Selasa, 21 Desember 2010

Nyinglar kasusah reujeung kasedih

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I.

Ibrahim bin Adham salah saurang Ulama Sufi ti nagri Bashra nu katelah Aba Ishaq, hiji waktos anjeunna ningali salah saurang jalmi nu keur susah jeung sedih. Teras anjeunna nyaketan. Barang tos caket lajeng anjeunna naros:

“Ki Silah ! ..katingalina anjeun teh keur nandangan kasedih ..pedah eta katingal dina roman beungeut anjeun ..?”

“Muhun ..syaikh .! abdi teh nuju nandangan kasusah nu pohara ..manawi salira Syaikh ..gaduh bongbolongan kangge nyinglarna …” Walon eta jalma

“Ke ..ke . kami rek nanya heula.. ka anjeun ngeunaan tilu pasualan …”Saur Ibrahim bin Adham

“Mangga ….sun !“ Jawab si eta jalma

“Nu kahji, kami seja nanya ka anjeun, naha di alam dunya ieu, aya hiji perkara atawa kajadian nu teu dikersakeun ku Allah ?

“Teu aya ..sun ! da sadayana oge apan kersa Manten-Na” Walon eta jalma


“Nu Kadua, Naha rezeki nu geus ditetepkeun pikeun anjeun teh, geus dikurangan ku Allah ?” Ibrahim bin Adham naros deui ku pasualan nu kadua kalina.

“Ah ..tangtosna oge henteu ..sun !. mustahil Allah ngirangan rezeki nu tos ditetepkeun kangge hamba-hamba-Na…” tembal eta jalma


Nu Katilu, Naha Umur anjeun nu geus ditetepkeun, dikurangan ku Allah..?” Ibrahim bin Adham naros deui ku pasualan nu katilu kalina.


“Duh ..Syaikh ..! Tangtosna oge henteu sun ! mustahil Allah ngirangan yuswa hamba-hamba nu ku Anjeun-Na parantos ditetepkeun…” Jawab eta jalma


“Tah mun geus apal bari paham kitu mah, naha atuh anjeun bet susah jeung sedih sagala.. “ Saur Ibrahim bin Adham mungkas cariosanana.

Caaag
Subang, 04062010

Tidak ada komentar:

Posting Komentar