oleh Wangsa Urang Subang Pituin pada 12 Juli 2011 jam 14:57
“Keur naon mang ? bangun nu nyalse yeuh, teu aya acara mang ?”. Tanya Ibro ka Mang Juha, nu harita keur ngadaweung ditepas imahna.
“Ah !. keur kieu weh …ngadaweung, sakuduna mah poe ieu teh indit ka Tasik euy ?” Tembal Mang Juha.
“Atuh naha bet rek ka Tasik wayah kieu di imah keneh…” Ceuk Ibro.
“Ah… rek naon indit ka Tasik oge… jugjuggeun euweuh, teangeun euweuh, ka olok-olok ongkos….mending ngadaweung..bari ngopi” Jawab Mang Juha.
“Beu’ ku nataku ari geus ngaheureuykeun teh, Cing mang ah ngasaan rokona, kabeneran yeuh ukur mawa korek apina wungkul, rokona mah acan meuli” Ceuk Si Ibro.
“Lah ..manehna mah lain acan meuli, tapi mumul meuli siah, “. Walon Mang Juha.
“Lain ..ditingalikeun teh asa ku anteng ngahuleng bari ngadaweung… siga aya nu dipikiran?” Ceuk Ibro nanya, bari kodongkang nyokot roko nu ngagoler di luhureun meja nu disanghareupan ku manehna jeung Juha.
“Enya ..bro euy, dewek teh keur nginget-nginget hiji dongeng, baheula keur dewek sok nyantri kalong di Mama Ajengan Ali Qosimy” Jawab Mang Juha.
“Dekh… memang amang pernah nyantri nya ?” Ceuk Ibro bari nyeungeut roko nu geus newel dina biwirna.
“Yeehh…. Nya pernah atuh… kieu-kieu oge pernah ngasaan …jipang siah..”Walon Mang Juha
“Naon Jipang teh mang ?”Ibro nanya.
“Heueuh ngaji ngadapang, apan baheula mah, euweuh korsi, euweuh meja, bari ngalogat, saba’ada sholat Isya, jeung shubuh, sok ting daraplok dina teras masigit, ngalogat, komo mun seug ngaji saba’da shubuh mah sok teu bener ngalogat teh, ngadon sare tibra dewek mah, da tunduh pisan, tapi najan bari kitu, eta mama Ali Qosimy sugan ngageureuh-geureuh… eh… da henteu atuh, kalah ka ngantep, tuluy bae anjeunna mah norolang ngajelaskeun, teu tolih santri-santrina mah ting galuher ngudupung sare, naleukeuman kitab.. beu’ nya ari inget ka lebah dinya, dewek mah haying seuri aya, kaduhung aya, kaduhungna.. heueuh henteu soson-soson ngaji teh..” Jawab Mang Juha Panjang lebar.
“Baruk….. kitu mang ? beu’ … te disangka teu dinyana… horeng si amang teh .. pernah boga pangalaman ngalogat, pantesan pisan atuh …di warung ma Icih, heu heu… “ Ceuk Ibro teu kebat.
“Emang naon siah di warung Ma Icih…?”Tanya Mang Juha, rada mureleng.
“Heueuh… logatan amang mening panjang… he he ..”Ceuk si Ibro.
“Jadil siah….! Eta mah lain logat siah, bon hutang dewek… “Ceuk Mang Juha rumasa.
“Lain Mang eta carita naon atuh, nu keur diinget-inget ku amang teh, sok lah guar, mungpung kuring teu boga acara yeuh, resep lah mun seug amang ngadongeng teh” Ceuk si Ibro.
“Oh …enya eta bro euy dongeng jalma buraong nu tobat alatan impian….”Walon Mang Juha.
“Tah…. Kumaha atuh caritana…sok lah gancang pedar… mang !“ Ceuk Ibro.
Kieu caritana mah ….aya hiji kulawarga, salaki jeung pamajikan, salakina hiji jalma buraong nu pagaweanana tukang rarampog nu geus kahot, estu tukang bobok tukang tarok, tukang mukaan tali anderok. Sedengkeun pamajikanana rajin ibadah, unggal tos ibadah eta pamajikanana ku rajin ngado’akeun nu jadi salakina sangkan sadar, demi salakina euweuh euih-euihna, ngan angger bae ngalakukeun kajahatan, najan dipepelingan ku nu jadi pamajikanana oge.
Kocapkeun dina hiji peuting, kalagian eta salakina the henteu indit kamana-mana, sore keneh oge geus sare tibra , barang asup tengah peuting, si salaki nu buraong the ujug gogorowokan:
"Ampuunn….!....tobaat..!...kuring tobaaaaat..!Ampuuunn !..”. gorowokna sihoreng ngimpi meureun. Atuh ningali kitu ..pamajikanana langsung ngaguyah-guyah ngahudangkeun manehna.
“Kang ! ..hudang kang ..iyeuh ! ..aya naon ..bet gogorowokan kitu….nepi ka ngadua kalian…? ” Ceuk pamajikanana nu kagareuwahkeun, bari tetep ngaguguyah salakina nu buraong tea.
Diguguyah kitu ku pamajikanana, nya manehna téh langsung ngagurinjal hudang, katingali nafasna ngahegak siga nu tas manggihan kareuwas. Keur kaayaan kitu, solongkrong pamajikanana nyodorkeun cai sagelas bari pok nyarita:
“Yeuh ..kang nginum heula ..mbeh tenang…!”
Teu nyarita langsung kerewek éta cai dina gelas nu disodorkeun ku pamajikanana téh ditarima tuluy diinum meni ngaleklek. Beres nginum jeung geus kumpul deui pangacianana mah kadenge manehna teh nyarita:
“Duh tiwas ....! akang téh dua kali ngimpi tuluy-tuluy nu matak pikareuwaseun jeung pikakeueungeun..“
“Ngimpi naon atuh akang téh ?” Tanya pamajikanana
“Enya akang téh ngimpi …gering parna, harita akang digugulung diceungceurikan ku maraneh, bruh bréh kalangkang kahirupan nu geus dipilampah ku akang narembongan, abah jeung ema nu geus areuweuh téh daratang ngahiap-hiap ka akang sangkan milu ka maranehna, ngan akang harita nolak embung, les deui laleungitan areuwueuh deui tina titingalian akang harita, tuluy akang téh ngalieuk ka katuhu bréh katingali ku akang hiji kaayaan alam nu lega satungtung deuleu estu upluk-aplakna,, duka kaayaan alam di mana akang ogé acan pernah ngalaman nincak ka alam dinya”. Ceuk salakina eureun heula sakeudeung nyaritana, tuluy nyarita deui:
“Duh eta mah mani sarwa endah, alam nu pinuh ku kanikmatan, katingali loba tatangkalan nu linduk iyuh nu siga meunang ngatur melakna, terus loba patamanan nu endah matak bétah, ditambah gedong-gedong sigrong nu ngadangong nu harerang ditaretes ku emas, perak inten mutiara, nu tinggurilap harerang, lah pokona mah matak pikabetéhun mun seug asup ka jerona, kumejot akang harita haying asup ka dinya, ngan duka ku naon akang teu bisa, da asa aya lalangse hahalang jarak pamisah nu teu bisa disingkahkeun ku akang. Les deui bayangan nu aya dititingalian akang téh lus-les laleungitan”.Eureun deui jalma buraong teh tina nyaritana, ngahuleng deui nginget-nginget deui kaayaan nu kaalaman dina ngimpina, (Hanca).
Caag
Subang, 12072011
Tidak ada komentar:
Posting Komentar