Rabu, 30 November 2011

Mang Juha Ngadongeng (I)

oleh Wangsa Urang Subang Pituin pada 10 Juli 2011 jam 13:32

Basa kamari peuting, kami ngahadiran pangajian rajaban di masjid lebak, kami masih kaingetan ku dongengna Mama Ajengan Ali-Qosimy, nyaeta ngeunaan hiji carita kahirupan tilu jalma”. Ceuk Mang Juha ngamimitian muka obrolan.

“Lain ngahadiran meureun amang mah, tapi ngadahdiran, heu heu…. “. Walon Ibro.

“Yeehh…. Bener ieu mah bro euy…teuing kamari mah asa ku pogot ngaregepkeunana euy, biasana mah dewek sok … Luklor euy mun ngaji teh”. Ceuk Mang Juha.

“Naon luklor teh mang euy..?”. Tanya Ibro.

“Heueuh….mun seug geus ngeluk langsung bae molor….”. Ceuk Mang Juha.

“Beu’ geus aya deui bae istilah teh … maen disingkat bae..”. Tembal Ibro.

“Yeeeh.. Kapan usum sarwa kilat zaman ayeuna mah bro euy !, apdruk photo kilat, kirim surat system kilat, sagala oge bisa kilat zaman kiwari mah, nepi ka kawin oge loba nu kilat apanan euy…”. Ceuk Mang Juha deui.

“Kawin Kilat..? nu kumaha mang kawin kilat teh ?”. Tanya Ibro.

“Heueuh…kawin kilat.. akad nikah poe senen, poe minggu jebrol ngajuru…”. Jawab Mang Juha.

“Oh …kaasupna Parabola tea nya mang ?”. Ceuk Ibro.

“Naon Parabola teh ?”. Mang Juha malik nanya.

“Enya Parawan Bobol Tiheula…”. Jawab Ibro.

“Heueuh nu kitu teh kacilakaan tea aranna, mending mun dikawinkeun eta mun ditinggalkeun kabur ku lalakina henteu tanggung jenab, apan meureun  keuna ku pasribasa es Cendol dikalapaan”. Ceuk Mang Juha.

“Naon eta teh mang ?”. Tanya Ibro.

“Heueuh gundal-gendol euweuh bapaan”. Tembal Mang Juha.

“Geus ah ! Lain mang !..eta mulang kana caritaan amang tadi, enya ngeunaan dongeng Mama Ajengan Ali Qosimy tea, kumaha tah mang ? panasaran kuring mah, da kabeneran kamari kuring teh kapapancenan piket peuting ti tempat gawe, jadi teu bisa ngahadiran eta pangajian”. Ceuk Ibro.

“Heueuh kieu euy dongengna teh, Carita tilu jalma nu hiji jalma nu getol ibadah, nu hiji deui jalma nu buraong, jeung hiji deui jalma nu katelahna eta jalma teh disebut si Belang”. Tembal Mang Juha bari tuluy derekdek nyaritakeun. Si Ibro ngadengekeun meni saregep bagun embung aya nu kaliwat.

******

Tah ! tilu jalma eta teh, nu jadi lalakonna nyaeta jalma nu katelah si Belang, ari ditelah si Belang teh aya dua persi cenah, persi ka hiji ku sabab awakna belang, jadi weh di sebut si Belang, persi nu sejen nyebutkeun, ku sabab manehna kalakuanana teh sagala dipaju, tegesna ibadah osok, maksiyat osok, mun ceuk almarhum Kyai Haji Zaenudin MZ mah, STMJ, enya sholat terus maksiyat jalan tea ningan, jadi weh katelah si Belang.

Tah kacaritakeun dina hiji mangsa Si Belang teh jorojoy aya kahayang nu jadi hiji kapanasaran, nyaeta hayang tepung jeung Pangeran. Geus gilig hatena hayang patepungna teh, nu antukna manehna lunta indit ti lembur, bari mawa bebekelan sacukupna. bener bae si Belang hayang nyacapkeun kapanasaranana hayang tepung jeung Pangeran teh, da eta mah unggal ditanya ku jalma nu patepung dijalan jeung manehna, jawabna teh hiji, “Kami rek nepungan Gusti Alloh, Pangeran Kami, kami bener-bener panasaran”, kitu jawabna teh.

******

Gancang ning carita, si Belang teh geus beak poe, beak minggu, beak bulan  manehna neangan Pangeran, tapi angger acan bae aya laratanana, tapi ieu hal teh teu ngajadikeun peunggasna harepan, tuluy bae si Belang teh nikreuh ngeureuyeuh, nutur-nutur indung suku, mapay-mapay bapana lengkah, nyukcruk-nyukcruk walungan mapay-mapay wahangan, mipir-mipir gawir, nepikeun ka geus beak leuweung, beak gunung nu katincak jeung kasabaan ku manehna.
Nya kacaritakeun di hiji patempatan, kabeneran si Belang teh tepung jeung hiji jalma nu rajin Ibadah nu harita katingali karek kaluar ti tempat ibadah, ningali aya jelema nu rajin ibadah, atuh si Belang semu bungah, langsung bae nyampeurkeun, tuluy uluk salam bari ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman ka jalma rajin ibadah tea, dikitukeun nya jalma nu rajin ibadah teh langsung nanya:

“Ke.. ke.  Ari ki silah teh saha ?.. ti mana ? jeung rek ka mana ? “. Tanya jalma nu rajin ibadah

“Ceuk nu nyarebut mah, kami teh katelah si Belang, asal kami mah jauh ti pakaleran, ayeuna memang aya nu keur dituju pikeun nyacapkeun kapanasaran kami”. Jawab Si Belang.

“Kapanasaran naon atuh ki silah teh ?”. Tanya jalma nu rajin ibadah.

“Enya …kami teh hayang tepung jeung Pangeran, susuganan anjeun apal kamana jalanna ?”. Jawab Si Belang  nyaritakeun maksud luntana bari ditungtungan ku nanya.

“Duh…! alus pisan atuh maksud ki silah teh, kabeneran atuh kuring oge sarua aya kapanasaran, mun seug ki silah geus bisa nepungan pangeran, kami nitip omongan, enya kuring nitip pangnanyakeun ka Pangeran, kumaha hasil ibadah kuring teh ?, naha ditarima atawa henteu ?, naha alus atawa goring ibadah kuring teh ? naha bakal diganjar atawa henteu ibadah kuring teh ?, tah sakitu weh titipan omongan kuring mah, omat pangnanyakeun”. Ceuk Jalma nu Rajin Ibadah.

“Enya gampang eta mah, pasti ku kami bakal ditepikeun, tapi kamana jalanna ngarah kami bisa nepungan Pangeran, sugan ki silah apal”. Walon Si Belang.

“Aeh… enya …! Tah sakanyaho kuring mah, jalan pikeun nepungan Pangeran mah nyaeta terus bae lempeng, ulah pungkal-pengkol, pokona mah terus bae lempeng”. Jawab jalma nu rajin Ibadah.

“Tah geuningan, haturnuhun atuh nya, nya enggeus ah ! lain kami embung neruskeun obrolan, ngan da kumaha apan maksud kami acan nepi, sakali deui haturnuhun yeuh kana panuduhna, ayeuna mah kami rek neruskeun lalampahan”. Ceuk si Belang, bari tuluy pamitan.

“Oh..! nya mangga ki silah.. ! sok tuluykeun, ngan omat tah ..titipan omongan kami ..omat pang nepikeun”. Tembal nu rajin ibadah, bari ngaomat-omatan sangkan titipan omonganana ditepikeun.

“Beres…pasti, do’akeun bae mugia sing bisa tepung jeung Pangeran”. Ceuk si Belang, bari terus ngoloyong ninggalkeun jalma nu rajin ibadah, seja neruskeun lalampahanana nepungan pangeran tea.

“Amin…sok ku kuring dido’akeun mugia sing tinekanan pamaksudan ki silah teh”.Walon jalma nu rajin ibadah nga-aminan. Geus kitu mah duanana papisah. (HANCA)

Caag !
Subang, 10072011

Tidak ada komentar:

Posting Komentar