Jumat, 31 Desember 2010

PIRAKU KUDU JEUNG SOLATNA

Ku : Wangsa Susena, S.Pd.I.
"Pa DKM…! ku naon ieu teh…naha bet huleng jentul kitu..bangun aya nu dipikiran…?," Ceuk saurang warga masyarakat nu jadi salah saurang Donatur pangbadagna dina pangwangunan Masjid, nu ujug-jug datang ti tukangeun bari tuluy nanya ka ketua DKM nu keur….kukurilingan nitenan wangunan masjid nu anyar rengse diwangun.
"Oh ..muhun ..ieu teh…rada aya nu diemutan…"Semu ngarenjag reuwas ketua DKM ngajawab
"Kurang naon deui atuh…..sok wakca ka kami…" ceuk Donatur nanya deui bari nawaran jasa….
"Ah..henteu kirang nanaon sun ! sakieumah parantos cekap…kantun eta panginten…euu.."….ceuk ketua DKM…ngajawab ngan teu kebat da kaburu dipotong omongan
"Tinggal …naon deui…atuh…sok balaka…ka kami….! ceuk Dontur nanya deui semu panasaran
"Eta sun….sim kuring teh…ngemutan eta….eu.." Siga nu teu wani kedal lisan…ketua DKM ngajawab deui..bari teu kebat deui da dipotong omongan
"Enya sok nyarita…butuh naon deui….semen…pasir…bata…dana…atawa butuh naon..?" ceuk Donatur bari nangtang nawarkeun jasa deui
"Ah sanes sun !…sadayana oge sanes… da tos rengse geuningan ngawangun masjid teh…kangge naon eta sadayana.." ceuk Ketua DKM…ngajawab
"Nya mikiran naon deui atuh ?" ceuk Donatur nanya deui
"Sumuhun …ningal kana rengsena ngawangun mesjid-mah..sim kuring teh ngaraos reugreug, reueus, oge ngaraos bingah pisan…nepi ka kabingah ieu teh, teu tiasa dikedalkeun ku lisan..saking bingah-bingahna…..ngan eta sun ! nu janten emutan teh saupamina sumping waktos sholat…naha…abdimah janten nalangsa…" ceuk ketua DKM
"Naha bet nalangsa….?"ceuk donatur nanya
"Muhun …pami ningal sumanget masyarakat nalika ngawangun masjidmah…sim kuring teh…reueus pisan, geuningan masyarakat teh katingalna meni saregut dina nyumbang jasa, boh danana, dayana sareng sajabina…" ceuk DKM rada panjang lebar.
"enya ..kaasup kami meureun nya…?" ceuk Donatur ngareueurkeun lampah sorangan.
"Muhun kalebet salira sun !…katampi pisan..da pangageungna salira teh dina nyumbang….sakali deui haturnuhun pisan….mugia sing diwales ku Alloh kalayan wawales nu sae..mungguh Manten-Na …amin..! ceuk ketua DKM ditungtungan ku ngadu'akeun
"heueuh alus..!…apan kudu kitu lin…?" ceuk donatur…
"leres pisan…kitu kedahna…ngan eta nu janten pasualan teh….nalika sumping waktos sholat..naha sumanget berjama'ah teh….bet ngagejret pisan, Meni teu araya …jema'ah teh ukur sabaris..padahal wangunan teh henteu heureut sapertos kapungkur, ayeunamah lalega, tur lalugina masjid teh…." Jawab ketua DKM semu ngaheruk.
"Aeh….apan rarasaan kamimah geus cukup ngabantu teh…ti mimiti kabutuhan bahan bangunan, nepi ka bea nu sejenna..apan kami geus mere, ayeuna perlu jema'ah pikeun sholat, PIRAKU KUDU JEUNG SHOLATNA…ngabantu teh?" ceuk donatur….bari tuluy ngoloyong teu uluk salam-uluk salam acan
"Haarrrrr……ari pangersa…??????". ceuk Ketua DKM bari molohok…
Caaag.

Subang, Panungtung taun 2010