Selasa, 21 Desember 2010

Alhamdulilah...mama ...sim kuring mah.. atos

 Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I

Kailaharan di pasantren mun asup kana bulan Romadhon sok aya istilah Ta'jil atawa buka puasa bareng, nu memehna sok dihalaran heula ku maca kalimah-kalimah thoyyibah, atanapi tahlilan nu waktuna teh sok di paskeun nepi ka waktu buka puasa.

Jajabur pikeun bukana mah teu kudu susah bin hese da geuningan ti warga sabudeureun pasantren sok loba nu ngaririm, ti mimiti kue nu garing kayaning Buras nepi ka bures (da ledis ku santri sa-garayakan), papais, bugis, kupat, leupeut, tangtang angin, kolek, bubur kacang, bubur sumsum, sorabi kinca, jeung sajabana. nepi ka kue nu garing kayaning, opak, ranginag, rangining, kurupuk, kiripik, jeung sajabana. lah pokona mah lengkep.

Samodel harita, loba diantara warga nu milu ngariung seja ta'jil, jadi lain wungkul santri tapi warga masyarakat sabudeureun pasantren oge sok aya nu rajeun milu ngariung sakalian nungguan berjama'ah maghrib mbeh teu katinggaleun, sabab kabiasaan mun geus datang waktuna buka puasa teh berjama'ah maghrib sok saruwung, malah nu parahna mah sok diakhirkeun nepi ka ampir beak waktu, da ku buka puasa tea.

Rengse ngado'a tuluy Lurah santri, ngabagi-bagi keun kue keur Ta'jil ka para santri ngarah teu parebut ribut. beres kabagi kabeh mah.. da kadenge Adzn geus asup waktu maghrib teu talangke tuluy bae baruka. ngan aya salah saurang kokolot lembur nu cicing bae, cai jeung kue nu geus dihancengkeun hareupeunana teh lain kadua dihuapkeun kalah diantep. atuh ku Mama Ajengan teh ditaros:

"Mangga atuh bapa.. eta leueuteunana di tuang.. kalah ka diantep kitu... ?"

Bari teu kireum-kireum eta kokolot lembur teh ngajawab:

"Alhamdulilah...mama ...sim kuring mah.. atos di bumi tadi..sateuacan ngiring ngariung kadieu..."

"Haaaar....." saur mama ajengan teu papanjangan, disambung ku pating cikikikna para santri jeung warga lembur nu milu ngariung...harita.

Caaag..!

Subang, 03 Agustus 2010

Tidak ada komentar:

Posting Komentar