Rabu, 30 November 2011

Mang Juha ngadongeng deui (Tobat alatan Impian 2)

oleh Wangsa Urang Subang Pituin pada 13 Juli 2011 jam 14:55

Eureun deui jalma buraong teh tina nyaritana, ngahuleng deui nginget-nginget deui kaayaan nu kaalaman dina ngimpina, tuluy nyarita deui:

“Geus kitu tuluy akang téh ngalieuk ka beulah kenca, plek poek mongkleng teu katingali curuk-curuk acan, ngan sakeudeung kaayaan kituna téh da satuluyna bray..! katingali hiji kaayaan alam nu sarua akang acan pernah nincak ka alam éta, harita akang ningali kaayaan nu matak pikasieuneun, pikakeueungeun, matak muringkak bulu punduk, sabab katingali ku akang seuneu nu ngabeubeula ngalentab-lentab, nu mawa hawana panas kacida, panasna titikelan batan panasna sueneu dunya, ngahéab panas karasa ka awak akang, terus éta seuneu téh bet ngadeukeutan siga rek ngaduruk akang, tuluy akang ngabalieurkeun beungeut, plek poek deui kaayaan téh”. Eureun heula nyaritanai jalma buraong, narik nafas tuluy ngahuleng deui nginget-nginget deui kaayaan nu kaalaman dina ngimpina, tuluy nyarita deui:

“Tuluy akang ningalian ka sabudeureun rohangan, bréh katingali deui maraneh nu keur ngagugulung nyeungceurikan akang, akang harita teu walakaya teu bisa kukumaha, ukur bisa pasrah kana kateuwalakayaaan. Barang keur kitu, gebeg akang téh ngarenjag reuwas, sabab aya nu datang hiji makhluk teuing ti mana datangna, awakna minuhan rohangan, kacida badag jeung jangkungna, nu manehna téh ngaku-ngaku ngaranna Izroil…” jep deui eureun sakeudeung jalma buraong tina nyaritana, leng ngahuleng deui nginget-nginget deui kaayaan nu kaalaman dina ngimpina, tuluy nyarita deui


“Tuluy manehna nyaritakeun maksud kadatanganana ka akang, horeng manehna téh rek nyabut nyawa akang, harita akang langsung nolak, adug lajer nyingkahan manehna, nolak embung-embungan, akang gugurinjalan, ngan orokaya akang harita teu bisa kukumaha, éta makhluk nu beungeutna piksieuneun teh, tuluy ngaranggeum bari terus ngajenggut bari ngagugunyeng sirah akang, bari kadenge manehna nyarita ka akang:

“Cicing siah.! Maneh geus waktuna kudu mulang !.wayahna ..katetepan pangeran teu bisa diengke-engke ogé teu bisa di geura-geura, estu kabeh ogé geus aya katangtuanana masing-masing,…tah ! ayeuna giliran katetepan maneh nu geus tumiba…..ku kituna ..tarimakeun kalayan pasrah….”

“Kitu pokna téh bari terus ngadudut nyawa akang, duh geuningan meni karasa pisan nyerina dicabut nyawa teh, lah nyerina téh meni kacida ..perih ting sereset asa boga tatu parna sawak-awak…tuluy diseblok ku ci uyah, peurih ..peurih karasana ..peurihna kacida tikel-tikelnal. Duh ! pokona mah nyerina teu bisa kagambarkeun ku carita, harita akang adug lajer nahan kanyeri aduh-aduhan ..karep mah hayang ngalawan nyingkahan eta makhluk tapi tetep teu bisa, akang jejeritan gogorowokan menta tulung ka maraneh, tapi naha bet caricing bae, kalah ngadon terus milu ngagugunyeng akang bari careurik..…tah nu matak akang ngagorowok téh éta kajadian nu kaalaman dina impian akang téh “Ceuk jalma buraong mungkas caritaanana

“Oh..! kitu kang !..tah geuningan ..panggeuing teh datangna ngaliwatan impian. Nu matak geura eureunan laku jahat teh, geus ayeuna mah sing geura sadar, geura tobat ayeuna mah , apan umur akang teh geus tunggang gunung, sok ulah sieun teu ditarima tobat ku Pangeran, nu penting mah niat tobatna, kalayan ikhlas bari niat moal ngalakukeun deui eta kalakuan, kitu apan ceuk pa Ustadz oge dina tiap pangajian nu ku kami sering ngahadiran” ceuk Pamajikanana nyarita, nu titatadi ukur ngadedengekeun. Bari pok nanya deui:

“Terus éta ngagorowok nu kadua kalina…akang ngimpi naon deui ..?”pokna deui nanya ka salakina jalma buraong tea. “Terus éta ngagorowok nu kadua kalina…akang ngimpi naon deui ..?”pokna deui nanya ka salakina jalma buraong téa.

“Tah…éta mah akang ngimpi deui, nu leuwih anéh sabab bet nyambung impian téh, harita dina impian nu kaalamaan ku akang saréngséna nyawa akang kaluar tina jasad, naha akang bet bisa ningalikeun layon akang keur dipulasara ti mimiti dipandian, tuluy dibungkus ku boé, di shalatan, tuluy digarotong ku pasaran tug nepi ka akang dipendem, réngsé layon akang bérés dipendem, tuluy maranéh marulang, karep mah akang harita téh hayang nuturkeun milu balik jeung maranéh, tapi teu bisa siga aya ahahalang nu kacida kuatna nghalangan akang, akang ukur bisa gogorowokan ngageroan ka maranéh, ngan euweuh saurang ogé ti antara maranéh nu ngadéngé kana panggero akang, maranéh tonggoy baralik ninggalkeun akang nu nyorangan cuang-cieung euweuh batur ngobrol, taya batur geusan jadi pamuntang tulung, akang harita ceurik nga naha-naha kana kaayaan, tengteuingeun pisan maranéh ninggalkeun akang sorangan…” jalma buraong eureun heula nyaritana, tuluy neureuy ciduh maseuhan tikorona nu karasa garing, geus kitu tuluy ngalanjutkeun deui caritana:

“Geus kitu mah tuluy akang téh siga aya nu nungtun pikeun ngadeukeutan layon akang nu aya dijero kaluat nu dibungkus ku boéh, duh mani kacida paroék mongkléng buta radinna kaayaan téh, geueuman, tempatna kacida heureut ukur pipinding padung jeung lemah nu ngalingkung rohangan tempat akang ngajelepeng, tuluy karasa siga aya nu nungtun ka akang pikeun ngasupan deui kana jasad akang nu tadi geus jadi layon téa, geus kitu karasa aneh deui ku akang, sabab akang tuluy bisa usik deui, gurinjal akang téh ngagurinjal, tuluy akang gugurinjalan nepi ka boéh nu mungkus layon akang téh ngajebral muka. Karep seja nguniang diuk, ngan teu bisa da tempatna duk-dek heureut…jadi akang teu bisa laluasa usik, teu bisa diuk-diuk acan, ukur bisa ngajelepeng, nangkarak ngabebengkang…karasa eungap, sumpek, rupek..jeung sajabana..”

“Keur teu paruguh akang ngararasakeun kaayaan, akang reuwas, sabab dadak sakala kaayaan téh asa jadi robah, akang asa pindah alam, pipinding padung teu katingali deui, akang harita rada bisa laluasa usik jeung diuk, tapi tetep kaayaan téh poék mongkléng, barang keur kitu torojol téh aya nu datang hiji tangtungan jalma, akang ngarasa reuwas campur bungah da asa aya batur. Katingali ngaduekeutan, ku akang disidik-sidik éta jalma téh, naha bet dedeganana ampir mirip sarimbag jeung akang, ngan hanjakal remeng-remeng ku akang katingali beungeutna, duh ! akang téh bet teu kuat neuteup lila, sabab goréng patut kacida, beungeutna pinuh ku bilatung, tina ceulina kaluar kala jengking, tina irungna kaluar bilatung, lah pokona mah geus teu mangrupa beungeut, tuluy awakna bau hangru ditambah bau bangké, nepi ka akang mekek irung sebel hayang utah, tapi akang ngawanikeun nanya ka manéhna, “Ké..ké…hampura ki silah !...ari ki silah téh saha ?’...ceuk akang nanya ka éta jalma, kadéngé manéhna ngajawab:
“Mun anjeun hayang apal…! Yeuhhh..kami téh apan ..batur anjeun salila anjeun hirup di alam dunya…”

Ngadéngé jawaban kitu ..harita kénéh akang ngageter awak leuleus satulang sandi….campur reuwas, bari tetep dina haté was-was antara percaya jeung teu percaya kana jawaban éta jalma nu anyar datang, tuluy akang nanya deui ka manéhna:

“Ah..nu bener siah…! Teu .!.teu rumasa ..kuring ..boga batur siga anjeun..tong aku-akuan siah..! kaditu nyingkah…nu jauh !...teu rumasa aing boga sobat siga anjeun ! kaditu ,,,aing teu kuat ku bau manéh …kaditu siah nyingkah sing jauh !” Dikitukeun ku akang manéhna ngajawab deui:


“Tong mungkir anjeun…! Tong ngusir kami ! apan keur di dunya mah anjeun kacida resepna ka kami, ampir anjeun teu bisa leupas ti kami, éstu anjeun téh ngadalitan ka kami béak beurang bék peuting ..apan anjeun téh resep hirup reureujeungan eujeung kami, mun aya nu misah téh ..anjeun kalah ka ngadat, kalah ngajak perang, … tapi naha ayeuna bet teu ngaku siah !...kalah ngusir kami..”

Ngadéngé jawaban éta jalma kitu, akang jadi panasaran, tuluy akang nanya deui,“Nya seug lah …! bisi kami poho..da batur kami téh loba ..nya saha..atuh anjeun téh nu sabenerna ?..kami jadi panasaran..” Kadéngé manéhna ngajawab deui:


“Yeuh ..! apan kami téh bukti tina laku lampah anjeun salila hirup di alam dunya…ieu kami bukti tina laku ngajahat anjeun ka sasama !, ieu kami bukti laku lampah ngagunasika anjeun ka sasama anjeun !, ieu kami bukti laku teu ecreug anjeun nu salilana ngarugikeun ka sasama anjeun !, ieu bukti laku kaniaya anjeun ka sasama anjeun !, ieu kami bukti laku culas anjeun ka sasama anjeun !, ieu kami bukti laku mergasa anjeun kana hak sasama anjeun !..tah ieu kami bukti laku nu nukang nonggong anjeun ka Pangéran anjeun !…ku kituna wayahna ..kami kudu jadi batur anjeun ayeuna, narima teu narima ..anjeun kudu narima …”

Ngadéngé jawaban kitu ..akang…teu bisa kukumaha, pasrah kana kaayaan, da diusir ku akang téh si jalma kalah ka tetep mugen hayang tetep maturan, akang ukur bisa nyegruk ceurik, pinuh rasa kaduhung, bingung teu manggih tungtung, susah rasa nu taya sudana, akang ukur bisa nga naha-naha kana kaayaan, nganaha-naha ka diri, akang ukur bisa sasambat ka ema jeung abah, sasambat ka maranéh, akang ménta tulung, keueung, sieun, akang gogorowokan…ukur bisa kitu kaayaan akang harita”.

“Barang akang keur tagiwur rarasaan kitu, karasa ku akang kaayaan téh ngadadak inggeung siga aya lini, kadéngé sora angin nu séah, nambah rasa ka keueung akang, dédéngéan nu teu paruguh kadéngé ku akang, tuluy kadéngé sora nu ngagejlig leumpang ngadeukeutan, nu léngkahna ngeundeurkeun kaayaan, léngkah-léngkahna matak soak nu ngadéngé, matak ngaruntagkeun jajantung, éstu léngkah nu matak pikakeueungeun ....." (Hanca)

Caag
Subang,13072011

Tidak ada komentar:

Posting Komentar