Rabu, 30 November 2011

Mang Juha Ngadongeng (III) Khotam

oleh Wangsa Urang Subang Pituin pada 12 Juli 2011 jam 11:31

Geus kitu mah si Belang teh nuluykeun lalampahanana, bari tetep lempeng henteu pungkal-pengkol, nya panungtunganana, manehna nepi ka sisi basisir sagara.   Barang geus nepi ka basisir, manehna bingung, nya kudu kumaha neruskeun lalampahan meuntas eta sagara, luak-lieuk euweuh hiji oge parahu, atawa alat pikeun meuntas eta sagara, bakating ku baluweng, antukna manehna ngadeukeutan hiji tangkal kalapa nu rada doyong ka tengah sagara nu kabeneran aya di eta sisi basisir, barang geus deukeut, gek bae manehna teh diuk bari tetep panonna manco lempeng ka tengah sagara nu kadenge ombakna pating jalegur, bari seah pasusul-susul, mun seug manehna neruskeun lalampahan teh biheung pamohalan nepi ka peuntas da ningali ombakna nu kacida baradagna. Leng bae manehna ngahuleng, nepika teu sadar reup bae manehna teh peureum sare meni tibra bari awakna nyarande kana tangkal kalapa, suku ngalungsar, katingali bangun lungse, kacapean meureun da geus ngayakeun lalampahan nu teu reureuh pisan.

Kocapkeun dina sajeroning sare manehna teh ngimpi anjog ka hiji tempat, nu eta tempat teh kacida caangna ku cahaya, bakating ku caang-caangna kaayaan nepika si belang teh teu kuateun muka panonna, bakating ku serab ningali eta cahaya, pangaruh ka awak si belang bet jadi lungse taya tangan pangawasa, leuleus satulang sandi, teu bisa ngobahkeun curuk-curuk acan. Dina kaayaan kitu, si belang maksakeun najan bari serab mukakeun panonna rada meletet, breh katingali aya hiji tangtungan makhluk nu kacida jangkung badagna, nu teu lila eta makhluk teh ngaleutikkan nepikeun ka kaayaan tangtunganana jadi siga ilaharna manusa, make pakean singsarwa bodas, kadenge eta makhluk teh nyarita,

“Yeuh belang…! Pamaksudan maneh geus nepi ayeuna mah, kami minangka wawakil Pangeran nu ku maneh diteangan, naon sabab pangeran ngangkir Kami pikeun nepungan maneh, sabab mun seug Pangeran nembongkeun wujud aslina, tanwande maneh hamo bakal kuat ningalina,  kapanasaran maneh geus kauninga ku Manten-Na, terus amanat-amanat nu dititipkeun ka maneh ti dua jalma nu tepung jeung maneh Manten-Na oge tos Uningaeun.

Tah ayeuna jung geura balik deui, sing soson-soson maneh nyiapkeun bebekelan keur hirup jaga, da Pangeran mah deukeut jeung hamba-hamba nu rajin nyaketan Manten-Na. Enggeus ayeuna mah tong dilanjutkeun lalampahan maneh teh. Angguran geura balik deui ka lembur. Terus eta amanat ti jalma nu kahiji nu dititipkeun ka maneh ngeunaan Ibadah manehna, bejakeun ka manehna yen ibadahna henteu ditarima ku Mantenna, sabab manehna aya rasa riya dina ibadahna, henteu ikhlas, jeung putusan ti Manten-Na manehna bakal digebruskeun kana naraka, sabab manehna agul teuing ku ibadah nu dilakukeunana. Kajaba mun manehna ngomean niat ibadahna. Tegesna mun manehna bisa ngaleungitkeun sifat riya’ dina ibadahna maka Mantenna bakal narima eta ibadah. Tapi sabalikna mun seug angger bae. Nya wayahna putusan Mantenna teu bisa dirobah.

Tuluy bejakeun ka jalma nu buraong nu geus tepung jeung maneh nu nitipkeun amanatna, yen Mantenna bakal narima tobatna mun seug manehna bener-bener ngeureunan laku jahatna, bejakeun tuluykeun tah niatna rek ngeureunan laku jahatna teh, jeung bejakeun ka manehna yen Manten-Na mutuskeun manehna bakal jadi ahli sawarga. Sakitu ti kami”.

Geus kitu mah eta makhluk teh langsung ngiles leungit, ilang tanpa karana, teuing kamana koloyongna. Gurinjal teh si belang langsung hudang tina sarena. Asa nongtoreng keneh omongan eta makhluk teh, kabeh karekam dina ingetanana. Sajongjonan manehna ngahuleng, mikiran naon nu kaalaman dina impian sajero ning manehna sabot sare tadi.  Keur anteng hulang-huleng kitu, ngong teh aya sora tan katingalan, siga ditopokeun kana ceulina:

“Geus tong loba ngahuleng, angguran geura balik kaditu, geura tepikeun eta amanat waleran ti Manten-Na ti Pangeran nu ku maneh di teangan tea, ka jalma-jalma nu tadi nitipkeun omongan ka maneh”.

Ngadenge kitu, korejat si belang teh ngorejat, bari tuluy luak-lieuk, neangan sumberna sora, tapi lebeng euweuh, geus kitu mah, giridig bae si belang teh nurut ka eta sora, seja balik henteu neruskeun deui lalampahanana.

Ayeuna mah semu nu nyalse balikkeun mah, henteu kawas mimiti manehna lumampah, demi arah nu dituju nyaeta patempatan si jalma nu buraong. Nya gancang ning carita, kocapkeun si belang teh geus nepi ka tempat nalika manehna tepung jeung jalma buraong tea, tuluy luak-lieuk nitenan kaayaan sabudeureun, barang keur anteng nitenan, ngan gorobas teh aya nu dating ti jero rungkun, bari tuluy eta jalma teh ngadeukeutan, sihoreng jalma buraong tea, tuluy jalma buraong teh ngadeukeutan si Belang, barang geus deukeut langsung eta jalma buraong teh nanya semu nu bungah:

“Tah geuningan  geus dating euy ! ku kami geus didadago, kumaha-kumaha euy caritana, kumaha geus tepung jeung pangeran teh ?... terus  ditepikeun henteu titipan omongan kami teh ?... geuwat siah bejakeun ka kami kumaha jawabanana..! geuwat !” Ceuk jalma buraong meni hariweswes.

“Alhamdulillah euy ! kami teh geus tepung jeung Pangeran nu ku kami diteangan teh, tapi nu nepunganana lain Pangeran ukur wawakilna, tapi sanajan ukur wawakil, kami geus ngarasa cukup nyacapkeun kapanasaran teh”. Jawab si belang.

“Terus kumaha, ditepikeun teu amanat kami  ?” Ceuk si jalma buraong.

“Ngeunaan amanat omongan anjeun,  ku kami geus ditepikeun, malahan memeh kami nyaritakeun oge, Pangeran geus uningaeun, da eta wawakil teh langsung bae mere jawabanana”.Tembal Si belang ngajelaskeun.
“Kumaha jawabanana… ? geuwat kami teu sabar hayang ngadenge” Ceuk jalma buraong biki panasaran bae.

“Ceuk eta wawakil Pangeran teh nyarita kieu, bejakeun waleran Manten-Na ka jalma nu geus nitip omongan ka maneh ngeunaan laku lampah jahatna, yen Mantenna bakal nampi kana eta tobatna mun seug bener-bener manehna tobat, jeung kaputusan manten-Na yen anjeun teh bakal jadi ahli sawarga, sabab sanajan anjeun ngalakukeun kajahatan oge tapi anjeun boga niat seja ngeureunan laku jahat anjeun, najan karek rencana komo mun seug bener-bener anjeun tobat mah, tah kitu jawabanana” Jawab si belang ngajalentrekeun, kalayan henteu dikurangan komo dileuwihan mah.

“Alah bener-bener Pangeran teh geuningan Maha Heman, karek rencana oge, kami dijangjian bakal jadi ahli sawarga, komo meureun mun seug kami tulus tobatna, alah haturnuhun pisan euy, ti mimiti wangkid ayeuna jeung kahareup, kami  jangji seja ngeureunan laku jahat kami. Hatur rebu nuhun”. Ceuk jalma buraong bari nganuhunkeun, “Tah ayeuna andika rek terus kamana ?, ” Ceuk jalma buraong nanya ka si belang.

“Ah ! kami mah rek tuluy mulang bae ka lembur, jeung rek nepungan jalma ahli ibadah apan aya keneh tepikeuneun amanat ka manehna”. Jawab si Belang.

“Oh kitu !, nya heug atuh, kami moal ngahalang-halang, tapi bisi andika hayang reureuh heula hayu atuh ka imah kaula heula”. Ceuk jalma buraong.

“Ah haturnuhun, lain kami nampik rezeki, ngan ieu apan amanat kudu buru-buru nepi, apan ceuk katerangan oge, amanat mah kudu geura ditepikeun, ulah diengke-engke… sakali deui haturnuhun pisan katampa kana tawaran kahadean anjeun, ngan da kumaha kami kudu buru-buru”. Jawab si Belang.
“Nya ari karep andika kitu mah, kami moal bisa ngahalang-halang, nya sok bae tuluykeun”. Ceuk Jalma Buraong.

Geus kitu mah, si Belang pamitan, ninggalkeun jalma buraong nu ngawaskeun bari paromanana semu nu bungah ku sabab nampa beja nu geus ditepikeun si Belang tea.  

Teu kacatur dijalanna, kacatur si Belang anjog ka padumukan jalma nu rajin ibadah, henteu harese neangan si Belang langsung ngajugjug ka tempat ibadah dimana si jalma ibadah sok cicing. Bener bae, karek oge si belang nepi ka buruan tempat ibadah, katingali si jalma rajin ibadah teh langsung mapag, kawas nu geus ngadadago. Barang geus adu harepan, si jalma rajin ibadah langsung bae merekpek nanya ka si Belang:

“Alah geungan ki silah .. nu didago-dago teh norojol, kuring geus nyeri beuheung sosonggeteun, boa-boa ki silah teh henteu kadieu deui, tapi sukur alhamdulillah geuningan ki silah teh dating, jadi mupus kana kasu’udzon kuring yeuh, hampura kuring geus su’udzon ka ki silah, kumaha tos tepung jeung Pangeran teh ? terus ditepikeun henteu amanat omongan kami ka Pangeran ?... kumaha jawabanana ?... geuwat bejakeun ka kuring, kuring  geus teu sabar” Ceuk jalma rajin Ibadah.

Diperekpek ku pananya samodel kitu, si Belang henteu langsung ngajawab, kalah ka nongtoyod ka teras tempat ibadah, ningali tingkah si belang kitu, jalma rajin ibadah nyarita bari nuturkeun di satukangeun si belang nu nuju ka teras tempat ibadah:

“Aeh enya… kalah ka langsung nanya,  henteu nitah anjeun reureuh heula, duh hampura pisan ki silah, enya sok bener leuwih hade urang ngobrol di teras, bari ki silah reureuh”

 Si belang tetep teu ngajawab, kalacat unggah kana teras tempat ibadah, tuluy gek diuk dina teras bari nyarandekeun awakna kana bilik tempat ibadah, suku disanghunjarkeun, renghap manehna ngharenghap bangun beurat pikeun nepikeun amanat jawaban kana titipan pananya jalma ibadah.  si belang ngarenghap, sajongjonan ngantep jalma ahli ibadah nu panasaran nungguan jawaban nu diuk bari andekak sila hareupeunana. Geus rada lila si Belang ngareureuhkeun kacapena, kadenge nyarita:

“Alhamdulillah, kami geus tepung jeung Pangeran teh, ngan lain Jeung pangeran langsung tapi ukur wawakilna nu ngadatangan kami, da ceuk eta wawakil, kami hamo bisa ningal wujud aslina, sabab kami lain makomna, kitu cenah, tah ngeunaan titipan omongan anjeun kami geus meunang jawabanana, sanajan eta titipan teu dicaritakeun ku kami, tapi geuningan Pangeran teh geus Uningaeun, jadi harita oge langsung dijawab pananya ngeunaan kapanasaran anjeun teh”. Ceuk si Belang, eureun heula sakeudeung nyaritana.

“Kumaha tah jawabanana…. ?” Tanya jalma ahli ibadah panasaran.

“Kieu ceuk eta wawakil Pangeran teh nyarita ka kuring, bejakeun ka ahli ibadah nya ka anjeun meureun, yen ibadah anjeun teh geningan henteu ditarima ku Mantenna, sabab anjeun dina ngalakonan ibadah teh geus kaeunteupan panyakit hate, tegesna aya rasa riya dina ibadah anjeun, heueuh henteu ikhlas, jeung putusan ti Manten-Na anjeun teh bakal digebruskeun kana naraka, sabab anjeun agul teuing kana ibadah nu ku anjeun dilakukeun, tah kitu jawabanana”. Ceuk si Belanga ngajelaskeun.

“Beu’ atuh percumah kuring ibadah, ari henteu ditarima mah, jeung ambuh atuh ibadah kuring teh, ari bakal diasupkeun kana naraka mah, lah …. Nemen-nemen teuing atuh ah… ! kami atek-atekan ibadah ari pamustunganana kieu mah” Ceuk jalma ibadah, bangun nu handeu’eul ngadenge jawaban Pangeran nu ditepikeun ku si belang samodel kitu.

“Yehhh… tong waka nyarita kitu, tong peunggas harepan, sabab Ceuk eta wawakil Pangeran teh, yen Kajaba mun anjeun ngomean niat ibadah anjeun. Tegesna mun anjeun bisa ngaleungitkeun sifat riya’ dina ibadah anjeun, maka Manten-Na bakal narima eta ibadah. Tapi sabalikna mun seug angger bae. Nya wayahna putusan Mantenna teu bisa dirobah, tah kitu jawaban akhirna teh”. Ceuk si belang.

“Alah… geus teu puguh atuh ah ! ibadah kami nu sakitu lila jeung lobana bae teu ditarima, komo mun seug kami ngamimitian deui…teu sudi siah…”Walon jalma ahi ibadah.

“Ah nya eta mah kumaha karep anjeun bae, nu penting mah kuring geus nepikeun amanat jawaban kana sagala pananya anjeun ka Pangeran, nya enggeus kami pamitan ah ! rek tuluy mulang”. Ceuk si Belang bari nguniang hudang tuluy indit ninggalkeun jalma ahli ibadah, nu keur ngahuleng, nga naha-naha kana kaputusan Pangeran.

Tah sakitu euy carita teh, jadi kasimpulanana, tong agul teuing kana ibadah urang nu dilakukeun, da can tandawuruh ditarima jeung henteuna ku Alloh, jeung ulah goreng sangka teuing ka jalma nu sok ngalakukeun kajahatan, da acan tangtu manehna anti ibadah. Da geuningan kaputusan Alloh mah henteu bisa diduga-duga henteu bisa disangka-sangka, bisa jadi nu buraong jadi calon ahli sawarga, sabalikna jalma ahli ibadah jadi calon ahli naraka. Tapi, tetep ibadah mah lakonan da memang kawajiban bari ngusahakeun ikhlas dina ngalakonana, anapon ditarima jeung henteuna ibadah nu ku urang dilakukeun, urang pasrahkeun bae ka Alloh, tah kitu keneh urang oge kudu aya usaha pikeun ninggalkeun kama’siyatan da memang geus sawadina kudu kitu.

Caaag.
Subang,12072011

Tidak ada komentar:

Posting Komentar