Rabu, 30 November 2011

Lalampahan ti Peuting (2)

oleh Wangsa Urang Subang Pituin pada 10 Juni 2011 jam 15:08

Tos rengse ngabeberkeun pangalamanana lajeng Kanjeng Nabi Muhammad s.a.w. mungkas  Dadawuhna.

“Tah kitu yeuh Umat kami, dulur-dulur kami kabeh !.. yen demi Alloh nu nyawa kami aya dina kakawasaanna-Na, yen peuting tadi kami teh bener-bener geus diiangkeun ku Alloh pikeun ngalakukeun lalampahan ka Baetul Muqoddas, tuluy kami naik ka langit kahiji nepi ka langit ka tujuh kalayan numpak hiji kandaraan nu lumpatna tarik lir ibarat kilat, kalayan dibaturan ku Malaikat Alloh nyaeta Malaikat Jibril. Nu satuluyna kami ngadeuheus ka Alloh Robbul ‘Aalamin, nya ku nampa hiji parentah ibadah nyaeta sholat lima waktu dina sapoe sapeuting. ”.

Ti saprak harita, kaayaan nagri Makkah geunjleung,  aya dua kubu, kubu nu hiji maranehna teu percaya kana naon nu disaurkeun ku Rosululloh s.a.w.. kubu nu kadua, maranehna percaya. Nepi ka antukna kajadian ieu teh jadi alat keur kaum musyrikin pikeun mangaruhan jalma-jalma nu geus ariman mangsa harita. Nya aya diantarana nu ariman oge jadi murtad, sabab kapangaruhan.

Nalika ieu kajadian wartosna dugi ka Abu Bakar. da aya diantara gegeden kaum Musyrikin nu ngahaja nyumpingan Abu Bakar, bari niatna mah seja mangaruhan Abu Bakar supaya milu mikangewa ka Rosululloh s.a.w.,

Yeuh Abu Bakar ! naha anjeun geus narima beja ti batur anjeun Muhammad ?” Ceuk eta gegeden Musyrikin naros ka Abu Bakar.

“Beja naon nya ?” Waler Abu Bakar

“Yen batur anjeun Muhammad ngabejakeun ka kami manehna teh geus ngalakukeun hiji lalampahan nu teu asup akal, nyaeta indit ti Mekkah ka Baitul Muqoddas terus ka langit dina waktu sapeuting” Ceuk eta gegeden Musyrikin ngajelaskeun.

Nguping kitu Abu Bakar langsung naros deui ka eta gegeden Musyrikin:

“Naha bener ieu beja teh langsung disaurkeun ku anjeunna”

“Bener..pisan Abu Bakar. henteu nginjeum ceuli kami ngadenge langsung” Jawab eta gegeden.

“Mun bener anjeunna nyarios kitu, maka kami percaya pisan yen eta beja bener ayana” Waler Abu Bakar tandes.

Ku hal eta pisan Abu Bakar kenging Gelar Ash-Shidiq, jalmi nu ngalereskeun nalika kaayaan jalma harita loba nu teu percaya kana sasauran Rosululloh s.a.w.

Ieu ringkesan carita rundayan kisah ngeunaan isra’ sareng mi’roj teh tos sering diguar ku para kiyai di pasantren, ku guru agama di sakola,  ku para khotib nalika keur khutbah, oge ku para mubalegh dipodium nalika acara pangaosan sareng sajabina.

Tah ayeuna kantun taros ka diri urang masing-masing, etang-etang muhasabah atanapi ngevaluasi diri, naha oleh-oleh isro’ mi’roj teh tos leres-leres ku urang dilaksnakeun naha teu acan ? naha tos karaos amisna ibadah sholat urang teh, naha teu acan ?. naha tos leres-leres ngajaga sapuratina kana waktos-waktosna ? naha tos napak dina kahirupan hasil tina ngalaksanakeun ibadah sholat teh, naha teu acan ? mangga waler ku manah masing-masing.

Sabab dina emprona ngeunaan nampa carita isro’ sareng mi’roj teh, boh jaman kapungkur nu langsung didugikeun ku Rosululloh s.a.w. oge zaman kiwari sanaos ku ngalangkungan lisan para Ulama, para kiyai, ustadz sareng ajengan atanapi ngalangkungan buku-buku oge kitab-kitab, tetep jalmi mah dibagi dua golongan dina nampina.

Golongan kahiji, nyaeta golongan nu tetep nolak kana ieu kajadian.

Golongan kadua, nyaeta golongan nu nampi kalayan pinuh ku kaimananan bari ngajalankeun sapuratina kana oleh-oleh ieu lalampahan Rosulululloh s.a.w.

Tah malihan tiasa oge ditambihan zaman kiwari mah eta dua golongan teh ku golongan nu katilu, nyaeta golongan nu ngalakonan-ngalakonana mah kana oleh-oleh isra’ sareng Mi’roj teh, tapi masih keneh lalawora dina ngalakonana.

Atanapi aya golongan nu ka opat, nyaeta golongan nu nampi-nampina mah kana ieu kajadian, percaya-percayana mah kana ieu carita, ngan hanjakal  teu acan daek keneh kana ngalakonan eta oleh-oleh Isro’ Mi’roj teh.
Tah asup ka golongan nu mana urang teh ?

Tapi parandene kitu, urang tetep ngadu’a ka Alloh mugia urang sadayana, para putra-putu, garwa oge rundayan turunan urang. Mugia salamina, masing tiasa ngajaga, ngariksa kana ngalaksanakeun ibadah sholat sareng waktu-waktuna. Anu mangrupakeun oleh-oleh sasih Rojab ieu. Amin.

Wallohu A’lam Bish-Showaab 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar