Rabu, 30 November 2011

Ih dasar budak nya !

oleh Wangsa Urang Subang Pituin pada 28 Agustus 2011 jam 23:49

"Abah ...ujang hoyong meser acuk anyar atuh bah ! apan bade lebaran ieu teh... ma enya ..ujang ngangge acuk nu kuleuheu  kieu... ?"

"Ih...Jang kuleuheu-kuleuheu oge baju siah !.. batan maneh buligir... yeuh jang ..regepkeun ! peupeujeuh .ti abah.."

" Peupeujeuh teh.. merek acuk naon bah ?.. merek acuk anyar nya Bah ?" .

"Ih ...lain ! ngan ..kana baju bae..siah .pipikiran teh ?... lain ...kieu yeuh jang !.. lain abah embung mangmeulikeun baju anyar keur ujang, da abah oge hayang mamantes ka nu jadi anak..komo tepung jeung lebaran kieu,.. ngan ! kieu yeuh jang.!. aya baju nu leuwih hade batan baju nu dijual di pasar..tur baju ieu mah ...ngelehkeun model merek nu kumaha bae oge, najan nu pangalusna di dunya busana....pasti bakal kalindih ku baju ieu mah" Tembal Mang Juha

"Acuk naon bah ?...ujang hoyong atuh !"

"Bener ujang hayang ?..."

"Leres ujang.. hoyong "

"Tah ngaran baju ieu teh nyaeta baju taqwa.... baju nu endah, tur endahna teh taya tandingna... ujang hoyong teu ?"

"Nya hoyong atuh bah !.. kinten-kinten acukna pulas naon tah  bah ?" T

"Tah ! Baju Taqwa mah pulasna ku kaimanan, jeung akhlak nu hade".

"Ah ..alim ah ! pulas kitu mah ... acuk eta mah nu meserna kedah pa ustadz sareng pa ajengan......pokona mah ujang hoyong acuk nu sapertos diangge ku si Udin sareng  si Aceng.....titik"

"Ih dasar... budak....nya ! teu apal kolot keur huereut ..duit".

Caaag
Subang 28082011

Tidak ada komentar:

Posting Komentar