Rabu, 30 November 2011

Micinta Nabi eta sami Micinta Allah

oleh Wangsa Urang Subang Pituin pada 22 Juli 2011 jam 11:04

Alloh ngadawuh:

قل إن كنتم تحبون الله فاتبعونى يحببكم الله ويغفرلكم ذنوبكم إن الله غفور الرحيم (ال عمران:31

“Pok ucapkeun (ku anjeun Muhammad) lamun aranjeun mikacinta Allah maka tuturkeun Kaula, maka tanwande anjeun sakabeh bakal dipikacinta ku Allah, jeung prak menta hampura anjeun tina dosa-dosa anjeun, saestuna Allah Dzat Maha Ngahampura”
(Ali Imran: 31).

Tah ieu ayat ieu teh mertelakeun yen urang teh kudu apal, yen saestuna cinta saurang hamba ka Allah sareng Rasul-Na, nyaeta kataatan ka Manten-Na tur turut tumut kana parentah Manten-Na, anapon cinta Alloh ka hamba-Na nyaeta maparin anugerah ka maranehna kalayan ngahampura dosa-dosa maranehna.

Dicarioskeun, lamun saurang hamba nalika apal yen kasampurnaan nu hakiki eta milik Alloh, jeung saestuna naon anu ditingali ku manehna sampurna, boh dirina sorangan atawa jalma lian. Satemenna eta ti Alloh sumpingna tur kalayan pitulung Alloh, tinangtu cintana moal kahilian ku hal sejen salian ti cinta ka Alloh tur wungkul keur Alloh. Hal kitu teh bakal jadi cukang lantaran kahayangna pikeun ngabakti ngaula ka Alloh, turta bakal numuwuhkeun kakuatan pikeun tetep ngadeukeutkeun dirina ka Alloh.

Kusabab kitu, cinta nu samodel kitu, ditafsirkeun sarupaning kahayang pikeun nambahan kataatan tur dijadikeun salah sahiji jalan nu ngadorong dirina pikeun nuturkeun jeung miconto kana tapak lacak kasunahan Rosululloh S.A.W. dina sajeroning Ibadah ka Alloh S.W.T. nyatana ngajalankeun kataatan ka Manten-Na.

Diriwayatkeun ti Hasan, Ngaromong kaum-kaum di zaman Rasululloh SAW.,:

 ”Ya Muhammad !, saestuna kami kacida cintana ka Pangeran Kami.”

Tuluy Alloh ngalungsurkeun ieu ayat:

قل إن كنتم تحبون الله فاتبعونى يحببكم الله ويغفرلكم ذنوبكم إن الله غفور الرحيم (ال عمران:31)

“Pok ucapkeun (ku anjeun Muhammad) lamun aranjeun mikacinta Allah maka tuturkeun Kaula, maka tanwande anjeun sakabeh bakal dipikacinta ku Allah, jeung prak menta hampura anjeun tina dosa-dosa anjeun, saestuna Allah Dzat Maha Ngahampura”
(Ali Imran: 31).

Ti Basyir Al-Hafie RA. Anjeuna nyarios:

"Kami ningali Kanjeng Nabi Muhammad SAW. Dina sajeroning impian". Manten-Na ngadawuh:

“Hai Basyir ! naha anjeun nyaho ku naon Alloh ngangkat darajat anjeun, diantara batur-batur anjeun ?”.

Kami  ngajawab kana pasualan nu diajukeun ku Rosululloh SAW.:

”Abdi Gamparan Ya Rosululloh! henteu uninga”,

Rosululloh SAW. ngadawuh deui:

“Naon sabab Alloh ngangkat darajat anjeun diantara batur-batur anjeun, nyaeta  panghormatan anjeun nu hade ka jalma-jalma nu sholeh, nasehat-nasehat anjeun ka batur-batur anjeun,cinta anjeun ka batur-batur anjeun oge ka nu nyepeng sunah kaula, jeung terakhir anjeun turut tumut kana Sunah Kaula”.

Kanjeng Nabi SAW. Ngadawuh deui:

“Sing saha nu ngahirupkeun sunah Kaula, maka manehna bener-bener micinta Kaula, jeung sing saha jalma nu mikacinta Kaula, tanwande manehna bakal babarengan di sagedengeun Kaula di surga jaga dina poe kiamat”.

Dina sabagian Atsar nu masyhur dicarioskeun, saestuna jalma nu nyekel kuat kana Sunah Nabi SAW. Nu jadi dunungan sakabehna makhluk jeung para Rasul, dina mangsa morosotna akhlak tur loba pasaliana paham jeung aliran, maka manehna bakal meunang ganjaran  ti saratus jalma anu maot syahid.

Rasululloh S.A.W.  ngadawuh:

“Sakabeh umat Kaula bakal diasupkeun kana Surga, kajaba jalma anu nolak”.

Para Shahabat naros:

“Ya Rosulullah ! saha anu nolak lebet ka surga teh ?”.

Rosululloh SAW. Ngadawuh deui:

“Sing saha jalma anu taat ka Kaula maka manehna bakal asup kana Surga, jeung sing saha nu nukang nonggong tegesna ninggalkeun kana taat ka Kaula maka manehna geus bener-bener nolak kaula, sayiap laku lampah nu teu di dadasaran ku Sunah Kaula maka laku lampah eta ka asup nukang nonggong ka Kaula”.

Sabagian Ulama nyarios:

 “Lamun anjeun ningali aya surang jalma anu bisa hiber ngapung ka awang-awang, bisa napak sancang leumpang di luhur cai, ngadahar seuneu atawa sarupaning eta, tapi manehna ninggalkeun salah sahiji kawajiban tina kawajiban-kawajiban (fardhu-fardhu-na) Allah SWT. Atawa salah sahiji kasunahan tina kasunahan-kasunahan Rasululloh SAW. Kalayan dihaja, maka sawadina anjeun kudu nyaho yen manehna teh jalma tukang bohong dina aku-akuanana, tur kasakatianana eta lain karomah tapi istidraj, ‘Audzu Billahi Min Dzaalik”.

Junaid Al-Baghdady sasauran:

“Saurang Jalma  teu bisa ngahontal datang tur deukeut ngadeuheus Ka Alloh, taya kajaba kalayan pitulung Alloh SWT., sedengkeun jalan pikeun ngadeuheus deukeut Ka Alloh anging nuturkeun tapak lacak kasunahan Rosululloh SAW.”.

Ahmad Al-Hawari nyarios:

“Satiap amal anu teu didadasaran sunah Rasululloh SAW. Eta kabeh kaasup Bathil”.

Rosululloh SAW. Ngadawuh:

“Sing saha jalmana nu ngalalaworakeun kana Sunah Kaula, maka Haram pikeun manehna Syafa’at Kaula”.

(Ieu kabeh diterangkeun dina kitab ‘Syir’atul Islam’).

Wallohu A'lam.

Caag

Subang, 22 Juli 2011

Tidak ada komentar:

Posting Komentar