Selasa, 21 Desember 2010

Tarikh Awal Lungsurna Wahyu Ilahy

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I

Dina wanci peuting, pas wengian ka tujuh belas bulan Romadhon, meumeujeuhna manusa keur dipepende ku peuting nu simpe, tibra  sare ngareureuhkeun kacape urut mangsa beurang tutas gawe. Di hiji tempat diwewengkon Jazirah Arab di lengkob lebah gunung dihiji guha nu ngaranna guha Hiro’,  aya saurang jalma nu keur menekung ka Hyang Agung mujabrata ka Hyang Maha Sukma, anjeunna tos sababaha peuting ngalakukeun kituna teh. Nu tujuanana pikeun ngadeukeutkeun diri ka Gusti Hyang Widi ditempat nu sepi.  Tafakur  ngeunaan kaayaan alam, tafakur ngeunaan kaayaan manusa arab nu aya dina kakaliruan, aya dina kahirupan nu kalangsu, ti mimiti widang akidah geus kacida pisan nincak dina jalan salah, arca nu teu nimbulkeun kamanfaatan oge teu bisa ngadatangkeun kamadhorotan ku maranehna disembah, dina widang akhlak geus rarusak, maen (judi), ngundi nasib, mabok, madon, maling jeung silih tandasa geus jadi adat kabiasaan. Nya ieu tangtungan jalma teh taya kajaba Muhammad Al-Amin, hiji tangtungan insan nu dipilih ku Alloh Nu Maha Asih pikeun dijadikeun kakasih. Nya Anjeunna Muhammad nu bakal janten Nabi Akhir Zaman, Minangka Panutup para Nabi, nu bakal nyampurnakeun Risalah Pangeran Alloh Malikur-Rohman.

Harita Muhammad Al-Amin  keur anteng tafakur, ngadadak kaayaan jadi robah, langit nu lenglang  ngadadak robah jadi angkeub, teu lila kadenge aya sora nu ngagero:

“Yaa Muhammad !  Iqro’ ..! (Heh …Muhammad ! Baca….)!”

Nguping kana sora kitu Muhammad Al-Amin ngangakt mastakana, lajeng anjeunna rungah-rngeuh milarian sumber sora, teu lila janggelek teh dipayuneun anjeunna ngabedega hiji tangtungan nu pikasieuneun, awakna minuhan eusi rohangan langit jeug bumi saking ku badag-badagna eta makhluk. Atuh ningali kaayaan kitu, Muhammad Al-Amin ngadegdeg pinuh ku rasa reuwas jeung kasieun, nu ngabalukarkeun anjeunna kapiuhan rada laim, teu lami Muhammad Al-Amin eling tina kapiuhan, kadenge deui sora nu tadi ngagero deui:
 .   
“Yaa Muhammad !  Iqro’ ..! (Heh …Muhammad ! Baca….)!”  nepi ka tilu kali.

Lajeng Muhammad Al-Amin ngawaler :

“Maa …Ana Biqori’…?” (Naon nu kudu dibaca ..ku kami teh ?)… jeung sabenerna anjeun teh saha…?”

Eta makhluk teh ngajawab :

“Heh..Muhammad ….Kami teh Jibril ..malaikat Alloh ..nu ngahaja diangkir pikeun nepungan ka anjeun, geusan ngalaksankeun parentah Manten-Na, pikeun nepikeu parentah  nyaeta mawa  wahyu suci …sakaligus ngaistrenan anjeun ..jadi Utusan oge Nab-Na pikeun ngalaksanakeun tugas risalah, ngalelempeng akidah jeung akhlak Manusa… anjeun teh manusa nu dipilih… ku hal kitu pisan….. Yaa Muhammad !  Iqro’ ..! (Heh …Muhammad ! Baca….)!”

Nguping jawaban ti eta makhluk neu teu aya sanes nyaeta Malaikat Jibril a.s. nu nembongkeun wujud aslina, sami sapertos tadi, Muhammad Al-Amin nu resmi janten Rosul Alloh,  ngawaler:

“Maa …Ana Biqori’…?” (Naon nu kudu dibaca ..ku kami teh ?)”

Eta makhluk nu ngaku Malaikat Jibril nyarita deui:

“Iqro’ ! Bismirobbikalladzii Kholaq, Kholaqol insaana min ‘Alaq, Iqro’ Wa Robbukal Akrom, Alladzii ‘Allama Bil-Qolam, ‘Allamal-Insaana Maa Lam Ya’lam, (Baca ! ku Anjeun Muhammad !.. kalayan nyebut Asma Pangeran Anjeun nu Maha ngayugakeun, nu geus ngayugakeun manusa tina sakeupeul geutih, Baca ..oge ku Anjeun Muhamamd ! kalayan Pangeran Anjeun nu Maha Mulya, nu ngajarkeun (manusa) ku Kalam, nu ngajarkeun manusa kana perkara nu tadina teu dipikanyaho…”

Nguping parentah kitu ti Malaikat Jibril a.s. Rasulullah s.a.w. kapiuhan deui rada lami dilebet eta guha hiro’.

Kacarioskeun Siti Khodijatul Kubro’ geureuhana Rosulullah s.a.w. ngaraos hariwang sabab Rosululloh s.a.w. telat mulang, ku kituna anjeunna miwarang salah saurang badegana pikeun milarian Rosulullah s.a.w. tapi lebeng teu kapanggih. Nu antukna Rosululloh s.a.w. mulang nyalira  saba’da eling tina kapiuhanana. Sasumpingna ka bumi lajeng ditaros ku Siti Khodijah:

“Mendakan Naon salira teh ?, naha bet sapertos nu kenging kareuwas sareng kasieun kitu…?”

“Duh tiwas… kami manggihan perkara nu matak diri kami kebek ku rasa kasieun reujeung kahariwang… nu hal ieu teh .geus aya kila-kilana ti baheula keneh. Ayeuna datang pisan  …..duh kami dijieun teu eling ku kajadian ieu.” Waler Rosululloh s.a.w. bari derekdek anjeunna nyarioskeun kajantenana nu kaalaaman dina wengi harita.

“Kutan ..salira teh .. mendakan perkara nu aheng,  nya saena mah salira teu kenging nyangki awon heula ka diri pribadi, yakinkeun ..dina ati yen salira teh ..utusan Alloh, nu hal ieu tos pasti tur janten hiji katangtosan yen Manten-Na hamo ngantep ka salira kitu bae sarengsena nampi ieu kajantenan, tur hal ieu teh janten hiji beja gumbira kangge mangsa-mangsa kapayunna nu bakal karandapan…”Saur Siti Khodijah ngareugreugkeun Rosululloh s.a.w.

Enjingna Rosululloh s.a.w. sareng Siti Khodijah nepangan Waraqah bin Naufal pamanna Siti Khodijah, nu ngahaja pikeun ngabejakeun bari nyacapkeun kapanasaran ngeunaan naon-naon kajantenana  nu tos kaalaaman ku Rosululloh s.a.w. kacaturkeun aranjeunna duaan tos aya dipayuneun Waraqah bin Naufal, teras ngadadarkeun kajantenan nu kaalaman tadi wengi. Nguping sasauran Rosululloh s.a.w. sapertos kitu, Waraqoh bin Naufal nyarios:

“Eta teh utusan Alloh nu pernah datang ka Musa al-Kalim nu ayeuna datang ka anjeun, datangna bari mawa beja nu matak gumbira, tur ngaistrenan anjeun pikeun neruskeun lalampahan para Nabi-nabi baheula, nyaeta nyampurnakeun ajaran-ajaran risalah Alloh nu ti baheula geus jadi katangtuan Manten-Na, geus.. ayeuna mah piceun rasa karingrang, rasa was-was oge rasa kasieun teh , angguran mah geura prak tatan-tatan pikeun narima beja-beja nu sejenna nu bakal datang nuturkeun sanggeus ieu kajadian..”

Nguping kana sasauran Waraqaoh bin Naufal kitu, Rosulullah s.a.w. nembe ngaraos reugreug, lajeng anjeunna sasauran:

“Ayeuna ..kami paham tur ngarti yen ..kami teh geuningan Nabi jeung Rosul Alloh..”

****
Di luhur teh minangka hiji  dongeng diantara puluhan dongeng-dongeng ngeunaan lungsurna wahyu Ilahy nu mimiti katampi ku Kanjeng Nabi s.a.w. nu miturut sapalih katerangan mah yen ieu dongeng teh direka cipta ku jalma-jalma abad mimiti Islam. Nu ieu dongeng teh ku sapalih ulama disebatna dongeng nu diaya-ayakeun nu teu aya tadina. Hartosna dongeng nu teu aya dasar-dasar tina bukti nu otentik ngeunaan kaabsahana ieu dongeng. Tegesna ieu dongeng teh direka-cipta ku jalma-jalma musuh Islam nu tujuanana pikeun ngarusak kayakinan jeung kaimananan umat Islam.

Alesanana, nyaeta henteu mungkin ..ngeuna ka diri Rosululloh s.a.w. nu geus nincak kana hambalan-hambalan kasampurnaan  hirup, bet tepung jeung hiji parentah ti Alloh make kudu sieun, make kudu ragu komo was-was mah kana datangna wahyu. Tur tanda-tanda kanabian teh beh ditu mula tos karaos tur kasaksen ku diri Rosululloh s.a.w. ku anjeun. Jadi asa pamohalan Rosululloh s.a.w. henteu kuat oge henteu mampuh nyaksian kana hakekat kaagungan Alloh nu ngaliwatan sumpingna wahyu nu dicandak ku malaikat Jibril a.s.  tur henteu mungkin oge Rosululloh s.a.w. ngarasa was-was, ngarasa cangcaya kana kaayaan diri pribadina ku anjeun. Nu satuluyna eta rasa was-was oge rasa cangcaya teh ilang sirna ku sabab ayana jawaban ti hiji jalma nu kasebut dina sapailh katerangan tukang nyembah arca nyaeta Waraqoh bin Naufal, aya deui nu nyebatkeun yen tug dugi ka dipapag ajal yen Waraqah bin Naufal teh teu lebet islam, aya dina kakafiran tegesna anjeunna aya dina ka-nashrani-an .

Tah hal ieu teh ditegeskeun ki Imam Qodhi bin Iyadh (554 H), ku cariosanana:

“Yen hamo kajadian,.. iblis ngarupakeun dirina jadi Malaikat tur ngajantenkeun Kanjeng Nabi s.a.w. cangcaya pinuh ku rasa was-was kana sumpingna Wahyu Alloh. Tur hamo bakal kajadian, yen ti saprak di utusna Kanjeng Nabi s.a.w. tug dugi ka saterasna, anjeunna kaancikan rasa kasieun, rasa was-was, oge rasa cangcaya. Sabab hal ieu kacida pagedrugna sareng pasifatan Kanjeng Nabi s.a.w. nu kacida agungna, nyaeta anjeunna teh pribadi nu unggul, pribadi nu salawasna nembongkeun katenangan,  kategeran dina saban tingkah jeung dina  kaayaan kumaha bae. Tur ieu teh minangka hiji mu’jizat kanabian”

Tur carita di luhur oge, kacida pegedrugna reujeung carita-carita ngeunaan ditampina wahyu Alloh ku para Nabi-nabi sateuacanna Kanjeng Nabi Muhammad s.a.w. sapertos nu karandapan ku Kanjeng Nabi Musa a.s. nalika awal anjeunna diistrenan janten Nabi sareng Rosul Alloh dina nampi wahyu, anjeunna teu aya carita sapertos nu karandapan ku Kanjeng Nabi Muhamad s.a.w. di luhur, malihan kanjeng Nabi Musa a.s. nalika nampi wahyu Alloh kacida dikhususkeun ku Alloh, sakumaha nu kaunggel dina Ayat dawuhan Alloh dina Al-Qur’an Surat Thooha ayat 11 dugi ka 14:

Nalika Musa datang dinya, musa disauran ku Alloh: Heh Musa ! saestuna Kami teh Pangeran anjeun !. ku kituna prak laan eta tarumpah sendal anjeun, sabab saenyana anjeun aya din lengkob (tempat) suci (Thuwa). Jeung Kami geus milih anjeun (jadi Rosul Kami) ku ktuna  reungeukeun kana sagala anu diwahyukeun ku Kami (ka anjeun), Saenyana Kami teh Alloh, taya deui Pangeran salian ti Kami, ki kituna geura sembah Kami, sarta geura adegkeun sholat sangkan anjeun eling ka Kami.”

Sareng ayat nu sanesna nu kaunggel dina Al-Qur’am Surat An-Naml ayat 10:

“Heh Musa ! montong gimir anjeun ! saetuna jalma nu dijadikeun Rosul, hamo sieun dihareupeun Kami (Alloh”

Oge carita di luhur teh  pagedrug oge sareng carita nu kaalaman ku Nabiyalloh    Ibrahin a.s. nalika anjeunna nyangking katingtriman bathin, katenangan jiwa tur karaehna a’inul yaqin, oge Haqqul Yaqiin,  nepi ka kasingkapna hahalang caketna antawis anjeunna sareng Alloh Malikul Jabbar, tur ku hal ieu pisan jadi atra katembong ku anjeunna hakekat alam malakut.  Sakumaha nu kaunggel dina Al-Qur’an Surat An-Naml ayat 75:

“Jeung kitu keneh, Kami nembongkeun ka Ibrahim tanda-tanda kaagungan Kami nu aya di langit jeung di bumi, jeung kami nembongkeun ka manehna sangkan manehna kagolong jalma-jalma nu yaqin”

Jadi jelas, yen Rasululloh s.a.w. dina nampi wahyu mimiti teh teu kakeunaan rasa was-was, rasa cangcaya, kasieun sakumaha nu kacutat dina dongeng-dongeng nu salah sahiji diantarana dongeng di luhur. Tegesna, Kanjeng Nabi s.a.w. dina nampi wahyu kalayan teger, teu aya rasa was-was komo cangcaya jeung kasieun kana sumpingna eta  wahyu Ilahy.

Wallohu A’lam bish-showaab
Subang, 27082010


Tidak ada komentar:

Posting Komentar