Rabu, 22 Desember 2010

Hayuw...atuww....haduw....awww

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I

Waktu kuring masih sakola di Madrasah Tsanawiyah , usum pakansi sakola harita, kabiasaan kuring sok nguseup ka walungan atawa 'nyekclek' nguseup di sawah bareng jeung babaturan limaan, ari nguseup diwalungan teu jadi pasualan da ngeunaheun lalega taya hahalang. eta ari nguseup di sawah nu maju ka beukah, da hesena teh beak karep, nu matak istilah nguseup di sawah diwewengkon kuring mah disebutna teh 'nyekclek'.

Samodel harita kuring limaan mangkat ti jam 6 isuk, timbel geus dibekel, teu ieuh mawa deungeun sangu, da ngahaja ke rek meuleum dimana geus beubeunangan. jeujeur papanjang-panjang aya kana 3 meterna, tali kenurna oge rada ngambay nepi ka aya 50 cm. useupna useup nu warna hideung nu harga 25 perak tilu siki tea, segede-gede anting budak.

Geus nepi ka tempat nu dituju, kuring limaan teh nga jejer di sisi galengan sawah, merenahkeun diri masing-masing, tuluy ngasupkeun cacing minangka eupanna kana useup, geus kitu mah leungeun nu kenca di katukangkeun, leungeun katuhu nyekel jeujeur bari rada satengah ngadongkokeun awak, tuluy ngalogodorkeun jeujeur ka beh tengah sawah bari ngilikan mana lolongkrang dapuran pare nu rada lega, mun geus manggih tuluy kenur nu aya useupan nu geus di bere eupan cacing teh di anclom-anclomkeun kana eta lolongkrang antara dapuran pare tea. teu kudu lila nungguan, da nalika clom' eta useup anclom kana cai, jol..kunyunyud...eupan teh karasa disantok ku lauk bari karasa didudut, tara langsung dicekik, tep bae diantepkeun rada lila sina meujit. geus dikira meujit mah, da bakal karasa didudut-dudutna teh asa dibetot, nya kakara geus kitu mah di cekik....gcopok...laukna teh motah....girirwiiill...lauk teh beunang. geus beunang laukna mah tuluy dilaan ditiir ku jukut carulang. tuluy useupna dieupanan deui, kitu jeung kitu nu dilakukeun teh.

Ngan aya nu matak jengkel ari nguseup di sawah teh, mun seug nu boga sawahna sok rada rewel, sabab ngarasa galengan sawahna teh sok laledug rusak. samodel harita, nu boga sawah teh aranna mang Ardasim, ka kocap jalma barangasan galak, sa haok kadua gaplok teu ningali budak atwa kolot, mun geus ambek teh manehna mah sok habek-habek bae neunggeulan, harita kuring limaan ...keur anteng bae nguseup di sawahna, teu nyaho mang Ardasim geus aya ditukangeun, kadenge manehna nyarita bari nyentak:

"Hayyoh...siah! maranehn weh nya nu ngarusak gagalengan sawah dewek teh, kadieukeun siah,...leungeun jeung jeujeurna ku dewek rek dipotongkeun...tuman siah ...teu baisa dicarek pisan".

Kituna teh bener bae babaturan kuring nu pangmimitina di jewang teh, ngan manehna bisa ngagiwar ukur jeujeurna bae nu beunang da ngahaja dialungkeun meneran pisan keuna ka awakna mang Ardasim. tuluy babaturan kuring teh lumpat ngajauhan, katingali mang ardasim teh motongkeun jeujeur, atuh ningali kaayaan kitu mah kuring oge jadi sieun...bretek teh kuring oge lumpat mapay galengan sawah teu tolih kana tincakeun dituturkeun ku babaturan. leungeun mah tetep pageuh nyekelan jeujeur ngan kenurna nu aya useupan diantep jadi ngowat-ngawit da dibawa lulumpatan, ngan kuring ngarandeg heula tina lumpat, da ditukangeun babaturan kuring kadenge gegerewekan bari aduh-aduhan:

"Haduww....!....aduw..alawww....aduwa..alawww....kajeuw digewugaww bataw ..kieuwww......alaww..alawww."

Barang kuring ngalieuk bari malikeun awak, na etamah hayang seuri, useup kuring teh ngait kana biwir babaturan nu tadi nuturkeun lumpat satukangeun, ningali kitu pok kuring teh ngomong:

"Hahaha....hampura euy, teu dihaja.....geus ayeuna mah urang lumpat bae heula...ke eta mah urang udar mun geus nepi ka imah...." ngomong kituna mah da mang Ardasim katingali geus deukeut ngudag.

"Hayuw...atuww....haduw....awww ." ceuk babaturan kuring ngajawab bari tetep cecengiran bari nahan kanyeri, leungeunna nyekel biwir nu kakait ku useup kuring.

Caaaag.

Subang,02052010

Nu Maling.....??????

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I.

ina hiji peuting Mang Adeng sarena kagareuwahkeun ku sora nu nyurigakeun, nu panyangka mang Adeng, geus pasti eta teh sora jalma nu rek maling, atuh korejat Mang Adeng teh hudang tina sarena… tuluy muru lomari nu aya di gigireun ranjang, geus deukeut kana eta lomari tuluy dibuka pantona sup bae Mang adang teh asup ka jero lomari bari tuluy nutupan maneh di jero eta lomari.

Kacaritakeun nu maling sanggeus ngacak-ngacak tengah imah teu manggihan nanaon..bus bae ka kamarna Manga Adeng..luak-lieuk ningali aya lomari nu ngajugrug nu nutup pageuh. Tuluy eta maling teh ngedeukeutan eta lomari, barang geus deukeut tuluy lomari teh dibuka, barang bray dibuka, gebeg teh eta maling teh ngarenjag siga nu reuwas, bari kadenge nyarita rada nyentak:

“Ku naon maneh bet nyumput di jero lomari ? hayoh geuwat kaluar siah !“Ceuk Nu Maling.

Mang Adeng, bari kaluar ti jero lomari, tuluy ngajawab: “Sabab kuring teh era ku maneh, euy...”

“Naha Bet era .. lain sieun ....siah,,ka aing ? “ Ceuk Nu Maling.

“Yeeeh..na make sieun sagala, kuring mah lain sieun nyumput di jero lomari soteh, kuring teh era pisan ku maneh, sabab di imah kuring euweuh nanaon pisan, jadi tibatan nembongan ka maneh bari euweuh bereeun jeung maneh engkena , mendingan nyumput..” ceuk Mang Adang/

Nu Maling : “Har..........???????????”

*****

Dina peuting nu sejenna, geus kajadian deui di imah Mang Adeng teh aya jalma nu rek maling, ayeuna mah kabeneran Mang Adengna keur euweuh, nya anteng atuh maling teh kukulatrak kurah-koreh, sagala diguar-guarkeun, diacak-acak, ngan katingali siga nu bingung, sabab geus lila kukulatrak acan manggih nanaon, muka lomari sarua teu manggih nanaon, terus ka tempat sejen tetep teu manggih nanaon, ngahuleng manehna teh rurat-reret ningali aya kotak tuluy kurah-koreh kana eta kotak, barang keur anteng ngorehan kotak, taktakna aya nu nepak ti tukang, sihoreng Mang Adeng geus asup aya dijero bari ngabedega tuluyi kadenge Mang Adeng nyarita:

"Keur neangan naon..maneh euy..?....kacape-cape, boro-boro maneh ayeuna kurah-koreh ti peuting kieu bari jeung poek, najan ti beurang ge kuring teu manggih naon-naon..didieu teh...",

Nu Maling:..???????????

Caag

Subang, 03052010.

Hu hihi hi puwwaakkkk...

KLu: Wangsa Susena, S.Pd.I.

"Meser naon jang..?" ceuk nu dagang, nanya ka budak nu datang,

"Euuu..heta...hibi...Heher..ngokngek .. ".....caeuk budak ngajwab

"Naon...? nu jelas atuh .ari nyarios teh jang..!"...nu dagang bari kerung nanya deui

"Huhun heher ngokngek ...." ceuk budak ngajawab

"Ngokngek teh naon..atuh ?..da teu ngical ..nu kitu ibi mah"...ceuk nu dagang

"Hih..si hibi....hatur hheher ngokngek...."ceuk budak semu nu kesel

"enya atuh sok tunjuk ..meser naon...?" ceuk nu dagang

"huhun...eta ngokngek....' ceuk budak bari nunjuk kana pilotekeun

"Oohh lotek...kituh..jang ! mun ti tatadi.....nunjukna..." Ceuk nu dagang bari tuluy ngaladangan

"Hah....huhun....heta...hbi.....hehehe.." jawab budak bari seuri...da maksudna kaharti

"Tera ...bade di kumahakeun ...?"...ceuk nu dagang nanya deui.

"Oh,,....Hu...... Hihi ..di puwwak..nu hihi di hungkus huluy hi tahiyaaan "..Ceuk budak...

"Naon ....???????????"


Caag

Subang,04052010

Dasar Budak

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I.

Aya hiji keluarga resep kana olah raga, majar teh itung-itung ngalaksanakeun program pamarentah: “Mengolahragakan masyarakat dan memasyarakatkan olahraga” kitu bahasa urang Jakarta teamah.

Anapon olahraga nu dipikaresep ku eta keluarga teh nyaeta olah raga Badminton. Ampir tiap sore mulang kantor anak jeung bapa teh tara elat olah raga badminton istilah urang tonggohmah ‘nepak’. Kabeneran
‘kok-na geus rusak atuh kapaksa kudu meuli da peresediaan geus beak. Budakna nu kara kelas opat SD dititah meuli eta ‘kok’ ka Toko. Teu talangke eta budak teh dititahnamah. Kacaritakeun indit weh eta budak teh seja meuli kok tea, barang nepi ka toko si budak teh poho naon nu rek di beuli, bari semu nu bingung rek meuli naon si budak teh hulang-huleng,ningali kitu langsung ditanya ku nu boga toko teh:

”Bade meser naon jang?”.

“Euh…euh…meser naon nya pa..? abdi oge bingung hilap bade meser naon tadi teh..”ceuk si budak bari masih hulang-huleng keneh nginget-nginget kana panitah bapana.

“Haaar…..kumaha ari si ujang budak keneh tos limpeuran, jig …! Atuh taroskeun deui ka bapa ujang, meser naon kituh ?." Ceuk nu boga toko.

“Muhun ah…! kin nya pa … abdi bade naroskeun heula ka bapa abdi”. Ceuk si budak bari rek ngaleos,
Tapi teu kebat da kadenge aya sora tarik pisan:

“Koooook” horeng nu boga toko teh ngaluarkeun gas (hitut). Ngadenge nu disada, bari malik si budak tuluy nyarita:

”Muhun pa… muhun eta… abdi teh meser eta….!”.

“Meser naon ari ujang teh…? Meser hitut bapa…?”. Ceuk nu boga toko semu bingung.

”Muhun eta tadi nu di sada… abdi teh meser eta”. Ceuk si budak.

“Enya… sebutkeun atuh meuli naon ?”. Nu boga toko rada ambek asa diheureuyan.

“Muhun abdi teh bade meser ....koooook...” ceuk si budak

“Ohhh…! Sugan teh rek meuli hitut, ehm… dasar budak” nu boga toko teu loba nyarita.

Caaag.

Subang, 05052010

"Emmmm...baaapaaaaaa....."

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I

Kacaritakeun aya budak Angon keur nungguan embe nu rek ngajuru, ngan katingalina siga nu loba ka hariwang, teu daek cicing.

"Cicing atuh maneh teh, ngan bulak-balik bae siga licinan......kaluman dewek mah nempona " Ceuk baturna

"Lah aingmah palaur euy !" Ceuk budak angon ngajawab, bari tetep ciling-cingcat teu daek cicing

Teu lila ti harita, borosot teh embe nu keur ditungguan teh ngajuru, atuh budak angon teh katingali tibuburanjat, bari langsung ngilikan anak embena. kadenge siga nu bungah, nyarita:

"Sukur siah....geuningan embe deui ngajuruna..."

"Nya embe deui atuh.!..ma'enya jadi jelema .!" Ceuk baturna

Keur guntreng ngobrol kitu duana rareuwas da embe teh ...ngudag ka budak angon tadi, bari nyoraan:

"Emmmm...baaapaaaaaa....."

Baturna: "???????????"

caaag

Subang, 07052010

IEUMAH LAIN NGAGEDEAN....

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I.

Punten ah ! rada cawokah, Saba'da isya...si aki geus nulakkan maneh, kabeh jandela geus di tutupan euweuh nu molongo...lampu di tengah imah..dipareuman..geus kitum ah tuluy ngadeukeutan si nini, bari pok nyarita semu nu ngarayu:

"Nini..ayeunamah da tinggal urang duaan ..budak jeung incu geus marulang ka imahna sewang-sewangan.."

"Emang aya naon kitu.." ceuk si nini ngajanggilek malik nanya.

"Heueuh geus heubeul urang teu papangantenan...." ceuk si aki

"Lah..geus kolot ...urang teh....". ceuk si nini

Geus kitu mah teu kadenge deui nanaon...ngan si nini ngajerit, bari kadenge nyarita:

"Aduhh...Aki..geuningan ayeunamah pakakas teh ..robah ngagedean...ngan jigana teh asa mondokan...?"

"Alahh... Nini..!..ieu mah lain ngagedean..eum..." Ceuk si aki semu reuwas

"Ari kitu ku naon Aki..?." walon si nini panasaran

"Duh.....geuningan ieu mah nilep...."

Caaag

--------------------
Subang, 11052010

Kapaksa....tapi karasa gede hikmahna

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I.

Sakira jam dalapan ba'da isya kuring narima pesen ti babaturan kuring nu boga hape, da kuring mah harita acan boga hape, teu kawerat meulina, da harita mah hape ericsson nu sagede batako tea ningan hargana teh masih keneh jutaan jeung masih jarang nu bogana oge ari lain nu jegud-jegud teuing mah. masina ayeuna ..hape teh mani pabalatak, rak nu kumaha bae oge bentukna geus aya, jaba aripis teh laleutik deuih mun seug murag atawa ti gejret teh lapur langsung ancur teu ka arah, hargana rupa-rupa ti mimiti nu saratus rebu nepi ka jutaan.

Heueuh balik deui kana eusi pesen hape, ari pesenna teh nyaeta poe isuk kuring diangkir pikeun ngisi pangajian ku Kang Asep ketua DKM di wewengkon Ciparay, dina acara nikahan nu jadi dulurna. Heueuh matak ngangkir kuringna mah baheula basa ngayakeun Bakti Sosial ti hiji Organinasisasi kamahasiswaan nu kuring aktif didinya. harita acara bakti sosial teh teu lila ukur sabulaneun, jadi asa sajorelat. tapi najan sajorelat oge karasa duduluran teh siga nu geus mangtaun-taun. Harita kuring kapapancenan bagian ngisi karohanian, tah matak ayeuna ngangkir pikeun ngisi pangajian teh alesan kang Asep mah hayang ngadengekeun deui ceramah kuring, manehna ngontak mere pesen kana hape babaturan teh pedah harita basa paturay tineung acara baksos kuring mere nomer hape babaturan ka kang Asep,tujuana mah supaya ulah pegat hubungan duduluran teh, nya minimalna silih mere kabar kana kaayaan masing-masing. Kari-kari ayeuna kuring narima pesen ti kang Asep teh bet kudu ngisi pangajian.

Bungah teu bungah narima pesen eta, bungahna heueuh asa nyambung deui duduluran teh nu geus lila pareumeun obor, lian ti eta kuring teh asa dipercaya jeung itung-itung diajar nagtung, etang-etang diajar capetang bae pikeun ngukur kamampuh dina mere pamahaman kaagamaan, teu bungahna heueuh teuing naon nu jadi alesanana bet kuring nu kudu ngisi pangajianana, padahal apan loba ajengan nu geus masyhur nu geus kasipuh ku pangaweruh, sugih ku pangarti, jembar ku pangabisa oge panalarna, apan seueur ajengan sepuh nu geus masagi ku pangarti tur geus maranti ngisi ngaji bari ngabukti dina babaktina ka Nu Maha Suci, tur geus nyata katara sebana ka bangsa, nagara katut agama.

Sedengkeun ari kuring ? apan kuring mah rumah tangga oge acan harita teh, asana teh teu pass..mun seug kuring ngisi pangajian jerona kudu mapatahan nu rek rumah tangga sedengkeun kuring karek apal kana teorina wungkul acan prak bari jeung apal kana teori teh karek sapotong acan kabehanana. jeung naon atuh kabisa kuring da ngaji oge ukur wawuh wungkul acan nepi kana ngotektak nepi kana jeroanana mah. masantren kasebutna tapi ngadon ngaliwet wungkul da ngajina mah loba mumulna batan giatna. kari-kari ayeuna diangkir ngaji duh boro-boro mapatahan batur, diri sorangan oge papataheun keneh. Nu matak ku hal ieu pisan nu kadangkala sok palalaur ka diri inggis ku bisi rempan ku kaayaan, keuna ku ayat: Kaburo Maqtan 'Indallohi Ma taquuluuna wa laa taf'aluun"...dosa gede geuningan...nya mun seug ucapan teu luyu jeung pagawean teh, lah sok muringkak bulu tuur...aeh..bulu punduk.

"Kumaha euy ..jadi kaditu teh ? " gebeg kuring teh ngagebeg ngadenge eta sora, barang dilieuk horeng nu ditungguan si Ajat teh geus datang. ngahaja manehna diogan ku kuring ngarah ngabaturan. teu puguh ari indit sosoranganan teh euweuh batur ngobrol.

"Lain uluk salam mah...kabiasaan pisan maneh mah,... nya jadi atuh..eum ! "..walon kuring.

"Heueuh hayu atuh..ah...bisi telat datang kadituna, ..ajengan mah kudu tepat waktu atuh..!...ulah bisa nitah wungkul ka batur tepat waktu, sorangana kalah ka telat bae..."...ceuk si ajat.

"Ajengan..ajengan ,,,ajlengan meureun.? tong nyebut ajengan ah !..can kaawakan ku dewek mah euy !..Heueh hayu atuh !,, apan titatadi oge dewek mah geus siap deuleu, ngan nungguan maneh lila bae.." Tembal kuring, tuluy nguniang nangtung bari ngajewang tas nu eusina kostum khusus pangajian bari, ngahaja teu dipake heula, sok rada era mun dipake teh, pamikir teh ke bae lah dipakena mun geus di tempat.

Kacaritakeun bring kuring teh duaan indit nuju ka sisi jalan raya megat angkot, heueuh make angkot da acan boga kendaraan pribadi, teu kacatur dijalanna kuring teh geus nepi ka tempat nu dituju, ngan henteu langsung ka tempat nu boga hajat, harita kuring ampir heula ka kang Asep nu jadi wawakil nu boga hajat pikeun ngangkir kuring ngaji. datang teh jam opat sore, pamikir teh meujeuhna yeuh dipake istirahat mah jeung keur nyiapkeun bahan.

"Di leresan palih mana kang...nu gaduh hajat teh...?" ceuk kuring ngamimitian muka obrolan, sanggeus titatadi ngobrol ngaler ngidul jeung kang Asep sarengsena sholat Ashar.

"Oh...! teu tebih da ti dieu mah...eta palih lebak..a'.."..walon kang Asep bari nuduhkeun ku indung leungeunna..bari nga Aa' keun ka kuring teh, ..lah meni asa jadi Aa gym...nya ? disebut aa....

"Oh sae atuh..pami caket mah !...kumaha urang ka dituna ?..naha dipapag atanapi kumaha...?" tanya kuring deui.

"Saurna mah dipapag...kin lah urang antosan...sok ayeuna mah saena leleson bae heula...da lami keneh waktosna oge...saurna mah ngawitan acara teh tabuh salapan wengi ..." tembal kang Asep

"Oh kitu...! nya sae atuh...ayeuna nembe tabuh limaan ..lami keneh pisan atuh ka tabuh salapan wengi mah ....sabarah lami perjalanan ka tempat ..teh kang ?"....ceuk kuring bari ditungtungan ku nanya deui.

"Ah ..moal dugi ka tilu jam ..."walon kang asep pondok

"Oh....! " ceuk kuring pondok, bari hate mah noroweco: "Alah sugan teh..geus deukeut ti dieu, ari dua jam mah lain lalampahan deukeut atuh..."

"Alah euy jauh atuh ...ari lalampahan Dua jam mah...." Ceuk si ajat mairan.

"Keun bae atuh ..tibang lalampahan dua jam mah cetek.. Kanjeng Nabi mah apan Hijrah ti Makkah ka Madinah...nu sakitu jauhna " ceuk kuring siga nu heueuh....

****
Jarum jam geus nuduhkeun kana angka tujuh pas. Rengse sholat isya kuring geus saged make kostum pangajian nu tadi dibabawa dina jero tas tea, tuluy diuk ditepas imahna Kang Asep dibarengan jeung si Ajat oge Kang Asep bari ngobrol ngaler ngidul ngadagoan nu mapag datang. Geus rada lila, kuring ningalian jam deui nu meulit dina leungeun kenca kuring, gebeg teh geuningan geus jam dalapan tapi nu ditungguan euweuh bae datang.

"Kumaha atuh kang ? geuningan teu aya bae nu mapag teh ?" ceuk kuring nanya ka kang Asep.

"Muhun ..nya...? naha bet telat kieu nu mapag teh...? " walon kang Asep bari tuluy lumpat ka buruan tuluy lenga-lengo ka jalan lembur, kojengkang deui manehna teh balik deui nyampeurkeun deui ka tepas imah.

"Nya ..upami teu aya bae nu mapag mah ...kumaha upami urang ngeureuyeuh angkat bae atuh..! manawi kin tepang di jalan sareng nu mapag...mending bae urang teh tos caket ka tempat....da ieu waktos tos wengi teuing...." ceuk kuring bari ngajak ngeureyeuh mangkat ka tempat.

"Nya sae kitu,..pami aa teu kaabotan mah....mangga atuh urang ngeureuyeuh angkat !" tembal kang asep nyatujuan.

Geus aya kasapukan kitu mah , bral kuring tiluan teh indit laleumpang mapay-mapay jalan lembur nu nanjak mudun da diwewengkon gunung. Geus ngaliwatan tilu lembur, beak opat tanjakan jeung lima pengkolan can tepung keneh bae jeung nu mapag teh, "Boa-boa henteu jadi, nu mapag teh ari kaya kieu mah,...lah ..jeung ieu lalampahan teh cenah deukeut,..naha geus lima pengkolan can nepi keneh bae...". gerentes kuring dina hate.

"Tuh geuningan tos caket....ti dieu oge tos katingali lemburna ...." celengkeng kang Asep, ngabuyarkeun kaayaan nu ti mimiti leumpang euweuh nu ngomong,

"Oh kitu kang !...sae atuh !" walon kuring pondok bari rada ngahegak ngatur nafas.

"Duh teu mekel cai euy...! hanaang urang mah hayang nginum..pisan "celengkeng si ajat tukangeun kuring bari sarua nafasna rada ngahegak.

"Lah tahan bae atuh sakeudeung mah ...da saur kang asep oge tos caket saurna, pira ge hanaang sakieu mah teu pira, ..mun dibandingkeun jeung lalampahan Rasulullah jeung para shahabat nalika ngalakukeun lalampahan hijrah ditengah sagara keusik pikeun bajoang nyiarkeun agama islam..." Tembal kuring....bari sabenerna mah sarua...hanaang.

*****
"Muhun nya...hilap nembe teh teu nyandak cai..." walon kang Asep "Jeung ieu nu mapag teh kumaha deuih ? teu aya embol-embolna.." tambah kang Asep semu keeuheul ka nu mapag.

"Lah wios kang ...!...tong digugu teuing si ajat mah" ..tembal kuring,

Geus kitu mah kuring tiluan nuluykeun lalampahan, kacaturkeun geus rada deukeut ka tempat nu dituju teh, ngan ngadadak ieu beuteung teu bisa diajak kompromi, pupusieulan bangun rek datang tatamu agung, lah-lahan najan era oge kuring teh wakca ka kang Asep, bari tuluy kuring nyarita:

"Kang..tiasa teu liren heula sakedap mah ?"

"Aya naon deui atuh ..geura lah kuring geus hanaang pisan yeuh hayang nginum" si Ajat nyelengkeung

"Oh mangga ! memangna ..aya naon a'...?" tembal kang Asep bari malik nanya ka kuring.

"Euuu...eta kang..?..aya jamban nu caket teu..ti dieu? duh ieu patuangan teh bet pupusielan kieu....." walon kuring bari rada nyekelan beuteung, da puguh memang karasa mules geus sabrol-brolleun bijil..."Lah tadi meureun gara-gara sambel goang..yeuh maoal salah deui tadi beurang dahar di kang Asep.." ceuk hate bari nganaha-naha ka diri sorangan, pedah tadi beurang barang datang ka imah kang Asep langsung disuguhan dahar, kabeneran dahar teh jeung sangu beureum tambah sambel goang lalabna, daun jambu mede, daun gedang jeung surawung saleger keneh da ngadadak ngundeur ti kebon pipireun imahna kang Asep, etah meni ku nikmat ditambah deui lalawuhna nu teu pira ukur lauk asin...tapi nikmatna lain bohong, ngan eta nyocol sambel goangna teu kira adeuh, jadi weh akibatna kana beuteung musiel mules.

"Oh...! raraosan palih dinya tah di sisi walungan aya jamban.." ceuk kang Asep

"Oh sae atuh..kang kin antosan heula tauh ah sakedap...abdi bade ka jamban heula, nya ieu patuangan tos teu kiat.." walon kuring bari terus ngagidig indit nuju ka jamban nu dituduhkeun ku kang Asep. barang nepi ka sisi walungan, naha bet euweuh jamban teh, tuluy kuring mapay-mapay ka sisi walungan tetep teu manggihan jamban teh. Geus teu manggih jamban kitu mah kuring balik nyampeurkeun deui ka nu duaan, bari terus nyarita:

"Kang ! kumaha ieu teh geuningan teu kapendak jamban teh ?..." Ceuk kuring bari tetep nyekelan beuteung nu mingkin mules bae, ret kan jam gebeg .."alah geuningan geus jam sapuluh peuting ieu teh..moal peuting kitu,,? alah paduli teuing ah...nu penting mah ieu tatamu agung kudu dikaluarkeun heula..sangkan longsing....telat sautik mah ..bongan.. da jangji rek mapag bet henteu ..keun bae ah sina narungguan...". Ceuk kuring dina hate.

"Naha nya ..? da raraosan mah palih dinya teh aya jamban...duka tah pami tos diruag mah kituh ?..Tembal kang Asep. "Nya atos atuh cobi urang ka palih ditu..sugan aya pancuran geurah palih dinya mah..." tambah kang Asep bari terus manehna teh ngajak ka kuring ka lebah nu dituduhkeun ku manehna tuluy dituturkeun ku kuring.

Barang geus nepi, bener bae aya jamban teh, ngan lain pancuran tapi sumur timba, jarak tilu meter ti jamban teh katingali aya cubluk, geus kitu mah kuring teu nunggu dituduhkeun,langsung bae ngadeukeutan kana cubluk, langsung bae nagog ngaluarkeun tatamu agung. rengse ngaluarkeun tatamu agung, niat rek beberesih, karek kaingetan kuduna mah tadi memehna ngajingjing cai kana ember, ari ieu henteu, "Duh ! kumaha atuh nya...paingan rada anggang ka jamban teh " Ceuk kuring gegerendengan, bari tuluy ngagorowok ngageroan si Ajat:

"Jat ...! cing kadieu eum..! bari eta pang ngajingjikeun cai kana ember..tadi poho eum teu mawa...da teu katahan..hampura eum wayahna..geurakeun eum ! dewek rek beberesih "

"Yeeeh...naha atuh lain tadi..memeh ka cubluk ..ngajingjing cai...teh " ceuk si ajat bari kituna teh katingali manehna teh tuluy ngadeukeutan ka jamban, ngan kadenge nyarita:

"Lah geuningan euweuh emberna oge..euy ...jeung sumurna oge euweuh pangerekna deuih...kumaha atuh..?"

"Piraku atuh eum...? meureun kumaha dewek beberesihna ?..."tembal kuring rada tarik.

"Lah ..ku batu, atawa kararas bae atuh euweuh cai mah...atawa ku tungtung sarung ...heheh.."walon si ajat sangeunahna bari seuri ngaheheh..

"Yeeehhh..piraku atuh...kudu make nu kitu ?.da lain usum halodo ayeuna mah..." tembal kuring rada keuheul.

"Kin antosan atuh nya sakedap ..! urang... ka warga sugan aya.. urang nambut ember." celengkeung kang Asep bari katingali ngoloyong, teu lila geus datang deui bari ngajingjing meber siga nu geus aya caian..tapi lain di jamban eta. tuluy diasongkeun ka kuring. geus kitu mah tuluy kuring beberesih.

"Tah geuningan longsong ayeuna mah...." ceuk kuring, tuluy ngarapikeun deui pakean, geus kitumah bari ngajingjing ember ngojengkang ngajauhan cubluk.

****
"Tah geuningan longsong ayeuna mah...." ceuk kuring, tuluy ngarapikeun deui pakean, geus kitu mah bari ngajingjing ember ngojengkang ngajauhan cubluk ngadeukeutan ka nu duaan nyaeta si Ajat jeung kang Asep nu nungguan salila kuring aya di pacilingan. Nu satuluyna kuring neruskeun lalampahan nuju ka tempat nu dituju nyaeta nu boga hajat tea pikeun ngisi pangajian.

Kacatur kuring tiluan geus anjog ka tempat nu dituju, para panitia mapag kuring tiluan bari langsung ditungtun pikeun nempatan korsi nu geus disayagikeun ku maranehna. Rengse merenahkeun kuring katingali salah saurang panitia aya nu naek ka luhur panggung tuluy manehna uluk salam ditruskeun ku beantara :

“Hadirin saderek sadayana, alhamdulilah nu dianti-anti parantos dugi, mangga urang kupingkeun kalayan saestu kana naon-naon nu bade didugikeun ku kersana bapa ustadz ngeunaan piwejangna ka urang sadayana. Atuh supados teu nyangkolong teuing kana waktos sareng kumargi waktos tos wengi teuing, moal seueur acara nu bade dipidangkeun, urang langsung bae kana acara inti, nyaeta taushiyah…ka kersana bapa ustadz mangga dihaturanan…” geus kitu mah manehna tuluy turun tina panggung.

Dikitukeun ku panita tadi tuluy kuring teh niat mah rek cengkat, ngan asa jadi araneh kieu, sabab nu di mangga-mangga teh lain kuring tapi si Ajat, jeung hal ieu teh memang geus karasa ti mimiti datang. Demi si Ajat dikitukeun teh atuh rungah-ringeuh, tuluy noel ka kuring, bari nyarita ditompokeun kana ceuli kuring:

“Naha bet jadi dewek nu di titah naek ka panggung ieu teh..?”

“Duka teuing atuh ah..!..nya enggeus atuh… geuwat kaditu naek ka panggung...”walon kuring gegerendengan.

“Yeeh....kapan kuduna oge...ente...naha ieu teh bet kieu ?...” Tembal si Ajat bari tetep ngomongna teh ditompokeun kana ceuli kuring.

Keur tinggerendeng kitu, kuring karak engeuh kana kaayaan, ku naon sabab si ajat ti mimiti datang nu dihiap-hiap bari pada ngahormat, lain kuring. Horeng nu jadi margalantaran mah kopeah jeung sorban kuring teh dipake ku si Ajat. Meureun tadi basa kuring neangan jamban, eta kopeah jeung sorban apan dititipkeun ka si Ajat, ku manehna kalah dipapake, kuring sorangan oge karek sadar deuih, geuningan sirah teh teu dikopeah, da tadi meureun sarengsena ti pacilingan teu inget kana kopeah jeung sorban, da dipake ku si Ajat.

“Punten ka sadayana.!... sanes aa ieu nu bade ngisi pangaosan mah, tapi aa nu ieu ...!” celengkeng kang Asep bari nunjuk ka kuring

“Oohhhh..manawi teh..! aduh hapunten atuh…..!. nya mangga atuh dihaturanan.!..bade saha bae oge nu kapayun teu langkung…eta mah…!.” ceuk salah saurang panitia bari menta dihampura.

Tuluy si Ajat nyerenkeun Kopeah jeung sorban kuring nu keur dipake ku manehna ka kuring, ku kuring ditarima bari langsung dipake, geus kitu mah kuring naek ka panggung seja ngisi pangajian dina peuting eta, bari di hate mah asa hayang seuri kana kaayaan nu tadi kaalaman. Pangalaman nu asa kapaksa tapi karasa gede hikmahna.

Subang, 07052010.

janten ayeunamah benten deui

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I

"Akang sumpah....detik ieu, menit ieu, jam ieu, poe ieu, akang moal ngaraheutkeun manah nyai deui....." ceuk hiji lalaki ka bebene-na, nu manggihan manehna keur bobogohan deui jeung wanoja sejen,

Isukna manehna katohyan deui..keur ngaleng wanoja nu sejen. atuh...bebenena teh..langsung nembung ka eta lalaki bari nyarita:

"Akang...!..kumaha kana sumpah teh bet sulaya, kamari teh akang nyarios moal ngaraheutkeun manah nyai deui....naha ayeuna..bet kitu deui bae...tega pisan ..akang ka nyai" kituna teh bari nyegruk ceurik.

"Memangna akang sumpah naon kitu kamari teh ?" ceuk eta lalaki malik nanya

"Kamari teh akang sasauran... yen Akang sumpah....detik ieu, menit ieu, jam ieu, poe ieu, akang moal ngaraheutkeun manah nyai deui.." ceuk bebenena ngajawab.

"Apan eta mah detik kamari, menit kamari, jam kamari, poe oge apan poe kamari....janten ayeunamah benten deui...."...ceuk lalaki ngajawab sangeunahna.

"....???????...."

caag

Subang, 08052010

Nasehat Imam Hasan Al-Bishry

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I.

Kacatur Imam Hasan Al-Bishry ulama sufi nu kamasyhur, dina hiji mangsa anjeuna ningali rombongan jalma nu keur ngagotong layon ku pasaran nuju ka pakuburan. Ningali kana éta rombongan Hasan Al-Bashri langsung ngagabung milu nganteurkeun éta layon nepi ka pakuburan. Aya hiji hal nu terus jadi panalingaan Hasan Al-Bashri, nyaéta kalakuan hiji budak awéwé nu ceurik ngadingdiut sapaparat jalan, bari teu eureun tina lisana éta budak téh siga nu nganaha-naha kana kaayaan:

“Duh ..bapa ..!..naha bapa bet ngantunkeun ?….ieu abdi nyalira teu aya nu ngaréncangan naha bet nyusul ibu atuh bapa téh ?....abdi sareng saha pami tos kieu..?” Horéng éta budak téh anakna si layon nu keur digarotong,

Ningali kaayaan budak samodél kitu téh manahna Hasan Al-Bishry ngiring sedih, katingali panonna ngembeng ku cipanon nu teu kebat mudal. Takdir teu bisa dipungkir kadar teu benang disinglar, kulak canggeum bagja awak éta budak kudu jadi budak yatim pihatu teu bapa teu indung, nu sakuduna saumuran manéhna téh masih aya nu ngurus, nu ngatik nu ngaping, kari-kari ayeuna ditinggalkeun maot ku indung bapana…”duh deudeuh teuing ..”.

Isukna Imam Hasan Al-Bishry téh ningali deui budak awéwé nu kamari, nu harita bangun lulumpatan siga nuju ka pakuburan ka tempat bapana di pendem. Atuh Imam Hasan Al-Bishry téh janten panasaran, antukna anjeunna téh nuturkeun ti satukangeun éta budak. Bener baé katingali éta budak téh nuju ka pakuburan. barang geus nepi ka hareupeun kuburan bapana, kedepruk éta budak katingali ngedepruk bari sideku nu saterusna ngagabrug éta kuburan nepi ka pipina antel jeung taneuh éta kuburan, bari tetep nyegruk ceurik kanyenyerian. kadéngé éta budak téh sasambat:

“Duh Bapa …! …wengi tadi ..panginten bapa téh nyalira di ieu tempat nu poék mongkléng taya lampu nu nyaangan, ogé nyalira teu aya nu ngaréncangan.!..nganggé ampar naon bapa kulem tadi wengi ….sareng saha nu meuseulan sampéan bapa wengi tadi…. sateuacan bapa kulem. …Duh bapa ! ….”

Nyaksian éta kajadian Hasan Al-Bishry tuluy nyakétan ka éta budak, barang tos caket teras éta budak téh di cengkatkeun, kakuping anjeunna nyarios:

“Duh anaking !.jep tong nangis baé..! hidep masing sabar ..geulis ! masing tawekal ..! ieu téh tos janten takdir ti Gusti Nu Maha Suci nu kedah ditampi ku hidep !, sareng hidep teu kenging sasauran samodél kitu ..geulis..anaking !..” Saur Hasan Al-Bishry bari ngupahan éta budak sangkan répéh tina ceurikna. Bari katingali anjeunna ngiring nyurucudkeun cisocana nu katingali ngalémbéréh maseuhan kadua damisna.

Kakuping deui Hasan Al-Bashry naraskeun cariosanana: “Hidep teu kenging sasauran samodél kitu tadi…saéna kedah kieu…hidep nyarios téh !…sok kupingkeun bapa..!

“Duh bapa ! kamari bapa téh tos dibungkus ku abdi ku boeéh nu saé, saur katerangan yén saban-saban nu maot, nalika tos dilebetkeun kana kubur, bakal digentos boéhna nu mungkus badan téh ku dua boéh nu sumberna béda, nya éta boéh anu sumberna ti sawarga sareng boéh nu sumberna ti naraka…ayeuna boéh mana nu dianggé ku bapa ?”

“Duh Bapa ..! kamari bapa masih seger ..naha ayeuna masih kitu kénéh kaayaan bapa téh.. ? …teras saur katerangan deui, yén saban-saban nu maot nalika tos di lebetkeun kana liang kubur, bakal aya patakonana kubur nu dilakukeun ku dua malaikat Allah Munkar sareng Nakir, dua kamungkinan nu bakal lumangsung, aya diantarana nu tiasa ngawaler, aya ogé diantarana ngabigeu teu tiasa ngawaler, ..kalebet kamungkinana nu mana bapa ayeuna ?”

“Duh…bapa !...saur katerangan nyarios yén kuburan nu tos dilebétan ku jalmi nu maot téh, bakal lumangsung dua kajadian, kahiji tiasa janten éta kuburan téh ngalegaan lir ibarat istana, tiasa janten ogé ngaheureutan nu satuluyna ngagencet éta jalma nu maot.. Tah ayeuna…kumaha kaayaan kuburan bapa ?”

“Duh Bapa ! saur katerangan ogé nyarioskeun yén kuburan nu tos dilebétan ku saban jalma nu maot téh bakal bisa robah jadi dua kamungkinan tempat, nu kahiji bisa jadi éta kuburan téh janten hiji taman nu éndah nu dicandak tina sapalih pataman nu aya di sawarga. Tiasa ogé janten hiji liang nu heureut nu matak nyangsarakeun nu éta liang téh dicandak tina sapalih palianganana naraka. Tah ayeuna ..janten sapertos kumaha kaayaan kuburan Bapa ?...”

Duh bapa ! saur katerangan deui nyarios…dua hal nu bakal dirasakeun ku saban jalmi nu tos aya di lebet kubur, kahiji aya nu boga rasa kaduhung ku akibat sakedik midamel amal kasaeanana nalika di alam dunya, nu kadua aya nu boga rasa kaduhung ku akibat lampah dorakana nalika di alam dunya. Tah ayeuna kalebet kagolongan nu mana bapa téh ?”

“Duh Bapa ! kapungkur bapa masih tiasa nyauran abdi bari teras ku abdi diwaler, tapi ayeuna najan satarik-tarikna bapa nyauran ka abdi, hamo tiasa bapa nguping kana waleran abdi, sabab ayeuna bapa tos papisah sareng abdi nu hamo tiasa tepung deui dugi ka dintenan nu tos ditangtokeun ku Nu Maha Agung, Mugia Allah teu ngahalangan tepungna bapa sareng Abdi jaga …”

Kitu naséhat Imam Hasan Al-Bishry ka éta Budak. Nu satuluyna anjeunna ngajak éta budak pikeun mulang.

Caag.

Subang, 08052010.

CUCUNGIK SIA...!

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I.

Aya guru keur ngajar, katingali dina irungna aya reungit nu nyoco nepi ka buncir, keur anteng nerangkeun, teu kebat da aya hiji murid nu ngacung bari ngajukeun pertanyaan:

"Punten pa bade tumaros..." Ceuk eta Murid

"Sok rek nanya naon ...?" Jawab Guru

"Punten dupi ...lemesna Irung teh Naon...." ceuk murid

Tayohnamah eta murid teh rek ngabejaan ka guruna yen aya reungit nu nyoco dina irung, ngan teu apal basa lemesna irung. Ditanya kitu guru kalah rada ambek tuluy nyarita:

"Naa....ari maneh.......diajar basa sunda ti kelas hiji nepi ka ayeuna kelas genep teu bisa lemesna irung-irung acan......Cucungik sia ...."

"Oh..eta pa..!..muhun...abdi teh seja ngawartosan eta dina ..Cucungik Sia...aya reungit nyoco ...." ceuk murid ..

Guru : "....?????????"

Subang, 09052010

Sawarga 2

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I.

Rasulullah S.A.W. ngadawuh: "kabeh umat kami bakal asup ka sawarga, kajaba nu embung. Sing saha jalmana nu ta'at ka kami, maka manehna bakal asup ka eta sawarga, jeung sing saha jalmana nu nukang nonggong ka kami, maka eta kaasup jalma nu embung (asup ka sawarga)" .(H.R. Imam Bukhari).

Sawarga teh hiji tempat nu tos dicawiskeun ku Allah S.W.T pikeun manusa-manusa nu salami ta'at, nurut tumut kana sagala parentah Manten-Na oge Rasul-rasul-Na. sawarga teh ayana jaga di alam akherat di alam langgeng abadi nu teu aya tungtungna. nu kaayaanana geus digambarkeun ku Ayat-Ayat Allah dina Al-Qur'an oge ku Hadits-Hadits Rosulullah S.A.W. yen sawarga teh hiji tempat nu pinuh ku kani'matan, nu kanikmatanana teh tujuh tikel ti kanikmatan dunya.

Sawarga teh legana, salega langit jeung bumi (il. Q.S. Al-Hadid:21), dijerona loba tatangkalan jeung bungbuahan (il. Q.S.Ar-Rahman: 54,68 jeung Q.S. Al-Waqiah : 28,29,32 -33). salian ti eta oge dihandapna aya walungan nu caina cur-cor ditambah gedong-gedong nu sigrong lir karaton (il. Q.S. Al-Furqon:10). oge dijerona sadia singgasana-singgasana tina emas jeung permata nu bakal diiderkeun pikeun manusa nu bakal jadi pangeusina ..gelas inuman tina cinyusu nu bodas nu pikangeunaheun pikeun nu ngarinumna, nu teu matak lieur oge mabok, salian ti eta oge bakal disampakkeun widadari nu gareulis nu bakal satia satuhu marengan nu arendah panonna. (il. Q.S. Ash-shooffat: 44-48, Q.S. Al-Waqi'ah: 15 jeung Q.S. Ar-Rahman;72 oge Q.S. Ad-dukhan :54). masih seueur ayat-ayat Al-Qur'an nu ngaguar gambaran kaayaan sawarga.

Lain wungkul gambaran kaayaan sawarga , malahan aran-aran sawarga oge disebutkeun, kaasup tingkatan/darajat eta sawarga tur saha bae nu bakal jadi calon pangeusi pikeun nempatanana. tah sapalih katerangan nyebatkeun:

Nu Kahiji, nyaeta Sawarga Firdaus (Jannatul Firdaus). sawarga ieu teh didamel ku Allah tina emas beureum. calon pangeusina nyaeta pikeun jalma-jalma nu khusu' dina shalatna oge ngajaga ngariksa kana waktu-waktu sholat, ngajauhkeun diri tina laku lampah gaflah, nohonan kana kawajiban zakat, ngaraksa kana kahurmatan diri, miara bari ngajaga amanah, tara jalir kana jangji. (il. Q.S. Al-Mukminun: 1-11).

Nu kadua, nyaeta Sawarga Adn (Jannatul 'Adn), sawarga ieu teh didamel ku Allah tina inten bodas, calon pangeusina nyaeta pikeun jalma-jalma nu taqwa ka Allah (il. Q.S. an-Nahl: 30-31). oge jalma-jalma nu ariman jeung nu salawasna ngalkonan amal sholeh (il. Q.S. Thaha: 75-76). kaasup oge jalma nu ngalakukeun kahadean (il. Q.S. Fathir: 32-33). oge jalma nu sabar, nu nganafakahkeun hartana di jalan Allah oge jalma nu ngawales kajahatan ti nu lian ku kahadean (il. Q.S. Ar-Ro'du: 22-23).

Nu Katilu, Nyaeta Sawarga Na'im (Jannatun-Na'iim) sawarga ieu didamel ku Allah tina perak bodas, calon pangeusina nyaeta pikeun jalma-jalma nu bener-bener taqwa ka Allah tur milampah amal sholeh (il. Q.S. Al-Qolam:34, Q.S. Luqman: 8, Q.S. Yunus: 9 jeung Al-Haj : 56)

Nu Kaopat, nyaeta sawarga Ma'wa (jannatul Ma'wa) sawarga ieu didamel ku Allah tina jamrud hejo, calon pangeusina nyaeta pikeun jalma-jalma nu taqwa ka Allah (il. Q.S. AN-Najm: 15) milampah amal sholeh (il. Q.S. As-Sajdah: 19) oge nu sieun ka Allah tur ngajaga hawa nafsuna (il. Q.S. An-Nazi'at: 27)

Nu Kalima, nyaeta sawarga Daarussalam (Jannatud-Daarus-Salaam) sawarga ieu didamel tina Yaqut beureum, calon pangeusina nyaeta pikeun jalma-jalma nu kuat iman sareng islamna, kacida merhatoskeun kana Ayat-ayat Allah sarta salawasna milampah amal sholeh (il. Q.S. Al-An'am: 27

Nu Kagenep nyaeta sawarga Darul Muqomah (jannatud-Daarul Muqoomah) sawarga ieu didamel ku Allah tina batu Permata bodas, calon pangeusina nyaeta pikeun jalma-jalma nu kuat kana nyepeng kaislamanana. loba ngalakukeun kahadean ka sasama, jeung jarang ngalakukeun kasalahan oge kajahatan

Nu katujuh nyaeta sawarga Al-Maqamul Amin (Jannatul Maqoomul Amin) sawarga ieu didamel ku Allah tina batu permata bodas, calon pangeusina nyaeta pikeun jalma-jalma nu taqwa (il. Q.S. Ad-Dukhan: 51).

Nu kadalapan nyaeta sawarga khuldi (jannatul Khuldi) sawarga ieu didamel ku Allah tina Marjan beureum jeung koneng, calon pangeusina nyaeta pikeun jalma-jalma nu salawasna ngalaksanakeun parentah Allah oge nebihan sagala larangan Manten-Na (il. Q.S. Al-Furqan: 15).

Eta sapalih katerangan nu ngauningakeun gambaran kaayaan sawarga, tingkatan/darajatna oge saha nu bakal jadi pangeusina.

Mugia urang sadaya kalebet golongan nu janten ahli sawarga. amin .

Walohu A'lam Bish-showaab

Subang, 10052010.

Beu '....!

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I

Harita kuring tiluan teh niat mah seja nyaba ka ibukota nagara nyeta kota Jakarta, kabeneran keur poe pere tina kuliahan. Ti mimiti naek mobil nepi ka harita pas nepi ka padalarang, teuing bau nanaon ngan bauna teh siga endog buruk, peledek-deui peledek deui siga nu terus mimilu.

"Ngobrol atuh euy...kos nu teu wawuh bae..." ceuk si Ajat ngamimitian muka obrolan ..nu memang ti mimiti naek eta mobil beus nepi ka pasar padalarang harita, gawe teh pabetem-betem.

"Lah boro-boro hayang ngobrol ..ieu ngararasakeun sirah lieur oge meni ka teu paruguh kieu..ieu teh" walon si Tata

"Heueuh ..paingan lalampahan teh jauh keneh .." ceuk kuring mairan.

"karek nepi ka mana ieu teh ?.." tanya si ajat

"Karek oge nepi ka padalarang ." tembal kuring "lain euy ! ari arilaing ...ngarambeu ..heunteu euy " tambah kuring

"Heueuh ..sugan teh kuring wungkul nu ngambeu teh ...bau naon atuh nya ti mimiti naek eta bau teh ..ngan mimilu bae.." tembal si Tata "jadi tambah lieur kana sirah ..." tambah si tata

"Lah bau naon ..? urang mah teu ngambeu titatadi oge..."ceuk si Ajat

"Heueuh da irung maneh mah mangpet AJat....sakieu bauna oge...." Ceuk kuring

"Heueuh si eta mah irungna madet ku korong meureun .." si Tata mairan

Geus kitu mah jep deui jarempe. teu lila katingali si Ajat ngorejat kadennge nyarita:

"Aya plastik keresek teu ..euy ?"

"Rek ngawadahan naon ..maneh ajat ?" tembal si tata

"Heueuh ...rak pake naon atuh ..euy ?" kuring mairan

"Lah..pokona geuwat ..aya teu eta keresek..dewek geus teu katahan yeuh...!" ceuk si Ajat...bari katempo leungeun katuhuna nyekelan angen tuluy pindah mencettan sirah, kesang renung dina tarangna, ditambh kadenge teurab bae...tayohna mah hayang utah da mabok numpak mobil meureun.

"tahan atuh jat..! era ..siah ..ma enya rek utah mah.." ceuk kuring

"heueuh ...na make mabok atuh..!..jeung ieu bau endog buruk ,,geus kaambeu deui bae...boa-boa titadi oge maneh Ajat nu ngawejus .teh...?" ceuk si tata

"Minggeus tong gandeng ..geura menta keresek ...teu tahan pisan yeuh..." tembal si ajat, bari tetep nyekelan angen siga nu teu tahan nahan ka seueul, katingali manehna nangtung tuluy diuk deui kana jok mobil...siga nu teu puh cicing

"heueuh kamana neanganana atuh..?" ceuk kuring

"Heueuh ..jeung piraku atuh ..mahasiswa mabok..?" walon si tata

"Yeehhh...henteu budak TK ..henteu mahasiswa ..siah..ari mabok numpak mobil mah....enggeus lah..geuwat pangneangankeun keresek....atuh ...euy !"...ceuk si Ajat semu keuheul.

Keur kaayaan riweuh kitu, da eta mah si ajat langsung ngalaan kancing bajuna nepi ka buka satengah dada, tuluy leungeunna metot kaos jerona, lep teh manehna ngalalelepkeun sirahna kana eta jero kaos, ngan borolo-borolo teh ..si AJat utah dina jero kaos.

"Beu' .... dasar..si ajat....eta kalakuan...nepi ka kitu.."

Subang, 13052010

Sawarga

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I.

Sarengsena Allah nyiptakeun sawarga ‘Adn (Jannatul ‘Adn), lajeng Allah miwarang Malaikat Jibril A.S. sangkan nitenan bari ngaroris eta sawarga nu parantos didamel ku Allah nu khusus dicawiskeun pikeun hamba-hamba-Na nu jadi kakasih Manten-Na.

Nampi Parentah ti Allah kitu, lajeng anjeunna nitenan sabudeureun eusi sawarga ‘Adn, nuju anteng Malaikat Jibril A.S. ningalian kaayaan sawarga ‘Adn, ujug-ujug datang salah saurang bidadari nepungan anjeunna nu kaluar ti salah hiji rohangan eta sawarga ‘Adn, nu eta bidadari teh maledoggeun imutna, ngan katingali Jibril A.S. jol kedepruk teh anjeunna sujud, panyangki anjeunna mah cahaya nu datang tina gurilapna cahaya waosna eta bidadari teh cahaya Allah Robbul ‘Izzati. Atuh ningali Malaikat Jibril sapertos kitu, eta bidadari teh sasauran:

“Cengkat anjeun tina sujud, yeuh kapercayaan Allah !”

Lajeng Malaikat Jibril nyengkatkeun mastakana tina sujudna, nu saterasna anjeunna nyarios ka eta bidadari:

“Maha Agung Allah nu parantos nyiptakeun anjeun !”

“Naha anjeun apal ..yeuh Jibril ..! keur saha kami diciptakeun ?” Tanya Bidadari ka malaikat Jibril A.S.

“Keur saha atuh…anjeun diciptakeun ?” malaikat Jibril A.S. malik naros

“Kami diciptakeun khusus pikeun jalma-jalma nu ngutamakeun ridho Allah batan nurut kana hawa nafsu maranehna”. (Mukasyafatul Kulub)

******
Dicarioskeun yen Ibnu Abbas R.A. sasauran:

“Aya dalapan Panto sawarga nu didamel ku Allah S.W.T. sadayana tina emas nu ditarertes ku inten mutiara.

Panto kahiji, khusus kangge para Nabi, para Rasul, para Syuhada, sareng khusus pikeun jalma nu rajin kana shodaqoh (dermawan).

Panto kadua, khusus pikeun jalmi-jalmi nu ngalakonan shalat kalayan sampurna rukun jeung syaratna kalebet sampurna wudhu’na, tur khusyu’ dina shalatna.

Panto katilu, dikhususkeun pikeun jalma-jalma nu ngaluarkeun zakat tina harta nu dipibandana.

Panto kaopat, khusus pikeun pikeun maranehna nu salawasna ngalaksanakeun amar ma’ruf nahyi munkar.

Panto kalima, dikhususkeun pikeun jalma-jalma nu salawasna nahan kana hawa nafsuna tegesna teu ngagugu teuing kana hawa nafsu nu matak nyilakakeun ka diri.

Panto kagenep, dikhususkeun pikeun maranehna nu ngalaksanankeun haji jeung umroh nu mabrur.

Panto katujuh, dikhususkeun pikeun para mujahidin fi sabilillah,

Sedengkeun Panto nu kadalapan, dikhususkeun pikeun maranehna nu salawasna ngalakonan amal kahadean, saperti ngieun laku hade ka ibu rama, silaturahmi jeung rea-rea deui ti eta.

Kacutat dina kitab Daqa’iqul Akhbar, Ka’ab ngariwayatkeun yen anjeunna kantos naros ka Rasulullah S.A.W. ngeunaan tatangkalan nu aya di sawarga, maka Rasulullah S.A.W. ngadawuh:

"Dahan tatangkalan di sawarga mah tara keuna ku garing, Dangdaunana tara keuna ku ngarangrangan, bungbuahanana tara keuna ku petot atawa pareot (komo marurag mah).

Aya hiji tangkal nu pangbadagna, nu ngaran eta tangkal teh ‘Thuuba’, akarna didamel ku Allah tina mutiara, tangkalna didamel ku Allah tina yaqut beureum, bagian luhurna didamel ku Allah tina emas, dahan-dahanna eta tangkal teh didamel ku Allah tina zabarzud, daun-daunna didamel ku Allah tina sundus.

Eta tangkal teh mibanda tujuh puluh rebu dahan, dahan nu pangluhurna ngajul ka luhur nyambung nepi ka suku-suku Arasy-na Allah, sedengkeun nu panghandapna nanceb ka handap nepi ka langit dunya.

Teu aya hiji kamar oge nu aya di jero sawarga, kabeh oge ngiuhan di handapeun salah sahiji dahan eta tangkal. Nu tiap-tiap dahan bijil rupa-rupa bungbuahan nu luyu reujeung kahayang nu bakal jadi pangeusi sawarga. Tur eta tangkal teh ngabijilkeun cahaya nu hurung gumebyar nu taya tandingna di alam dunya kajaba ku cahaya matahari nu aya di langit, tapi cahayana eta tangkal teh nyaangan ka sagala tempat.

*****
Di carioskeun deui yen di satukangeun shirot teh aya padang pasir nu lalega nu pinuh ku mangpirang-pirang tutuwuhan. Di handap tiap tutuwuhan teh aya dua cai nyusu nu sumber muarana ti sawarga, nu hiji di sabelah kenca, nu hiji disabeulah katuhu eta tutuwuhan.

Jalma-jalma mu’min nu bisa ngaliwatan shirot, bakal nginum tina salah sahiji cai nyusu eta, nu mun geus nginum eta cai nyusu teh, bisa ngaleungitkeun tina dirina si eta jalma mu’min sifat-sifat hate nu kotor, kayaning hasud, dengki, jail, kaniaya, iren panastren jeungsjabana ti eta. Jeung bakal ngaberesihkeun sagala kokotor badan nu aya dina dirina si mu’min, kayaning getih , cai kahampangan, jeung kokotor sejenna.

Sanggeus si mu’min nginum cai tina salah sahiji cai nyusu eta, tuluy si mu’min bakal anjog ka hiji talaga nu satuluyna mandi dina eta talaga pikeun beberesih. Sarengsena mandi di eta talaga, tuluy hanjat ti eta talaga, maka si eta mu’min rarayna bakal cahayaan caangna lir ibarat bulan purnama, awakna lir ibarat sutera, bau awakna seungit lir kasturi.

Tuluy maranehna ngadeukeutan ka panto sawarga, samemeh muka eta lawang panto, maka bakal kaluar widadari nu mapag nu geulisna kawanti-wanti endahna malih warna, nu tiap-tiap widadari teh geus boga aran-aran saha nu jadi salakina, nu satuluyna ngarangkul pinuh ku kageugeut, bari ngaleng ngajak asup ka jero sawarga, nu dijero eta sawarga teh tos nyampak tujuh puluh ranjang, nu tiap ranjang diluhurna ngampar tujuh puluh tilam sepre, nu tiap hiji tilam sepre teh hiji widadari, nu hiji widadari eta make tujuh puluh rarangken perhiasan.

****
Wallohu A’lam

Subang, 13052010

“Fadhilah (Kautamaan) Bismillahirrahmaanirrahiim”

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I.

“Ti mana sumberna ieu opat cai walungan téh ? jeung ka mana ieu cai walungan téh ngocorna ?”. Dawuh Kanjeng Nabi S.A.W. naros Ka Malaikat Jibril A.S., nalika anjeunna ningali aya opat walungan dina sajeroning lalampahan Isra’ sareng Mi’raj. Anjeunna ningali aya opat walungan, nu kahiji walungan cai biasa, nu kadua walungan cai susu, nu katilu walungan cai khamer, jeung nu kaopat nyaéta walungan cai madu.

Ditaros kitu kitu ku kanjeng Nabi S.A.W., lajeng Malaikat Jibril A.S. ngawaler: “ Ya Rasulullah ! cai ti ieu opat walungan téh sadayana ngocor nuju ka talaga Kautsar, ngan upami ti mana sumberna ieu opat cai walungan wallohu a’lam, saéna mah mangga baé ku salira taros langsung ka Allah…!”

Teu lami torojol aya salah saurang Malaikat sumping ka payuneun Kanjeng Nabi S.A.W. sareng Malaikat Jibril A.S. bari teras nyarios:

“Mangga peureumkeun soca salira Ya Rasulullah !”

Dipiwarang kitu, teu talangké lajeng Kanjeng Nabi S.A.W. reup anjeunna meureumkeun socana, teu lami anjeunna dipiwarang ngabeuntakeun deui socana ku malaikat nu tadi miwarang peureum tea, tos kitu mah bréh katingali ku Rasulullah S.A.W. kaayaan sareng di tempat nu bénten sareng tadi, anjeunna aya dihiji tempat, nu di tempat éta téh anjeunna aya disagédéngeun hiji tatangkalan nu disisina aya hiji imah gedong sigrong nu didamel tina mutiara bodas, lawang pantona tina yaqut héjo sedengkeun koncina tina emas beureum. Mun seug alam dunya katut saeusina di simpen di luhureun imah gedong éta, maka bakal katingali lir ibarat hiji manuk anu eunteup di luhur gunung atawa éta dunya téh lir ibarat hiji endog nu gogolétakan di saluhureun imah gedong éta ku sabab saking lega-legana.

Lajeng Kanjeng Nabi S.A.W. rarat-rérét nitenan ka sabudeureun eta tempat, bréh katingali ku anjeunna, dihandapeun éta gedong sigrong téh cur-cor cai opat walungan nu caina ngagolontor, persis sami sareng opat walungan nu tadi nu ku anjeunna ditaroskeun ka Malaikat Jibril A.S. saparantos Kanjeng Nabi S.A.W. ningalian bari nitenan kaayaan sabudeureun gedong sigrong éta ti beh luar, lajeng anjeunna niat seja ngantunkeun éta patempatan, ngan teu kebat da aya salah saurang Malaikat nu ngawagel bari ka kuping nyauran:

“Ya Rasulullah ! hapunten sun ! saena teu kénging angkat heula ti ieu tempat ! margi salira kedah ngalebetan heula eta gedong, supados patarosan salira ka Malikat Jibril janten kawaler !”

“Kumaha kami asupna, sedengkeun ieu gedong téh apanan dikonci pageuh“ Dawuh Rasulullah S.A.W.

“Apan koncina aya di salira .. ! “ Jawab Malikat nu tadi miwarang lebet ka Rasulullah S.A.W.

“Naon kitu koncina ..?” Dawuh Rasulullah S.A.W.

“Mangga prak aos ku salira kalimah “Bismillaahirrahmaanirrahiim”..insyaalloh kalayan idzin Manten-Na bakal muka éta lawang panto gedong téh ! “ jawab éta Malaikat deui.

Diwartosan kitu, lajeng Kanjeng Nabi S.A.W. ngaos kalimah “Bismillaahirrahmaanirrahiim” leres baé kalayan idzin Allah éta lawang panto gedong téh dadak sakala langsung muka nyalira tanpa kudu dibukakeun ku panangan Kanjeng Nabi S.A.W. saparantosna muka kitu mah, atuh lajeng bae Kanjeng Nabi S.A.W. teh lebet ka éta gedong, barang tos di lebet Kanjeng Nabi S.A.W. ningali opat juru éta gedong téh nu ngagolontorkeun cai nu brasna kai walungan-walungan nu persis sami sapertos nu ditaroskeun ka Malaikat Jibril A.S. téa.

Nya saparantos réngsé ningalian lebetan éta gedong mah lajeng Kanjeng Nabi S.A.W. seja kaluar ti éta gedong da asa tos kawaler naon anu janten kapanasaran teh, ngan teu kebat deui bae, da malaikat nu tadi miwarang lebet téh ngawagel deui, bari teras eta malaikat teh nuduhkeun hiji perkara nu teu acan katiténan ku Kanjeng Nabi S.A.W. salian ti antara opat juru éta gedong. Teras Kanjeng Nabi S.A.W. ningali nu dituduhkeun ku Malaikat, breh katingali ku Kanjeng Nabi S.A.W. geuningan dina tiap-tiap éta juru gedong nu mangrupakeun sumber kokocoran cai opat walungan téa téh, dilihureunanana ngajeblag aya seratan kalimah ‘Bismillaahirrahmaanirrahiim’.

Katingali sumber walungan cai biasa ngocor tina huruf ‘Mim’-na lafadz ‘Bismi’ tina kalimah ‘Bismillahirrahmaanirrahiim’. Terus sumber walungan cai susu katingali ngocor tina huruf ‘Ha’-na lafadz Asma ‘Allah’ tina kalimah ‘Bismillahirrahmaanirrahiim’. Sedengkeun sumber walungan cai khomer katingali ngocor tina huruf ‘Mim’-na Lafadz ‘Arrahmaan’ tina kalimah ‘Bismillahirrahmaanirrahiim’. Sareng sumber walungan cai madu katingali ngocor tina huruf ‘Mim’-na lafadz ‘Arrahiim’ tina kalimah ‘Bismillahirrahmaanirrahiim’. Ku hal ieu pisan, maka patarosan Rasulullah S.A.W. ka Malaikat Jibril A.S. téh kawaler.

Réngsé Rasululullah S.A.W. ningalian lebetan éta gedong, kakuping Allah S.W.T. ngadawuh:

“Yeuh Muhammad ! Sing saha baé jalmana di antara umat anjeun nu ngalobakeun nyebut-nyebut Kami kalayan asma-asma ieu (Bismillahirrahmaanirraahiim) maka ku Kami bakal dibéré nginum tina opat cai walungan ieu”

Walloohu A’lam Bish-Showaab

(Dicutat tina kitab Misykatul Anwar).

Subang, 11052010.

HARIRING KURING

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I

Ya Alloh Nu Maha Heman
Paparin Abdi kakiatan
mugia syukur jadi kabiasaan
pados Anjeun ngaberkahan

Ya Allah Nu Maha Kawasa
Mugia Anjeun ngajaga ngariksa
maparin hidayah salawasna
tug dugi kaluarna ieu nyawa

Ya Allah Nu Maha Gagah
Mugia Anjeun netepkeun hidayah
ka jiwa nu sok keuna ku owah
ka raga nu sering nincak salah

Duh Sang panutan
Nu jadi kakasih pangeran
Mugia kawilujengan nyarengan
Allah salawasna ngarahmatan

Duh Anjeun nu pinuji
mibanda akhlak utami
Hormateun saban jalmi
sadaya makhluk nu aya dibumi

Duh anjeun rasul pilihan
Nu nyandak risalah pangeran
Pamingpin para utusan
Mibanda kasampurnaan

He jalma nu ngaku iman
Omat ulah kamalinaan
Kudu ngestokeun ajaran
Bari jeung dipigawean

He jalma nu ngaku Iman
Tong poho ka hiji patempatan
Nu bakal jadi padumukan
Geura tatahar bebekelan

Di dunya urang ngumbara
Hamo hirup salilana
Umur aya putusanana
Paeh teu nyaho dimangsa

Sing hade ka sasama
Silih jaga silih riksa
Ibadah sing iatna
Ngarah pinanggih bagja

Bagja dunya bagja akherat
Harepan sakabeh umat
Hiji nu jadi syarat
Urang kudu melak taat

He jalma geura tarobat
Tong talangke kana sholat
Tong lalawora kana amanat
Bisi datang waktu sakarat


Maot eta ngadodoho
Hamo bisa dipoho-poho
Datang teumere nyaho
Ngageureutak taya tempo

Harta banda hamo kabawa
Kitu keneh kulawarga
Anak bojo nu dipikacinta
Ukur bisa nganteur ku cimata

Dikuburan ukur sorangan
Ukur Amal nu maturan
Amal sholeh tanda kabagjaan
Amal salah tanda kacilakaan

Amal nu jadi ukuran
Dina babakti ka pangeran
Agama nu jadi patokan
Dina ngahontal kabagjaan

Al-qur’an kudu jadi pedoman
Hadits nabi oge jadi patokan
Dina nyuprih ridho pangeran
ngarah jauh tina kasalahan

lampah salah matak cilaka
matak bendu nu Kawasa
hirup bakal sangsara
di dunya oge akherat jaga

Lampah sholeh matak maslahat
Alloh hamo bendu komo ngalaknat
Hirup pinuh ku taat
Bagja didunya sareng di akherat.

Subang, 15052010

NYALIKSIK DIRI 2

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I.

Baheula, basa kuring masih sakola di tingkat MTs./SMP, nu janten guru sasauran kieu:

"Barudak..! mun maraneh hayang jadi jalma beunghar tong jadi guru, tapi kudu jadi pengusaha atawa sejenna, memang jadi guru oge bakal beunghar, kahiji beunghar ku harti, kadua beunghar ku masalah.....aya oge beunghar ku hutang..."

Haritamah peun bae sakitu !, sasauran nu janten guru teh teu dipikiran, ngan beh dieu-beh dieu jadi kapikiran...bubuhan ceuk batur, kuring teh sok disebut guru, da aya nu ngageroan ka kuring teh ku calukan: "kamana ru ?" ...jeung sajabana. Enya memang kuring teh guru pakasabanmah, ngan karek 'jadi guru' acan kaasup 'guru jadi', da 'guru jadi'mah nyaeta Guru nu dicokot tina wancahan hiji tangtungan jalma nu kudu 'digugu' jeung 'ditiru' tegesna kudu jadi tuladaneun, Guru teh mibanda tugas, nu kudu bisa ngajeujeuhkeun, ngabina, ngatik oge ngadidik, ngarahkeun, oge ngajurung laku jeung sajabana kana hal-hal nu sifatna positif tur ngarahkeun ka nu jadi muridna sangkan cageur, bageur, oge pinter tur singer,tegesna sangkan murid teh jadi calakan atawa (cerdas) keur nyiapkeun bekel kahirupanana kaharepnakeun, luyu reujeung tujuan atikan nasional nu kacutat dina UUD 1945. Tah lebah dieu pisan kuring asa acan asup teh, asa acan ngeuna kana tujuan atikan nu sabenerna. sabab rumasa karek aku-akuan wungkul jadi guru teh, ngan can bisa ngajadikeun diri pribadi teh guru nu jadi. tegesna acan aya hasil tina usaha kuring dina ngatik jeung ngadidik nu jadi murid.

Dina teori disebutkeun, yen hakekat manusa teh makhluk nu bisa dididik oge bisa ngadidik, beh dieuna ngadidik diri pribadi, atuh beh dituna ngadidik kulawarga oge balarea. tegesna, yen manusa teh hakekatnamah guru. ku sabab kitu, maka guru teh kaasup hiji potensi nu aya dina diri manusa, tur mun digarap maka kaasup hiji pagawean nu mulya, sabab tugasna ngembangkeun oge ngamekarkeun kaelmuan,jeung ngayakeun usaha pikeun ngayakeun hiji perobahan ka nu dididikna kitu ceuk sabagian para ahli nyebutkeun.

Baheula, basa kuring keur jadi murid keneh, ka guru teh asa ajrih najan ku dehemna wungkul, atawa ku rentang-rentang katingali datang barudak kaasup kuring teh paburisat ngarapihkeun maneh. malah mun di kelas, pami guru seja ngantunkeun kelas, sok maparinan pesen: "Barudak sok diajar sing anteng heula ..tong raribut komo kaluarmah..bapa aya perlu heula sakeudeung..." leos anjeunna teh angkat, bari ukur ngantunkeun kopeah di luhureun meja, da atuh asana teh najan wungkul kopeah ngajugrug tapi asa aya bae nu janten guru teh ngawaskeun, jeung barudak kaasup kuring oge teu ingkah, nurut bari ngalaksankeun naon nu ditugaskeun ku nu janten guru. rasa kasieun teh nyampak, tegesna najan ku jugrugna kopeah wungkul oge, sima reujeung wibawana teh karasa pisan.

Tapi, ayeuna nu karasa jeung nu kaalaman ku kuring salaku guru, duka ketang ku guru-guru sejenmah, barudak teh asa geus euweuh rasa hormat ka nu jadi guru teh, ajen inajen ka nu jadi guru teh tos ngarangrangan, contona bae mun seug tepung di jalan, lain kadua uluk salam...eh kalah ka ngabalieurkeun beungeut. Terus deuih lamun di kelas, geus cape nyarek, ribut tea, ngobrol tea jeung sajabana. Tegesna, asana wibawa guru teh tos ilang, tapi didieu kuring teu nyalahkeun nu jadi murid, da ningali kana konteks psikologimah umuran maranehna teh keur aya dina mangsa panca roba, jiwa-jiwana gampang kapangaruhan, loba nangtangna batan nurutna..komo-komo ka nu jadi guru dalah ka kolotna oge pasti sarua. Lebah dieu kuring jadi ngimpleng, geuningan teu gampang jadi guru 'nu jadi' teh, boa-boa ku teu nurutna murid teh, wawales ka diri, sabab mun nyoreang lampah ka tukang, baheula keur kuring jadi murid, kuring sok pirajeuneun wangkelang ka nu jadi guru teh. loba ngareumpak aturan sakola jeung sajabana, tah ayeuna diwales ku murid kuring.

Balik deui kana sasauran nu janten guru, "...yen memang jadi guru oge beunghar, jaba beunghar ku harti teh (da tungtutan gawe), beunghar oge ku masalah tur kadangkala beunghar ku hutang...". ieu oge jadi bahan implengeun kuring, leres oge eta sasauran teh, sabab dina kanyataanana khususna di nagri urang Indonesia, nasib guru teh kacida balangsakna, da geuningan loba keneh guru nu ninggalkeun kawajiban nagajar alatan ngudag setoran, muru pakasaban sampingan nu ngahasilkeun pikeun nutupan kakurangan, ceuk wartamah nepi ka aya nu ngojeg, aya nu dagang, jeung sajabana. didieu kuring nitenan, apan cenah ayeuna pamarentah kacida merhatikeunana kana nasib kahirupan guru, da dikumaha-kumaha oge guru teh minangka 'aset bangsa' nu hamo ilang fungsina ku robahna zaman, sabab ti zaman ka zaman gurumah pasti diperlukeunana. warta nyarita yen pamarentah geus ngagulirkeun mangpirang-pirang program nu aya patula-patalina reujeung nasib kahirupan guru. kayaning sertifikasi, infassing jeung sajabana oge ngayakeun tunjangan-tunjangan sejenna nu tujuanana pikeun ningkatkeun taraf kahirupan guru. Tapi kanyataan nu lumangsung bet katingalina...geuningan guru dina kahirupanana siga nu tetep loba kakurangan khususna dina masalah nutupan pangabutuh kahirupanana. tah ieu teh, naha kapangaruhan ku sifat reujeung watek manusa nu memang 'kurang bae teu aya waregna' naha memang kurang keneh diperhatikeun ku pamarentah...tah ieu nu nepi ka ayeuna masih jadi implengan teh.

Sabab mun seug urang ngayakeun perbandingan, ceuk beja ieumah, yen di nagri baturmah guru teh kacida diutamakeunana ku pamarentah teh dina masalah nasib kahirupanana. samodel di nagara tatangga, Malaysia baheula cenah maranehna ngangkir ka nagri urang supaya dikirim guru pikeun ngatik ngadidik rahayatna, tapi ayeuna ceuk beja deui..maranehna nawaran ka urang ..Indonesia butuh sabaraha guru ? didieu oge mun seug ieu beja bener teh...aya kacindekkan yen majuna urang malaysia teh aya campuran jasa urang Indonesia. ngan ku naon bet majuna leuwih nerekel batan Indonesia.

Caag sakitu heula ..sun !

Subang, 11032010

OBROLAN IBLIS LAKNATULLOOHI TA’ALA SARENG RASULULLAH S.A.W

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I.

Allah S.W.T. maparin paréntah ka salah saurang Malaikat-Na pikeun nepungan Iblis geusan nagadugikeun paréntah-Na sangkan Iblis nepungan Rasululloh S.A.W. pikeun ngabébérkeun sagala rusiahna, nyaéta naon baé nu dipikaresep jeung naon baé nu dipikangéwa ku Iblis. Nu hikmahna, pikeun ngaluhurkeun darajat Knajeng Nabi Muhammad S.A.W. ogé pikeun jadi taméng bebenteng ka sakumna umat manusa.

Gancang ning carita Malaikat téh tepung jeung Iblis tuluy nyarita ngadugikeun Paréntah Alloh S.W.T. nu ditujukeun ka Iblis téa: "Heh Iblis! Alloh Nu Maha Mulia tur Maha Agung marentahkeun ka andika supaya andika datang ka Rasullulloh Muhamad saw. Tur andika kudu ngabébérkeun sagala rusiah andika ngeunaan naon baé nu dipakaresep ku andika, ogé naon baé nu dipikangéwa ku andika turta dimana Rasululloh Muhammad saw. nanya ku sababaraha pasualan ka andika, maka andika kudu ngajawab kalayan bener ulah aya nu disumput-sumput, dimana andika ngabohong najan sa-kecap, tanwandé andika bakal dipotongkeun tulang-tulang awak andika, tur dipegatkeun urat-urat awak andika oge bakal ditibanan siksa nu kacida nyerina".

Nalika Iblis narima paréntah jeung ancaman nu didugikeun ku Malaikat ti Alloh S.W.T. ka manéhna, maka iblis ngarasa sieun kacida. Nu satuluyna manéhna gura-giru ngalaksanakeun éta paréntah. Manéhna datang ka payuneun Rosululloh S.A.W. Bari nyamar jadi aki-aki nu picek (matan buta sabeulah) tur boga janggot bodas 10 lambar nu panjangna siga buntut sapi. Tuluy Iblis uluk salam nepikeun ka 3 kali uluk salam, tapi Kanjeng Nabi Muhammad saw. Teu ngawaler éta salam. Nu antukna Iblis Alaihi Laknatulloh, naros ka Rosululloh S.A.W. : "Ya Rasululloh! Naha ku naon salira teu ngawaler salam jisim Abdi ? sanés salam téh kacida muliana mungguhing Alloh?"

Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. Ngawaler bari bendu: "Héh ’Aduwwullah ( musuh Alloh) ! ka kami anjeun némbongkeun kahadéan, tong coba-coba wawanian nipu ka kami sakumaha manéh nipu barI ngagoda ka Kanjeng Nabi Adam A.S. Sahingga anjeunna kaluar ti sawarga, ogé ngahasut Qabil nepika maténi Habil, tuluy Nabi Ayyub A.S. Ku andika ditiupan racun nalika anjeunna nuju sujud sahingga Kanjeng Nabi Ayub A.S. Gering parna nu sakitu lilana, ogé Kanjeng Nabi Daud A.S nu kagoda ku pamajikanana Urya, tuluy deui Nabi Sulaiman A.S. Ninggalkeun karajaanana, ku sabab andika nyamar jadi garwana, ogé sababaraha Nabi jeung para pandita nu geus nanggung kasangsaraan kuakibat hasutan, tipuan jeung réka perdaya andika. Héh Iblis! Mémang bener salam éta kacida muliana mungguhing Alloh ‘Azza Wa Jalla, ngan baé salam andika ku kami hamo dijawab, sabab Alloh geus ngaharamkeun. Kami apal yén anjeun téh Iblis, raja sagala iblis, syétan jeung jin nu keur nyamar diri. Naon maksud andika datang nepungan kami? "

Iblis ngajawab: "Ya Nabi Allah ! Tong waka bendu ka jisim abdi,. Sabab salira téh Khatamul Anbiya, maka salira tiasa terang tur ningali ka jisim abdi. Anapon maksad kadongkapan jisim abdi téh teu aya sanés dipiwarang ku Alloh S.W.T. Pikeun masihan uninga kana naon baé nu ku jisim abdi dipidamel dina ngagoda, nipu sareng sajabina ka umat salira. Ti kawitan zaman Kanjeng Nabi Adam as. Tug dugi ka akhir zaman. Sajaba ti éta ogé Ya Nabiyalloh ! satiap pasualan nu ku salira ditaroskeun ka jisim abdi, maka jisim abdi bakal ngawaler moal aya nu disumput-sumput.".

Satuluyna Iblis sumpah kalayan nyebat asmana Allah bari tuluy nyarita: "Ya Rasululloh! Sakirana jisim abdi ngabohong sakecap ogé dina ngawaler sagala patarosan salira, maka bakal ancur lebur badan jisim abdi jadi lebu". Saparantos nguping kana sumpah Iblis kitu,

Nabi Muhammad S.A.W. Tuluy imut mésem pinuh ku kabungah bari ngagarentes dina manahna: ”Ieu kasempetan pikeun kami geusan ngayakeun siasat pikeun ngabongkar sagala hal nu dilakukeun ku manéhna supaya dipikanyaho ku para shahabat-shahabat kami nu aya di majlis ieu, ogé pikeun jadi tameng diri pikeun sakumna umat kami”.

Saterasna Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. ngawitan ngajukeun pasualan nu kahiji: "Héh Iblis ! Saha nu jadi musuh panggedé-gedéna pikeun anjeun, jeung kumaha anggapan diri anjeun ka diri kami ?”.

Jawab Iblis: "Ya Nabi Allah! Musuh jisim abdi nu pangedé-gedéna nya Salira pisan ku anjeun di antara sakabéh musuh-musuh jisim abdi nu aya di dunya ieu"

Nguping kitu Rosululloh S.A.W.neuteup seukeut ka Iblis, sahingga katingal Iblis ngageter kasieunan.

Tuluy Iblis nyambung deui caritaanana: "Ya Khatamul Anbiya! Ku sabab abdi kalebet bangsa ruhaniyah, maka jisim abdi dipasihan kaistiméwaan ku Alloh tiasa ngarobih diri jisim abdi sakahoyong abdi, abdi tiasa niru bentuk sakabéh makhluk Alloh ti mimiti manusa, sato ogé tutuwuhan kalayan ceplés warna sareng bentuk aslina, kajaba hiji makhluk Alloh nu teutiasa di tiru ku jisim abdi, nya salira ku anjeun pisan makhluk Alloh nu teutiasa ditiru téh, ku sabab dilarang ku Alloh. Upami jisim abdi nyoba-nyoba niru salira, maka jisim abdi bakal ancur lebur jadi lebu”.

Rosululloh S.A.W. ngajukeun pasualan nu kadua: "Héh Iblis! Cara naon baé jeung bentukna nu dipigawé ku andika dina ngagoda umat manusa kaasup umat kami ?”

Iblis ngajawab: "Seueur gusti, sagala léngkah manusa anu tujuanna pikeun ibadah ka Alloh S.W.T. sareng nurut tumut kana pidawuh manten-Na ogé pidawuh salira ku anjeun, sadayana ogé ku jisim abdi di kantégan, dihalangan supaya umat manusa teu tulus dina ngalaksanakeun éta kata’atan”. ”Misalna baé”, Ceuk Iblis neruskeun caritaanna: ”Jisim abdi ngagoda hiji istri nu parantos ngagaduhan carogé supados midamel lampah nirca, ngakhianat ka nu janten carogéna, tug dugi ka éta istri téh masrahkeun kahormatanana ka pameget ni lian. Nu akhirna ngahasilkeun rundayan turunan nu goréng akhlakna”. Salian ti éta jisim abdi ngagoda ka umat manusa supaya ngantunkeun sholat, nyeueurkeun tuang-leueut tina rizki nu haram, saupamina tuang-leueutna tina hasil nu halal maka digoda ku jisim abdi supaya kaleuleuwihi dina nuangna (isrof). Ogé jisim abdi ngagoda manusa supaya milampah kadorakaan nu matak Alloh bendu, kalayan nancebkeun hiji perasaan ka manusa ku godaan harta banda kayaning emas, pérak sareng permata, ingon-ingon, tatanén tina hasil kebon sareng sawah sareng sajabina, supaya maranéhna ngabalanjakeun éta harta banda téh kana jalan haram tur dina miluruhna ogé ku jalan nu haram. Teras ka para pamuda sareng pamudi para kaum rumaja generasina umat salira, ku jisim abdi digoda maranéhna dina masalah campur gaul antara maranéhna nu lain muhrim, palebah dinya jisim abdi ngagoda maranéhna supaya ngalakukeun zina, sareng perkara nu ngadeukeutan kana zina”.
”Salian ti éta kalebet godaan jisim abdi ogé diantarana seueurna manusa ngaleueut arak (Narkoba, jeung nu sanésna. réd.), supaya maranéhna leungit akalna, sahingga ngalakukeun hal-hal maksiat. Ogé kalebet bentuk godaan jisim abdi ngabohong, nipu, ngadzolim, silih pikaceuceub, musyrik (midua Alloh), dengki, hasud, ujub, riya, takabur, mumusuhan, teu akur, sareng sajabina. Dimana maranéhna sadar satutasna ngalakukeun kasalahan terus manéhna ngarencanakeun pikeun ngeureunan tegesna tobat, maka jisim abdi bakal ngagoda maranéhna ku cara supaya maranéhna téh nunda-nunda kana tobat, sanggeus kitu, ku jisim abdi digoda deui ku godaan nu leuwih rongkah, sahingga maranéhna ngalakukeun deui kamaksiyatan”. ”Cindekna ya Nabiyalloh,” Iblis mungkas caritaanana: ”Jisim abdi ngagoda ka umat manusa téh sakuat tanaga sagala cara bakal dilaksanakeun, nu tujuanna teu aya sanés, supaya manusa méngpar tina tetekon agama."

Saparantos nguping jawaban Iblis kitu, Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. Neraskeun kana pasualan nu katilu, semu nu keuheul Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. Ngadawuh: "Héh Iblis ! Naha ku naon andika ngalakukeun éta kabéh ? Padahal, mun seug ku andika dipikir, naon nu dilakukeun ku andika téh éstu taya faédah jeung manfaatna, malah nu puguhmah kalah ka tambah-tambah laknat jeung bebendon Alloh S.W.T.. ka andika turta siksa nu kacida beuratna jaga di naraka minangka wawalesna ?. Heh laknatulloh ! Saha nu nyiptakeun andika? Saha nu manjangkeun umur andika ? saha nu méré panénjo ka andika ? Saha nu méré pengdéngé ka andika ? saha nu méré kakuatan ka andika, sahingga andika bisa jagjag, séhat tur kuat ?. saha nu méré éta sakabéh téh héh Iblis".

Iblis ngajawab: "Sadayana ogé anugerah paparin ti Alloh S.W.T. Nu Maha Agung, ya Nabiyalloh !. Nanging, nu janten pasualan téh, nyaéta hawa nafsu sareng rasa takabur diri nu matak jisim abdi tigebrus kana lampah nu salamina lepat. Salira ogé langkung uninga, yén satemenna jisim abdi téh tos mangrébu-rébu taun lamina janten pamingpin para Malaikat, harkat sareng martabat ogé darajat kadudukan abdi disagédéngeun Allohs.w.t kacida nyongcolangna, ti langit ka hiji nepi ka kangit nu pangluhurna mungguhing Alloh S.W.T.. terus nérékél, ku hal éta pisan, saterasna jisim abdi tiasa nyicingan alam dunya ieu rada lami sasarengan reujeung para Malaikat. Tug dugi ka lumungsur Dawuhan Alloh S.W.T., nu seja nyiptakeun saurang Khalifah di dunya ieu. Tah ku hal éta pisan jisim abdi téh baruntak teu nampi kana rencana Alloh S.W.T. Tapi, katetepan Alloh S.W.T.. hamo tiasa dirobih deui, nya diciptakeun hiji tangtungan lalaki, nyaéta Nabi Adam téa. Saparantos réngsé Nabi Adam diciptakeun, maka Alloh maréntahkeun ka sakumna Malaikat pikeun masihan sujud kahurmatan ka Nabi Adam, anging jisim abdi nu teu ngalaksanakeun. Nu akhirna Alloh S.W.T. bendu ka jisim Abdi, tur ngalaknat jisim abdi tug dugi ka akhir zaman”.

Tuluy Iblis ngalanjutkeun deui caritaanana: ”Ya Nabiyalloh ! kusabab jisim abdi mugen teu ngalaksanakeun paréntah Alloh S.W.T. pikeun maparin sujud kahurmatan ka Nabi Adam, dadak sasakala nu kawitna raray jisim abdi kasép ngalémpréng konéng téh, dadak sakala robih janten raray nu goréng patut nu jadi gambaran kana kalakuan jisim abdi nu resep kana midamel lampah jahat sareng maksiyat. Ku kajadian kitu jisim abdi téh mingkin nyeri haté baé, komo nalika Alloh S.W.T. ngaistrénan Nabi Adam janten raja di sawarga bari maparin praméswari nu geulis kawanti-wanti éndahna malih warna, nyaéta Siti Hawa nu dipaparin ogé kalungguhan minangka pamingpin sakumna bidadari nu aya di sawarga. mingkin nambih deui kanyeri haté sareng dendem jisim abdi téh ka Nabi Adam, nu akhirna satékah polah jisim abdi ngalakukeun réka perdaya, supaya Nabi Adam sareng Siti Hawa dipikabendu ku Alloh S.W.T. Nya ari terus-terusan teuingmah, usaha jisim abdi téh ngabuahkeun hasil ku cara nipu Siti Hawa supaya miwarang Nabi Adam tuang buah Khuldi, nu ngabalukarkeun duanana diusir ti lebet sawarga lumungsur ka alam dunya, bari lumungsur ka alam dunyana téh dipisahkeun mangtaun-taun, nu tuluyna ditepungkeun ku Alloh di Padang Arafah, saparantosna duanana patepung nu satuluyna ngarundaykeun turunan, nya borosot baé Nabi Adam sareng Siti Hawa téh ngagaduhan turunan nu munggaran, nyaéta lahirna dua putra sareng dua putri. Ku sabab jisim abdi masih kénéh teuacan puas kana kanyerian haté jisim abdi, nya turunan Nabi adam téh ku jisim abdi digoda deui ku hasutan-hasutan nu balukarna lumangsung kajantenan maténina Qabil ka dulurna Habil. Teu cukup sakitu, ti harita tug dugi ka akhir zaman, jisim abdi hamo lirén ngagoda ka turunan Nabi Adam kalebet umat salira”.

”Ya Nabiyalloh ! sateuacan salira babar ka alam dunya, jisim abdi sareng balad-balad kalayan gampil tiasa naék kalangit, pikeun maling déngé kana rusiah-rusiah kajadian nu bakal kaalaman ku manusa nu aya di Lauhil Mahfudz, nu saterasna jisim abdi lungsur deui ka alam dunya pikeun méré béja ka manusa kana rusiah-rusiah éta, bari béja éta ku jisim abdi dipéngkolkeun teu luyu reujeung béja nu aya di lauhilmahfudz nu tujuanana supaya manusa sasar tur nukang nonggong ka Alloh S.W.T.. Tapi, saprak salira babar ka alam dunya, jisim abdi teu tiasa deui naék ka langit sabab ku Alloh S.W.T. dilarang. Mun seug jisim abdi maksa pikeun naék ka langit, maka para malaikat nu ngajaga satiap lawang langit bakal malédogan ka jisim abdi ku batu reujeung panah nu bahanna tina seuneu, tos seueur balad-balad jisim abdi nu perlaya ancur lebur jadi lebu ka beuleum, tisaprak harita jisim abdi nandangan ka susah dina ngayakeun hasutan sareng godaan ka manusa”.

Saparantos nguping kana caritaan Iblis samodél kitu Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. ngajengkeun deui pasualan nu kaopat kalina: "Hé Iblis! Naon nu dilakukeun ku andika dina ngamimitian ngagoda umat manusa ?”

Iblis ngajawab: "Nu munggaran dipidamel ku jisim abdi dina ngagoda umat manusa kalebet umat salira téh, nyaéta dipéngkolkeunana i’tikad kaimanan-nana manusa kana kakufuran, ngawitan haté, kalakuan ogé ucapanana. Saupami teu tiasa ka goda baé, maka ku jisim abdi digoda supaya manusa horéam ngalakukeun ibadah, sahingga sakedik demi sakedik maranéhna tigebrus nurut tumut kana kahoyong jisim abdi”.

Kanjeng Rosululloh S.A.W.. dadawuh deui nu ka-5 kalina: "Héh Iblis! Kumaha karasana ku andika mun seug umat Kami ngalaksanakeun sholat bari khusyu’ karana Allah S.W.T.?”

Iblis ngajawab: "Ya Nabiyalloh ! nalika umat salira ngalaksanakeun sholat kalayan khusyu’ karana Allah S.W.T.. Maka nu karaos ku jisim abdi, awak jisim abdi ngegeter, leuleus satulang sandi taya kakuatan, sapertos nu dipupul bayu, taya tangan pangawasa. Ku hal éta, maka jisim abdi ngerahkeun wadia balad jisim abdi pikeun ngagoda ka umat salira, kana sakabéh anggota badanna, supaya timbul kahoréam dina ngalaksanakeun sholat, was-was, hilap kana étangan rokaat, émut baé kana kasibukan dunya nu ditinggalkeunana, gura-giru dina ngalaksanakeun sholatna, jauh tina ka-thumaninah-an, anggang kana ka-khusyu’-an, kitu kénéh kana paningal matana supaya rurat-rérét ka kiwa sareng ka tengen, cepilna supaya ngupingkeun sora-sora nu matak rusakna rasa khusyu’. Salajengna nalika umat salira nuju sujud, maka balad jisim abdi calik dina pundukna supaya teu kiat lami dina sujudna, kitu kénéh nalika lungguh tasyahud/tahiyat ku jisim abdi digoda supaya teu kiat lami ogé, sahingga tumuwuh dina haté umat salira nu nuju ngalaksanakeun sholat téh hoyong énggal bérés sholatna. Tah, saupamina balad-balad jisim abdi teu hasil ngagoda umat salira nu nuju ngalaksanakeun sholat, maka jisim abdi bakal nibankeun hukuman ka balad jisim abdi, kalayan hukuman nu kacida abotna "

Teras Kanjeng Rosululloh S.A.W. ngajukeun deui pasualan nu ka-6: "Lamun umat kami maca Al-Quran karana Allah S.W.T. kumaha kaayaan andika?"

Iblis ngajawab: ”Duh abot karaosna ku jisim abdi ya Nabiyalloh ! Dimana umat salira ngaos ayat suci Al-Quran kalayan karana Allah S.W.T. maka jisim abdi karaosna sapertos kabeuleum, paregat kabéh urat-urat jisim abdi, nu satuluyna jisim abdi lumpat nebihan manéhna”.

Kanjeng Rosululloh S.A.W. nyusul tepus deui ku pasualan nu ka-7: "Terus kumaha karasana ku andika, dimana umat kami ngalaksanakeun ibadah haji karana Allah S.W.T.?".

Jawab Iblis:"Ancur waruga jisim abdi, marurag daging sareng tulang-tulang jisim abdi, ku sabab umat salira parantos nyampurnakeun rukun Islam".

Kanjeng Rosululloh S.A.W. nyusul deui ku pasualan nu ka-8: "Tuluy kumaha kaayaan andika, dimana umat kami ngalaksanakeun puasa di bulan Romadhon kalayan karana Allah S.W.T.?"

Jawab Iblis: "Ya Rasulullah ! Ieu pisan musibah sareng bahaya nu kacida rongkahna pikeun jisim abdi sabalad-balad. Sabab, nalika lebet kana awal Romadhon, maka ngaburisat cahaya ’Arasy sareng Kursy Allah S.W.T., ma lihan para Malaikat mapag kalayan pinuh ku kasuka sareng kabungah. Atuh pikeun jalma-jalma nu ngajalankeun ibadah puasa dina bulan ieu, maka Allah S.W.T. bakal maparin panghampura tina samudayaning dosa nu tos kalangkung kalayan digentoskeun ku wawales pahala nu kacida agung tur luhur ajén-na, malihan Allah S.W.T. ngabéntenkeun pahalana sareng ibadah-ibadah nu sanésna. Salian ti éta, hamo dicatet dosa nu dilakukeun pikeun jalma-jalma nu puasa. Aya nu matak ngahancurkeun haté jisim abdi, nyaéta saeusi langit sareng bumi; yakni Malaikat, bulan, béntang sareng makhluk sanésna, sadayana siang kalayan wengi ngado’akeun supaya Alloh S.W.T. maparin panghampura pikeun jalma nu puasa. Tur hiji kamuliaan pikeun jalma nu ngalaksanakeun puasa, nyaéta dimerdékakeun tina azab/siksa naraka. Malihan sadaya panto naraka ditutup, sareng dibuka kalayan salega-legana sadaya panto sawarga, sarta ditiupkeunna angin nu bijil ti handapeun Arasy nu namina angin Syirah nu kacida lemesna ka jero sawarga. Aya hal nu matak abdi teu walakaya, ya Nabiyalloh !, nyaéta dina sumpingna sasih Romadhon, kalayan paréntah Alloh S.W.T. diutusna para Malaikat nu garanggas pikeun néwakkan jisim abdi sabalad-balad, nu satuluyna ngaborogod ogé dipasungna sampéan sareng panangan jisim abdi ku beusi panas bari diranté kalayan kacida kuatna, sahingga jisim abdi sabalad-balad teutiasa leupas. Saparantos kitu, jisim abdi sabalad-balad téh dibebeskeun ka lebet bumi nu pangjero-jerona. Teu kitu baé, jisim abdi sabalad-balad salami éta, ditibanan siksa ku Allah S.W.T. tug dugi ka réngséna sasih Romadhon”.

Kanjeung Nabi Muhammad S.A.W.. Ngadawuh deui nu ka-9 kalina: "Héh Iblis! Kumaha sikep andika ka para shahabat-sahahabat Kami?"

Jawab Iblis: "Ya Nabiyalloh ! para shahabat salira kalebet musuh jisim abdi ogé, musuh nu pang-ageung-ageungna. Taya daya sareng upaya Jisim abdi ngalawan aranjeunna sareng teu aya hiji ogé tipu daya jisim abdi sareng balad-balad nu keuna ka aranjeunna. Apan salira ku anjeun parantos dadawuh: "Sadaya sahahabat salira téh lir ibarat béntang di langit, dimana nurut tumut ka aranjeunna, maka bakal kénging pitiduh”.

”Sapertos Sayidina Abu Bakar Ash-Shiddiq ra. Sateuacan sasarengan sareng anjeun ya Rosululloh, jisim abdi teutiasa ngagoda anjeunna, komo saparantos sasarengan sareng anjeun, tegesna lebet Islam, jisim abdi teu tiasa pisan ngagoda anjeunna.. Anjeunna kacida percayana kana perkara nu hak nu sumpingna ti salira, sahingga anjeunna janten wazirul a'dham. Malihan salira ku anjeun parantos ngadawuh: ”Yén saupamina ditimbang antara saeusi dunya ieu sareng amal sholéh-na Sayidina Abu Bakar Ash-Shiddiq ra. maka bakal langkung abot kénéh amalna sayyidina Abu Bakar Ash-Shidiq ra”. Ditambih deui anjeunna téh apan janten mertua salira, ku ngadahupna salira ka putrina, nyatana Sayyidatina ’Aisyah ra. nu seueur apal kana Hadits-hadits salira”.

”Teras Sayidina Umar bin Khaththab ra. Jisim abdi kacida teu wantunna neuteup kana raray anjeunna. Ku sabab, anjeunna kacida luhung wawanénna nalika mayunan para musuh-musuh Alloh S.W.T... sareng musuh salira. Ogé anjeunna kacida taat kana ngajalankeun hukum syaré’at Islam tur tara ponténg ka nu konéng tara cueut ka nu hideung, ngadék sacék-na, nilas sa-plas-na dina ngajalankeun hukum syaré’at Islam éta. Saupamina jisim abdi neuteup kana rarayna, maka ngageter satulang sandi jisim abdi bari pinuh ku rasa kasieun nu kacida. Hal ieu téh ku sabab, iman anjeunna kacida kuatna, teguh pengkuh nyepeng pamadegan. Ditambih deui ku dawuhan salira ku anjeun: "Saupamina aya Nabi saba’da salira, maka sayyidana Umar bin Khoththob kacida pantesna janten gegentos saparantos salira”.

”Ogé anjeunna mangrupakeun jalmi nu diarep-arep ku salira, nalika kapungkur salira ngado’a ka Alloh S.W.T. supados dipaparin hidayah pikeun lebet Islam antawis dua Umar, nya nu ka pilih ku Alloh S.W.T. téh sayyidina Umar bin Khoththob ra. sarta anjeunna kacida pinterna ngabéntenkeun mana jalmi nu kafir sareng mana jalmi islam, kukituna pan anjeunna nyandang gelar 'Al-Faruq'”.

”Kitu kénéh Saydina Usman bin Affan ra. Abdi teu tiasa nyakeutan komo kudu bari ngagoda ka anjeunna. Sabab, salamina lisan anjeunna baseuh ku aosan Al-Quran. Anjeunna janten pamingpin jalmi-jalmi nu sabar, pamingpin para syuhada, ogé anjeunna téh apan kalebet mantu salira ku anjeun tug dugi ka dua kali. Tur ku lantaran kata’atanana, seueur Malaikat sumping anjang sono pinuh ku rasa hurmat, ajrih ka anjeunna. Ditambih deui ku dawuhan salira: "sing saha jalmina nu nyerat kalimat Bismillahirrahmanirrahim dina kitab atanapi kertas-kertas ku mangsi beureum, maka bakal meunang pahala saperti pahalana Usman nu maot syahid"

”Komo deui ka Sayidina Ali bin Abi Thalib ra. jisim abdi kacida sieunna ku sabab keteuneungna, kagagahanana lébér ku wawanén nalika mayunan musuh Islam di médan jihad, anjeunna teu sieun ku pati, malah réla ridho ikhlas saupamina maot di médan jihad. Tapi sanajan gagah, lébér wawanén ogé, anjeunna tetep kacida sopan, alim pinuh ku rasa kadeudeuh, sikepna asak jeujeuhan, satiap léngkah pinuh ku perhitungan, tara gagabah, kacida apik tur wara’ (ati-ati) ogé kacida zuhudna. Saupamina jisim abdi sareng balad-balad wantun neuteup kana raray anjeunna, maka karaosna asa kaduruk, ancur kadua paningal jisim abdi, sabab anjeunna téh kacida kuatna kana ibadah sarta anjeunna golongan pamuda nu ti payun lebet ka Islam. sareng anjeunna tara tungkul ajrih dipayuneun arca-arca sesembahan kaum musyrikin, sahingga anjeunna nyandang gelar 'Ali Karamullahu Wajhahu' (Ali nu dimulyakeun rarayna ku Alloh S.W.T.) ogé gelar 'Asadulloh’ (singa-na Allah) malihan salira ku anjeun ngadawuh: "Salira ku Anjeun minangka gudang élmu, sedengkeun sayyidina Ali minangka pantona”. Ditambih deui anjeunna téh apan janten mantu salira, ku ngadahup anjeunna sareng putri salira Sayyidatina Fatimah Az-Zahra.”

Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. Naros deui nu ka-10 kalina: "Heh Laknatullooh ! Kumaha carana andika ngalakukeun jeung ngayakeun tipu daya ka umat Kami, sahingga umat kami jadi méngpar tina sagala ajaran kami?"

Jawab Iblis - "Dina leresan ieu, ku jisim abdi umat salira téh dibagi janten tilu golongan: ”Nu Kahiji, nyaéta umat salira nu kagolong lir ibarat hujan ti langit nu ngahirupkeun sagala tutuwuhan, nya golongan ieu téh disebut ’Ulama nu salamina maparin naséhat sareng wasiyat ka manusa supados ta’at, ngalaksankeun sagala piwarang Allah swt. sarta ngantunkeun sagala nu dilarang ku Manten-Na, sakumaha sasauran malaikat Jibrail a.s: "Ulama téh minangka oborna dunya sareng akhérat”. Tah ka golongan ieu jisim abdi ngagoda ku cara jisim abdi ngahasud maranéhna supados ayana pacéngkadan, ayana persulayaan dina paham, sanaos ku salira parantos diuningakeun yén persulayaan di antara umat salira téh minangka rohmat. Tah ku jisim abdi dipéngkolkeun supaya sanés rohmat nu karaos tapi laknat. Tumuwuhna rasa hasud, umaku asa pangbenerna henteu batur, sahingga ku hal ieu, hareupan jisim abdi méngkolna oge mengparna patékadan maranéhna supaya méngparkeun ajaran salira kaluar tina ajaran asalna nu sumpingna ti salira”.

”Nu kadua, golongan umat salira téh lir ibarat taneuh, nyaéta jalmi-jalmi nu shabar, nu syukur sareng ridho kana sagala karunia anugerah pamaparin Alloh. Salamina midamel amal soléh, ta’at, tawakal sareng milampah kahadéan. Tah, golongan ieu, jisim abdi ngagoda supaya ilang sifat qona’ah (rasa tumarima), sifat shabarna digentos janten aral, rasa syukurna janten kufur, ta’atna janten ma’shiyat”.

”Nu katilu, golongan umat salira téh lir ibarat Fira’un; nu kacida harak sarakah kana dunya sarta ninggalkeun amaliyah akhérat. Tah kogolongan ieumah, jisim abdi kacida resep tur suka bungah karasana ka jisim abdi, sabab geus teu kedah digoda ku cara-cara nu hébat, da bahan pikeun ngagodana ogé tos nyampak aya dina dirina. Ku kituna jisim abdi kantun lebet kana badanna, tuluy ku jisim abdi diputerkeun haténa kana lautan doraka sareng jisim abdi mawa kana karep manéhna supaya maranéhna nurut kana sagala karep jisim abdi. Jadi, manéhna salilana guligah, marudah, kapégpéongan, kabongroy ku kaéndahan dunya nu hakékatna sarba nipu. Teu aya niat sakedik ogé dina dirina pikeun ngandelan ku élmu pangaweruh komo bari nyuprihna. Waktu-waktuna dipaké pikeun maksiyat tara pisan nyempetkeun waktu pikeun ngalakukeun ta’at ogé amal ibadah, teu aya niat seja ngaluarkeun shodakoh tina harta nu geus dipibandana. Lamun maranéhna dina kaayaan miskin maka ku jisim abdi digoda supados haroréam kana ibadah, nganaha-naha ka Alloh, aral subaha kana kaayaan manéhna, tur dimana manéhna aya dina kacukupan harta, maka ku jisim abdi digoda supados lali pikeun ngaluarkeun zakat, tebih kana tulung tinulungan ka sasama, anggang kana rasa kanyaah ka sasama, ceplés sapertos kaayaan Qorun nu dilelepkeun ka jero taneuh ku Alloh bareng sareng harta dunya nu dipikareueus sareng dipikameumeutna”.

”Teras upami sumping cocobi ti Alloh, maranéhna ku jisim abdi digoda supados teu sabar, ngarasula sareng sajabina. Nyacampah ka jalmi miskin, ngahina ka jalmi malarat, nganggap musuh ka jalmi nu taat ibadah, ogé ngabalanjakeun harta manéhna kana jalan ma’siyat, resep judi sareng zina ogé ngalaksanakeun kama’siyatan sanésna”

Saterasna Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. Neraskeun deui pasualan nu ka-11 kalina: "Saha nu sarupa jeung andika diantara hamba-hamba kami, heh Iblis?".

Jawab Iblis:"Nu sarupi sareng jisim abdi ti antara umat salira, nyaéta jalma nu ngalalaworakeun kana syaré’at ajaran salira sareng jalma nu ngahalangan tur mikangéwa ka jalma-jalma nu keur nyuprih élmu agama."

Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. Neraskeun deui pasualan nu ka-12: "Héh Iblis ! Saha diantara umat kami nu matak andika jadi suka jeung bungah?"

Jawab Iblis:"Nu matak abdi suka bungahmah, nyaéta nalika aya diantara umat salira nu milampah dosa, ngalakukeun sumpah palsu, jadi saksi palsu, sareng nu nyulayaan kana jangji"

Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. Ngadawuh Neraskeun deui pasualan nu ka-13: "Naon kalakuan anjeun nu kacida lemes tur rusiahna pikeun umat kami?”

Jawab Iblis:”Nyaéta nalika salah saurang diantara umat salira nu lebet ka Jamban (WC) pikeun Kahampangan sareng miceun, bari lebet ka jamban (WC)-na téh teu dibarengan ku maca do’a panyalindungan tina gangguan sareng godaan jisim abdi, maka jisim abdi bakal ngabalurkeun kana awakna kotoran najis-na nu dikaluarkeun ku si éta jalma".

Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. ngadawuh deui nu ka-14 kalina:"Nalika umat kami boga pangabutuh ka pamajikanana nu satuluyna ngayakeun hubungan badan, kumaha pamolah anjeun ka maranéhna ? "

Jawab Iblis: "Dimana umat salira seja ngalaksanakeun hubungan badan, bari sateuacanna maranéhna maos do’a panyalindungan tina gangguan sareng godaan jisim abdi, maka jisim abdi bakal lumpat ngajauhan maranéhna, tegesna maranéhna aman tina gangguan jisim abdi. Tapi, dimana umat salira seja ngalaksanakeun hubungan badan, bari sateuacanna maranéhna teu maos do’a panyalindungan tina gangguan sareng godaan jisim abdi, maka abdi bakal mayunan carogéna si istri pikeun ngalakukeun hubungan badan sareng istrina. Saparantos kitu, maka bakal campur bibit turunan jisim abdi sareng bibit turunan ti si istri tadi, nu akhirna dimana jadi anak, maka anakna bakal resep milampah kamaksiyatan, doraka ka nu janten ibu ramana, ogé bakal nukang nonggong ka Alloh tur bakal migawé kana naon-naon nu dilarang ku Alloh. Kitu kénéh nalika umat salira taruang-leueut tanpa di awalan ku ngaos Bismillah, maka jisim abdi nu ti payun tuang-leueut nu badé ditaruang-leueut ku maranéhna, sahingga pangaruhna najan tuang saseueur-seueurna, hamo aya rasa wareg, tah didinya jisim abdi ngagoda supaya umat salira isrof (kaleuleuwihi)”.

Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. naros deui nu ka-15: "Naon carana supaya bisa nolak tipu daya andika, héh Iblis ?”

Jawab Iblis: "Nalika umat salira ngalakukeun dosa, maka manéhna kedah éngal-énggal tobat ka Alloh, bari nangis pinuh ku rasa kaduhung kana naon-naon nu parantos dipilampah. Ogé nalika émosi / ambek kedah énggal-énggal susuci (wudhu) kalayan sampurna, maka ku hal kitu, bakal Ngeureunan, ogé mépés amarahna. Maka ku hal éta jisim abdi hamo bisa ngagoda ka manéhna”.

Saterasna Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. ngadawuh nu ka-16 kalina:"Saha jalmana diantara umat kami nu ku andika dipikaresep?"

Jawab Iblis:"Diantawis umat salira nu dipikaresep ku jisim abdi téh, nyaéta umat salira nu pemeget ogé istri nu tara nyukur atanapi nyabutan bulu kélék sareng bulu laranganana salami 40 dinten. Sabab ku teu dicukur sareng teu dicabutanana éta dua bulu nu aya di dua tempat téh dijantenkeun tempat nyayang pikeun gugulayunan jisim abdi sabalad-balad”.

Saparantos kitu Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. Naros deui nu ka-17 kalina: "Héh Iblis! Saha nu jadi dulur andika?"

Jawab Iblis:"Dulur jisim abdimah nyaéta jalma nu kulemna nangkuban, teras umat salira nu kulem tibra dina waktu shubuh dugi ka bijilna fajar. Ogé umat salira nu nalika tepung sareng waktos Lohor, Asar, Maghrib sareng Isya, maranéhna haroréam kanggé netepan sholat "

Teras Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. ngadawuh deui nu ka-18 kalina:"Lampah naon nu matak ngabinasakeun diri andika?"

Jawab Iblis:"Nu matak ngabinasakeun jisim abdimah, nyaéta lampahna umat salira nu seueur nyebat-nyebat asmana Alloh, sodakoh nu teu katerang ku nu sanés, nyeueurkeun tobat, nyeueurkeun tadarus Al-Quran sareng solat tengah wengi"

Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. naros deui nu ka-19 kalina: "Heh Iblis! Naon nu nyababkeun ancurna panénjo mata andika?"

Jawab Iblis:"Nyaéta nalika aya jalma nu calik di lebet masjid bari diniatan I’tikaf di lebetna”

Saterasna Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. Mungkas kana obrolan anjeunna sareng Iblis La’natullohi Ta’ala ku pasualan nu ka-20 kalina: "Naon deui nu nyababkeun ancurna panénjo mata andika? "

Jawab Iblis:"Nu matak paningal soca abdi janten ancur téh, diantarana nyaéta jalmi nu taat ka ibu ramana, ngupingkeun kana cariosan ibu ramana, ngajamin tuang-leueut ogé bahan sandang sareng pangan ogé papan ka ibu ramana salami ibu ramana masih jumeneng, kapan salira ku anjeun parantos ngadawuh: 'Sawarga téh aya dina dampal sampéan ibu".

Al-Hamdulillah, réngsé pedaran obrolan antawis Rosululloh S.A.W.. Sareng Iblis laknatullohi ta’ala ’alaih, mugia janten bébénténg diri tina sadaya réka perdaya Iblis kangge urang sadayana. 'Auudzu Billaahi Minasy-Syaithoonirrojiim.

Amin Ya Alloh robbal ’alamin.

Walloohu A’lam Bish-Showaab.

Subang, 26 Muharam 1431 H./ 11 Januari 2010 M.