Rabu, 30 November 2011

Tuh nya ...!

oleh Wangsa Urang Subang Pituin pada 29 April 2011 jam 21:46

Kocapkeun dina hiji mangsa Mang Juha katarajang gering parna, ngan anak jeung pamajikanana bangun nu satengah hate dina nguruskeunana, komo dulur-dulurna mah euweuh hiji oge nu datang ngalongok. Kocapkeun dina hiji isuk, Mang Juha geus kaliwat jengkel, keur mah eukeur ngararasakeun kanyeri, tambah-tambah anak jeung pamajikanana bangun nu teu saregep dina nguruskeun manehna. nya Mang Juha teh nyarita ka pamajikanana bari sorana rada pegat-pegat:

"Indungna...! ..ari barudak araya..?"

"Araya... tadi mah ...ngan teuing atuh ayeuna mah bet saruwung, duka arindit kamarana.. ." Tembal pamajikana

"Coba sina kadarieu.. sina karumpul...... boa-boa kami teh geus waktuna.. da geuningan geus teu puguh rarasaan.."Ceuk Mang Juha.

"Yeehh.. ari nyarita teh ... sok kamana karep nya..! .. heueuh ke urang teangan ...sugan teu jarauh inditna..."Tembal pamajikanana bari semu nu reuwas ngadenge cacaritaan Mang Juha siga kitu.

"Heueuh sok ..burukeun...bejakeun  kami aya caritakeuneun...."Ceuk Mang Juha

Teu kacatur pamajikan jeung ka lima anakna geus karumpul, kadenge pamajikan Mang Juha nyarita:

"Tah Bapana...! geus karumpul kabeh ayeuna mah.. sok aya caritakeuneun naon atuh..?"

"Heueuh .. sukur atuh... ari geus kumpul kabeh mah... kieu ieu teh... abah aya caritakeuneun, ngan samemeh abah nyarita... abah teh aya pamenta.. heueuh bapa teh asa hayang pais..." Ceuk Mang Juha

"Hayang pais naon bah ?" Ceuk anakna Mang Juha nu cikal

"Heueuh  hayang pais naon atuh abah teh...?" Ceuk Anakna  nu pangais bungsu mairan.

"Heueuh ..pamenta abah mah henteu beurat... heueuh...sigana teh ngeunah meureun ..mun seug ngadahar pais tihayam ...." Ceuk Mang Juha

"Beu' ...nya !.. sok ku aya-aya bae.. pamenta teh...nu lain atuh.. bah !"Ceuk anakna Mang Juha nu nomer dua.

"Heueuh... sok ku araraneh teuing atuh ...pamenta teh...". Ceuk anakna Mang Juha nu Bungsu.

"Yeeeh... minggeus .... siah ! tong ngahulag.. bisi pamenta panungtung.. bapa maneh teh..enggeus ..ayeuna mah urang tedunan bae....pilakadar nu kitu mah moal hese neanganana oge.. sok geura kaditu cokot di jero kandang hayam  ". Ceuk Pamajikan Mang Juha  bari nitah ka salah saurang anakna.

Nya teu talangke salah saurang anakna Mang Juha aya nu cengkat bari terus ngoloyong ka tukangeun imah nuju ka kandang hayam pikeun nedunan kahayang Mang Juha. teu lila geus norojol deui bari ngajingjing keresek nu geus dieusian ku pesenan Mang Juha tea. Bruk eta babawaan teh ditsimpen dihareupeun riungan bari pok nyarita:

"Tah Ma !.. geura pais .. "

"Heueuh kadieukeun urang pais da bungbuna mah aya urut kamari mais supa suung... "Ceuk pamajikan Mang Juha

Teu kacatur pesenan Mang Juha teh geus asak, nyaeta pais tihayam tea, tuluy eta pais teh diasongkeun ka Mang Juha:

"Tah bapana !... geus asak ..pamenta teh..."Ceuk Pamajikanana

"Heueuh ... alus !  sok buka atuh pais teh ku maneh indungna...!". Walon Mang Juha.

Dititah kitu ku Mang Juha, nya teuhararese eta paisan teh dibuka ku pamajikanana. barang geus dibuka tuluy diasongkeun ka Mang Juha, samemeh ditampanan kadenge Mang Juha nyarita:

"Ih..tong langsung diasongkeun ka kami atuh...!.. sok arasaan heula ku maraneh... da kami mah geus ba'al letah".

"Beu nya ..! ku aya-aya bae... ningalina oge teu kolu.. komo kudu ngasaan .. sok atuh ku maraneh asaan tah... "Ceuk pamajikana Mang Juha bari ngasongkeun ka anak-anakna nu caruringhak tuluy silih pelong.

"Sok atuh ku maneh euy..asaan !" Ceuk anak Mang Juha nu cikal

"Ah sok ku akang tiheula..."Tembal anakna Mang Juha nu nomer dua

"Nya sok ku akang heula..asaan sauetik mah.."Ceuk anakna Mang Juha nu nomer tilu mairan

"Enya sok....kang ! asaan ku akang ti heula".Walon Anakna Mang Juha nu pangais bungsu jeung nu bungsu ampir bareng.

"Heueuh sok atuh ku akang diasaan.. tapi maraneh oge kudu milu ngasaan" Ceuk anakna Mang Juha nu cikal.

"Enya ..sok lah..". Ceuk adi-adina meh bareng ngajawab.

Geus aya kasapukan kitu mah, anak Mang Juha nu cikal teh ngamimitian ngasaan eta paisan bari nyokot sacomot tuluy dihuapkeun, katingali rada dienyem-enyem,tuluy digayem, leg diteleg.

"Kumaha kang rasana... ?"Ceuk adi-adina nanya meh bareng

"Lah sok asaan bae...ku maraneh "Jawab anakna Mang Juha nu cikal.

Panasaran meureun, ampir bareng adi-adina nyomot sacomot ewang eta paisan teh, tuluy dihuapkeun ngasaan, teu tinggaleun indungna oge milu nyomot ngasaan eta paisan. ningali kitu celengkeung teh Mang Juha nyarita:

"Kumaha...?.. ngeunah teu ...pais teh ?"

"Lah.... boro-boro ngeunah... nu aya mah pait....deuleu." Jawab Pamajikanana

"Enya bah pait.....sok geura asaan ku abah..!"Ceuk anakna Mang Juha nu cikal.

"Tuh nya !... komo-komo ku nu gering... cacak ku maraneh nu calageur oge geuningan.. karasa pait....siah ".

Caaag
Subang,2904201

Tidak ada komentar:

Posting Komentar