Rabu, 30 November 2011

MAng Juha Ngadongeng (II)

oleh Wangsa Urang Subang Pituin pada 10 Juli 2011 jam 20:32

Gancang ning carita, si Belang teh neruskeun lalampahanana pikeun nyacapkeun kapanasaranana pikeun tepung jeung Pangeran tea, ayeuna mah da geus meunang pituduh ti jalma nu rajin ibadah, jadi ayeuna mah manehna neruskeun lalampahan teh terus bae lempeng, teu tolih jajalaneun rumpil atawa garinjul, tuun unggah gunung, atawa kudu meuntas walungan, jeung norobos leuweung, nu penting mah pamikirna lalampahan kudu lempeng.

*****
Kacaritakeun manehna anjog dihiji patempatan, di tungtung lembur nu singkur, barang keur anteng leumpang, kolebat… ! aya nu ngolebat tina rungkun, reg bae si belang teh ngarandeg, bari tuluy luak-lieuk, nitenan kaayaan sabudeureun eta patempatan, keur anteng nitenan kitu, kadenge aya nu ngagorobas lebah tangkal badag, jleng teh katingali aya nu ngajleng, atuh gebeg teh si Belang teh ngagebeg bangun nureuwas, acan oge reureuh tina kareuwasna sakolebatan katingali aya kalangkangan ngolebat, nu satuluyna katingali ngabedega di hareupeun si Belang, hiji tangtungan jalma nu matana bolotot, buuk jabrig, suku jebrag, awak jebrog, nu katingali ngamang-ngamang gobang panjang nu gugurilapan katojo ku panon poe, nandakeun seukeutna eta gobang, bari lajag-lejeg, angger matana bolotot ningalikeun ka si belang, nu ku tingkah polah ieu jalma nyirikeun ieu jalma teh boga niat nu teu hade, teu lila kadenge si jalma nu ngabedega teh nyarita nanya semu hahaok:

 “Saha…maneh teh ki silah ?... jeung rek kamana…. hah !”

Di Tanya kitu si Belang teu langsung ngajawab, bari neger-neger maneh, tapi kalah ka langsung diuk dihandapeun tangkal badag nu aya di eta patempatan, tuluy ngecagkeun buntelan bebekelanana, geus rineh bari merenah diukna da pamikirna kabeneran bari ngareureuhkeun kacape bari nyarande ka eta tangkal, euweuh riuk-riuk sieun digunasika, atawa dikaniaya ku eta jalma. Ningali tingkahpolah si Belang kitu, si jalma nu ngabdega teh asa keuheul meureun da pananyana henteu langsung dijawab, kadenge langsung nanya deui bari sesentak:

“Yeeh….! Ditanya teh lain ngajawab siah , kalah diuk, naha silaing teu apal keur adu hareupan jeung saha, yeuh siah mun hayang apal, dewek teh begal, geus katelah dewek teh jalma nu buraong di ieu patempatan mah,…..ayeuna silaing siga nu teu sieun…siah… sok geuwat jawab,  saha silaing teh ? rek kamana… ? jeung eta babawaan geuwat kadieukeun….” Ceuk si jalma nu ngabedega, nu taya lian geuningan jalma buraong.

“Oh ! hampura atuh ki silah !  heug ku kami bakal dijawab, kami teh disarebut mah ku panelah si Belang, asal kami ti pakaleran, tah tujuan kami mun seug anjeun percaya mah, seja nepungan Pangeran pikeun nyacapkeun kapanasaran kami… tah kitu..”. Jawab si Belang.

“Naon…..! teu salah dedengean kitu dewek teh ?.. andika rek nepungan Pangeran,  naha bener siah ?” Ceuk jalma buraong nanya deui.

“Ih..! bener euy…. Kami rek nepungan Pangeran… tah ceuk jalma nu ahli ibadah basa kami tepung jeung manehna, yen jalanna kudu lempeng bae ulah pungkal-pengkol, nya ayeuna anjog nepi ka ieu patempatan”. Walon si Belang negeskeun deui.

“Beu’ asa araneh teuing dewek mah ngadengena oge, tapi najan bari kitu, kabeneran siah !… mun seug bener andika rek nepungan Pangeran, tah engke dimana geus tepung, dewek oge boga kapanasaran, cing pangtepikeun ka pangeran, naha dewek teh bener geus moal ditarima tobatna mun seug dewek milampah kajahatan bae, jeung  wawales naon nu bakal katarima ku dewek jaga mun seug dewek hantem-hanteman ngalakukeun kajahatan samodel kieu, da jujur hate leutik dewek sabenerna mah  geus bosen ngalakukeun kieu teh, tapi dalah dikumaha,  dewek teh acan bisa ngeureunan” Ceuk jalma buraong rada panjang lebar nyarita.

“Nya sok bae… ku kami bakal ditepikeun, tapi pamenta kami, ki silah urang ngahalangan jajalaneun kami, jeung ieu bebekelan ulah dipenta” Walon si Belang.

“Nya heug …ku kami dibere jalan, sok tuluykeun lalampahan andika teh, ngan omat pangnepikeun tah titipan omongan kami teh ka Pangeran, ke mun seug geus meunang jawabanana, omat balikna kudu jalan kadieu deui”. Ceuk jalma buraong, bari nitah nuluykeun lalampahan ka si Belang.(Hanca)

Caag.
Subang, 10072011

Tidak ada komentar:

Posting Komentar