Selasa, 21 Desember 2010

Nu Poho jeung nu Dipohokeun

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I

Duh Gusti Nu Maha Heman !

Rumaos jisim abdi lamokot ku dosa sareng kalepatan
ti dinten-ka dinten sanes ngagugulung kataatan
kalah ka kamasiyatan nu janten kalangenan
ti dinten ka dinten sanes ibadah nu janten pepelakan
kalah ka lampah salah nu hantem dilakonan

Ti dinten ka dinten sanes syukur nu mapaesan
kalah ka lampah kufur nu janten kabiasaan
ti dinten-dinten sanes melak kamanfaatan
kalah ka melak laku kamadhorotan
ti dinten ka dinten sanes silih seungitan
kalah ka silih boretekeun kalepatan

Ti dinten ka dinten sanes silih tulungan
kalah ka mentingkeun diri sorangan
ti dinten ka dinten sanes melak kajujuran
kalah ka mapaes diri ku kabohongan
ti dinten ka dinten sanes mupuk diri ku kaimanan
kalah ka mapaes diri ku kamunafekan

lampah maksiyat tos janten adat
lampah salah tos janten lumrah
lampah kaniaya tos janten gaya
laku hasud tos dipigandrung
lampah mitenah tos teu dipiseunggah
lampah takabur tos teu dipikapaur
lampah nirca tos janten biasa

Duh Gusti Nu Maha Gagah

Mugia anjeun kersa netepkeun ka abdi hidayah
malar pancegna iman dibarung ku istiqomah
minuhan kahirupan ku lampah ibadah
ngajembarkeun akal ku elmu sareng hikmah
mapaes diri ku akhlakul karimah
mantengkeun ati ku kuatna kayakinan akidah
masrahkeun diri kalayan pasrah bari sumerah
tebih tina sagala laku ning lampah nu salah oge gaflah
nyaketkeun ka jisim abdi kana kahirupan nu pinuh ku barokah

Duh Gusti Nu Maha Agung !

Wungkul ka Anjeun jisim abdi nyalindung
wungkul ka Anjeun jisim abdi neda pitulung
Tetepkeun husnul hotimah nepi ka dinten panungtung
Bebaskeun jisim abdi tina nafsu nu matak kaduhung

Duh Gusti Nu Maha Suci !

Rumaos Jisim abdi kaniaya ka diri
rumaos jisim abdi ngotoran ieu diri
seueur kawajiban nu kaluli-luli
seueur lampah nu matak nyilakakeun ieu dir
rumaos jisim abdi campodeh lelewodeh kana amanah Anjeun Gusti !

Mugia anjeun Gusti nampi kana tobat jisimabdi
mugia anjeun gusti ngahapunten kana dosa-dosa jisim abdi
dosa ibu rama jisim abdi, dulur-dulur jisim abdi
dosa guru-guru jisim abdi oge dosa kaum muslimin oge muslimat sadayan ....Amin Ya Alloh Ya Robbal 'Aalamin..Wa Ya Mujibassa'ilin Birohmatika Ya Arhamar-Rohimin.

Subang, 02062010

Tidak ada komentar:

Posting Komentar