oleh Wangsa Urang Subang Pituin pada 9 Juni 2011 jam 8:28
“Maha Suci (Alloh) anu geus ngiangkeun abdi-Na dina hiji peuting ti Masjidil Haram ka Masjidil Aqsha, anu Sakurilingeunana ku Kami diberkahan, pikeun Kami nembongkeun ka manehna ti antara ayat-ayat Kami. Saestuna Anjeun-Na Nu Maha Ngadangu, tur Nu Maha Uninga”. (Al-Isra, 17: 1)
“Pamohalan pisan siah !…ku numpak onta bae merelukeun lalampahan sabulan pikeun ngajugjug ka Baetul muqoddas teh, nya kitu deui mulangna geus dumuk sarua merelukeun waktu sabulan deui. Ari anjeun Muhammad ukur ku waktu sapeuting, alah ngabohong teh meni kaleuleuwihi anjeun mah Muhammad !... demi Lata jeung ‘Uzza kami henteu percaya .. henteu siah !..kami mah henteu percaya, bohong anjeun Muhammad !”.
Kitu diantarana pok-pokkannana urang Quraesy nalika nampa warta ngeunaan isro’ jeung mi’rojna Kanjeng Nabi Muhammad s.a.w. ieu caritaan teh kedalna ti salah saurang gegeden Quraisy nyaeta Muth’ah bin Adi.
Tur ieu kajadian teh lumangsung nalika Kanjeng Nabi rengse ngalaksanakeun shalat Shubuh nu peutingna anjeunna tos diangkir ku Alloh pikeun ngadeuheus ka Manten-Na nu satuluyna nampa hiji parentah nyaeta parentah sholat lima waktu dina waktu sapoe sapeuting, nya nu katelah mah eta lalampahan teh isro’ jeung mi’roj tea.
Nyaeta hiji lalampahan nu hamo kahontal ku akal, sabab lalampahan ka Baetul Muqoddas nu merelukeun waktu sabulan pikeun ngajugjugna jeung sabulan pikeun mulangna teh, cukup ku lalampahan sapeuting. Ku kituna wajar kajadian ieu teh ngondang kacangcayaan jeung ka teu percayaan ti warga nu aya disabudeureun kota Mekkah, khususna kaum Quraesy.
Nu memang Kanjeng Nabi Muhammad s.a.w. oge harita ngaraos bingung teu manggih tungtung, susah manah teuaya sudana, sanaos kayakinan mah tetep teguh pengkuh yen tadi peuting anjeunna tos ngadeuheus ka Robbul ‘Aalamin. Demi nu ngajantenkeun kabingung anjeunna teh teu aya sanes, nyaeta kumaha carana pikeun nepikeun ieu warta ka urang mekkah umumna oge kaum Quraisy pada khususna dina mangsa harita, nu memang geus sakuduna ditepikeun, sabab ieu hal teh kaasup warta nu eusina parentah ti Alloh s.w.t. bari anjeunna tos ngajudi yen pasti bakal loba jalma nu teu percaya kana ieu beja. Keur anteng mikiran kumaha carana pikeun nepikeun ieu beja, torojol teh Abu Jahal nu kabeneran ngaliwat, nu langsung nyampeurkeun ngadeukeutan ka Rosululloh s.a.w. bari tuluy nyarita bari rada sinis:
“Kumaha kabar anjeun yeuh Muhammad anak Abdullah…? Naha aya beja nu anyar tur penting nu datang ti pangeran anjeun, nu ku anjeun ayeuna katarima”
Ditaros kitu Rosulullah s.a.w. ngawaler: “Alhamdulillah …puji syukur wungkul pikeun Alloh Dzat Pangeran nu kami aya dina Kakawasaanna-Na, Aeh geuningan Mamang, sumuhun Mang ! aya”. Bari rengkuh sopan, da tetep najan dikumaha-kumaha oge Abu Jahal nu sakitu ceuceub ka anjeunna teh masih pamanna ku anjeun,
“Beja Naon nya ?” Ceuk Abu Jahal Panasaran.
“Eta mang ! wengi tadi pisan … abdi tos ngayakeun lalampahan “..
“Lalampahan ka mana ?“ Tanya abu Jahal deui
“Ka Baitul Maqdis” Waler Kanjeng Nabi s.a.w. pondok.
“Tuluy rebun-rebun keneh ayeuna, anjeun geus aya deui didieu” Ceuk Abu Jahal
“Leres” Waler Kanjeng Nabi s.a.w.
Nguping sasauran Rosulululloh s.a.w. kitu, Abu Jahal seuri ngagakgak bangun nu ngeunah bari nembongkeun rasa kangewana ka Kanjeng Nabi s.a.w. sanajan Rosululloh s.a.w. alona pituin, seurina Abu Jahal teh sabab ku ka teu percayaanana kana naon nu disaurkeun ku Kanjeng Nabi s.a.w. tuluy Abu Jahal nyarita deui:
“Naha anjeun wani yeuh Muhammad anak Abdullah ! pikeun nyaritakeun eta beja ka warga mekkah ?
“Ih Mangga wantun pisan !… sareng kaleresan atuh, abdi teh nuju bingung kumaha carana ngadugikeun ieu wartos, tah kaleresan Mamang nawisan kitu nya bingah nu aya, da memang tos sakedahna ieu wartos teh didugikeun” Waler
Rosululloh s.a.w. katingal paromanna semu nu bingah, sabab nuju bingung kumaha carana ngumpulkeun urang Mekkah, kari-kari Abu Jahal nawarkeun jasa, nya asa mobok manggih gorowong, manggih cukang komo mun meuntas.
“Tah mun seug anjeun wani ke ku kami bakal dikumpulkeun didieu”. Jawab Abu Jahal.
Geus kitu mah teu loba cacarita deui, Abu Jahal langsung ngumpulkeun warga Mekkah di Masjidil Haram.
Atuh henteu merelukeun waktu nu lila, kacaritakeun warga nu aya disabudeureun kota Mekkah geus kumpul di Masjidil Harom pikeun nampa beja nu bakal dicarioskeun ku Rosululloh s.a.w. ngeunaan beja nu katampa dina peuting tadi. Barang geus kumpul kitu, derekdek Kanjeng Nabi s.a.w. ngadugikeun eta beja kalayan atra teu aya nu di sumput-sumput, naon nu katingali, nu karasa oge nu kaalaman dina waktu peuting tadi nalika anjeunna ngalaksanakeun lalampahan isro’ sareng mi’roj. Ti kawit anjeunna disumpingan ku Malaikat Jibril a.s. kalayan nyandak Buroq nu bakal jadi tutumpakan Rosululloh s.a.w. dina lalampahan peuting harita, ti Mekkah ka Masjidil Aqsha nu satuluyna anjeunna ngadeueheus ka Alloh.
Dina lalampahan eta anjeunna liren di tilu tempat pikeun reureuh. bari diparentah ku Malaikat Jibril tiap liren di tilu tempat eta teh kudu sholat dua roka’at. Anapon tempat nu kahiji nyaeta di Thaibah atanapi Yatsrib. Teras tempat nu kadua anjeunna liren di Gunung Sina, tempat Nabi Musa Munajat ka Alloh s.w.t. jeung nu terakhir di Baitul Lahmi, nyaeta tempat dimana Nabi Isa dibabarkeun.
Barang tos dugi ka Masjidil Aqsha dicarioskeun yen anjeunna tos diantos ku para Nabi-nabi nu tipayun samemeh anjeunna, nu harita mapag pinuh ku pangbagea, langsung anjeunna netepan berjama’ah kalayan anjeunna langsung nu janten Imam sedengkeun Ma’mumna para nabi-nabi nu tipayun. Rengse netepan lajeng anjeunna naek ka langit kahiji, kalayan ditungtun ku Malaikat Jibril naek kana hiji taraje nu kacida alusna, estu endah nu hamo aya tandingna. Barang geus nepi ka panto Gerbang Langit ka hiji anjeunna dipapag ku 1200 malaikat nu satuluyna ngawal anjeunna dina eta lalampahan, didieu anjeunna tepang sareng Nabi Isma’il a.s.
Salajengna Kanjeng Nabi s.a.w. ngajelaskeun yen anjeunna tepang sareng Kanjeng Nabi Adam a.s. nu harita nuju mayunan jiwa-jiwa umat manusa nu keur digiring kalayan ngabaris, didieu Rosululloh s.a.w. ningali jalma-jalma nu keur dihukum nu luyu reujeung lampah dosana, aya nu nelegan seuneu nu ngabebela nepi ka sungutna tutung kabeuleum tuluy ancur, ieu teh hukuman pikeun jalma-jalma nu nyalahgunakeun harta banda budak yatim. Teras anjeunna ningali jalma nu beuteung jeung awakna barareuh bari tuluy diserang ku buaya-buaya, ieu hukuman pikeun jalma-jalma nu resep ngarentenkeun. Jeung rea- rea deui kajadian nu kasaksen ku kanjeng Nabi s.a.w. nu eta kabeh teh minangka I’tibar pikeun jalma nu masih hirup kumelendang di alam dunya ti harita tug dugi ka runtagna ieu alam dunya.
(Hanca)
Subang, 9062011
Tidak ada komentar:
Posting Komentar