Selasa, 21 Desember 2010

Mapag Bulan Romadhon

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I.

"Teu karasa geuningan nya.. ? asa karek kamari bulan puasa indit, ayeuna geus norojol deui datang, nyata geuningan nya ...?"

"Nyata ..naon euy ?"

"Heueuh..Nyata geuningan betah hirup di alam dunya teh, nepi ka teu karasa gilir gumentina wanci, "

"Oh ..sugan teh naon..?.. heueuh .. nya euy meureun urang teh kudu tatan-tatan mapag datang bulan Romadhon..mun kitu mah ? "

"Kudu ... atuh ..!"

"Naha make kudu ..emangna hukumna wajib... kitu ?"

"Nya disebut wajib mah henteu.. ngan urang kudu kabita ganjaranana..."

"Kumaha kitu ..ganjaranana atawa kaistimewaanana... mapag bulan Romadhon teh ?"

"Yeeh...apan geus natrat katerangana oge.. "Yen Sing saha jalmana nu ngarasa gumbira mapag datangna bulan Romadhon, maka Allah ngaharamkeun jasadna pikeun asup kana naraka..."

"Alah... hade geuningan nya ..ku mapag datangna oge.. geus sakitu ganjaranana... nya enggeus ah ..kuring mah rek milu bungah bae.. mapag datangna wungkul..."

"Ke ..kade ulah salah harti.. maksudna ..lain ukur mapag.. bari bungah ku datangna wungkul.. tapi kudu jeung dibarengan niat.. pikeun ngalaksanakeun kawajiban di jero eta bulan, sabab percuma ..mun seug bungah mapag datangna wungkul bari teu dieusian ku ngalaksanakeun.. kawajibanana.. "

"oh Kitu..!.. sugan teh geus cukup mapag datangna wungkul .... hehe "

"Yeeh.. lain kitu wungkul ateuh... sabab ..aya Dawuhan Kanjeng Nabi s.a.w. nu sumpingna ti Abu Hurairah r.a. nu kacutat dina kitab Zubdatul Wa'idziin, nu kieu dawuhanana:

"Cilaka pikeun jalma, nu mun seug disebutkeun aran Kami sedengkeun manehna teu maca sholawat pikeun kami (Allohumma Sholli 'Alaih), tur Cilaka oge pikeun Jalma nu manehna masih boga indung bapa atawa salah saurang ti antarana, sedengkeun manehna acan ngalaksanakeun hak manehna pikeun ngabakti atawa ngalakukeun hiji amalan nu ngajamin ka manehna asup ka sawarga dina babakti ka indung bapana. Jeung cilaka pikeun jalma, nu manehna tepung jeung bulan puasa, tapi manehna teu meunang hampuraan disa ti Alloh nepi ka rengsena eta bulan puasa. sabab bulan puasa (Romadhon) teh saestuna bulan Rohmat, bulan maghfiroh ti Alloh s.w.t. kukituna mun seug hiji jalma teu meunang hampuraan ti Alloh di bulan Romadhon, maka kaasup jalma nu katipu".

"Oh kitu.. euy...? terus kumaha tah ?"

"Terus Kanjeng Nabi s.a.w. ngadawuh deui: 'Nalika awal peuting bulan Romadhon datang, Alloh ngadawuh: Sing saha nu mikacinta Kami, maka kami oge bakal mikacinta manehna, sing saha jalma nu neangan Kami, maka Kami bakal neangan manehna, jeung sing saha jalmana nu menta hampura tina dosana ka Kami, maka kami bakal ngahampura manehna, sabab ku kamulyaan bulan Romadhon, salajengna Alloh marentahkeun ka Malaikat Kiroman Katibiin, sangkan nyatet khusus di bulan Romadhon, pikeun nyatet sagala amal kahadean manusa, jeung henteu nyatet amal kama'shiyatan maranehna, oge Alloh ngahampura dosa-dosa maranena nu geus kaliwat".

"Duh ,,istimewa pisan nya ..bulan Romadhon teh ..."

"Kacida istimewana...malah aya katerangan sejen nu nyebutkeun kieu: yen Kanjeng Nabi s.a.w. ngadawuh, nu sumpingna ieu Hadits teh ti Ibnu Abbas r.a. anjeunna sasauran:

"Kuring ngadenge Rasulullah s.a.w. ngadawuh: 'Mun sakirana Umat Kami nyaho kana naon-naon kahadean dina jero bulan Romadhon, tanwande maranehna bakal miharep sangkan bulan-bulan dina sataun teh jadi bulan Romadhon kabeh, sabab dina bulan Romadhon teh sagala kahadean dikumpulkeun, kata'atan bakal ditarima, sagala do'a diijabah, oge sagala dosa bakal dihampura, tur sawarga bakal mikasono ka maranehna nu ngalaksanakeun kawajiban di bulan Romadhon".

"Oh kitu... euy..."

"Oh kitu-oh kitu... ti tatadi.. geus ah... kuring rek ka cai heula... meujeuhna yeuh.. tatan-tatan ... pikeun juma'ahan ... "

Caaag
Subang,30072010

Tidak ada komentar:

Posting Komentar