Rabu, 30 November 2011

Jadelll

oleh Wangsa Urang Subang Pituin pada 18 Juni 2011 jam 11:30

"Ibro...maneh mah meni ku tega..nyiksa bapa ilaing, Ti isuk bapa ilaing kokotetengan neangan ....na kamana bae ilaing teh atuh ? ". Ceuk Mang Juha

"Ah na da teu kamana-mana, emangna aya naon kitu mang ? sok ngarareuwas kieu" Tanya Ibro

"Itu cenah aya nu katarajang hare'eng.....pokona mah gaswat...bro euy". Ceuk Mang Juha

"Duh ! saha ...mang ? da isuk mah euweuh beja nanaon " . Ibro nanya bangun panasaran

"Beu' nya...dasar anak teu boga ras-rasan ilaing mah" . Ceuk Mang Juha

"Enya ..saha cenah nu gering teh mang ?..sugan bapa mere beja ka amang ". Walon Ibro

"Eta cenah ceuk bapa ilaing amanat ka kami ..yen munding Bapa ilaing hare'eng, tah ilaing dititah ngakod  eta munding tuluy bawa ka Puskesmas.. ...". Ceuk mang juha bari ngoloyong.

"Jadeeelllll.. hanas geus rareuwas kieu..dasar !?"

Caag
Subang,18062011

Tidak ada komentar:

Posting Komentar