Jumat, 19 Agustus 2011

Kaayan Jalma Nalika dipulasara


Nalika manusa ngaleupaskeun nyawa tina ragana, tegesna maot ngaranna, maka bakal aya sora nu ngagero ti luhur langit:

"Yeuh ... anak adam ! naha Andika ninggalkeun dunya ?, atawa naha dunya nu ninggalkeun andika ?"

"Yeuh ... anak adam ! naha andika nu ngumpulkeun dunya ?, atawa naha dunya nu ngumpulkeun andika ?"


"Yeuh ...anak Adam ! naha andika nu maténi dunya ?, atawa naha dunya nu maténi andika ?'


******
Sanggeus kitu, tuluy nalika manusa nu geus jadi layon tadi aya di luhur tempat pamandian rék dipandian, maka bakal kadéngé deui aya sora nu ngagero ti luhur langit:

"Yeuh .... anak adam ! Naon nu ngajadikeun awak anjeun ayeuna lemah taya tangan pangawasa ?"

"Yeuh ...anak Adam ! Mana lisan anjeun nu capétang, nu pinter ngaréka basa jeung carita ?..naon nu ngajadikeun lisan anjeun ayeuna ukur ngabetem sarébu basa teu bisa nyarita ?"


"Yeuh ...anak Adam ! mana pangdéngé anjeun ? naon nu ngajadikeun pangdéngé anjeun ayeuna teu bisa ngadéngé deui ?"


"Yeuh Anak Adam ! mana batur-batur anjeun nu saratia maturan anjeun?...naon nu ngajadikeun anjeun ayeuna nunggeulis sorangan cuang-cieung taya nu maturan ?"

******
Geus kitu, dina nalika manusa nu geus jadi layon tadi geus dibungkus ku boéh satutasna dipandian, maka bakal aya sora deui nu ngagero ti luhur langit:

"Yeuh ...anak Adam ! Bagja anjeun mun seug anjeun dibarengan ku karidho Allah, sabalikna cilaka anjeun mun seug anjeun dibarengan ku bebendon Allah "

"Yeuh ...anak Adam ! Anjeun ayeuna indit pikeun ngalakonan lalampahan nu jauh, tanpa mamawa bekel, ukur boéh nu némpél dina awak anjeun, ayeuna anjeun kaluar ti imah anjeun, nu kaluarna anjeun ti imah téh hamo aya harepan pikeun mulang deui salalawasna, tur anjeun bakal ngadatangan hiji tempat nu bakal ngahancurkeun jasad anjeun nyaéta alam kubur".


******
Bérés kitu, dina nalika manusa nu geus jadi layon tadi geus dibungkus ku boéh rek dishalatan, maka bakal kadéngé deui aya sora nu ngagero ti luhur langit:

"Yeuh ...anak Adam ! sagala amal nu geus dipilampah ku anjeun, ayeuna bakal katingali ku anjeun, mun seug hadé amal anjeun, maka bakal katingali hadé, sabalikna mun seug amal anjeun goréng, maka bakal katingali goréngna".
******
Réngsé dishalatan tuluy diasupkeun kana pasaran, tah nalika manusa nu geus jadi layon tadi diangkat kana pasaran pikeun digotong dibawa ka kuburan, maka bakal aya deui sora nu ngagero ti luhur langit :

"Yeuh ...anak Adam ! bagja anjeun mun seug amal-amalan anjeun hadé, bagja anjeun mun seug anjeun geus tobat tina sagala dosa, ogé bagja anjeun mun seug anjeun kagolong jalma-jalma nu taat ka Allah".
******
Barang manusa nu geus jadi layon tadi nepi ka pakuburan, tuluy dikaluarkeun tina pasaran nalika diécagkeun di biwir liang kubur, maka bakal kadéngé deui aya sora nu ngagero ti luhur langit:

"Yeuh ...anak Adam ! bekel naon nu dibawa ku anjeun tina asal anjeun jagjag belejag, ayeuna nuju ka tempat nu bakal ngabinasakeun anjeun ?".

"Yeuh ...anak Adam ! bekel naon nu dibawa ku anjeun tina asal anjeun aya dina kacukupan, ayeuna nuju kana kasusahan ?".


"Yeuh ...anak Adam ! bekel naon nu dibawa ku anjeun tina asal caang, ayeuna nuju ka tempat nu poék ?"


******
Kitu kénéh bakal aya sora nu ngagero deui ti luhur langit, nalika manusa nu geus jadi layon tadi aya dina jero kaluat::

"Yeuh ...anak adam ! Anjeun baheula seuseurian bari gogonjakan di luhur bumi Kami, ayeuna anjeun ceurik dijero beuteung bumi Kami "

"Yeuh ...anak adam ! Anjeun baheula suka bungah di luhur bumi Kami, ayeuna anjeun sedih kingkin dijero beuteung bumi Kami"


"Yeuh ...anak adam ! Anjeun baheula capétang nyarita di luhur bumi Kami, ayeuna anjeun ngabetem sarébu basa di jero beuteung bumi Kami ".


******
Réngsé dipulasara kalayan sampurna, nu satuluyna pada ninggalkeun ku harta jeung kulawargana nu nganteurkeun manéhna, maka Allah Ngadawuh:

"Yeuh ...hamba Kami ! Anjeun ayeuna ditinggalkeun nyorangan ku jalma-jalma nu dipikaasih, dipikacinta ku anjeun , anjeun ayeuna cicing di alam kubur nu kaayaanana poék mongkléng, anjeun geus laku maksiyat ka Kami ku lantaran maranéhna, tah ti samet poé ieu Kami maparin rahmat ka anjeun sarta Kami mikaasih, mikacinta ka anjeun leuwih-leuwih batan kaasihna indung ka nu jadi anak-anakna"

Caag


Subang, 23052010