Rabu, 30 November 2011

Mang juha ngadongeng deui (Tobat Alatan Impian 3 ) Khotam

oleh Wangsa Urang Subang Pituin pada 14 Juli 2011 jam 12:00

“Gejlig !..gejlig…!..kadéngé léngkah nu datang téh mingkin ngadeukeutan, ceuli akang asa katorékan ku ngadéngé léngkahna, sabudeureun rohangan nu ku akang dicicingan ..inggeung siga aya lini pangaruh ku léngkah nu datang nyampeurkeun, sora angina mingkin séah, nambahan kakeueung akang, ..Gejlig….!....gejlig…!...beuki deukeut baé…awak akang ngageter, ngadadak asa kapupul bayu awak akang leuleus lungsé taya tangan pangawasa, kabawa ku kaayaan, tuluy akang ngedepruk sideku, tuluy akang nutupan beungeut ku dua dampal leungeun akang, akang tipeperekt embung ningali nu datang nepungan, akang embung tepung jeung maranéhna, karep mah akang téh hayang ngeujat ti dinya, …tapi….akang teu walakaya, ..sedengkeun jalma nu ngaku babaturan akang tadi, ukur cicing ngajentul siga nu teu malire kana kaayaan akang”.

“Gejil-gejlig…sora léngkah téh geuning sigana lain saurang tapi kadéngé sora léngkah duaan, ..akang ngadedéngékeun, bari tetep teu puguh rarasaan, jeung panasaran saha nu datang téh..?...bakat ku kapangaruhan ku kayaan nu kacida keueungna akang tetep sideku ngarumpukan beungeut ku dua dampal leungeun akang, bari satengah sujud dua siku akang disendekelkeun kana taneuh, kitu kaayaan akang harita, éstu keueung, kakeueung akang harita, éstu keueungna kacida…bari tetep sasambat ka maranéh, akang ménta tulung…akang hayang dibaturan…” jep jalma buraong téh ngeureunkeun caritana, tuluy rada ngahuleng siga nu aya diinget-inget, tuluy neruskeun deui caritana:

“Keur tagiwur rarasaan kitu, jep sora léngkah téh teu kadéngé deui, siga nu eureun hareupeun akang, tuluy kadéngé aya sora nu handaruan, kadéngé rada sesentak, éstu sora nu matak ngaruntagkeun jajantung jeung matak ancurna gegendangan ceuli, kadéngé maranéhna nyebut aran akang, sababaraha kali. Akang tetep sideku bari ngarumpukan beungeut ku dua dampal leungeun akang, tuluy kadéngé deui manéhna nyarita:
“Yeuhh…manusa !...sok cengkatkeun sirah andika, buka leungeun nu nutupan beungeut andika téh, prak geura madepkeun beungeut andika ka kami duaan, ..sok tong talangké harérésé….!,,geus waktuna andika ..ngajawab patakonan kubur nu minangka tugas kami duaan, siap teu siap kana ngajawab patakonan kami andika kudu siap…!” ceuk éta sora nu datang tadi, bari nyebutkeun aran maranéhna duaan, nayéta manéhna ngaku aran Munkar jeung Nakir….”
Dititah kitu akang téh nya kapaksa ngawanikeun nyengkat sirah, sanajan nyampak rasa kasieun nu kacida, tuluy akang ngarobah posisi nu satengah sujud téh jadi diuk, tuluy muka dua leungeun akang nu nutupan beungeut, bréh katingali ku akang, aya dua makhluk nu kacida jangkung badagna, beungeutna pikasieuneun, bari katingali mamawa paneunggeul tina gada nu kacida baradagna, mun seug diteunggeulkeun ka awak akang téh geus pasti bakal ancur teu mangrupa. Ningali kitu tuluy akang nyéségkeun awak najan karasana leuleus ogé saised-saised ka sisi éta rohangan tempat akang cicing harita, karep mah akang hayang lumpat ngejat ngajauhan, tapi teu bisa… kadéngé maranéhna nyarita, nakon akang ku patakonan nu kahiji, patakonan nu ampir mirip jeung nu dibaca ku lebé nalika nalqinkeun akang tadi pas beres dipendem, memeh maranéh arindit ninggalkeun akang”
“Man Robbuka….?. (..saha pangeran andika….?)”…..ceuk éta makhluk ngamimitian nanya ka akang,….akang ngabigeu teu bisa ngajawab
. “Man Robbuka…?....saha pangeran andika…?’….makhluk téh nanya deui ka akang, akang tetep ngabigeu teu bisa ngajawab….nepi ka tilu kali, akang tetep ngabigeu, létah asa kaku, pikiran ngalayang neangan jawaban tetep lebeng teu inget kana naon-naon, keur anteng pikiran akang neangan jawaban, hiuuukk…..asa aya angin nu nebak ka awak akang, hawana karasa ngahéab..panas kacida, sora ngahiukna ..handaruan …….ngan habek téh awak asa aya nu neunggeul,…atuh goak téh akang ngagoak ..da geuningan akang téh diteungeul ku gada nu badag nu dicekel ku salah saurang makhluk nu ngaku Munkar jeung Nakir téa, ….”
“Akang gogoakan, nahan kanyeri, awak asa pasiksak, tulang asa remuk, sirah asa bencar ku akibat teunggeulan éta, ngan teu lila kaayaan kituna téh, …karasa akang téh jagjag deui, awak nu remuk téh asa beleger deui ..” jep jalma buraong téh ngeureunkeun deui caritana, ngarenghap narik nafas jero pisan, demi pamajikanana ngadedempes ngadéngékeun salakina nu keur ngadongéng. Tuluy jalma buraong téh neruskeun deui caritanana:
“Tuluy Maranéhna …ngajukeun deui patakonan nu kadua kalian, “Man Nabiyyuka ? (….saha Nabi andika ?)” ..persis siga kana patakonan nu kahiji akang ngabigeu …teu bisa ngajawab. Hiuuuk deui ....asa aya angin nu nebak ka awak akang, hawana karasa ngahéab..panas kacida, sora ngahiukna ..handaruan …….saperti tadi ..ngan habek téh awak asa aya nu neunggeul,…atuh goak deui .. akang ngagoak nahan kanyeri…”
“Tuluy maranéhna nanya deui ku pertanyaan nu katilu kali, nepi ka nu kagenep kaliana, “Ma diinuka ..?...(naon agama andika …?)” ....Maa Qiblatuka…? (Naon kiblat andika ..?)” ….”Maa Imaamuka…?..(naon Imam Andika …?)” ….”Man ..ikhwaanuka ?...(saha nu jadi babaturan andika..? )”…. Lebeng kabéh ogé ….euweuh nu kajawab ku akang, satiap akang teu bisa ngajawab diantara patakonan éta ..akang diteunggeulan ….tuluy beleger deui …kitu jeung kitu…baé kaayan akang harita, nepi ka akang ukur bisa ..gogoakan,gogrowokan Ampuunn….!....tobaat..!...kuring tobaaaaat..!Ampuuunn !......nya nepi ka akang hudang ..da…diguguyah ku manéh…”
Ceuk éta jalma buraong ..mungkas carita nu kaalaman dina impianana.
Jep jarempé duanana rarépéh teu aya nu nyarita, ting haruleng mikiran naon nu tadi dicaritakeun, teu lila ngong kadéngé hawar-hawar sora adzan shubuh ti masigit, kojéngkang jalma buraong téh ngojéngkang tina diukna muru ka lawang panto, ngan teu kebat manéhna ngarandeg da ditanya ku pamajikanana:

“Rék kamana kang ..?”

“Rék ka cai ah..! beberesih, ..geus waktuna ..sholat shubuh..kami rék diajar tobat…” jawab jalma buraong bari nongtoyod leumpang muru ka lawang panto kamar tuluy kaluar nuju ka jamban.
“Alhamdulillah….ya Allah …! Do’a abdi diijabah ku Anjeun …geuningan salaki abdi téh ayeuna…sadar najan ngalangkungan impenan…duh Gusti ! mugia ..Anjeun netepkeun hidayah ka caroge abdi ..oge ka jisim abdi, ka kulawarga abdi ..oge kaum muslimin sadayana ..tug dugi ka anjeun ..misahkeun nyawa tin raga-raga abdi sadaya, sareng mugia anjeun netepkeun ..kaislaman abdi-abdi sadaya tug dugi abdi-abdi sadaya maot, sarta mugia anjeun netepkeun kana maot-maot abdi sadaya ..teh maot nu husnul khotimah….” Ceuk pamajikanana, bari manéhna sarua tuluy ngojéngkang nuturkeun salakina ka jamban.

“Tah kitu dongengna mah euy, !” Ceuk Mang Juha mungkas caritaanana.

“Duh ..meni resep mang, sihoreng hidayah mah datangna henteu disangka-sangka, anging kersaning Alloh Ta’ala, jeung kumaha nya mang nasib kuring jaga di alam kubur, naha bakal salamet bisa ngajawab patakonan malaekat naha moal nya?... asa loba kahariwang kieu geuningan mang !" 

Caaaag

Subang 14072011

Tidak ada komentar:

Posting Komentar