Rabu, 30 November 2011

Hariwang

oleh Wangsa Urang Subang Pituin pada 21 Juli 2011 jam 18:52

Bingahna mah bingah, ngan hariwang salempang karaosna, margi syare'atna mah nambih yuswa teh tapi hakekatna mah geuningan ngirangan tina kontrak nu tos ditangtoskeun ku Nu Maha Kawasa. Muhun hariwang kana kalaipan diri, nu sakieu kaayaanana, lengkah seueur keneh sering nincak kana jalan salah, tabe’at masih keneh seueur mawa mafsadat batan manfa’at, masih keneh campodeh lelewodeh kana amanah. Hirup masih seueur keneh omeaneun,
Ya Alloh Nu Maha Heman, Kalayan Kaheman Anjeun Gusti ! jisim abdi masih tiasa dipaparin yuswa dugi ka wangkid kiwari.
Ya Allah Pangéran Jisim abdi !

Ya Allah Dzat Lautan Hampura, Nu Maha Kawasa tur Maha Wijaksana

Rumaos jisim abdi tos laku kaniaya ka diri jisim abdi ogé ka sasama

Rumaos jisim abdi tebih tina lampah ibadah, tapi caket raket kana lampah salah

Rumaos jisim abdi tebih tina lampah ta’at, tapi caket raket kana lampah maksiyat

Rumaos jisim abdi kalebet kana hamba Gusti nu tos mungkir kana jangji rawuh aturan Gusti.

Rumaos jisim abdi teu pantes janten ahli sawarga tina kawelasan Anjeun Gusti. Tapi jisim abdi hamo kiat saupamina janten ahli naraka.


Rumaos jisim abdi teu acan kalebet kana golongan jalmi-jalmi anu dipikacinta ogé mikacinta Anjeun Gusti, tapi jisim abdi hoyong kalebet ka golongan jalmi-jalmi nu salawasna mikacinta ogé dipikacinta ku Anjeun Gusti
Ya Allah ! Wungkul ka Anjeun Gusti jisim abdi ibadah, ogé wungkul ka Anjeun Gusti jisim abdi nyuhunkeun pitulung
Rumaos jisim abdi makhluk nu laip, anu teu luput tina kaluputan sinareng kalepatan nu ngakibatkeun jisim abdi milampah dosa.
Kukituna, mugi Anjeun Gusti ngahaputen kana sadaya dosa-dosa jisim abdi,
Ogé dosa Ibu rama jisim abdi, pasihkeun ka aranjeunna kadeudeuh, kawelas tur kaasih Anjeun Gusti, sapertos aranjeunna mikaasih, mikahéman jisim abdi ti awit abdi alit tug dugi ka abdi sawawa dewasa ayeuna.

Mugi Anjeun Gusti ngahapunten dosa guru-guru jisim abdi, dosa jalmi-jalmi nu teu acan katohonan kawajibanana ku jisim abdi , ogé dosa kaum muslimin sadayana, teu kakantun ogé dosa para pamingpin jisim abdi, mugi Anjeun Gusti maparin tuduh jalan ka aranjeunna geusan mingpin jisim abdi kana jalan nu dipikaridho ku Anjeun Gusti

Sabab jisim abdi yakin upami Anjeun Gusti teu ngahapunten kana dosa jisim abdi, ogé teu ngarahmatan jisim abdi. Meureun jisim abdi kalebet jalmi anu rugi tur kenging bebendon Anjeun Gusti.

Duh Gusti Nu Maha Suci ukur ka Anjeun Gusti abdi pasrah,
Lampah nu pinuh ku dosa, Mugi-mugi dihampura
Duh Gusti  Panutan abdi,
abdi moal deui-deui gaduh lampah nu teu uni
Lampah nu ngotoran diri
Duh Gusti  Ya Alloh Panutan Abdi
Duh Gusti Ya Alloh Panggeuing ati
Pangapingkeun diri abdi sing teras dijalan Anjeun Gusti

AMin...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar