Selasa, 21 Desember 2010

Kahariwang

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I.

Duh paur kahariwang teh nyata, paur kainggis teh ngabukti, duh ! loba pisan kapaur teh geuningan, heueuh mikiran kulak canggeum bagja wak, mikiran nasib diri, nu keur baluweng ku pipikiran jeung pikiraneun, pangabutuh numpuk, kahayang nyampak bari jul-jol datang nu maksa kudu ditedunan. liliaran asa jadi sareunggah teu puguh lengkah, antukna ukur bisa cicing ngahékok di imah bari anteng ngalamun, dibaturan ku cikopi sagelas, roko nu ukur sababaraha batang deui, nu ngahaja diawét-awét da euweuh keur meuli deuina.

"Pokonamah isuk kudu aya !, bisa teu bisa ... teu cara keur hayangna meni maksa kudu aya..ayeuna usum ditagih kalah ka ..siga kieu ..isuk -géto-isuk géto..baé ..kumaha ieu téh ?"

éta omongan nongtoréng pisan kana ceuli kadéngé baé, nyérését kana haté, leng ngahuleng pikiran jadi mingkin baluweng, kudu kumaha atuh nya pipetaeun ?. HP geus krang-kring baé disada, teu diangkat ieuh da sieun nu nagih.

Hing kadéngé budak ceurik bari sasambat 'bapa-bapa", ah ! teu diropéa, ngadon diantep, heueuh da kumaha, lain teu hayang nedunan kahayang budak, tapi kahalang ku ka euweuh, dompét hépé, pésak saat, éstu geus teu boga simpenan nanaon.

"Pa kumaha ..kaping dalapan welas juni teh tos aya.?.paingan tos caket waktosna " kadéngé sora pamajikan nu norojol ti kamar, bari terus mangku budak diais bari ngupahan.

"Aya naon kitu ..tanggal dalapan welas téh ?" jawan kuring bari tetep teu robah posisi, nyangsaya dina korsi sofa tengah imah.

"Aéh..kumaha ari si Bapa ..apan kedah ngabagikeun artos tabungan"walon pamajikan kuring

Kuring teu ngajawab, kalah ka tetep ngahukeng deui, pikiraneun jadi nambahan. Duh Gusti ! na kieu-kieu teuing, hate kuring ngajerit, heueuh tabungan barudak téh meureun kudu dibagikeun paingan geus kabancang, duh éra temenan mun seug waktuna babagi euweuh duitna. pikumahaeun kajadianana, kumaha ngajawabna pikeun méré alesan mun seug waktuna babagi duitna euweuh.

Heueuh mimitina ukur sauetik-eutik maké duit tabungan barudak téh, tapi lila lila mah teu karasa jadi boga hutang kudu dibaray. Heueuh kabancangna mah ..da kumaha digangayong ku pangabutuh nu teu kacukupan ku gajih ti pagawé honorér samodél kuring nu lah ..gajihna ogé sabaraha atuh ? kaasup kana paribasa "koréh-koréh cok" ..malah kalolobaanana mah 'cok ..koréh-koréh".. da nganjuk ngahutang heula akhir bulan dibayar, bari sok tara lunas da teu katutup. mémang teu ngaleungitkeun ka pamaréntah téh, nu ayeuna keur merhatikeun nasib guru boh nu PNS ogé nu Honorér, katarimakeun pisan. tapi tetep mun geus tepung reujeung pangabutuh mah asa kurang baé, apa mémang pangaruh watek manusa nu teu aya waregna.

Heueuh nungguan diangkat, asa ngudag-ngudag haseup, geuningan ayeuna mah status téh dijualbeulikeun siga nu dagang jéngkol di pasar. sok wani sakieu 'jadi' teu wani loba kénéh nu hayang, kitu pokna téh. heueuh rék disanggupan téh timana duitna atuh, da meni mangjuta-juta kitu mah. barina ogé da teu meunang ceuk agama ogé. najan aya ulama nu ngawenangkeun. tapi rata-ratana mah teu ngawenangkeun. heueuh jadi bingung ku itu ..ki ieu..

"Yééh...kumaha atuh pa ?" pamajikan nanya deui bari tetep ngupahan nu jadi anak nu tetep ngadingdiut ceurik hayang jajan teu katedunan.

"Heueuh ..kumaha atuh ?... tapi tenang ketang... susuganan ké aya rejeki ..apan ayeuna ogé keur dipikiran.ieu téh." walon kuring ngupahan pamajikan nu katingalina sarua siga loba kahariwang, tapi kuring sukur ka Gusti geuningan boga pamajikan téh soléh pisan haténa, heueuh ti saprak rumah tangga nepi ka batian acan aya paménta nu matak eungap nedunana, tara maksa mun aya paménta bari paméntana téh ah da teu ngabeuratkeun, éstu ngaragangan kana kaayaan kuring nu jadi salakina. éstu manehna mah sabar, tawekal, satia satuhu, bari narimakeun kana hasil usaha kuring nu sakieu buktina. tara ieu ambek mun seug kuring teu hasil dina usaha. malah sok méré sumanget kadituna mah. tah ieu nu matak jadi kuring reugreug haté téh. boga batur hirup nu salilana méré sumanget pikeun bajoang ngaeulah parahu kahirupan geusan neumbag kana ombak-ombak kapeurihna kahirupan.

"Muhun ah ..kadé ! ..isin temenan urang ..upami ..teu kabagikeun ..."Ceuk pamajikan bari terus ngaléos ka tukang.

Kuring teu ngajawab bari neruskeun lamunan. pikiran muter. Heueuh …! dirasa-rasa mémang beuki dieu téh asa beuki jauh baé ka Gusti Alloh téh, Emh …. Boa-boa jeung mémang dienyana ku akibat hal ieu pisan meureun norojolna mangpirang-pirang masalah nu ti poé ka poé téh lain tuntas, tapi kalah ka asa beuki nambahan. Nu hiji acan réngsé jol deui masalah séjén. Duka hukuman, duka teuing ujian, lamun ujian wajar, da hirup didunya mah tempatna ujian, boh ujian hadé atawa goréng ieu mah geus jadi guratan takdir Nu Maha Kawasa. Terus deuih lamun hukuman, mémang pantes ari diri sakieu kaayaannamah nu ti poe ka poe euweuh euih-euihna..

Duh Gusti ….! Jisim abdi rumaos tos tebih ka Anjeun, rumaos sering ngarempak larangan Anjeun, jisim abdi rumaos tos campodéh léléwodéh kana amanah anjeun, jisim abdi rumaos janten jalmi nu kaniaya nu dzolim ka diri pribadi jeung sasama, panginten sagala nu karandapan ku jisim abdi ayeuna minangka hasil laku lampah nu salami ieu di pidamel ku jisim abdi.

Lah ..boa-boa ..kahariwang teh nyata...boa-boa kainggis téh bukti, Duh Gusti ..! nyanggakeun sadaya-daya, mugia anjeun kersa maparin pitulung ka jisim abdi nu nuju dirungrum ku kabingung, Anjeun mah Maha Uninga... Amin.

Caaag !

Subang,06062010

Tidak ada komentar:

Posting Komentar