Senin, 14 Maret 2011

Tong Bohong Siah !

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I

Kocapkeun wayah lohor Mang Juha keur ngareureuhkeun kacape disaung sarengsena ngored jukut dikebonna nu lumayan legana. keur anteng reureuh kitu, torojol aya jalma nu mamawa karung ngadeukeutan bari tatanggahan siga aya nu diilikan. Sihoreng si kemed bandar kalapa nu geus biasa datang dimana geus wayahna panen kalapa. barang geus deukeut ka lebah Mang Juha nu keur reureuh, tuluy pok nyarita bari tetep sirahna mah tatanggahan alak-ilik kana tangkal kalapa nu aya disabudeureun kebonna Mang Juha:

"Geus wayahna di ala..geuningan kalapa teh Mang !"

"Ah duka atuh ...sok bae ilikan...mun aya mah sok bae ala.." Tembal Mang Juha

"Nya atuh.. ah ! urang alaan... " Ceuk Si Kemed bari ngoloyong ngadeukeutan tangkal kalapa nu aya deukeuteun saung.

"Nya sok sing jongjon...kami mah rek sholat lohor heula..ke ngitungna mah rengse kami sholat lohor" Jawab Mang Juha bari ngoloyong ka pancuran nu kabeneran teu jauh ti saung.

Teu loba carita deui Si Kemed teh langsung bae nerekel naek ka tangkal kalapa, meni tapis pisan bubuhan tukangna sajorelat Si Kemed geus nepi ka luhur tangkal kalapa, tuluy diuk dina barangbang kalapa bari katempo elekesekeng nyauy-nyuaykeun barangbang kalapa nu patumpang-tindih, geus karasa merenah mah tuluy manehna milihan manggaran kalapa nu geus kolot, mun geus ka irong kolot tuluy dipuntirkeun hiji-hiji nepi ka leupas tina manggaranana, mun geus leupas langsung dipuragkeun, 'blug' ...kadenge sora kalapa teh murag. Nya kacacaritakeun Mang Juha geus rengse sholat lohorna. nya kitu keneh Si Kemed geus rengse ngala kalapa, da katingali keur ngumpulkeun kalapa meunangna ngala, gerentes hatena Si Kemed:

"Ah siah ku aing dibohongan dina itungan, kabeneran tadi aing keur ngala kalapa Mang Juha keur sholat, piraku keur sholat make ngitungan kalapa.." Ceuk Si kemed dina hatena.

"Sabaraha kabehna euy...kalapa teh nu kaala..?" Ceuk Mang Juha nyarita nu harita geus aya disatukangeun  Si Kemed nu keur anteng ngitungan kalapa.

"Aya Lima likur ..mang ! da nu ka alana oge ukur lima tangkal kalapa teh " Jawab Si Kemed bari terus ngasup-ngasupkeun kalapa kana jero karung.

"Naon....dedengean teh aya lima likur.... piraku... tong bohong siah...! "  Ceuk Mang Juha semu nu ambek

"Ih ..bener mang ! ukur lima likur..diitung teh " Ceuk Si Kemed bari tonggoy weh ngasupkeun kalapa kana jero karung

"Alah siah ...ngabohong teh kabiasaan maneh mah... sidik aing ngitung oge ..kabehna teh aya tilu puluh hiji kalina maneh  muragkeun kalapa..."Jawab Mang Juha

"Na..iraha Amang ngitungna..? " Jawab Si Kemed bari malik nanya

"Nya titatadi oge kami ngitungan siah..."  Tembal  Mang Juha

" Nya ti iraha ?..kapan ..amang teh tadi indit ka pancuran ..tuluy abdas meureun nya ?..rengse eta ..tuluy.. sholat lohor..." Ceuk Si Kemed.

"Heueuh ti harita siah... kami tuluy ngitungan..muragna kalapa nu di ala ku maneh." Walon Mang Juha

"Jadi ..ti mimiti abdas nepi ka ...prung sholat teh ..amang ngitungan muragna kalapa...nya ?.." Ceuk Si Kemed bari molohok

"Heueuh siah... nu matak tong bohong siah. kabehna teh tilu puluh hiji...." Tembal  Mang Juha

"Nya hampura atuh mang !... nu benerna mah  kalapa teh tilu puluh..lain tilupuluh hiji..." Ceuk Si Kemed bari menta hampura da rumasa kanyahoan bohongna.

"Alah ..tilu puluh hiji ..siah da kadengena ku kami mah nu murag teh aya tilu puluh hiji kali" Walon Mang Juha keukeuh.

"Yeeh....nu panungtungna mah ...sora muragna awak kami ..da kami teh labuh..."Jawab Si Kemed

"Heueuh ..kawalat ti kami eta teh.. bongan manehn boga niat jahat...siah " Ceuk Mang Juha


Caaag
Subang, 14032011

Sok Tah Letakan

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I

"Sok siah ..ku dewek dibere bakakak hayam ....." Ceuk pamingpin Gorombolan ka Mang Juha nu harita jadi sakitan, teuing kumaha mimitina Mang Juha jadi sakitan, pokona mah Mang Juha kacaritakeun jadi sakitan weh.

"Duh ...haturnuhun pisan atuh kabeneran yeuh... kuring keur lapar ...jeung ti saprak kuring jadi sakitan anjeun  teu kungsi manggih kadaharan nu ngeunah.. ..nya sok kadieukeun atuh mana bakakak hayam teh !" Jawab Mang Juha.

"Tah ieu bakakakna..!" Ceuk pamingpin Gorombolanbari ngasongkeun eta bakakak hayam. "Ngan samemeh ieu bakakak didahar ku andika.. aya sababaraha hal nu kudu ku andika dikanyahokeun..." Ceuk Pamingpin gorombolan deui.

"Enya sok atuh geura bejakeun ka kuring.... " Tembal Mang Juha bari katingal kumetap ningal eta bakakak hayam nu geus nembrak hareupeunana.

"Heueuh.. kieu... seug tah eta bakakak hayam teh di dahar ku andika kabeh... ngan dimana anjeun ngadahar ceker eta hayam.. maka ..suku anjeun bakal diteukteuk....kitu keneh dimana anjeun ngahanca pingping eta bakakak hayam ...maka pingping anjeun oge bakal diteukteuk.... nya kitu deui mun seug anjeun ngahanca hulu eta bakakak hayam ..maka hulu anjeun bakal diteukteuk .....intina saban-saban anjeun ngahanca bagian tina eta bakakak hayam ...resikona anggota badan anjeun bakal aya nu diteukteuk.... sok tah pilih nu mana nu bakal mimiti dihanca ku andika eta bakakak hayam ...nu henteu bakal mawa mamala ka anjeun...tapi mun seug andika teu ngadahar ieu bakakak  ..andika tetep bakal dipateni ku kami......kumaha ....?". Ceuk eta pamingpin Gorombolan ngajelaskeun tawaranana.

Sajongjonan Mang Juha ngahuleng, mikiran kumaha pipetaeun....euweuh piliheun pisan didahar eta bakakak ..anggota badan bakal hiji-hiji diteukteuk... teu didahar eta bakakak tetep bakal dipateni...tungtungna ngahuleng ngaragemeneng. Geus rada lila ngahuleng Mang Juha tuluy nyeh seri bari pok nyarita:

"Sok lah ..kadieukeun eta bakak ku kami bakal dihanca...ngan kami aya pamenta  mun seug kami manggihan cara ...nu bakal mawa aman ka kami dimana kami geus ngahanca eta bakakak ..."

"Naon pamenta andika..?" Ceuk Pamingpin Gorombolan malik nanya

"Enya dimana kuring manggihan cara ..nu bakal mawa aman ka kuring dina geus ngahanca eta bakakak ...tegesna kuring teu kudu diteukteuk anggota badan ...pamenta kuring nyaeta ..anjeun kudu ngaleupaskeun kuring... jeung eta bakakak kudu jadi milik kuring....."Jawab Mang Juha ..bari ngajentrekeun pamentana

Ngadenge pamenta Mang Juha samodel kitu Pamingpin Gorombolan ngahuleng sakeudeung, tuluy nyarita:

"Heueuh sok....kami bakal nedunan eta pamenta andika !"

Geus aya kasapukan kitu mah terus Mang Juha ngarongkong eta bakakak Hayam bari diilikan sakeudeung, teu mikir deui ngan ledak-ledak teh ... bakakak hayam teh diletakan  lebah bujurna... bangun nu nikmat..da katingali peureum beunta...rada lila Mang Juha ngaletakan bujur bakakak hayam teh... geus beres ngaletakan..tuluy diecagkeun eta bakakak hayam teh, bari nyarita:

"Tah ...kuring geus ngahanca ieu bakakak hayam ..... tah ayeuna giliran anjeun.. nedunan pamenta kuring !"

"Ke..ke... naha kami kudu nedunan pamenta anjeun... kapan bakakak hayamna oge masih weuteuh siah..!" Ceuk Pamingpin Gorombolan.

"Enya memang weuteuh....da ngahaja... tapi kuring geus ngahanca eta bakakak ...ku ngaletakan bujur bakakak hayam eta...sabab ngaletakan bujur bakaka hayam teu aya dina syarat nu ku anjeun diajukeun...jadi kuring aman moal diteukteuk anggota badan ..oge moal dipateni ku anjeun sabab tetep kuring geus kaasup ngahanca eta bakakak... tah ayeuna...pilih ...mending ...sok tah letakan ...bujur kuring .!..da kuring geus ngaletakan bujur eta bakakak... atawa mending nedunan pamenta kuring ...ngaleupaskeun bari ieu bakakak ...jadi milik kuring ?..." Tembal Mang Juha

"Teu sudi ...siah..... dewek kudu ngaletakan bujur andika ..mah.... jung kaditu ...siah indit ...kami nedunan pamenta...andika..." Ceuk Pamingpin gorombolan.....

Caaag
Subang, 13032011

Kapalingan Coco'an

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I

"Duh...ngemplong bapana..... geuningan maling teh teu nyokot nanaon...?" Ceuk Nyi odah ..ka Mang Juha salakina, nu peuting imahna kadatangan rampog.

"Syukur atuh... ah ari euweuh nu leungit mah... hanjakal kami peuting teh teu nyampakkan tah si rampog orowodol teh...memangna jam sabaraha kajadianana...?." Tembal Mang Juha bari semu ambek.Da kabeneran manehna peuting teh euweuh keur nyaba, datang ka imahna teh wayah shubuh.

"Ah duka atuh... kami oge da keur tibra sare di tengah imah da nungguan maneh, sadar-sadar teh ..asa tiariris harita teh... barang nyah beunta...tuluy nguniang hudang ...kuring teh geuningan geus bubulucun ... kutang jeung calana jero kami nu dipake teh ..kasampak geus pabalatak...udar tina awak kuring..." jawab Nyi Odah.

"Barukkkk......Odah...kitu..????????? beu' ..eta mah coco'oan dewek ...dipaling deuleu....."Ceuk Mang Juha bari kekerot.

????
Caaag
 Subang, 02032011

Ngamenyonan Kaleng

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I

"Kumaha ...den...! geus digawe acan ?" Tanya Juha ka Uden

"Puguh eta ...eum ... acan manggih bae...ngalamar kaditu-kadieu... euweuh nu narima bae..." Jawab Uden.

"Duh karunya teuing nya !... nya enggeus ieu aya pagawean...daek teu..?...gampang digawena mah".  Ceuk Juha

"Tah kebeneran atuh... naon atuh gawena ..euy ?"Tanya Uden panasaran

"Nya gawena mah ...eta ukur ..ngamenyonan kaleng, drum... alumunium jeung sajabana.." Jawab Juha ngajelaskeun

"Alah gampang atuh ..eum !..kudu mekel palu atawa panakol  meureun nya ?... "ceuk Uden semu bungah

"Laah !...teu kudu mamawa palu atawa panakol ieu mah...pilakadar  ngamenyonan kaleng..."  Tembal Juha ngajelaskeun

"Naha ...?... apan kudu ngamenyonan kaleng..naha ulah make palu atawa panakol ?" Ceuk Uden..bari kerung

"Heueuh... gampang ieu mah...jadi, unggal ilaing tepung atawa manggihan kaleng, drum atawa alumunium.. maneh tinggal menyon..kitu jeung kitu...wungkul..'" Jawab Juha 

"Jadelllll.... siah...??????" Ceuk Uden... semu keuheul..

Caaag
Subang, 02032011

Makna Taubatan-Nasuha

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I

Taubat teh hartina balik deui, kitu miturut harti basa. Sedengkeun Taubat miturut istilah nyaeta tumuwuhna rasa kaduhung diri kana sagala hal laku lampah jahat nu geus dilakukeun, atawa mulang tina hiji perkara nu dianggap goreng ku syare’at agama nuju ka hiji perkara nu dianggap hade ku syare’at agama.

Imam Ibnul Qayyim Al-Jauziyah ngajelaskeun yen taubat teh nyaeta mulangna salah saurang hamba  ka Alloh, ngajauhkeun diri tina jalan nu sasar oge nu dipikabendu ku Alloh s.w.t.  tur hal ieu teh moal bisa dihontal kajaba kalayan hidayah Alloh pikeun nuju ka jalan nu dipikaridho ku Manten-Na.

Imam Al-Kalabadzy ngajelaskeun yen taubat teh mibanda tilu wanda dina ngahontalna, kahiji nyaeta ninggalkeun sagala kamaksiyatan jeung teu pegat dina migawe lampah kahadean. Kadua, nyaeta kaluar tina kajahatan tuluy diganti migawe kahadean ku sabab sieun ku bebendon Alloh, jeung nu katilu nyaeta  terus-terusan taubat sanajan teu migawe dosa. 
Kaduhung (nadam) mangrupakeun rasa nu tumuwuh tina rasa kasedih, rasa nyeri hate, guligah rasa, jeung sajabana. Hal ieu tumuwuh nalika kaayaan hiji jalma mulangkeun ingetanana nyoreang ka mangsa-mangsa katukang nu kungsi kasorang. Anapon tanda-tandana jalma nu kaduhung nyaeta resep nyorangan, resep mikiran naon nu geus dipilampah ku diri nu akhirna tumuwuhna rasa hanjakal, kaduhung, jeung sedih nepi ka nyurucudna cipanon.

Mun seug diibaratkeun dosa teh lir ibarat racun nu aya dijero madu, pikeun sing saha bae jalmana nu teu apal kana jerona madu nu aya racun eta, tinangtu manehna bakal kabita pikeun nginumna. Nalika manehna geus nginum, tanwande manehna bakal ngarasakeun kanikmatan, tapi kanikmatan eta hamo lumansung lila, sabab beuki lila bakal karasa nyeri saawak-awak, nu pamustunganana bakal lumpuh total anggauta bandanna.

Kitu keneh lampah dosa, nu sifatna sok katembong siga pikangeunaheun, pikaresepeun, jeung pikabitaeun. Estu siga pinuh ku kanikmatan, sok padahal eta kabeh teh moal lila lumangsung, sabab nu nyesa tina lampah dosa bakal jauhna rasa katingtriman bathin, katenangan jiwa, salamina bakal diganggayong ku rasa nu guligah gulinggasahan, nu dirobeda ku rasa sieun ku bebendon boh ku sasama oge ku Nu Maha Kawasa. Tah panyakit jiwa ieu teh ubarna ukur ku taubatan-nashuha (taubat nu saenyana).

Saban kamaksiyatan eta bakal mawa kana poekna lampah, nu hal eta teh bakal nutupan hate tina nampa cahaya bebeneran. Tur poekna hate eta teu bisa dilawan anging ku jalan dilawan ku cahaya bebeneran atawa cahaya kaimanan nu tumuwuh tina rasa migusti nu saestu ka Alloh Robbul ‘Izzaty. Tegesna, kamaksiyatan kudu dilawan ku kata’atan. Ku sabab kitu, mun seug hiji jalma tumuwuh rasa kaduhung sarengsena migawe dosa, maka kudu nancebkeun lampah taubat minangka ubar tina rasa kaduhung eta.

Anapon lampah jahat nu aya patula-patalina jeung sasama, maka rasa kaduhung tea kudu dituturkeun ku menta dihampura bari ngaku kana sagala lampah nu geus dilakukeunana. Misalna laku kaniaya, nganyerikeun hate sasama, ngarusak kahurmatanana, jeung sajabana. Hal ieu teh dimana taubat kudu menta kaihklasan heula ka jalma nu geus dinyenyeri atawa dianiaya, sabab Alloh hamo narima kana taubat hiji jalma nu aya patula-patalina jeung hak sasama, mun seug henteu menta hampura heula ka jalma nu geus dikaniaya eta.

Imam Al-Ghozaly maparin syarat kaduhung atawa taubat nu kaasup sampurna, nyaeta kudu mulangkeun pikiran kana sagala lampah nu geus dilakukeun ti kawit manehna ‘akil baligh (sawawa dewasa) boh kalayan ku umur atawa ku alatan ngimpi. Tuluy manehna naliti diri kana naon nu geus dipilampahna tikawit harita ti taun ka taun, ti bulan ka bulan, ti poe ka poe, oge pariksa tina saban kaluar kajerona nafas, tuluy lieuk ka tukang nyoreang mangsa katukang nu geus kasorang. Naha lalampahan teh salila eta dieusian salawasna ku lampah ibadah naha sabalikna ku lampah salah, sabaraha waktu ninggalkeun kawajiban, sabaraha loba lampah jahat nu geus dilakukeun. Jalma nu maksiyat wajib mariksa atawa naliti diri ti kawit manehna akil baligh (sawawa dewasa) ti mimiti pangedengena, panenjona, lisanna, beuteung, leungeun, suku, jeung  anggauta badan sejenna.  Mun geus kitu, geuwat lieuk katukang ka mangsa nu geus ka sorang itung poe-poena, itung jam-jamna, tuluy wincik hiji-hiji masing parele tina kajahatan-kajahatan nu geus dilakukeun ti mimiti dosa leutik nepi ka dosa nu pangbadagna nu geus dipilampah. Mun seug geus ngumpul dina ingetan kabehanana, prak tancebkeun rasa kaduhung nu saestu. Tah mun seug geus kitu maka bakal tumuwuh rasa taubat, bari satuluyna manehna ngaganti satiap laku jahatna ku lampah hade.

Ieu hal teh luyu sareng Dawuhan Alloh dina Al-Qur’an Surah Hud ayat 114: “Saestuna laku lampah hade bakal ngagugurkeun laku lampah goreng (dosa)”

Oge luyu sareng Dawuhan Kanjeng Nabi s.a.w.: “Masing taqwa anjeun ka Alloh dimana bae anjeun ayana, prak tuturkeun laku lampah goreng ku laku lampah hade, maka hal eta teh bakal ngagugurkeun kana laku lampah goreng eta”.

 Subang, 1422011

Mimbar Jum'ah

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I

Dawuhan Rosulululloh S.A.W. :

عَنِ ابْنِ عُمَرَ رَضِيَ الله ُعَنْهُمَا قَالَ أَخَذَ رَسُوْلَ اللهِ صَلىَّ الله ُعَلَيْهِ وَسَلَّمَ بِمَنْكِبَيْ فَقَالَ - كُنْ فِي الدُّنْيَا كَأَنَّكَ غَرِيْبٌ , أَوْ عَابِرُ سَبِيْلٍ - وَكَانَ ابْنُ عُمَرَ رَضِيَ اللهُ عَنْهُ يَقُوْلُ " إِذَا أَمْسَيْتَ فَلاَ تَنْتَظِرُ الصَّبَاحَ وَإِذَا أَصْبَحْتَ فَلاَ تَنْتَظِرُ الْمَسَاءَ وَخُذْ مِنْ صِحَّتِكَ لِمَرَضِكَ وَمِنْ حَيَاتِكَ لِمَوْ تِكَ " رواه البخاري

Ti Ibnu Umar mugia Alloh maparin ridho ka anjeunna,  anjeunna nyarios: ‘Rasululloh shollalloohu ‘alaihi wa sallam nyepeng punduk kami, lajeng anjeunna ngadawuh:” Jadikeun diri anjeun di dunya ieu teh lir ibarat jalma asing atawa nu ngumbara”.’  Tuluy Ibnu Umar  rodhiyallahu anhuma nyarios deui: “Mun seug (kaayan) anjeun aya di waktu sore, maka tong nungguan waktu isuk, kitu keneh mun seug (kaayaan) anjeun aya dina waktu isuk, maka ulah nungguan waktu sore. Prak gunakeun (kaayaan) sehat anjeun, samemeh datangna gering, jeung prak gunakeun (kaayaan) hirup anjeun samemeh datangna waktu maot”. (H.R. Al-Bukhari).

Imam An-Nawawy rohimahullohu Ta’ala, ngajelaskeun, yen maksud kalimah hadits كُنْ فِي الدُّنْيَا كَأَنَّكَ غَرِيْبٌ , أَوْ عَابِرُ سَبِيْلٍ (Jadikeun diri anjeun di dunya ieu teh lir ibarat jalma asing atawa nu ngumbara”) maksudna nyaeta, ulah sakali-kali anjeun boga pamadegan yen dunya teh tempat panganjrekan nu lana salilana, atawa ulah boga pamadegan yen anjeun bakal hirup langgeng di ieu alam dunya. Oge ulah nepi ka katalikung ku kaayaan ieu alam dunya, nu antukna anjeun ngagantungkeun sapinuhna kahirupan di ieu alam dunya. Jadi, hirup di alam dunya teh kudu nerapkeun pamadegan yen anjeun teh jalma asing nu anyar dating keur aya dipangumbaraan nu hiji waktu kudu balik ka asal, ka tempat bali geusan ngajadi. Kadituna, anjeun kudu nyiapkeun sapuratina bebekelan pikeun bawaeun balik ka tempat asal tea. Hal ieu luyu reujeung cariosan Shohabat Salman Al-Farisy  rodhiyallahu anhu:

 “Panutan kami (Rosulullah s.a.w.) pernah marentahkeun ka kami pikeun henteu nyokot bagean ti ieu alam dunya, tapi kami diparentahkeun nyokot bagean (bebekelan) ti ieu alam dunya saukuran  jalma nu ker ngayakeun nyanyabaan”

Salajengna Imam Nawawy rohimahullohu ta’ala ngajelaskeun deui, yen hadits ieu teh ngandung dalil ngeunaan tong ngalobakeun teuing kahayang nu pamustunganana bakal nyilakeukeun oge tong talangke kana taubat, tur dalil sangkan tatan-tatan nyiapkeun diri pikeun nyanghareupan maot. Mun seug boga rencana jeung harepan sawadina kudu ngucapkeun “Insyaalloh” (Mun dikersekun ku Alloh).

Sakumaha Dawuhan Alloh s.w.t. din surat Al-Kahfi ayat 23-24:

وَلَا تَقُولَنَّ لِشَيْءٍ إِنِّي فَاعِلٌ ذَلِكَ غَداًإِلَّا أَن يَشَاءَ اللَّهُ وَاذْكُر رَّبَّكَ إِذَا نَسِيتَ وَقُلْ عَسَى أَن يَهْدِيَنِ رَبِّي لِأَقْرَبَ مِنْ هَذَا رَشَداً

“Jeung poma maneh ulah nyarita ngeunaan hiji perkara: “ keun ku kaula dipgawe isukan”. Anging upama dikersakeun ku Alloh (ku nyebut  "Insya Allah"). Sarta maraneh kudu inget ka Pangeran maneh, mun seug maneh poho, pok ucapkeun: "Mugia Gusti Pangeran abdi, maparin pituduh ka abdi kana jalan anu langkung caket kana leresna, tibatan jalan ieu”.

Salajengna ngeunaan cariosan ibnu Umar " إِذَا أَمْسَيْتَ فَلاَ تَنْتَظِرُ الصَّبَاحَ وَإِذَا أَصْبَحْتَ فَلاَ تَنْتَظِرُ الْمَسَاءَ وَخُذْ مِنْ صِحَّتِكَ لِمَرَضِكَ وَمِنْ حَيَاتِكَ لِمَوْ تِكَ " (“Mun seug (kaayan) anjeun aya di waktu sore, maka tong nungguan waktu isuk, kitu keneh mun seug (kaayaan) anjeun aya dina waktu isuk, maka ulah nungguan waktu sore. Prak gunakeun (kaayaan) sehat anjeun, samemeh datangna gering, jeung prak gunakeun (kaayaan) hirup anjeun samemeh datangna waktu maot”)

Ieu redaksi Hadits teh minangka anjuran sangkan saban jalma nu ngaku iman, sawadina kudu siap nyanghareupan maot, tur dina nyanghareupan eta maot teh kalayan geus nyiapkeun bekel amal sholeh nu bakal nganteur kana kasalametan di dunya oge diakherat jaga. Tegesna, ulah talangke dina milampah amal sholeh, mun seug aya dina waktu isuk geura prak pilamapah amal sholeh harita, ulah nungguan datangna sore, kitu keneh sabalikna.

Anapon redaksi kalimat “Prak gunakeun (kaayaan) sehat anjeun, samemeh datangna gering, jeung prak gunakeun (kaayaan) hirup anjeun samemeh datangna waktu maot” ieu hal teh minangka pangwawadi ka urang, yen urang kudu bener-bener ngamanfaatkeun kaayaan sehat jeung hirup pikeun ngalakonan ibadah ka Alloh, ulah dipake kana hal-hal nu teu munasabah nu matak nyilakakeun diri jeung sasama.

Wallohu A’lam
Subang, 28012011

Pieunteungeun

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I

Kacaritakeun aya tilu dulur adi lanceuk nu ditinggal maot ku bapana. memeh maot bapana geus ngabagi-bagi harta banda ka eta tilu anakna. Demi anakna nu kahiji dipaparinan imah nu agreng, anakna nu kadua dipaparinan ingon-ingon sapi. Anapon anak nu bungsu nyatana nu katilu dipaparinan lahan garapan kebon nu heureut jeung sababarah karung gabah.

Teu lila ti harita, ti saprak bapana maot tilu dulur nu geus dipaparinan warisan teh masing-masing ngagunakeun eta harta warisan kalayan beda-beda dina ngamanfa'atkeunana, demi anakna nu kahiji dibere imah gedong sigrong teh kalah ka dijual, duitna dibalanjakeun kana sagala rupa karesepna, nepika duit hasil ngajual imah warisan teh beak teu nyesa, antukna manehna hirup sangsara kadungsang-dungsang malah ceuk sakaul mah manehna jadi baramaen. 

Kitu keneh anakna nu kadua nu dibere igon-ingin sapi teu beda jeung lanceukna, nyaeta manehna ge sarua eta ingon-ingon sapi minangka harta warisan pamaparin bapana teh dijual, tuluy duitna dibalanjakeun kana sagala rupa karesepna nepi ka duit hasil ngajual eta ingon-ingin teh ledis teu nyesa. antukna kahirupanana teu jauh beda jeung lanceukna sangsara.


Anapon anakna nu bungsu  nu dipaparinan harta warisan lahan garapan kebon nu heureut jeung sababaraha karung gabah tea, manehna kalayan pinuh ku kaleukeunan jeung kasabaran, eta lahan garapan kebon teh di mumule diolah  nepi ka petik hasil ka ala buahna, tur kahirupanana beda jauh jeung lanceuk-lanceukna, nu bungsu kahirupanana pinanggih jeung kabagjaan.

Caag
Subang, 14012010