Selasa, 21 Desember 2010

Piwejang Rosulullah s.a.w. dina mapag sasih Romadhon

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I.

Bulan Romadhon téh bulan nu agung, suci tur mulya, Agungna di agungkeun ku Alloh, sucina disucikeun ku Alloh, mulyana ogé dimulyakeun ku Alloh. Aya katerangan nu sumpingna ti Ibnu Huzaimah r.a. anjeunna sasauran, yén Rasululloh s.a.w. maparin piwejang/naséhat nalika mapag bulan Ramadhan, Rasululloh s.a.w. ngadawuh :

Yeuh Manusa! Éstu geus datang ka aranjeun bulan Allah, kalayan mawa barokah, rohmat ogé maghfiroh. Bulan nu kacida mulyana mungguhing Alloh. Poé-poéna kaasup nu kacida utamana batan poé-poé séjénna. Kitu kénéh peuting-peutingna kaasup peuting-peuting nu kacida istiméwa. Jam-jamna kaasup istiméwa ogé utama.

Bulan ieu, bulan dimana aranjeun diogan ku Allah tur dimulyakeun ku Manten-Na. kajaba ti éta, dina bulan ieu kaluar-kajerona ambekan aranjeun jadi tasbéh, saré-saré aranjeun jadi ibadah, amalan-amalan aranjeun ditarima, do’a-doa aranjeun diijabah, ku kituna, prak aranjeun ngado’a ka Allah ka Pangéran aranjeun, kalayan niat nu ikhlas tur suci sangkan Alloh ngajaga ngariksa ogé maparin panangtayungan ka aranjeun dina ngalakonan puasa jeung maca kitab Manten-Na (Tadarus Al-Qur’an).

Cilaka pikeun jalma nu teu meunang panghampuraan ti Alloh di bulan nu agung ieu. Impleng ku anjeun ! rasa lapar jeung hanaang anjeun nalika jaga dina poé kiamat. Prak kaluarkeun sodaqoh pikeun kaum faqir jeung miskin !, Mulyakeun ku anjeun indung bapa anjeun, pikanyaah dulur sahandapeun anjeun, sambungkeun tali duduluran anjeun, jaga lisan-lisan anjeun, raksa paningal aranjeun tina hal nu teu halal dina ningalina, jeung raksa pangdeéngé aranjeun tina perkara nu teu halal di déngé ku aranjeun.

Pikawelas, pikaasih ku aranjeun barudak yatim. Prak ! geura tobat anjeun ka Alloh tina dosa-dosa aranjeun. Angkat leungeun-leungeun aranjeun prak tamprakkeun dua dampal leungeun aranjeun pikeun ngado’a dina waktu sholat aranjeun, sabab dina waktu éta pisan kaasup nu utama, sabab Alloh Azza Wajalla ningali hamba-hamba-Na kalayan pinuh ku kaasih reujueng kahéman.

Manten-Na bakal ngawaler maranéhna nu Munajat sumambat minagsaraya ka Manten-Na, tur Manten-Na bakal mapag ka maranéhna nu nyebat-nyebat Asma Manten-Na, ogé Manten-Na bakal ngaijabah do’a keur maranéhna nu ngado’a ka Manten-Na.

Yeuh Manusa ! Saéstuna diri-diri aranjeun masih kagadé kulantaran amal-amal aranjeun, ku kituna maka geura prak tebus atawa bébaskeun ku istighfar, punduk-punduk aranjeun téh beurat kusabab dibeungbeuratan ku dosa-dosa aranjeun, kukituna geura prak hampangkeun éta pangbeubeurat téh ku manjangkeun sujud-sujud aranjeun.

Kanyahokeun ku aranjeun sakabéh ! Allah ta’ala sumpah kalayan sagala ka-Agungana-Na, yén Manten-Na hamo nibankeun siksa ka jalma-jalma nu Sholat jeung sujud, jeung hamo ngancam maranéhna ku naraka dina mangsa manusa narangtung dipayuneun Robbul’Aalamin.

Yeuh Manusa ! sing saha diantara aranjeun méré dahareun pikeun buka ka jalma mukmin nu puasa di bulan ieu, tanwandé Alloh bakal maparin wawales ku ganjaran sarua jeung ngabébaskeun hiji budak beulian tur ta Alloh bakal ngahampura dosa-dosana nu geus kaliwat.

*****
Para Shohabat naros: “Ya Rasululloh! Naha abdi sadaya mampu midamel naon-naon nu ka salira didawuhkeun ?”

*****
Rasululloh s.a.w. ngalajengkeun dadawuhna: “Jaga diri aranjeun tina seuneu naraka ! sanajan ukur ku korma sasiki. Jaga diri aranjeun tina seuneu naraka sanajan ukur ku cai saleguk-kan.

Yeuh Manusa ! sing saha jalmana nu hadé akhlakna dina bulan ieu, maka manéhna bakal salamet dina ngaliwatan shirothol Mustaqiim, nyaéta dina poéan dimana suku-suku tikoséwad. Sing saha jalmana nu méré karinganan gawé ka para badéga/karyawan/staf di bulan ieu, tanwandé Alloh bakal ngahampangkeun manéhna dina mangsa dipariksa ku Alloh jaga di poé kiamat. Sing saha jalmana nu bisa nahan kagoréngan di bulan ieu, maka Alloh bakal nahan bebendon-Na dina mangsa manéhna patepung reujeung Manten-Na.

Sing saha jalmana nu ngamulyakeun budak yatim di bulan ieu, maka Alloh bakal ngamulyakeun manéhna dina mangsa manéhna patepung reujeung Manten-Na. Sing saha jalmana nu nyambung tali duduluran (silaturahmi) di bulan ieu, maka Alloh bakal nyambungkeung manéhna ku Rohmat-Na dina mangsa manéhna patepung reujeung Manten-Na. Sabalikna sing saha jalmana nu megatkeun tali duduluran (silaturahmi) di bulan ieu, maka Allah bakal megatkeun Romat-Na dina mangsa manéhna patepung reujeung Manten-Na.

Sing saha jalmana nu ngalakonan sholat sunah di bulan ieu, maka Alloh bakal nyatetkeun pikeun manéhna kabébasan tina seuneu naraka. Sing saha jalmana nu ngalaksankeun sholat fardhu di bulan ieu, maka pikeun manéhna ganjaran lir ibarat manéhna ngadegkeun 70 kali sholat fardhu di bulan nu séjén. Sing saha jalmana nu ngalobakeun maca sholawat ka Kami di bulan ieu, maka Alloh bakal ngabeuratkeun timbangan kahadénanana dina mangsa yaumil mizan. Sing saha jalmana nu maca saayat Al-Qur’an di bulan ieu. Maka ganjaranana sarua jeung ngakhotamkeun Al-Qur’an dina bulan-bulan séjén.

Yeuh Manusa ! Saéstuna lawang-lawnag panto sawarga dibukakeun pikeun aranjeun, ku kituna prak pénta ku aranjeun ka Pangéran aranjeun, sangkan Manten-Na henteu nutupkeun éta lawang panto sawarga téh pikeun anjeun salawasna. Ogé lawang-lawang panto naraka ditutup, kukituna prak ! pénta ku anjeun ka Pangéran aranjeun, sangkan éta lawang panto naraka téh ditutup salawasna pikeun anjeun, syétan-syétan diborogod ku kituna prak ! anjeun ménta ka Pangéran aranjeun sangkan éta syétan téh salawasna teu ngawasaan diri anjeun.

***
Sayyidina Ali Karomalloohu Wajhah naros: “Ya Rasululloh! Amal naon nu kalebet utama dina bulan ieu ?”

****
Kanjeng Nabi Ngadawuh: “Ya Abal Hasan! Amal nu kaasup utama di bulan ieu nyaéta ngajaga diri tina naon-naon nu geus diharamkeun ku Alloh.

Yeuh Manusa ! saéstuna anjeun bakal di iuhan ku bulan nu agung tur pinuh ku kabarokahan. Nyaéta bulan nu dijerona aya hiji peuting nu éta peuting téh leuwih hadé batan sarébu bulan nyaéta Lailatul Qodar. Nyaéta bulan dimana Alloh geus ngajadikeun pusana di bulan ieu téh hukumna fardhu atawa wajib, Ogé Qiyamul-Lailna kaasup hiji lampah Tathowwu’

Sing saha jalmana nu ngadeukeuteun diri ka Alloh ki hiji pagawéan kahadéan dina ieu bulan, maka bakal diwales ku Allah sarua jeung ngalakukeun hiji kafarduan di bulan séjén.

Romadhon téh bulan sabar, sedengkeun sabar éta téh ganjaranana sawarga. Romadhon téh bulan pitulung jeung bulan dimana Alloh maparin rizqi ka sakumna jalma mukmin

Sing saha jalmana nu maparin kadaharan pikeun jalma nu seja buka puasa, maka ieu hal téh kaasup lampah nu bakal turunan hampura pikeun dosa-dosana, jeung hiji lengkah ngabébaskeun dirina tina seuneu naraka. Tur jalma nu méré kadaharan pikeun jalma nu seja buka puasa, manéhna bakal meunang ganjaran sakumaha ganjaranana jalma nu puasa, bari jeung ngurangan saeutik ogé.

*****
Para shohabat naros: “Ya Rasululloh !, mun seug ti antara abdi-abdi sadaya nu teu gaduh tuangeun atanapi leueuteun kangge maparin ka dulur-dulur abdi sadayana nu seja buka puasa ?”

*****
Lajeng Rasulullah s.a.w. ngadawuh: “Alloh bakal maparin ganjaran ka jalama nu méré maweh kadaharan pikeun jalma nu seja buka puasa, sanajan ukur ku korma sasiki, atawa saleguk cai, atawa saregot cai susu.

Nya Bulan ieu pisan nu awal bulanna nyaéta Rohmat, di pertengahan bulanna kaasup Maghfiroh, tur dina akhir bulanna kaasup dibébaskeunana tina seuneu naraka. Sing saha jalmana nu ngaringankeun atawa ngamerdekakeun budak beulian (ayeuna mah geus teu aya, tapi mun ditingali kana fungsi jeung gawéna maka kaasup zaman kiwari mah badéga) tanwandé Alloh bakal ngahampura dosa-dosana tur ta Alloh bakal ngabebaskeun manéhna tina siksa seuneu naraka.

Ku sabab kitu, lobakeun opat perkara ku aranjeun dina raraga ngeusian bulan Romadhon, dua perkara pikeun ngadatangkeun karidhoan Pangéran Anjeun, jeung dua perkara deui nu aranjeun kacida mikabutuhna: Dua perkara nu kahiji, nyaéta ngaku yén teu aya deui Pangéran nu wajib diibadahan anging Alloh, jeung ménta hampura tina dosa ka Manten-Na. Sedengkeun Dua perkara
nu ku aranjeun kacida dipikabutuhna nyaéta, ménta sawarga jeung ménta pangraksa Manten-Na tina siksa Naraka.

Sing Saha Jalmana nu méré cai nginum ka jalma nu seja buka puasa, tanwandé Alloh bakal maparin nginum ka manéhna ku cai talaga-Na, kalayan mun seug geus nginun cai eta, maka hamo ngarasakeun hanaang salawasna nepi ka manéhna asup kana sawarga.

Wallohu A’lam Bish-Showaab

Subang, panungtung bulan 31072010

Tidak ada komentar:

Posting Komentar