Rabu, 30 November 2011

Beu' dasar nurustunjung siah !

oleh Wangsa Urang Subang Pituin pada 28 Mei 2011 jam 20:42
"Bade ngadamel naon...bah ?". Ceuk budakna Mang Juha nu kira-kira aya 6 taunan umurna.

"Cicing jang ! bapa rek nyieun jeujeur....ke mun rengse urang nguseup ..ka walungan.." Jawab Mang Juha

"Asyiiik.... ! ujang ngiring nya bah !" Ceuk budak Mang Juha bari ajrag-ajragan bangun nu bungah

"Heueuh.....ke mun meunang laukna ...urang pais...." Tembal Mang Juha

"Ah...tong dipais bah ..pami kenging laukna ujang mah ...hoyong digoreng bae...."Ceuk budakna

"Yeeh...ngeunah dipais atuh ..batan digoreng mah.." Walon Mang Juha

"Pokona mah ujang mah alim..dipais ...hoyong digoreng..bae.."Ceuk Budak Mang Juha

"Yeehh..ku keukeuh nya budak teh....ceuk abah dipais..dipais..siah !" Tembal Mang Juha

"Alim  ah ! laukna hoyong digoreng bae....tong dipais..."Ceuk Budak Mang Juha keukeuh

"Beu' .. dasar budak nya !, teu nurut ka kolot pisan... mending dipais siah !" Walon Mang Juha rada nyentak...

"Pokona mah...alim dipais.... hoyong digoreng bae...."Ceuk budak Mang Juha

Bakating ku jengkel meureun Mang Juha teh, ujug peletrok jeujeur rauteun teh ditakolkeun kana sirah budak, bari nyarita: "Ceuk aing dipais ....dipais...siah !".  Atuh budak teh ngagoak ceurik.

Barang keur kitu, torojol teh pamajikan Mang Juha datang duka tos ti mana, bari tuluy nyarita:

"Aya naon bapana ?... ieu budak nepi ka ceurik kieu..."

"Lah.... tuman teu nurut pisan ka kolot, sidik ngeunah dipais lauk mah, ieu mah kalah keukeuh hayang digoreng..." Tembal Mang Juha.

"Nya ngelehan weh atuh, ka budak mah...."Ceuk Pamajikanana Mang Juha

"Lah..tuman tong diogo teuing..ka budak mah..." Walon Mang Juha

"Nya  mana atuh laukna...?  sok kadieukeun ! ku kami urang olahan...."Ceuk Pamajikan Mang Juha.

"Rek ngolahan naon, sidik apan ieu jeujeurna oge masih dirautan keneh......."Jawab Mang Juha

"Beu' dasar nurustunjung siah.....!"

Caaag
Subang, 28052011

Tidak ada komentar:

Posting Komentar