkusan eta korma teh. Ayeuna giliran mayar.

"Bapana…. Sabarahaeun ieu teh… ? kumaha carana ..nanyakeun sabaraha-sabarahana… ? sok ah masrahkeun.."Ceuk pamajikanana..

"Na make bingung sagala indungna….apan titadi oge urang make basa sholat…. Nya mayar oge ..angger bae ku basa sholat deui bae atuh… "Jawab salakina

"Na kumaha kitu..?"Tanya pamajikanana

"Ieu dipesak kami aya duit …urang berekeun bae kabeh… mun seug kurang ..meureun urang digeroan deui ku manehna… mun seug henteu hartina..meureun pas babayar teh.."Walon salakina deui. Bari kituna teh tuluy ngodok pesakna… bruk teh duit sayana dipesak teh diberekeun ka nu dagang korma, bari nyarita:

"Mustaqbilal Kiblati…Ada'aan ..Lillaahi Ta'aalaa….Wassaalamu 'alaikum"

Geus kitu mah duanana..tuluy arindit ti dinya bari ngajingjing korma ..ninggalkeun nu dagang urang arab nu olohok.

Caag
Subang, 10102010

Hikayat Kautamaan Maos Sholawat

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.
Kacutat aya hiji hikayat dina Kitab Fathul Malikil-Majid anu dianggit ku Syaikh Ad-Dayroby Rohimahulloohi Ta'ala, dicarioskeun, yen aya dua jalma bapa jeung anak. keur nyaba ngalalana ka nagara-nagara sakasampeurna.

Kacaritakeun pas duanana anjog ka hiji nagara, bapana eta budak teh katarajang gering parna nepi ka teu katulungan, nya gancang ning carita bapana eta budak teh maot. Nya satuluyna eta layon bapana teh ku anakna dipulasara. ngan teu kebat mulasarana, sabab eta budak teh katingalina siga nu sedih campur heran, sabab eta layon nu jadi bapana teh, kacida pikawatireunana, beungeutna geuneuk, kitu keneh awakna oge sarua geuneuk hideung, beuteungna kembung. bakating ku baluweng eta budak teh nepi ka kasarean di sagedengeun layon bapana.

Dina sajeroning sare teh manehna kacaritakeun ngimpi tepung jeung hiji jalma anyar pinanggih, nu kaayaan eta jalma teh hiji tangtungan lalaki nu kacida kasepna, bajuna pulas bodas, make wangen-wangen nu kacida seungitna, terus eta tangtungan lalaki teh ngadeukeutan layon bapana, tuluy diusap beungeutna jeung awakna, dadak sakala layon bapana eta budak nu satadina geuneuk hideung saawak-awak teh jadi umyang beresih malah robah jadi cahayaan.

Rengse ngusap beungeut layon bapana eta budak, tuluy eta lalaki teh ngadeukeutan, bari tuluy nyarita:

"Prak geura pulasara ieu layon bapa anjeun teh ..!"

"Duh haturnuhun pisan ..nun ! ...gamparan parantos ngajiyad layon pun bapa... nepi ka janten robih sabahara-sabihari deui.. malih ayeuna mah janten cahayaan... ke ke.. pami teu kaabotan.. bade unjuk tumaros.. dupi gamparan teh saha...?" Ceuk eta budak nganuhunkeun bari ditungtungan ku nanya.

"Kami teh Muhammad ! Rosul Alloh..Nabi anjeun jeung bapa anjeun, bapa anjeun teh kaasup jalma nu ngaliwat sapakan tara ngukur kana kujur, tara ngijir kana diri, ngan hadena bapa anjeun teh sok getol maca sholawat ka kami. nya kabuktian dina maotna bapa anjeun teh siga kitu, eta teh akibat ku laku lampah goreng patutna, nepi ka beungeut layon bapa anjeun teh geuneunk hideung ditambah awakna oge sarua deuih, ....tah kami ngahaja datang kadieu teh pikeun ngaleungitkeun eta sifat nu eunteup dina layon bapa anjeun" Jawab eta lalaki anu taya kajaba anjeunna teh Rosulullah s.a.w.

Rengse dadawuh kitu lajeng Rosululloh s.a.w. pamitan, nya eta budak tuluy sadar tina sarena, bari gigisik tuluy nguniang, ret ka layon bapana. gebeg ..manehna teh semu ngarenjag..sabab layon bapana teh katingali geus robah, persis dina impian, nyatana robah beungeutna nu tadina geuneuk hideung teh jadi cahayaan kitu keneh awakna. nya geus kitu mah deger bae ..layon bapana teh dipulasara nepi ka beresna.

Alloohumma Sholli 'Alaa Sayyidina Muhammadin Wa 'Alaa Aalihii Wa Shohbihi Wa sallim Ajma'iin ..Amiin

Caag ...!
Subang, 27102010

Gaganti Qunut

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I

Kacaritakeun aya jalma nu eling kasareupnakeun, ngan hanjakal henteu bodo alewoh tapi bodo heot, heueuh teu bisa ngaku bisa, teu peinter ngaku bodo (heu heu...eta-keneh nya?).

Dina ibadahna getol, ngan hanjakal henteu make elmu, antukna sering digeunggeureuhkeun ku pamajikanana, demi nu digeunggeureuhkeunana lain sadar kana kabodoanana, kalah ka nyanggereng malik muncereng, nya pamajikanana ngelehan, batan kudu pasea, pamikiran pamajikanana keun bae ah, sakitu oge untung sadar daek ibadah, keun bae salah saeutik mah ke oge diomean kumaha maneh.

Kocapkeun hiji waktu, manehna indit-inditan jeung rombongan ka hiji acara, kabeneran inditna teh ba'da isya, ngarah nepi ka tempat wayah shubuh, tujuanana ngarah rineh bisa tatan-tatan sapuratina, da acarana mah isuk jam tujuh teng teh prung.

Teu kacatur dijalanna, kacaritakeun geus nepi ka tempat, sup bae rombongan teh ka penginapan nu geus diperenahkeun panata calagara, bus bae manehna jeung rombongan teh arasup ka kamar penginapan, kabeneran geus shubuh malah rada leuir aya kana satengah jamna, nya teu talangke rombongan teh langsung ka carai arabdas seja sholat shubuh, ngan ku sabab kamar mandina ukur dua, jadi bagilir ka cai na teh, kabeneran manehna kabagean panungtung, atuh batur mah geus bareres sholat shubuh ka mushola nu aya dipenginapan, manehna ngahaja teu ka mushola, jadi sholat shubuhna di kamar penginapan.

Ngan manehna teh siga nu rada bingung, da hulang-huleng heula memeh prung ngalkonan sholat shubuh teh, tapi teu lila kituna teh, da terus prung sholat, ngan pas tahiyat akhir manehna henteu salam, kalah ka cengkat deui nambahan saroka'at, jadi tilu roka'at, kabeneran aya salah saurang rombongan nu ningalieun, nya panasaran langsung nanya:

"Pak ..punten nembe teh..abdi ningali bapa netepan.. naha bet sholat shubuh janten tilu roka'at, hapunten ieu mah bilih bapa hilap.. "

"Ah ..ngahaja jang... bapa mah...lain poho..."Ceuk manehna ngajawab

"Naha bet ngahaja...kitu.. da sholat shubuh mah dua roka'at..pa..?"Ceuk salah saurang rombongan nu ningali tadi tea malik nanya.

"Yeehh... enya bapa mah ngahaja... sholat shubuh tilu roka'at.. tah... nu saroka'atna.. gaganti Qunut... da bapa teu bisa Qunut.. kitu jang...tapi kade tong geruh..nya jang..!" Ceuk manehna bari luak-lieuk

"Beu... ari si bapa.. nya lepat atuh pa... pami teu tiasa QUnut mah ..teu kenging digentos ku saroka'at, da eta mah ikhtilaf furu'iyah, bade diangge ...mangga ..henteu oge teu jadi pasualan... ngan saupamina urang ngiringan ka golongan paham nu ngangge qunut, cekap gentos bae ku do'a nu sanes saupamina urang teu tiasa aosan qunut, ..janten henteu kedah digentos ku saroka'at... beu'..ari si bapa... manawi teh..?......"ceuk alah saurang rombongan nu ningali tadi tea ngajelaskeun..

Caaag.
Subang, 08112010

Tingkah Jalma Mabok

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I
Kacaritakeun aya jalma nu buraong, tukang bobok tukang tarok, tukang mukaan tali anderok, tukang ngarawuan taeun orok.. (heu heu)... awakna betekok, unggal poe gawena ukur mabok. hiji waktu manehna teh mabok a'o nepi ka teler, mata beureum, awak jibrug ku kesang, leumpang rampual-rampeol sososloyongan, bakating geus teu kuat meureun gedebut manehna teh ngaguprakeun awakna di sisi jalan, meni ngajoprak teu walakaya. jelema nu lalar liwat ngarantep da geus apal nu ngajoprak si eta tukang mabok tea, jadi geus teu paduli deui, rek ngajoprak malah mun seug jengkerna oge sigana barungah da gawena teh ukur ngieun kaonaran bae.

Kocapkeun datang wayahna subuh, jalma nu mabok teh lilir da kageuingkeun ku sora adzan nu melewung dimasigit, nu memang teu jauh ti tempat manehna ngajoprak, tuluy manehna teh nguniang hudang, luak-lieuk bari katingal siga nu can sadar tina urut mabok, da leumpangna rarampeolan keneh, tuluy manehna leumpang nuju ka masigit, geus nepi ka masigit teu langsung asup ka jero masigit, katingali manehna teh ka jamban heula, beberesih tuluy abdas, geus kitu mah sup bae asup ka masigit. barang geus dijero kasampak ustad keur sila bari gegerendengan wiridan. ningal aya nu datang eta ustadz nyampeurkeun bari tuluy nyarita, semu nu rada nyentak:

"Rek naon siah... mabok-mabok asup ka masigit...?"

"Tenang ....tadz.. !.. apan kuring teh rek insyaf.. rek miluan sholat ...aeh.. bener kitu ayeuna teh.. wayahna sholat shubuh ?..." Jawab nu mabok bari gudag-gideug..da tetep siga nu lieur da katingali panonna beureum.

"Heueuh alus euy... jeung bener ..deuih ayeuna mah memang wayahna sholat shubuh..., ke.. ke.. kuring rek nanya.. ari sholat shubuh.. sabarah roka'at ?" tanya ustadz.

"Ha..ha... na ari pa ustadz.. make nanya roka'at sholat shubuh sagala... apan ti baheula oge.. sholat shubuh mah.. tilu roka'at....he he.. bener teu tadz..?" Jawab nu mabok sangeunahna.

"Leuh.. dasar siah...maneh mabok ..keneh... jig siah kaditu.. indit...cageurkeun heula mabok maneh.. ke geus cageur mabokna ..karek insaf.. mendingan kaditu balik..siah...!" ceuk ustadz..ngusir

"Jadi kuring teu meunang ..sholat shubuh nu tilu roka'at.. ?". ceuk nu mabok malik nanya

"Lain teu meunang sholat siah... jeung eta ..meni keukeuh sholat shubuh tilu roka'at.... jung siah kaditu..cageurkeun heula mabok anjeun, ke lamun anjeun geus sadar tina mabok heug bae.. rek sholat.. oge..." jawab ustadz

"Naha make teu meunang...?"Tanya nu mabok

"Alah ..siah.. apan geus jelas... ayatna oge... Poma maraneh tong ngadeukeutan sholat mun seug maraneh mabok... kitu tah ayatna.. ayeuna ngadeukeutan oge teu meunang.pikeun nu mabok.komo mun prungna sholat..geus ayeuna mah.. anjeun geura balik bae..kaditu.." Jawab ustadz bari ngaujurungkeun balik deui.

Nya dijujurung bari satengah diusir kitu mah, nu mabok teh nurut kaluar ti masigit..barang geus nepi ka lawang masigit, manehna tepung jeung jama'ah nu rek sholat shubuh berjama'ah, tuluy nu mabok teh nanya ka eta jama'ah:

"Rek kamana euy...?"

"Nya rek sholat shubuh..atuh..!" Jawab eta jama'ah

"Ke.. ke... rek ..nu sabaraha roka'at sholat shubuhna..?" tanya nu mabok

"Nya... dua roka'at ....atuh..." Jawab jama'ah

"Ha..ha..ha.... dua roka'at.?.. geus ayeuna mah balik bae... tong tulus.. sholat shubuhna.."Ceuk nu mabok ka eta jama'ah

"Naha... ?" tanya jama'ah.

"Komo nu shubuh du'a roka'at... cacak kuring nu shubuhna tilu roka'at oge di usir teu meunang.. sholat.." Jawab nu mabok.. bari nongtoyod..kaluar..

??????
Caaag

Subang, 07112010

ROHANGAN KI WANGSA URANG SUBANG PITUIN: Hikayat Jalma Nu Teu Boga Pamadegan

ROHANGAN KI WANGSA URANG SUBANG PITUIN: Hikayat Jalma Nu Teu Boga Pamadegan

Hikayat Jalma Nu Teu Boga Pamadegan

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I

Kacaritakeun aya hiji kulawarga, salaki jeung pamajikan, Mang Asmar jeung Bi Icih, maranehna teh  boga kuda hiji-hijina, ngan hanjakal kudana teh ririwit geringan bae, tapi najan bari kitu Mang Asmar tetep geten dina ngurusna sabab teu saeutik jasa nu geus dilakukeun eta kuda pikeun kulawargana. Ngan  Bi Icih nu katingalina siga nu kaluman ningali kudana ririwit siga kitu, antukna Bi Icih ngaririhit ka Mang Asmar sangkan eta kuda teh dijual bae. Nya mimitina mah nolak Mang Asmar teh, tapi ku sabab terus-terusan diririhit ku Bi Icih pamajikanana kitu, nya pamustunganana Mang Asmar nurut pikeun ngajual eta kuda ka pasar.

Isukna Mang Asmar jeung Bi Icih arindit ka pasar bari nungtun kudana, karepna mah taya kajaba nyaeta pikeun ngajual eta kuda. Ku sabab ka pasar teh rada jauh, Mang Asmar nu kaayaan awak begang, katingali renghap ranjug ngahegak nafas da cape leumpang, nya kitu keneh Bi Icih, ku sabab awakna lintuh bayuhyuh ampir-ampiran bae kapiuhan kacapean, tapi duanana maksakeun diri neruskeun lalampahan. Dina kaayaan kitu, jalma-jalma nu lalar liwat naringalikeun, nya salah saurang diantarana aya nu nanya ka eta  salaki jeung pamajikan:

“Punten  dupi Mamang sareng Bibi teh bade kamarana ieu teh ?”

“Kami duaan teh rek ka pasar..” Jawab Mang Asmar

“Ke.. ke.. ari eta kuda .. paeh atawa hirup” Ceuk salah saurang nu lalar liwat nanya deui.

“Aeh..aeh.. naha teu katingali .. nya kuda hirup ..atuh” Jawab Mang Asmar semu keuheul.

“Na.. ari Mamang jeung Bibi siga nu teu hideng, ari eta kuda hirup mah atuh tumpakan  gentian.. mbeh Mamang jeung bibi teu cape siga kitu..” Ceuk salah saurang nu lalar liwat, nu u nanya tadi bari nganaha-naha.

Ngadenge kitu, Mang Assmar jeung Bi Icih, sakedapan mah tingharuleng, rada kapikir meureun, pok Mang Asmar nyarita:

Indungna.. bener oge omongan jalma tadi, sok atuh ayeuna mah urang giliran, indungna heula ..nu tiheula tumpak ieu kuda.. keun lah kami nu nungtun..”

“Nya sok atuh.. ! kabeneran deuih kami teh geus teu kuat leumpang…” Jawab Bi Icih, bari langsung nerekel naek ka  tonggong kuda.

Geus kitu mah duanana neruskeun lalampahan nuju ka pasar. Ngan karek oge sababaraha pengkolan duanana tepung deui jeung jalma nu lalar liwat, kadenge salah saurang ti antara nu lalar liwat teh nyarita:

“Euleuh .. eta dasar awewe pinarakeun…salaki begang kitu sina nungtun kacapean nepi ka ngahegak beak nafas kitu, manehna ngeunah-ngeunah anjeucleung di luhur kuda, dasar pamajikan doraka…”

Ngadenge omongan jalma nu lalar liwat samodel kitu, Bi Icih nitah ka Mang Asmar sangkan eureun nungtunna, geus eureun langsung manehna turun, bari pok nyarita:

“Bapana..! sok ah.. kami mah mendingan turun.. bisi disebut pamajikan doraka deui, sok bapana bae nu numpak ieu kuda, kajeun kami nu nungtun…”

“Nya sok atuh..!” Jawab Mang Asmar pondok, bari ngatur nafas nu ngahegak kacapean.

Geus kitu mah terus duanana neruskeun lalampahan deui, ngan karek oge dua pengkolan geus tepung deui jeung jalma nu lalarliwat, sarua siga tadi salah saurang aya nu nyarita:

“Duh ..kakaraeun kuring manggihan hiji lalaki nu kacida kurang ajarna ka pamajikan, eta pamajikanana nu sakitu kasiksana kacapean sina nungtun-nungtun kuda …salakina anjeucleung ngeunah-ngeunah numpak kuda.. beu’ kacida..pisan ..tega.. dasar lalaki teu boga rasa kamanusaan…”

Ngadenge aya nu nyarita kitu, Mang Asmar kontan luncat turun ti luhur kuda, bari terus nyarita:

“Beu’.. jadi bingung kami mah… kudu kumaha atuh ieu teh… tadi indungna nu numpak.. disebut..pamajikan doraka malah pinarakaeun.. ayeuna kami numpak.. disebut salaki tega..teu boga rasa kamanusaan… na kudu kumaha atuh ?”

“Kumaha mun ieu kuda ditumpakan ku urang duaan..” Bi Icih nyelengkeung ..mairan

“Tah ..jigana ..leuwih hade .. mun seug kitu mah.. sugan moal aya nu nyawad deui..”Jawab Mang Asmar nyatujuan.

Geus sapuk duaanana kitu, nya cle bae…duanana numpak eta kuda, pamikir duanana sugan kitu mah moal aya nu nyawad deui. Ngan karek oge meunang sapengkolan, gorowok teh kadenge aya jalma nu gorowok, semu nu nyentak:

“Heh.. manusa ..kejem ! .. na ari maraneh teu boga rasa kanyaah ka sato, tingali atuh kaayaan eta kuda …ampir paeh kitu  ditumpakan ku duaan.. cing atuh mikir.. apan maneh teh manusa nu boga akal pikiran.. sing boga kanyaah atuh ka sato teh… sok geuwat turun..!”

Ngadenge aya nu ngomelan kitu, turun duanana turun, barang breh ditingali sihoreng nu nyentak tadi teh patugas nagara nu keur ngaroris kaayan nagri. Duanana diomelan samodel kitu teu lemek teu nyarek, ukur tarungkul bari nitenan kaayaan kuda nu memang ampir rek paeh kacapean da ditumpakan ku duaan. Patugas nagara tadi sanggeus ngomelan mah tuluy indit neruskeun tugasna, ninggalkeun Mang Asmar jeung Bi Icih nu ting haruleng bingung ku lalampahan, keur kitu pok teh Bi Icih nyarita:

“Kumah mun seug digotong bae ieu kuda teh  ?”

“Heueuh alus tah ..pipikiran teh… bener urang gotong baer.. sugan bae ku digotong mah .. moal aya deui jalma nu ngomel jeung nyawad ka urang….”Jawab Mang Asmar, kituna teh bari terus neangan kai pikeun ngagotong eta kuda, barang geus manggih tuluy ngaluarkeun tambang tina kantong, reketek bae kuda teh diborogod kana kai, geus kitu mah regeyeng bae kuda teh ditanggung kuduaan nuju ka pasar.

Kocapkeun geus nepi ka lawang pasar, duanana jadi bahan panitetanan jalma-jalma nu aya dipasar.. kaasup nu daragang, Mang Asmar jeung Bi Icih tonggoy bae ngagotong kuda teu malire nu keur naringalikeun maranehna, keur tonggoy duanana laleumpang nuju ka tengah pasar, ti tukang kadenge aya jalma nu  ngeureunkeun,  bari kadenge nanya:

Mamang..! Bibi..! cing eureun heula sakeudeung..!”

Reg duanana areureun tuluy ngaralieuk ka tukang, acan oge duanana nyarita, jalma nu tadi ngeureunkeun teh kadenge nanya deui:

“Sanes.. dupi eta kuda teh lumpuh.. “

Ngadenge pertanyaan kitu, kontan Mang Asmar ngajawab:

“Ih.. henteu.. malah masih keneh bisa lumpat… ieu kuda teh”.

“Ke..ke… naha atuh kuda masih bisa lumpat, bet digogotong kitu.. padahal mah atuh tungtun bae.. mbeh Mamang jeung Bibi teu cape siga kitu.. … ehm.. dasar si Mamang jeung si Bibi bodo.. pisan..” Ceuk Jalma nu tadi ngeureunkeun nu taya lian salah saurang nu dagang di eta pasar.

Beak kasabaran Mang Asmar jeung Bi Icih, kitu salah  kieu salah, antukna duanana mutuskeun pikeun miceun eta kuda ninggalkeun di sisi jajalaneun, kaputusan nu kacida salah jeung bodona. Hal ieu teh ku akibat duanana teu boga pamadegan nu kuat, gampang kapangaruhan ku nu lian. Antukna lain meunang kauntungan tapi nu aya katunaan ku akibat laku lampahna nu gampang kaombang-ambing ku kaayaan.

Caaag
 Subang, 02122010   

Hikayat Jalma Nu Tobat (Kautamaan Taubatan-Nashuha)

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I

Dina hiji hikayat dicaritakeun aya hiji pamuda nu katelah Ibnu Hajar, dedeg sampe rupa hade, ngan hanjakal laku lampahna teu hade, gawena ukur ngieun kaonaran, ngaranjah oge ngarampas hak batur, nganiaya oge ngagunasika ka sasama geus biasa, ngagarong oge ngarampog jeung kajahatan sejenna. Tegesna, manehna teh garong gerot, rampog kahot, tukang bobok tukang tarok. Tah ku sabab laku lampah jahatna, antukna manehna teh pada mikasieun bari dibalik sieun eta lain sieun hormat tapi sieun ngewa jeung ijid. Taya jalma nu wani adu hareupan, mun seug aranna disebut, kabeh oge gimir, sieun.

Dina hiji mangsa turun hidayah Alloh, manehna ngarasa bosen ku laku lampahna nu jahat tea, manhena sadar yen kasiksa hirup pada mikangewa. Sepi diri loba nu mikaijid. Nya ku sabab eta pisan jorojoy dina hatena aya niat pikeun babalik pikir, pikeun tobat tina sagala kajahatan nu geus dilakukeunana salila ieu. Manehna ngamimitian ninggakeun kabiasaan jahatna. Sagala hal nu matak mawa mafsadat kabeh ditinggalkeun lumpat, sagala laku lampah salah diganti ku laku ibadah. Tegesna, manehna taubat kalayan saenyana.

Kacatur sanggeus manehna tobat, salila manehna babalik pikir teu aya batur pakukumaha, estu hirup sosorangan teh jeung dienyana. Nya pamustunganana manehna teh neangan pipamajikaneun pikeun jadi batur hirup ngawangun kulawarga. Tuluy manehna teh nyobaan ngalamar awewe kaditu-kadieu, ngan hanjakal hiji oge lamaranana teu aya nu narima, alesanana kusabab kasangtukang kahirupanana baheula manehna teh jalma jahat. Kabeh kolot nu boga anak awewe nolak kana lamaranana, malahan kungsi manehna nyoba ngalamar awewe bangor, pamikirna neangan awewe bageur kacida hesena sugan awewe bangor mah daekeun, tetep awewe bangor oge narolak. Tungtungna manehna jadi baluweng, peunggas harepan, gawena ukur huleng jentul bingung nu teu manggih tungtung susah nu taya sudana.

****

Dina kaayaan peunggas harepan kitu, tuluy manehna mutuskeun pikeun ngalalana, indit lunta teu puguh nu dijugjug, bari miharep sugan jeung boa aya wanoja nu daek jadi pamajikanana, nya manehna nutur-nutur indung suku, mapay-mapay bapana lengkah, tug nepi ka anjog ka hiji lembur nu singkur, kabeneran ditungtung lembur teh aya hiji warung nu nenggang ti lembur eta. Sup bae manehna teh ka eta warung, gek diuk dina bangku panjang dipojok eta warung, bari tuluy pesen inumeun jeung dahareun, bari tetep beungeutna mah nembongkeun paroman nu alum. Song tukang warung ngasongkeun pesenan. Teu loba carita, dahareun jeung inumeun teh meh sakoteap langsung beak, da puguh lapar meureun. Geus beres kitu manehna ngadon ngaso bari ngareureuhkeun ka lungse, nepi ka teu karasa reup bae sare dina kaayaan nyarande kana tihang saung eta warung. Ningal kaayaan kitu, tukang warung ngantep teu wani ngaganggu.

Kocapkeun rada lila Ibnu Hajar ngadon sare teh, tuluy Ibnu Hajar ngorejat hudang, bari luak-lieuk, kaayaan ampir geus reup-reupan manjing ka peuting, dina kaayaan kitu, pok teh tukang warung nanya ka Ibnu Hajar nu masih keneh lulungu:

“Punten Encep sateuacanna !..mamang teh wawantunan naros.. eta katingalina encep teh sapertos nuju ngayakeun lalampahan tebih, sareng sapertos aya dipiluruh, wireh katingali ku mamang ti mimiti encep datang, paroman encep teh bangun nu ngemu kabingung… leres kitu ?” Ceuk tukang warung,.

“Bener mang !” Jawab Ibnu Hajar pondok.

“Ke.. ke.. manawi teu kaabotan,, sareng manawi mamang tiasa masihan bongbolongan.. bade Kaman tujuan encep teh, sareng naon atuh kabingung nu dikemu ku encep teh… tapi hapunten sateuacanna.. amang wawantunan naros kieu..” Ceuk tukang warung nanya deui.

Ditanya kitu Ibnu Hajar teu buru-buru ngajawab, manehna kalah leguk teh nginum cai dina gelas ampir beak sesa tadi. Geus beres nginum, ngajawab patakonan tukang warung tadi:

“Kieu ..ieu teh ..mang !..kuring teh keur bingung teu puguh nu dijugjug, bari keur bingung neangan pipamajikaneun, kuring geus beak kaler, beak kidul, beak kulon beak wetan, kabeh oge taya kolot nu ngizinan anak awewena dikawin ku kuring, nya kitu keneh budak awewena, pada embung deuih jadi pamajikan kuring teh… tah ayeuna lalampahan kuring teh nepi ka ieu tempat oge sarua tujuanana mah susuganan aya kolot nu boga anak awewe lengoh nu ridho dijadikeun pipamajikaneun kuring.. tah kitu mang ..kabingung kuring teh..” Ceuk Ibnu Hajar ngajentrekeun panjang lebar bari kasar nyaritana, nya wajar da puguh ruruntuk jelema jahat.

“Duh karunya teuing..!.. atuh kaleresan pami percanten mah ..mamang gaduh putra istri .nya pun anak hiji-hijina.. ngan tos lami teu aya bae pameget nu ngalamar, tah ieu mah saupamina encep kersa..mangga sok tikah ku encep..mamang Ikhlas..mamang ridho…” Ceuk eta tukang warung bari nawarkeun anakna nu awewe ka Ibnu Hajar.

“Bener ieu teh mang ?..” Tanya Ibnu Hajar semu teu percaya.

“Yeehh..leres ieu mah !..mamang sanes bohong..mangga bilih bade ayeuna nikah..oge..mangga !” Jawab Tukang warung ngayakinkeun

Ngadenge tawaran eta tukang warung kitu, atuh Ibnu Hajar teh kacida bungahna, nya sasatna eta nu keur dipikahayang teh. Akhirna teu nungguan waktu isuk, peuting eta keneh menta dirapalan ka anak eta tukang warung. Ngan samemeh dirapalan Ibnu Hajar ngajukeun pamenta sangkan bisa nepungan anak eta tukang warung najan sajorelat. Nya tukang warung teu talangke hararese, tuluy ngageroan anakna nu aya di jero imah nu ngahiji jeung eta warung. Teu lila torojol teh datang tangtungan wanoja, kulitna hideung lestreng, irungna pesek, pangawakanana pendek busekel. Ningal kaayaan tangtungan wanoja kitu Ibnu Hajar ngarenjag reuwas, karepna mah rada nolak, ngan mikir dua kali, batan kudu neangan deui pipamajikaneun nu hararese, mendingan nu ieu nu geus dumuk daek jeung kolotna ridoeun.Nya geus sapuk duanana mah prung bae Ibnu Hajar teh dirapalan ka eta wanoja anak tukang warung tea.

Kocapkeun geus aya kana sataunna Ibnu Hajar hirup ngawangun rumah tangga jeung eta wanoja. Kaayaanana estu runtut raut sauyunan sabobot sapihanean, tegesna aya dina kabagjaan taya pacogregan. Nepi ka hiji mangsa pamajikanana Ibnu Hajar teh ngandung anak nu kahiji. Nya mingkin bae bungahna kaayaan Ibnu Hajar teh. Ngan meureun Pangeran masih keneh nguji kana Tobatna Ibnu Hajar, pamajikanana teh maot nalika ngalahirkeun anakna nu munggaran, nya kitu keneh anakna oge sarua milu maot saba’dana dilahirkeun. Ngarandapan kaayaan samodel kitu Ibnu Hajar kacida sedih jeung kuciwana, harepanana peunggas bareng jeung mulangna pamajikanana ka alam padang poe padang nagri tunjung samprna, dipundut umur ku Nu Rahayu dipapag ajal ku Nu Maha Kawasa, sasatna kabagjaan nu geus diwangun teh ilang lumpat teu katembong dina kahirupanana, nu aya ukur mega mendung kabingung nu nalikung kolbu. Nya rengse mulasara pamajikan jeung anakna Ibnu Hajar indit ti eta lembur, bari teu puguh nu dijugjug, mamawa rasa nu dirobeda ku kakuciwaan, ngajingjing kasedih kingkin nu ngancik dina batin.

Nya rengse mulasara pamajikan jeung anakna, Ibnu Hajar indit ti eta lembur, bari teu puguh nu dijugjug, mamawa rasa nu dirobeda ku kakuciwaan, ngajingjing kasedih kingkin nu ngancik dina batin.

****

Dina kaayan peunggas harepan kitu, jorojoy Ibnu Hajar boga niat pikeun ngalakukeun kabiasaan manehna baheula, nayeta nglakukeun kajahatan deui. Tapi samemeh eta niat dilaksanakeun, dina hiji peuting manehna ngimpi diudag-udag ku oray nu badag kacida, eta oray boga karep pikeun nyaplok manehna, Ibnu Hajar lumpat sakalumpat-lampet bari gogorowokan menta tulung, keur kaayaan kitu dadak sakala datang hiji tangtungan Aki-aki, nu leumpangna geus make iteuk, bari utak-atok eta Aki-aki teh nulungan ka Ibnu Hajar, tuluy ngababukkeun iteukna ka eta Oray, ngan orokaya lain oray nu ingkah kalah ka eta Aki-aki nu ngacleng kabantingkeun ku tanagana sorangan.

Sanggeus dibabuk ku Aki-aki tadi bari teu regrog-regrog tetep oray ngaleor ngarangseg ngadeukeutan Ibnu Hajar nu tuluy undur-unduran, bari undur-unduran kitu ret ka tukang, karep mah seja lumpat ngan hanjakal teu kebat, da nu aya ditukangeunana teh jurang nu lungkawing, nu mun seug murag teh geus pasti moal katulungan, atuh beuki bingung bae Ibnu Hajar teh, ningali oray beuki deukeut bae ngarangseg, nya pamustunganana Ibnu Hajar pasrah, manehna ngudupruk bari panon peureum ti pepereket, sedengkeun oray geus calawak siap rek nyaplok neureuy manehna.

Dina kaayaan kitu teuing ti mana jolna, torojol teh budak leutik datang, bari tuluy maledog eta oray ku batu, sanajan ukur dibaledog ku batu bari ku tanaga budak, tapi eta Oray teu manggapulya tuluy sakarat, paeh sapada harita. Korejat teh Ibnu Hajar sadar, tuluy nguniang hudang tina sarena. Bari ngahegak ngatur nafas, kaayaan Ibnu Hajar sanajan ngimpi tapi asa nyata, ku kajadian ngimpi eta, cacap nepi ka bray isuk, Ibnu hajar teu sare deui, bari terus mikiran eta impian.

Isukna, bakating ku panasaran, nya Ibnu Hajar teh ngadatangan hiji Kiyai nu ahli nafsirkeun impian. Sanggeus datang ka eta Kiyai tuluy Ibnu Hajar nyaritakeun eta impian. Nya jawabna eta kiyai teh, yen Oray teh ngalambangkeun laku lampah jahatna baheula, sedengkeun Aki-aki eta gambaran kahadean nu kacida lemahna, dimana rek bisa nolak laku lampah jahat mun seug kahadean nu sakitu lemahna. Ngan untung keneh aya budak leutik nu datang nu maledog eta oray ku batu. Tah eta budak leutik teh minangka gambaran niat atawa patekadan pikeun tobat. Nya eta budak leutik mangrupakeun cikal bakal nu bakal meruhkeun sanajan sakumaha rohakana kakuatan kajahatan nu digambarkeun ku Oray dina eta impian.

Ngadenge katerangan ngeunaan tafsir impianana kitu, antukna niat Ibnu Hajar pikeun mulang deui ngalakukeun lampah jahatna jadi batal. Nya pamustunganana manehna tetep neruskeun niatna pikeun tobat, dina hatena sadar yen naon nu karandapan nyaeta ku maotna anak jeung pamajikanana teh, eta kabeh minangka ujian ti Pangeran, nu geus sakuduna disanghareupan ku kasobaran jeung kaikhlasan. Nya ti saprak harita, Ibnu Hajar teh gawena ukur nguseup di walungan, hasilna lauk meunang nguseup teh pikeun dahar sapopoe.

*****
Dina hiji poe kaayaan keur meumeujeuh panas mentrang-mentring, beuteung Ibnu Hajar geus karasa kukurubukan nagih eusi. Tapi ti isuk jedur nepi ka wayah tengah poe harita, nguseupna can aya hasil, can aya hiji oge lauk nu beunang. Useup tetep bae dipencrong susuganan nenggak didudut ku lauk, bari pepelengkingan nahan rasa lapar. Keur anteng nguseup kitu ngadadak katingali aya jambu kulutuk nu ampul-ampulan kabawa palid ku cai walungan nu kabeneran teu pati tarik teuing caahna, ningali aya jambu kulutuk nu ampul-ampulan kitu nya teu talangke, langsung bae ku Ibnu Hajar teh eta jambu kulutuk teh di cawuk, da kabeneran meneran palid ka hareupeunana. Geus beunang mah eta jambu kulutuk teh langsung bae didahar, da pamikirna kabeneran pisan keur mah beuteung lapar itung-itung ngaganjel beuteung.

Ngan rengse ngadahar eta jambu kulutuk, dadak sakala awak Ibnu Hajar karasa panas, bari robah awakna jadi geseng hideung. Bari aya dina kaayaan reuwas kitu, ngolebat dina pikiranana, boa-boa gara-gara ngadahar eta jambu kulutuk nepi kitu kaayaanan teh, sabab sanajan meunang manggih oge pasti ieu jambu teh aya nu bogana, jadi kaasup haram mun seug can menta izin ka nu boga kebonna. Nya langsung menhna boga niat pikeun menta ridho jeung halalna ka nu boga eta ambu. Nya satuluyna Ibnu Hajar teh mapay-mapay sisi eta walungan. Tug nepi ka hiji kebon sisi lembur nu sakurilingna pinuh ku tangkal jambu kulutuk. Teu salah deui pasti ti kebon ieu asalna jambu kulutuk nu geus di dahar tadi teh. Tuluy luak-lieuk ningali ka sabudeureun eta kebon, nya breh katingali aya hiji tangtungan jalma geus aki-aki, nu keur ngaroris eta kebon, kadenge eta jalma teh semu kukulutus:

“Dasar manusa.. geus robah jaradi monyet meureun nya ?, jambu nepi ka seepna kieu dialaan bari tanpa izin deuih ka kami.. dasar pisan..” Cek eta jalma

“Assalaamu ‘alaikum…Punten…pangersa..! “ Ibnu Hajar uluk salam

“Wa’alaikum salaam warohmatullooh….saha anjeun jeung rek aya naon kadatangan anjeun kadieu teh ?” Jawab eta jalma nu teuaya lian nu boga kebon jambu, bari ngalieuk ka Ibnu Hajar.

“Hapunten sun..sateucaanna , wireh parantos mgawagel waktos salira pangersa, nepangkeun wasta abdi teh Ibnu Hajar, maksad abdi kadieu teh, nyaeta abdi teh bade nyhunkeun karidhoan bapa, supados ngahalalkeun jambu kulutuk nu tos dituang ku abdi” ceuk Ibnu Hajar.

“Menta ridho…. ?..teu salah ieu teh ?.cing naha pantes.. jambu geus di dahar ..menta izinna ayeuna..?” Ceuk nu boga eta kebon jambu bari rada ketus teu mere budi.

“Hapunten pisan sun !... abdi teh mendakan jambu kacandak palid ku cai walungan, janten abdi nuang jambu teh sanes kenging ngala sun !” Walon Ibnu Hajar ngajelaskeun.

“Alaah .. siah !. ti iraha walungan buahan jambu kulutuk..?.. teu ridho siah kami ..teh !.. anjeun kudu mayar jambu nu geus didahar ku anjeun..!” Ceuk eta jalma nu boga eta kebon jambu bari tetep teu mere budi.

“Duh..hapunten pisan sun !.. kaleresan abdi teh teu gaduh artos kangge mayarna.. nyangakeun sadaya-daya.. sun !.. kumaha saena.. ngan pamundut abdi ukur nyhunkeun ridho galihna ..kana jambu nu tos dituang ku abdi..” Jawab Ibnu Hajar rada ngahelas.

“Teu bisa kitu bae…eum !.. nya enggeus mun anjeun teu boga duit, wayahna anjeun kudu digawe di kami ngurus kebon jambu ieu ..salila sataun..” Ceuk jalma nu boga eta kebon jambu bari ngaleos indit, ninggalkeun Ibnu Hajar nu molohok, teu bisa kukumaha, ukur bisa narimakeun kana naon kaputusanana eta jalma nu boga eta kebon jambu. Hiji harepan Ibnu Hajar, nyaeta menta dihalalkeun jambu nu geus didahar meunang manggih di walungan tea, nu yakin memang teu salah deui salah sahiji buah jambu di eta kebon nu murag ka cai tuluy kabawa palid. Nu ngakibatkeun awakna jadi geseng hideung ayeuna.

****
Teu kacatur mangsa sataun teu karasa, Ibnu Hajar ngurus eta kebon tanpa dibere upah, bari teu sasiki-siki acan Ibnu Hajar wani ngasaan ngala komo ngadahar buah jambu nu aya di eta kebon. Malah nu marurag oge dikumpulkeun di wadahan nepi ka alancur buyatak teu wani ngadahar, kitu kaayaan Ibnu Hajar salila sataun ngurus eta kebon jambu. Geus kitu mah Tuluy Ibnu Hajar teh ngadatangan ka jalma nu boga eta kebon, barang geus adu hareupan, tuluy Ibnu Hajar nyarita:

“Al-hamdulillah .. sawarsih abdi rengse ngurus kebon salira pengersa.. kumaha salajengna ..naha salira pengersa teh parantos ridho galih ..kana jambu nu tos dituang ku abdi tea..?”

“Duh ..wayahna ..pisan ! sabab eta kebon jambu teh milik anak kami, tur ta anak kami sedih ..kulantaran ngadenge beja jambuna aya nu ngadahar tanpa izin, tah moal ridho mun seug pamentana henteu ditedunan, nya pamentana teh, wayahna maneh kudu digawe ngurus kebon sataun deui..” Jawab nu boga kebon sangeunahna

Ibnu Hajar teu bisa kukumaha deui, kapaksa kudu narima eta kaputusan. Nya manehna balik deui ka kebon pikeun ngurus deui sataun lilana. Beak beurang beak peuting manehna ngurus eta kebon, bari nempatan sasaungan nu ngahaja meunangna nyieun pikeun sare, reureuh jeung ngiuhan tina panasna panon poe jeung hujan. Teu aya rasa jengkel, komo aral, estu disanghareupan ku kasabaran jeung kaikhlasan, tetep hiji nu jadi harepan, karidhoan tin u boga kebon kana jambu nu geus didaharna tea. Bari hayang cageur awak nu robah jadi geseng hideung akibat ngadahar eta jambu.

Teu kacatur cunduk waktu nu ditunggu-tunggu, nya rengse sataun kadua Ibnu Hajar ngurus eta kebon, tuluy Ibnu Hajar teh ngadatangan deui nu boga kebon, bari terus nyarita:

“Alhamdulilah sun…! teu karaos geuningan tos rengse taun kadua, abdi mulasara sareng ngurus kebon teh , nya salajengna mah abdi neda widi seja amitan … sareng kumaha salira sareng tuang putra salira pengersa teh parantos ridho galih ..kana jambu nu tos dituang ku abdi tea..?"

“Ke…ke… dua taun ngurus kebon..ukuran kami acan cukup, pikeun nebus kasalahan anjeun, nu geus wani-wani ngadahar jambu ti kebon anak kami nu nepi ka kiwari manehna nandangan kasedih ku sabab jambuna di dahar ku anjeun tanpa izin, tur ta ku akibat kasedihan eta, anak kami nepi ka kiwari jadi parawan kolot, tah..ku hal ieu pisan.. kami bakal menta pertanggungjawaban anjeun.. daek teu daek anjeun kudu ngawin anak kami..mun seug anjeun hayang meunang karido ti kami jeung anak kami..ngeunaan jambu nu geus didahar ku anjeun” Jawab nu boga kebon panjang lebar.

Bari dina kaayaan bingung, ku ngadenge kaputusan nu boga kebon samodel kitu, nya kapaksa ibnu hajar narima, da memang teu aya pilihan lain deui. Kadenge ibnu Hajar nyarita:

“Nya mangga sun..! abdi nampi kana kaputusan salira..kitu ! pami memang kedah kitu mah..sadaya-daya abdi ngiringan..!”

“Nya sukur atuh..mun anjeun narima kaputusa kami mah, ngan anjeun kudu narimakeun kaayaan anak kami, anjeun ulah ngarasa kuciwa, sabab kaayaan anak kami teh, matana lolong, ceulina budeg, sukuna lumpuh, leungeunna buntung tur ..anak kami teh pireu..kumaha ?.. anjeun tetep daek..?” Ceuk nu boga kebon bari ngajelaskeun kaayan anakna.

Ngadenge katerangan ti nu boga kebon ngeunaan kaayan anak awewena nu bakal jadi pipamajikaneunnana, Ibnu Hajar ngahuleng sakeudeung, kabayang dina pikiranana, awewe buntung leungeunna, lolong panonna, budeg ceulina, lumpuh sukuna ditambah pireu deuih, pamikirna na meni nepi ka kieu nanasiban teh. Tapi dalah dikumaha, kusabab geus gilig hate hayang cageur awak nu geseng hideung tea, jeung hayang menta halal oge rido tina perkara barang nu teu halal nyaeta jambu sasiki nu di dahar ku manehna. Nya pamustunganana Ibnu Hajar teu bisa nolak kana pamenta nu boga kebon, tegesna Ibnu Hajar narima pikeun dikawinkeun jeung anak awewe nu boga kebon.

Katingali paroman kabungah mapaesan beungeut nu boga kebon, ku sabab kahayangna ditedunan ku Ibnu Hajar, nyaeta daek ngawin nu jadi anakna. Teu kacatur langsung bae Ibnu Hajar teh dirapalan. Ngan ngahaja anak awewe nu boga kebon teh teu dihadirkeun.

Kocapkeun akad nikah geus rengse, amil desa jeung na'ib atawa ki lebe oge tatamu sejenna geus balubar, tinggal Ibnu Hajar jeung nu boga kebon nu ayeuna geus resmi jadi mitoha duaan, bari katingali beberes imah. Rengse beberes kadenge mitohana Ibnu Hajar nyarita:

“Jung kaditu geura tepungan, anak bapa .nya.pamajikan anjeun..nu geus ngadadago di kamar..!’

“Mangga pa !...” Jawab Ibnu Hajar pondok, bari terus ngaleos nuju ka kamar tempat pamajikanana nu satuluyna bakal jadi kamar manehna oge, bari tetep pikiranana mah ngalayang ngabayang-bayang, pamajikanana teh leungeunna buntung, panonna lolong, sukuna lumpuh, jeung pireu. Bari hate ratug tutunggulan, jantung degdegan, lalaunan lawang panto kamar teh dibuka, sup bae Ibnu Hajar teh asup, ngan gebeg teh Ibnu Hajar ngagebeg, sabab geuningan di jero kamar teh lain wanoja nu dicaritakeun ku mitohana, nu ieu mah geuningan geulis kawanti-wanti lir widadari, estu geulisna lain pupulasan, anggauta badanna lengkep teuaya cacad saeutik-eutik acan. Ningal kitu, Ibnu Hajar langsung ngejat gura-giru kaluar ti jero eta kamar. Ningal Ibnu Hajar kaluar bari gura-giru kitu, mitohana langsung nembung:

“Ku naon anjeun.. bet kaluar gura-giru kitu ?.. manggih naon ?”

“Punten bapa..! geuningan nu dilebet mah sanes bojo abdi.. da bojo abdi mah ..sakumaha nu dicarioskeun ..ku bapa.. panangannana buntung, sampeannana lumpuh, socana lolong, bari pireu ..sedengkeun nu dilebet mah ..geuningan istri nu geulis, bari lengkep anggauta badanna teu aya cacad sakedik-kedik acan.." Jawab Ibnu Hajar ngajelaskeun bari nembongkeun paroman nu ngemu kaheran.

Bari mesem mitohana Ibnu Hajar nyarita:

“Kieu …nu sabenerna mah ..naon nu geus diterangkeun ku bapa ngeunaan hal ihwal kaayaan anak bapa tea samemehna, nya pamajikan anjeun ayeuna, maksud leungeunna buntung jeung sukuna lumpuh teh nyaeta manehna teu pernah ngalakukeun kamaksiatan, sukuna teu pernah dilengkahkeun ka tempat maksiat, leungeunna nya kitu keneh teu pernah dipake laku salah. Terus ceulina budeg, maksudna manehna tara pernah dipake ngadengekeun perkara-perkara goreng, matana lolong maksudna manehna teu pernah ningali hal nu dilarang ku agama. Tuluy bahamna pireu teh maksudna nyaeta manehna tara pernah nyarita kotor, kasar jeung sajabana..tah kitu maksud bapa ..teh…tah ayeuna nu aya di jero kamar teh, nyaeta pisan anak bapa ..nya pamajikan anjeun ayeuna nu sah….tah ayeuna mah jung kaditu geura tepungan deui… tong asa-asa.. ku bapa didu’akeun mugia aranjeun duaan dipaparinan katurunan nu sholeh oge sholehah..tur meunang kabagjaan salilana, hirup runtut raut sauyunan jauh tina kakuciwaan, raket caket kana katingtriman, kulawarga nu sakinah mawadah tur salilana aya dina limpudan ridho reujeung Rohmat Alloh” Ceuk Mitohana Ibnu Hajar ngajelaskeun panjang lebar.

Geus ngadenge katerangan samodel kitu mah, Ibnu Hajar malikeun awakna nu geus robah henteu geseng hideung deui nuju ka jero kamar panganten. Bari hate pinuh ku kasuka jeung kabungah, geuningan karasa hikmahna tina buah tobat nu dilakukeunana salila ieu teh, tegesna buah taubatan-nashuha karasa ku Ibnu hajar ku jalan manggihan kabagjaan hirup nu hakiki.

ربنا لا تزغ قلوبنا بعد إذهديتنا وهبلنا من لدنك رحمة ربنا إنك أنت الوهاب

Caag
Subang, 01122010

MAKNA HAKEKAT HIJRAH

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I.

فمن كانت هجرته إلى الله ورسوله فهجرته إلى الله ورسوله , ومن كانت هجرته إلى دنيا يصيبها و امرأة ينكحها فهجرته إلى ما هاجر إليه " متفق عليه

“…… Maka Sing saha nu (niat) hijrah ka Allah jeung Rosul-Na, maka hijrahna nyaeta (mibanda ajen) hijrah ka Alloh jeung ka Rosul-Na. sedengkeun jalma nu (niat) hijrahna pikeun mibanda kaduniawian atawa demi hiji wanoja, maka hijrahna nyaeta (mibanda ajen) sakumaha nu diniatkeunana:” (Mutafaqun ‘Alaih)

Muharam teh bulan awal tina taun hijriyah, mun di jawa mah disebut bulan suro, disebut suro soteh cenah sakaul nyebutkeun dicokot tina kecap \Asyuro atawa tanggal sapuluh dina ieu bulan. jadi docokot tina tungtung kecap asyuro, jadi weh suro. Keun lah masalah ngaran mah tong jadi padungdengan, nu penting mah nyaeta aya naon di bulan Muharam teh ? kitu meureun nya ?

Bulan Muharam teh bulan agung kalebet kana Asyharul Hurum atawa bulan-bulan nu dimuliakeun ku Alloh, sabab dina bulan ieu kacutat sajarah penting nu kudu jadi pieunteungeun urang sarerea salaku Umat Islam. Anapon sajarah nu kacutat dina bulan ieu teh, nyaeta hijrahna Kanjeng Nabi S.A.W. sareng para shohabat-shohabatna.

Hijrah munggaran ti Mekkah ka Habasyah nalika kaum musyrikin ngaganggu, ngantegan, ngagokan kana da'wahna Rosulullah s.a.w. Hijrah munggaran ieu lumangsung dina taun kalima tina kanabian, kitu miturut Imam Baihaqi.

Hijrah nu kadua nyaeta hijrah ti Mekkah ka Madinah nu lumangsung dina taun katilu belas tina kanabian Rosulullah s.a.w. nu harita saban-saban umat Islam wajib hijrah bareng sareng Rosulullah s.a.w. urang tos pada uninga kumaha perjuangan Rosulullah s.a.w. sareng para shahabat-shahabatna nalika ngalakuekun hijrah, estu pinuh ku pangrubanan nu kacida luhung ajenna, ti mimiti harta, tanaga katut jiwa ditandonkeun pikeun bajoang nyi’arkeun agama Alloh.

Makna kecap Hijrah nyaeta ngasingkeun jeung ninggalkeun (Al-Mujaafaah Wat-Tark). Aya oge nu nyebutkeun Hijrah maknana 'indit-inditan atawa pindah ti tempat hiji ka tempat sejen’, sakumaha nu geus dilakukeun ku Kanjeng Nabi s.a.w. sareng para shahabat-shahabatna.

Ibnu ‘Arobi sasauran, yen para Ulama ngabagi lalampahan manusa dina indit-inditan atawa hijrah kana dua wanda, nu kahiji nyaeta indit-inditan atawa hijrah nu tujuanana pikeun ngahindarkeun diri tina hiji perkara atawa kajadian, nu kadua, nyaeta indit-inditan atawa hijrah nu tujuanana pikeun neangan hiji perkara.

Wanda nu kahiji, nyaeta indit-inditan atawa hijrah pikeun ngahindarkeun diri tina hiji perkara atawa kajadian, dibagi deui jadi genep rupa, nu diantarana:

1. Kaluar ti daerah musuh (Darul Harb) nuju ka daerah nu aman (daarul Islaam), hijrah saperti kieu tetep lumangsung tug nepi ka poe kiamat.
2. Kaluar ti nagri bid’ah, hal ieu dijelaskeun ku Ibnul Qosim anjeun kungsi nguping sasauran Imam Malik, yen teu halal salah saurang oge pikeun netep renggenek di hiji nagri nu dijerona aya kalakuan nu ngahina, jeung nyacampah kaum salaf.
3. Kaluar ti nagri nu dijerona loba hal-hal haram nu dilakukeun.
4. Kaluar dina raraga ngahindarkeun diri tina hal-hal nu matak cilaka. Sakumaha nu geus dilakukeun ku Kanjeng Nabi Ibrahim a.s. (Al-Ankabut ayat 26) jeung Kanjeng Nabi Musa a.s. (Al-Qashash ayat 21).
5. Kaluar ti nagri nu keur keuna ku hiji panyakit nu matak bahaya. Saperti nagri nu rahayatna kakeunaan ku panyakit kusta, lepra jeung nu sajenisna,
6. Kaluar ti nagri nu teu aman tina gangguan manusa-manusa jahat nu ngaganggu kana harta banda rajakaya, saperti lobana garong, rampog jeung sajabana,

Satuluyna wanda nu kadua, nyaeta indit-inditan atawa hijrah nu tujuanana pikeun neangan hiji perkara. Indit-inditan atawa hijrah ieu dibagi deui jadi salapan rupa, diantarana nyaeta:

1. Indit pikeun nyiar luang pangalaman kahirupan.
2. Indit pikeun ibadah haji
3. Indit pikeun jihad fi sabilillah
4. Indit pikeun nyiar kifayah kahirupan
5. Indit pikeun dagang/usaha atawa nyiar rizki nu halal pikeun nykupan pangabutuh kahirupan kulawarga.
6. Indit pikeun nyiar elmu pangaweruh, saperti masantren, sakola jeung sajabana.
7. Indit nuju ka tempat-tempat nu mulia, saperti masjid, mushola jeung majlis ta’lim
8. Indit pikeun ngajaga wilayah tina ancaman musuh-musuh nagara
9. Indit pikeun silaturrahim

Subang, 7122010