Rabu, 30 November 2011

hanca

oleh Wangsa Urang Subang Pituin pada 6 Juni 2011 jam 10:18


Isuk keneh Mang Juha geus saged, dikameja panjang pulas biru, kahandap calana panjang pulas hideung, buuk dibetel meni ngajiripit herang bakating ku loba teuing ku minyak rambut, teuing minyak rambut merek nanahaon, kaambeu ngahiliwir minyak seungit nu disemprotkeun kana baju kameja nu dipakena. bari gulak-gilek ngeunteung dina kaca lomari, keur anteng ngeunteung kitu, gorowok pamajikanana ti dapur kadenge gorowokan:

"Bapanaaa ?.... geuwat kadieu... "

Digeroan kitu ku pamajikanana, Mang Juha nyampeurkeun bari tuluy nanya:

"Aya naon...indungna..?.. meni gogorowokan sagala ..kawas dileuweung bae... aya naon..atuh ?"

"Ieu pangnyokotkeun ember timbaan ..ticemplung ka sumur tadi kami basa nimba pangerekna teh kalah ka pegat.."

"Beu'... nya lain ati-ati...nanaon teh...untung lain maneh nu ticemplung.. mun seug maneh nu  ticemplung... bahaya..."

"Minggeus....tong ngomong kama karep... sok geuwat ....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar