Senin, 10 Januari 2011

Nu Gafleh

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I

Aya hiji kulawarga boga karesep nu kaasup gaflah (nganggur) nyaeta maen gapleh, gapleh teh asal kecap tina basa Arab Ghofala hartina nganggur, atau ghoofilin hartina jalma-jalma nu paroho, kitu ceuk sakaol.

Kulawarga eta teh Bapana, kadua Anakna, jeung Mamangna. Opatanana keur anteng bae maen gafleh, kadenge Bapana nyarita rada tarik bari ngalungkeun kartu gafleh semu dibebetkeun:

"Didengkek siah ku dewek....."

Ngedenge kitu di tempas ku anakna nu hiji:

"Ait....ke heulaanan.....nu kieu mah..atuh urang bebeskeun..."

Giliran mamangna bari ngorejat rada cengkat nangtung teu kebat tea, bari nyarita rada tarik:

"Eeeh....wawanian...siah..! ...gampang atuh tinggal digebeskeun bae nu kitu mah.....tah dipangpengkeun ku aing siah..."

Giliran anakna nu hiji deui ....bari tetep sila tutug kadenge nyarita:

"Eittttt.....ke heulaanan....dibales ....ah/..>! ku uing ..dipodaran kabeh....siah....!  sok lah....." kituna bari seuri..lelenggakan...bangun nu ngeunah.

Duh kabayang nya... kulawarga..silih dengkek, silih pangpengkeun..silih pateni alatan ....maen gafleh/... beu' ...

Caaag !

Subang, 10012010