فَقُلْتُ اسْتَغْفِرُوا رَبَّكُمْ إِنَّهُ كَانَ غَفَّاراً يُرْسِلِ السَّمَاء عَلَيْكُم مِّدْرَاراً وَيُمْدِدْكُمْ بِأَمْوَالٍ وَبَنِينَ وَيَجْعَل لَّكُمْ جَنَّاتٍ وَيَجْعَل لَّكُمْ أَنْهَاراً
“Maka kami nyarita ka maranehna: ‘Prak geura marenta hampura ka Pangeran arandika !, saestuna Anjeun-Na Dzat Maha Jembar Panghampura, tanwande Anjeun-Na Dzat bakal nurunkeun cihujan ka arandika kalayan mayeng, Jeung Anjeun-Na Dzat bakal maparin pitulung ka arandika ku harta-banda katut anak sarta Anjeun-Na Dzat bakal nyawiskeun kebon-kebon, turta Anjeun-Na Dzat bakal nyawiskeun walungan-walungan keur arandika” (Nuh: 10-12)
Ti antara hal nu nyibukkeun hate kaum muslimin nyaeta nyiar rezeki. Miturut panalungtikan, aya sawatara kaum Muslimin nu boga pamadegan, yen dimana nyekel pageuh ajaran agama Islam bakal ngurangan kana rezeki nu disuprih oge nu dipibanda ku maranehna. Henteu nepi kadinya, malah nu leuwih parah jeung matak pikasediheun mah aya diantarana kaum Muslimin nu masih ngajaga kawajiban syare’at ajatan Islam, tapi maranehna boga pamadegan dimana haying gampang dina nyuprih rezeki jeung ngumpulkeunana teh kudu ninggalkeun hokum-hukum syare’at Islam dina nyuprihna. Tegesna teu tolih kana halal jeung haram. Na’udzu Billahi Min Dzaalik.
Maranehna nu boga pamadegan jeung lampah samodel kitu teh, kaasup jalma nu poho, atawa memang nu pura-pura poho yen Alloh nyare’atkeun agama-Na tegesna Agama Islam teh lain wungkul mangrupakeun pituduh pikeun manusa dina haliyah ka-akheratan, tapi Manten-Na oge maparin pituduh pikeun manusa kalayan nyare’atkeun ngeunaan haliyah kadunyaan.
Alloh sareng Rosul-Na henteu ngantep kitu bae ka umatna, kalayan tanpa ayana pituduh dina masalah nyiar bekel kahirupan di dunya. Tapi sabalikna, sabab-musabab meunang rezeki geus diatur tur geus dijelaskeun. Mun seug ummat Islam ngarti, paham bari sadar kana ieu hal, tanwande Alloh bakal ngagampangkeun dina nyiar rezeki tina mangpirang-pirang jalan, sarta bakal dibukakeun ka manehna kaberkahan ti langit jeung ti bumi.
Imam Bukhori ngauningakeun dina Shahihul Al-Bukhari-na, dina Kitabud Da’awat, Bab Qaulun Nabi “Rabbana Aatina fid Dunya Hasanah”, no. Hadist 6389, II/191 nu sumberna ti Anas Radhiallaahu anhu, anjeunna nyarios:
كَانَ أَكْثَرُ دُعَاءِ النَّبِيِّ صلى الله عليه وسلم : رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ.
“Saestuna do’a nu sering diucapkeun ku Kanjeng Nabi s.a.w. nyaeta: Robbanaa Aatinaa Fid-Dunyaa Hasanatan Wa Fil-Aakhiroti Hasanatan Wa Qinaa ‘Adzaaban-Naar (Duh Gusti abdi sadaya, paparin abdi sadaya kasaean di dunya, oge paparin abdi sadaya kasaean di akherat, oge mugia Anjeun Gusti ngaraksa abdi sadaya tina siksa seuneu naraka)”
Di antara sabab musabab nu kacida pentingna nu jadi margalantaran diturunkeunana rezeki nyaeya ku istighfar (menta hampura) jeung taubat ka Allah. Sakumaha nu kaunggel dina Al-Qur’an Dawuhan Alloh dina surat Nuh ayat 10 dugi ka ayat 12:

Imam Al-Hafizh Ibnu Katsir dina tafsirna ngajelaskeun ngeunaan ayat munggaran, yen Maknana teh, nyaeta dimana aranjeun taubat ka Alloh, menta hampura ka Manten-Na tina sagala dosa, maka maraneh bakal dipaparinan rezeki nu loba ku Manten-Na, Manten-Na bakal nurunkeun cihujan sarta bakal maparin kaberkahan ti langit jeung ti bumi, turta bakal ngajadikeun tutuwuhan, oge ngalimpahruahkeun cisusu, jeung bakal ngalobakeun harta-banda katut anak-anak pikeun aranjeun, lain kitu bae Alloh oge bakal nyawiskeun kebon-kebon nu dijerona aya mangpirang-pirang bungbuahan pikeun aranjeun sarta Manten-Na bakal ngocorkeun walungan-walungan ti antara kebon-kebon eta oge pikeun aranjeun.
Imam Al-Qurtubi nyarioskeun ti Ibnu Shabih, yen anjeuna nyarios: “aya salah saurang lalaki nu dating ka Imam Hasan Al-Bashri, eta lalaki teh nyarita ngeunaan langkana cai dilemburna, antukna kebon, sawah jeung ingon-ingon oge urang lembur kakurangan ku cai. Nguping kana hal eta, maka Imam Hasan Al-Bishri nyarios: Prak lobakeun istighfar anjeun jeung urang lembur anjeun kaa Allah!.
Tuluy nu sejenna nyaritakeun ngeunaan kahirupanana nu keuna ku kamiskinan, saran ti Imam Hasan Al-Bishri teu benten sareng nu mimiti nyaeta anjeunna nyarios: Prak lobakeun istighfar anjeun ka Allah!.
Kitu deui nalika aya nu dating nu minangsaraya ku caritaan: Yeuh Syaikh ! cobi do’akeun abdi supaya abdi dipaparinan turunan ku Alloh”. Maka Imam Hasan Al-Bishri teu benten sareng nu mimiti nyaeta anjeunna nyarios: Prak lobakeun istighfar anjeun ka Allah!.
Nu dimaksud istighfar jeung tobat didieu, nyaeta lain saukur diucapkeun ku lisan wungkul, tanpa ngabekas dina hate, bari teu aya pangaruh seutik oge kana lampah anggota badan. Tegesna teu aya pangaruh kana kahirupanana, istighfar mah istighfar, ngan dosa tetep dipilampah. Tah Istighfar jeung tobat nu kitu nu teu kaasup sampurna, sabab istighfar jeung tobat didieu nyaeta sakumaha nu dijelaskeun ku Imam Ar-Raghib Al-Asfahani nyaeta “Menta hampura tina sagala dosa nu geus pilampah, kalayan dibarengan ku ucapan jeung perbuatan lain ukur lisan wungkul”.
Sedengkeun makna tobat sakumaha nu dijelaskeun ku Imam Ar-Raghib Al-Asfahani, nyaeta ninggalkeun dosa sabab ku kagorenganana, kaduhung kana naon-naon dosa nu geus dipilampah, jeung boga niat nu kuat dibarung kedal ikrar pikeun hamo bakal migawe deui eta dosa, terus dituturkeun ku lampah hade pikeun nebus eta dosa. Mun seug opat hal eta bisa kacumponan, maka tobatna kaasup sampurna.
Kitu keneh Imam An-Nawawi ngajelaskeun, yen para ulama nyarios: yen tobat tina saban dosa hukumna eta wajib. Mun seug maksiat atawa dosa nu dilakukeun antara hamba ka Allah, nu teu aya sangkut pautna jeung hak sasama manusa, maka syaratna aya tilu:
Mun seug salah sahiji tina tilu syarat di luhur henteu kacumponan maka kaasup henteu sah tobatna.
Mun tobatna aya patula-patali jeung hak manusa, maka syaratna aya opat, nyaeta tilu diantarana sami sareng nu diluhur, ditambih nu kaopatna nyaeta kudu ngabebaskeun diri tina nyumponan hak jalma nu pernah dinyenyeri, boh nu sifatna lahir atawa bathin. Mung seug bentuk kasalahanana ku ngaleungitkeun, ngaruksak atawa nyokot bari maksa mirusa, maka manehna kudu mulangkeun eta harta banda. Mun seug bentukna had (hukuman) maka manehna kudu mere kasempetan jalma nu geus dinyeyeri teh pikeun males, atawa menta hampura ka eta jalma. Tuluy mun seug bentuk kasalahan ka sasama ku rupa ngomongkeun aib, kasalahan batur (ghibah) maka manehna kudu menta dihampura supaya bebas tina eta dosa.
Ngeunaan kautamaan Istighfar dina ayat Dawuhan Alloh nu sanes, sakumaha nu kaunggel dina Al-Qur'an Surat Hud ayat 52:
وَيَا قَوْمِ اسْتَغْفِرُواْ رَبَّكُمْ ثُمَّ تُوبُواْ إِلَيْهِ يُرْسِلِ السَّمَاء عَلَيْكُم مِّدْرَاراً وَيَزِدْكُمْ قُوَّةً إِلَى قُوَّتِكُمْ وَلاَ تَتَوَلَّوْاْ مُجْرِمِينَ
“Jeung (pokna) : Yeuh kaom kaula ! Geura menta dihampura ka Pangeran arandika ! tuluy geura tarobat ka Anjeun-Na, tanwande Anjeun-Na nurunkeun hujan nu mayeng ti langit keur arandika. Jeung Anjeun-Na baris nambahkeun kakuatan kana kakuatan arandika nu geus aya. Jeung poma arandika ulah ngabalieur ku ngalampahkeun dosa” (Hud: 52)
Imam Al-Hafizh Ibnu Katsir dina nafsirkeun ieu ayat gajelaskeun: “Tuluy Kanjeng Nabi Hud a.s. marentahkeun ka kaumna pikeun istighfar, nu antukna dosa-dosa nu samemehna bisa dileburkeun. Tuluy Kanjeng Nabi Hud a.s. marentahkeun ka kaumna supaya tarobat dina waktu nu ku maranehna disanghareupan. Sing saha jalmana mibanda sifat samodel kitu, maka Alloh bakal ngagampangkeun kana rezekina, dilancarkeun usahana, jeung dijaga kaayaan hirupna.
Jeung dina Qur’an Surat Hud ayat 3:
وَأَنِ اسْتَغْفِرُواْ رَبَّكُمْ ثُمَّ تُوبُواْ إِلَيْهِ يُمَتِّعْكُم مَّتَاعاً حَسَناً إِلَى أَجَلٍ مُّسَمًّى وَيُؤْتِ كُلَّ ذِي فَضْلٍ فَضْلَهُ وَإِن تَوَلَّوْاْ فَإِنِّيَ أَخَافُ عَلَيْكُمْ عَذَابَ يَوْمٍ كَبِيرٍ
“Jeung geura menta hampura ka Pangeran arandika, sarta geura tarobat ka Anjeun-Na, tanwande ANjeun-Na maparin kanikmatan anu hade ka arandika nepi ka waktu nu geus ditangtukeun, Jeung anjeun-Na Dzat baris maparin kurnia-Na ka saban-saban jalma anu mibanda kahadean. Upama arandika ngabalieur, nya saestuna kaula hariwang boh bisi arandika ditibanan siksaan dina poe kiamat”. (Hud: 3).
Imam Al-Qurthubi ngajelaskeun, yen ieu kabeh teh mangrupakeun buahna istighfar jeung taubat. Tegesna, Alloh bakal maparin kanikmatan ka aranjeun kalayan mangpirang-pirang manfaat, kayaning gampangna rezeki, oge kamakmuran hirup sarta Alloh hamo bakal nyiksa aranjeun sakumaha nu geus ditibankeun ku Manten-Na ka jalma-jalma nu dibinasakeun samameh aranjeun.
Dina hiji Hadits nu diriwayatkeun ku Imam Ahmad, Abu Daud, An-Nasa’I, Ibnu Majah jeung Al-Hakim nu dishohehkeun ku Imam Al-Hakim dina kitab Al-Mustadrak 4/262, jeung ku Syaikh Ahmad Muhammad Syaikh dina kitab Hamisy Al-Musnad 4/55, nu sumberna ieu Hadits ti Abdullah bin Abbas Rodhiyalloohu ‘Anhu, anjeunna nyarios, yen Rasululloh s.a.w. ngadawuh:
مَنْ أَكْثَرَ اْلاِسْتِغْفَارَ جَعَلَ اللهُ مِنْ كُلِّ هَمٍّ فَرَجًا وَمِنْ كُلِّ ضِيْقٍ مَخْرَجًا وَرَزَقَهُ مِنْ حَيْثُ لاَ يَحْتَسِبُ.
“Sing saha jalmana nu ngalobakeun maca istighfar (menta hampura ka Alloh), maka Alloh bakal ngajadikeun pikeun saban-saban kasedihna jalan kaluar jeung pikeun tiap kasulit, karupek jeung kasumpekna kagampangan, sarta Alloh bakal maparin rezeki (nu halal) ti arah nu teu disangka-sangka.”
Dina Hadits nu mulia ieu, Kanjeng Nabi s.a.w. ngauningakeun ngeunaan tilu hasil nu bisa dihontal ku jalmanu ngalobakeun maca istighfar, nu kahiji bakal ngalebur kasedihna ku maparin jalan kaluar, nu kadua, Alloh bakal ngaganti kasulit hirupna ku kagampangan, jeung nu katilu nyaeta Alloh bakal maparin rezeki ti arah nu teu disangka-sangka.
Ku sabab kitu, ka sing saha bae nu miharep rezeki, maka prak geura lobakeun maca istighfar boh ku ucapan oge ku laku lampah, jeung kudu iatna, masing waspada, kana maca istighfar ukur dina lisan wungkul. Wallohu A’lam Bish-Showaab
Subang, 17062011

- Kudu ninggalkeun eta maksiat.
- Kudu ayana rasa kaduhung kana milampah eta maksiyat.
- Kudu kedalna ikrar nu kuat hamo milampah deui eta maksiyat.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar