Carita nu tos dibukukeun

HEUREUY SANTRI 
"KERSANING ALLAAHU AKBAR"  

Penulis                                           : Wangsa Susena
Penerbit                                         : Yaf Publish
Tahun Terbit                               : 2010
Tata Letak /Desain Sampul   : Kase HV.

Hak Cipta Dilindungi Undang-undang Cetakan I, Agustus  2010

ISBN                                                 : 978-602-97536-2-2
Alamat Kantor                             : Kompleks Sarijadi No. 117
                                                              Blok VI Bandung Phone (022) 
                                                              2001938 – [...]



PANGJAJAP TI PENERBIT


Mun kahirupan dipapandekeun sareng heureuy, ningan kahirupan teh kabeh oge pinuh ku pikaseurieun. Boh kusipat jelema, boh kuparipolahna. Bener ningan ceuk babasaan, jalma teh ningan ukur darma wawayangan.

Aya dua hal anu matak janten pikaseurieun teh. Kahiji kupinterna, kadua ku kabodoanana. Malah sakapeung sok ditambahan make anu katilu nyatana ku kauntungan hiji jelema.

Alesanana, enya oge pinter can tangtu eta jelema teh bakal jadi jelema anu sukses, kituna deui jelema anu bodo.

Tapi keur jelema anu untung mah, rek bodo kusabab teu nyaho atawa pinter kusabab geus ngalaman jeung miboga pangarti, eta jelema sok katungtun ka tempat anu matak piuntungeun jeung salamet.

Tah pedaran carita dina buku kumpulan heureuy santri anu dujudulan "kersaning alaaahu akbar" teh, minangka ngalalakonkeun kalakuan jelema, anu teu boa ku urang oge kalakonan.

Tapi sanajan kitu, ieu buku kumpulan "heureuy santri" teh, sanes rek maksad ngageuhgeuykeun kalakuan sorangan, tapi sugan jeung sugan jadi pieunteungeun keur urang dina enggoning ngaharep ridlo anu maha kawasa, taya lian Allah Swt.

Sasieureun sabeunyeureun mugi tiasa dicandak luang keur urang sadayana. Aamiin.


Penerbit

Panganteur
Ayi Dudung Abdulkarim
[Praktisi Produksi Penerbitan]


Kanggo, nerbitkeun hiji karya tinangtos aya pertimbangan anu utami, nyaeta tulisan the naha diperkirakeun bakal resepeun henteu anu rek macana. Anu utami mah dina nerbitkeun buku eta the kitu pisan. Sab keur naon nerbitkeun hiji buku lamun eta buku diperkirakeun moal laku jeung teu dipikareswep ku anu macana.  Lamun eta teu dipikiran tinangtos bakal jungkir balik boro-boro untung modal oge tacan kantenan bias balik deui.

Tah dina nerbitkeun hiji karya palenggeran eta kacida pisan pentingna, saperti ieu tulisan anu dikumpulkeun janten hiji bendelan anu dijudulan “HEUREUY SANTRI – KERSANING ALLAAAHU AKBAR”, Yasana Wangsa Susena, minangka hiji kumpulan tulisan anu moboga ajen anu luhur jeung matak resep utamina mah henteu matak bosen kanu macana. Kituna deui mun ditilik tina kualitas kanggo diterbitkeun jadi hiji buku geus miboga cirri anu payus keur ngamekarkeun basa sunda.

Pertimbangan eta janten hiji patokan oge kanggo ngukur kualtas tullisan, sab ieu tulisan miboga oge hikmah keur anu macana, jadi eunteung pibekeuleun hirup jeung ngabaktikeun diri kanu maha kawasa.

Tulisan ieu oge henteu ngagurui deuih kanu macana, estu enteng we di bacana the, ngeunaheun jeung matak suka bari teu karasa yen anu macana the keur dibimbing kanu bener sanajan ceuk sareat mah ukur carita anu cawokah.

Kuayana kitu sumangga ieu kumpulan carita Heureuy Santri teh nyanggakeun. Pamugi tiasa aya pulunganeunana pibekelen hirup jeung jaga urang keur diaherat.

Aamiin.


DAFTAR EUSI 

Naha leres kitu soanten abdi teh raoseun dikupingkeunana?
Tah jojodogna ku embe hiji
Kersaning aloooohu akbar
Tingkah jelema belegug
Kasasar di tanah suci
Salaki tukang salingkung
Da ieu oge lain curuk
Piraku kudu jeung solatna
Naha bener roko the haram
Masjid rugrug
Nyaliksik diri
Nungguan berkah nu sejen deui
Naha acuk murag, mama nu humaregung
Bener syetanmah tukang ngaharewos
Tarikh ayat panungtung
Hoyong dipecut saratus kali, bari dipoe di alun-alun, kalayan ditaranjangan
Nu buraong tobat teu kebat
Bingung
Maen bal
Jalma beunghar pelit
Alah euy geninga kami mah teu di sada
Teu sudi
Metik hikmah tina paguneman kangjeng nabi isa. As
Metik hikmah tina paguneman kangjeng nabi isa. As.
Ngan ngome wae seleting
Tong wani-wani nginum ieu cikopi
katohyan

Alhamdulilah…mama …sim kuring mah.. Atos

Siga bener
Mapag bulan Ramadhan
Umur
Maling nu rapékan
Mulung supa


1. NAHA LERES KITU
SOANTEN ABDI TEH
RAOSEUN DIKUPINGKEUNANA?


Di lembur keur acan usum TOA komo sound system mah, muadzin nalika rek adzan teh sok naek kana munara masigit, bagian suhunan masigit nu pangluhurna atawa sabagian adegan masigit nu leuwih luhur ti suhunan masigit minangka papaes nu memang fungsina dicawiskeun keur Muadzin nu rek adzan.

Kacaritakeun aya hiji Muadzin nu sorana hade, manehna kapeto jadi Muadzin maneuh di eta masjid lembur tur geus ditetepkeun ku kasapukan sarerea. saprak manehna jadi muadzin nepi ka urang lembur teh loba nu mikareueus ka manehna. Samodel harita kadenge sabagian jama'ah masjid aya nu nyarita:

"Duh bener-bener bawa ti 'Kadim' siganamah eta sora teh, mani genah pisan kadengena, dewek oge jadi kapangaruhan euy saprak si eta adzan tur ditetepkeun jadi mu'adzin di masjid urang ..jadi rada resep jama'ah ka masjid yeuh…"

"Heueuh…bawa ti 'kadim' …nya siganamah lain ti 'Kodim'…? hehe..Ngan aya anehna euy, sabab katingali saban-saban manehna rengse adzan sok tuturubun turun ti munara bari tuluy lumpat ngajauhan munara. Aya naon nya …?" Ceuk jama'ah masjid nanya ka baturna.

"Heueuh nya euy…? sugan teh dewek wungkul nu ngarasa aneh kitu teh…! aya naon nya..jadi panasaran…hayang apal dewekmah…boa-boa .." Ceuk nu saurang deui mairan obrolan.

"Boa- boa naon.?..kade ah ulah sok su'udzon …angguranmah urang tanya bae..ka jinisna.." Ceuk jama'ah nu tadi ngamimitian muka obrolan.

"Heueuh Boa-boa….pamake manehna nu matak jadi sorana alus teh…yen sarengsena adzan teh kudu lulumpatan…".  Ceuk jama'ah nu tadi ngomong 'boa-boa' tea.

"Ah aya-aya bae didinya mah….alukanmah urang tanya bae ka jinisna…Mbeh teu aya sangkaan nu lain-lain…." Ceuk nu ngamimitian muka obrolan nandeskeun.

Keur anteng guntreng ngobrol kitu, tiluanana kagareuwahkeun bari tuluy ting lalieuk ka arah jalma nu tuturubun ti Munara masigit sihoreng Mu'adzin nu keur diobrolkeun tea…ka tingali si eta mu'adzin teh semu gura-giru….kaluar ti masigit, bari tuluy ngaderengdeng lumpat ngajauhan masigit. nu tiluan tadi ngobrol jeung jama'ah sejenna ukur silih pelong, hemeng ku kalakuan eta mu'adzin.

Teu lila katingali rentang-rentang si eta Muadzin datang deui ka masigit, barang geus deukeut ka masigit katingali haruhah-harehoh ambekanana semu nu cape, heueuh rek teu cape kumaha da tos lulumpatan. geus kitu mah tuluy bae manehna teh katingali asup ka jamban abdas, rengse abdas tuluy manehna asup deui ka masigit, ngan haritamah meureun pikeun meupeuskeun kapanasaran…sakabeh jama'ah kalayan dipingpin ku pupuhu DKM langsung ngariung si eta muadzin. Demi si muadzin diriung kitu teh, katingali siga nu reuwas, keurmah tos lulumpatan kari-kari ayeuna jol diriung kitu, kedenge manehna nyarita:

"Ke ke…aya naon ieu teh …bet ngariung abdi, janten rareuwas ieu teh ?"

"Kieu…ieu teh yi !…Akang jeung jama'ah masjid teh ngarasa hemeng ku polah ayi, nu ti mimiti ditetepkeun jadi muadzin di ieu masjid, bet araneh teuing ditingalina, naha sarengsena adzan bet langsung lulumpatan….aya naon kasang tukangna….heueuh ditanya kieu teh ngarah jelas jeung sangkan teu aya sangkaan nu lain-lain…", Jawab DKM panjang lebar.

"Oh….perkwis eta sun..!…kieu eta teh naon sababna abdi lulumpatan sarengsena adzan teh….abdi teh seja nyeepkeun kapanasaran hoyong ngupingkeun soanten abdi ti katebihan..Naha leres kitu, soanten abdi teh raos dikupingkeuneunana ?"

"Haaaar... baruk…?"

 Caaag.



Tidak ada komentar:

Posting Komentar