Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I.
Teuing ti mana datangna, teuing kumaha mimitina ngancik kaasih dina ati, mijahna rasa katresna nu ngagalura dina jero dada harita, heueuh ti mana datangna éta kacinta nu terus ngarorobéda. Lah ..sok bingung mikiranana, komo mun seug ngadéngé laguna kang Doel Sumbang mani pas pisan rarasaan téh, ngeuna ka diri harita nu keur dulungdungdéng, baluweng, bingung teu paruguh pipikiran, heueuh kaédanan téa meureun, nu kieu geuning syair laguna téh, heueuh ieu ogé mun teu salah:
…….
Teuing iraha ...
teuing ti mana...
datangna ieu rasa ...
dina jero dada..
ujug-ujug nyampak bari nyiksa......
Tah kitu rarasaan kuring waktu harita, éstu keur kabawa palid ku caahna rasa kaasih, nepi ka saré henteu mirasa, dahar ogé henteu tibra...aeh salah...dahar teu mirasa ..(da puguh beak sanguna)..sare teu tibra (da digemrong tumila)....hehe. mun nangkarak asa luhureun, mun nyagigireun asa gigireun, mun nangkuban asa handa....aeh...tong ditersukeun ah !....lah pokona mah, keur diganggayong ku rasa bogoh nu moho, dirobeda rasa kacinta nu mokaha ku hiji wanoja. kabawa palid ieu ati ku cai kaasih ka hiji istri, kabawa mijah ku rasa tresna ka si manéhna. reup kadeuleu, beunta karasa, éstu asa ucang-ucang dina bulu panon, horéng dikoréhkeun téh ...geuningan cileuh..da hudang saré...héhéhé.
Heueuh rék teu ka irut kapincut kumaha kuring ku manéhna, da ditelek-telek, bari di sidik-sidik heueuh kituna téh ti kajauhan bari jeung maling deuleu, da ngahaja mencrong mah kuring teu wani, éstu manéhna téh boga keureutan beungeut nu geulis, ceuk ukuran kuring nu kaeunteupan rasa bogoh ka manéhna. Éta mun seug ditilik ti gigir lenggik matak narik ati nu hayang metik kaasih ti manéhna, dipandang ditukang éstu lenjang matak kabayang-bayang, di teuteup dihareup éstu sieup matak mawa rasa kageugeut mun seug pareng paadu teuteup, éta pameunteuna mani ngadaun seureuh matak kumejot haté hayang ngajadikeun manéhna beubeureuh, terus gadona lir ibaratan endog sapotong..teuing nu sapotongna mah kamana....?...mun pareng dirérét deui, éta irungna u mancung...lah mun seug jadi pamajikan kuring téh geus pasti bakal kaasup ..."memperbaiki keturunan"... da rumasa kuring mah irung téh mancungna ka jero...héhé..Lah pokona mah éstu geulis bawana ngajadi, endah bawana ti ..kodim ..aéh ti kudrat maksud téh.
Terus mun seug ningali kempotna dina dua damisna, duh éta mah éstu ..matak asa ngabetot jajantung. Komo mun seug manéhna pareng malédogkeun imut...seblak téh haté kuring nyeblak....serrrr nud..! ...terrrr ...teu puguh rarasaan. asa dibalédog ku balati nu pas nanceb nembus kana jajantung. Terus deui mun pareng manéhna ngarindat éstu matak tibelat, mun seug ngadilak duh ieu haté matak nyeblak. Terus mun seg mésem éstu matak kasengsem, mun keur seuri matak narik ieu ati, mun keur leumpang matak haté kagembang. Komo mun seug manéhna pirajeuneun ngadeukeutan ka kuring, tuluy diuk gigireun kuring, éta mah da teu puguh rarasaan, samar polah, samar cabak. ngomong ogé jadi arap-ap-eurep-eup, aga-eugeu, bingung kudu ngomong naon, létah asa mondokan, tikoro asa garing.
Kasiksa…..bener-bener kasiksa..nahan rasa nu ngagalura lir ombak sagara dina ieu jero dada waktu harita. Bingung…! kumaha cara ngedalkeunana, bingung kumaha cara ngabudalkeunana…bener-bener bingung teu manggih tungtung. susah rasa pikeun wakca. Heueuh kuring jujur ayeuna… harita mah da kakara atuh kuring kaeunteupan rasa samodél kitu nu kacida nyiksana. Padahal mun seug ayeuna ...geus pasti béda deui caritana. Ari ayeuna mah geus apal kumaha carana kedal, geus nyaho cara kumaha kuduna wakca. Ayeuna mah saeutik-eutikeun geus boga pangalaman boh ditarima ogé ditolak dina pasualan cinta. sedengkeun harita éstu bolostrong teu nyaho nanaon. Heueuh hanjakal datangna éta rasa téh harita lain ayeuna.
Heueuh rék teu kasiksa kumaha ieu rasa, éta mun seug datang waktuna beurang rarayna remen kabayang, mun seug datang wanci peuting remen kabawa dina hariring ati lir dadali manting ti peuting. Éstu teu bisa dipapalérkeun, teu bisa dibébénjokeun, gawé ogé kabawa teu nyalsé da loba ngajéngjéhé perbawa ieu haté, léngkah loba jadi gaflah da perbawa rasa nu marudah, gawé jadi ukur ngalamun ngahurun balung. Nyipta-nyipta bari neneda kanu Maha Kawasa mugia tiasa laksana, tur nyuhunkeun widi ka Gusti Nu Maha Suci pikeun ngabuktina harepan-harepan anu ngancik dina ati.
Heueuh harita kuring sok sering ngalamun bari nyipta-nyipta cita-cita sugan jadi nyata, saupamana manéhna nampi ieu niat suci nu seja nitipkeun saketi kaasih, nu seja nepakeun salaksa suka ka manéhna, meureun kacida lugina jeung bagjana ieu ati. Terus saupamana manéhna bisa nampa ieu katresna ogé kacinta nu ngagunduk dina kolbu kuring, nu harita pinuh ku kagandrung liwung ka manéhna, meureun kacida sugemana ieu rasa. Terus mun seug bisa silih kedalkeun rasa kaasih anu ngancik dina ieu diri nu mekar ligar dina rasa jeung harepan cinta lir mega nu bodas nyacas ngahias dina pigura rasa, éstu cinta nu clik putih clak herang..ehm pasti bagja tanpa wates wangenna.
Kabayang dina rasa, kacipta dina dada waktu harita, harepan téh laksana sagala paneja di tampa ku manéhna kalayan manah anu leah nu hasilna mantak tumaninah. Kabayang dina lamunan di tampana ieu cinta ku manéhna, ehmmm...bagja kacida karasana. Tuluy nekadkeun dina hate kalayan mancegkeun niat nu suci tur mulia, salilana bakal ngajaga, salawasna bakal ngariksa tur ngadama-dama, bari ngabina sangkan dugi ka ngawangun hirup ramah tangga anu dijerona pinuh ku rasa suka jeung bagja bari dilimpudan ku karidhoan Nu Maha Kawasa. Tuluy melak kasapukan hate yen tetep bakal ngaitkeun kaasih dina ati sanubari, nu salilaana bakal ngahias pigura rasa boh keur susah atawa bungah, nu bakal dipajang dina cipta, bakal ditayangkeun dina dada, bakal dinangna-dinengne dina hate, tur salilana bakal nyongcolang dina cita-cita nu bakal dihontal ku kasabaran jeung kasatiaan, ku kanyaah jeung kaikhlasan. Bari netepkeun jangji moal bakal cidra subaya, moal lanca linci luncat mulang udar tina tali gadang, moal undut kalinduan moal gedak ka anginan, moal luntur ku ka ibunan, moal rék laas ku kahujanan .
Tapi…! Kumaha atuh nepikeun ieu rasa, kumaha ngedalkeun sagala cita-cita nu harita dicipta-cipta, kumaha atuh carana ngabéjakeun sagala paneja nu harita ngagalura, heueuh rumasa teu aya kawani, rumasa teu boga wawanén. Baé..ah..da ieu mah ukur pangalaman nu geus kaliwat waktu katukang duriat munggaran kuring nu teu kungsi kedal. Eujeung deui manéhna ogé ayeuna mah geus dua anakna ogé ceuk béja mah. kuring ogé geus batian deuih ayeuna mah. pamohalan kudu nyusul-nyusul, komo kudi ngedalkeun deui rasa nu baheula mah kungsi nyaliara ayeuna, lah... ngadon nungtun raja wisuna. Na'udzu billahi mindzalik.
Caaaag…..
Subang, 28052010