Rabu, 30 November 2011

Nya...ceuk uing oge naon ?

oleh Wangsa Urang Subang Pituin pada 23 April 2011 jam 20:36

Kocapkeun hiji mangsa Mang Juha keur ngadaweung di tepas imahna, keur anteng ngadaweung  kitu, katingali si Ibro ngaliwat bangun nu rurusuhan, ningali kitu gorowok teh Mang Juha ngageroan:

" Rek kamana maneh Ibro ?  meni rurusuhan kitu ?" . Ceuk Mang Juha

"Oh  eta mang ! rek   ka  wahangan ... !". Tembal Ibro 

"Jeung eta mawa buntelan naon euy ? bangun dahareun ngeunah ... Cing bagi lah !". Ceuk Mang Juha

"Ih ulah Mang  ! bisi deudeuieun". Walon Ibro

"Alah  siah..!  maneh mah meni ku pelit nya !...enggeus geura kadieukeun ! ... dewek menta saeutik mah". Ceuk Mang Juha rada maksa.

"Yeeeh ! ulah !  ceuk uing ulah ...ulah !...bisi jadi matak....". Tembal Ibro keukeuh

"Emangna dahareun naon siah ? meni dikoretkeun kitu". Ceuk Mang JUha

"Lah... pilakadar oge Tim  atuh mang !.. ngan Tim ieu kacida istimewana ! ...haneut keneh pisan, da karanyat...". Jawab Ibro

"Tah  geuningan ! kabeneran siah ! dewek keur uuseupeun, heueuh ieu tikoro geus dua poe nyeri bae mun ngadahar nu rada heuras teh.  sugan ku Tim nu di bawa ku maneh mah teu nyeri meureun euy diteureuyna". Ceuk Mang Juha

"Ih ulah mang ! ieu mah Tim piceuneun, bisi jadi matak lamun didahar" . Tembal Ibro

"Beu' nya  ! ari dipenta ulah , kalah ka rek dipiceun,  lebar atuh euy...". Ceuk Mang Juha

"Ah ! boro-boro hayang ngadidahar mang ! ku ngambeuna oge geus teu kuat...". Jawab Ibro

"Nya enggeus atuh kadieukeun siah !  keur dewek kabeh, batan dipiceun mending ku dewek didahar, geuwat kadieukeun !dewek geus lapar yeuh, kabeneran acan sarapan". Ceuk Mang Juha bari tuluy ngajeuwang buntelan babawaan si Ibro.

"Deukhh nya ! meni ku maksa, batur ulah, bisi deudeuieun Tim nu ieu mah, tapi  nya pek atuh ah ... ari beuki mah". Tembal Ibro bari mikeun eta buntelan.

"Coba urang buka siah...!" Ceuk Mang Juha bari tuluy muka buntelan, ngan teu kebat langsung ditutupkeun deui, bari ngabalieurkeun beungeut tuluy nyarita:

"Jadol siah...! paingan ulah-ulah bae, sugan teh Tim naon haneut keneh teh siah !...beu' horeng TIMUNDING  deuleu....

"Nyaa.....ceuk uing oge.....naon ?...heu heu "

Caaaag
Subang, 23042011

Tidak ada komentar:

Posting Komentar