Minggu, 19 Desember 2010

Ngawincik makna taqwa jeung cara ngahontalna

I. Bubuka

Mun dititenan, geuningan ..sakabeh ibadah nu dilakonan nu minangka parentah Alloh teh horeng nu dituju nyaeta kahontalna darajat taqwa, sabab ku kacangkingna kataqwaan Alloh hamo koret pikeun ngalungsurkeun Ridho-Na. da wungkul ku taqwa,jalma bisa nyegah lampah salah, wungkul ku taqwa jalma bisa meuseuh diri ngisat awak. bajoang bitotama mepes hawa nafsu, tapi ulah nepi ka musnah eta nafsu, sabab nafsu oge wajib ayana dina diri, manusa tanpa nafsu eta lir ibarat manusa ngajolor ngabanusan. jadi hawa nafsu tetep kudu aya ngan tugas urang ngagilekkeun eta hawa nafsu teh sangkan nurut ka urang, lain urang nu nurut kana hawa nafsu. tah mun seug jalma geus bisa meruhkeun hawa nafsuna maka katakwaan bakal kacangking pasti.

Mun diringkes ku basa nu basajan ngeunaan makna hakekat taqwa teh kieu meurun, yen taqwa teh tanda mahabbah-na, tanda micinta-na hiji hamba ka Gustina, tegesna nyasar rasa nu ngalangkang dina ingetan, di tiiran diunikeun jadi kembang papandanan, baham muka, lisan kedal "Laa Ilaaha" (Taya deui Pangeran nu wajib diibadahan)....balik kana ati bari dipatri malar kuat parat kana rasa ku kalimah "Illallooh" (Taya kajaba anging Alloh). Pamustungan nu diraeh, nyaeta huruf luntur lafadz musnah, lain huruf nu di tuju, lafadz nu diteang, komo lisan nu nyorakeun eta kalimah, tapi ati surti bari dipatri ku tekad diri seja nyungsi Gusti nu sahiji, Pangeran nu ngawujud mutlaq tanpa karana Allah 'Azza Wajalla

Kalakuan nu jadi ciri mandiri jalma taqwa diantarana, mun ti peuting sok sering nyaring pikeun eling ka Nu Murbehing, mun ti beurang kasab ikhtiyar bari tetep Taat ka Pangeran, Ati na tanghi teu weleh dzikir, istighfar jadi kalanggenan lisan, maca Qur'an geus kabiasaan, ati tigin salamina tibelat ka akherat nu numuwuhkeun lengkah nu teu kendat kana ibadah taat, tur sabar ninggalkeun ma'shiyat. wedi asih ka sugri ning nu kumelip, kanyaahna teu ngawilah-wilah komo bari dipilihan, tutulung ka nu butuh, nalangan ka nu keur nandangan ka susah, ka faqir ngajaring, ka ulama ngahormat, ka nu bodo ngajak sangkan milu di ajar. ngajauhan laku adigung diguna, ujub riya reujeung takabur.

Sedengkeun cara ngahontal darajat taqwa loba pisan ragem jeung cara, Allah nyalira dadawuh dina kitab-Na Al-Qur'an nu Mulia, saban-saban Manten-Na nyauran ka jalma nu iman sok dituturkeun ku piwarangna, ieu teh nandakeun yen saban-saban jalma nu ngaku iman kudu bisa ngabuktikeunana, tegesna, iman lain ukur aku-akuan wungkul kulisanna, tapi kudu dibuktikeun jeung tingkahna,
 
2. Makna Taqwa

Asal kecap taqwa sapalih Ulama nyebatkeun dicandak tina kecap “Waqaa-Yaqii” nu ngandung harti ngajaga diri tina perkara nu ngabahayakeun. Aya oge sapalih Ulama nu nyebatkeun dicandak tina kecap ‘Waqwaa’, tuluy huruf ‘wawu’ tina awal kecap ‘waqwaa’ teh diganti ku huruf ‘ta’’, jadi weh unina ‘Taqwaa’ nu mibandan harti ati-ati, atawa waspada.

Sayyidina Umar bin Khaoththob ra. Kantos ditaros ku shohabat Ubay ra. Ngeunaan makna taqwa. Anjeunna malik naros ka Ubay ra.:

“Naha anjeun kungsi leumpang di jajalaneun nu pinuh ku cucuk?”

“Sumuhun ..kantos nun “ Waler Ubay.

“Kumaha tingkah anjeun ?”Sayyidina Umar Naros deui.

“Nya tangtosna bae jisim abdi ati-ati “waler Ubay.

Tah ..Taqwa oge kitu”Tandes Sayyidina Umar.

Jadi, nu kudu digaris badag-an ngeunaan makna taqwa teh nyaeta, ayana kawaspadaan, ayana tingkah ati-ati dina kahirupan, henteu tunggul diparud catang dirumpak, estu asak tinimbangan, dipikir dibulak-balik dimana migawe hiji perkara. Kudu ngareret bari nyaluyukeun kana katangtuan hukum agama oge darigama dimana urang seja milampah hiji perkara. Ngarah henteu melengkung bekas nyalahan estu sapagodos rejeung kahoyong nu maparin kahirupan nyatan Allah.

Umumna mah ngamaknaan taqwa teh, nyaeta migawe sagala parentah Allah sareng nebihan sagala hal nu dilarang ku Manten-Na, (Imtitsaalu Awaamirillaahi Wajtinaabun-Nawaahih). ieu oge maksudna mah kana ka-ati-atian hirup, kana kawaspadaan keneh dina ngisi kahirupan di ieu alam dunya, dipalar ulah nepi ka nogencang, papalingpang reujeung ugeran oge aturan nu tos jadi katangtuan Allah, utamana ngeunaan parentah reujeung larangan. Sabab mun dititenan eusina agama mah ukur dua, nyaeta parentah Allah jeung panyaram Manten-Na. tuluy ditamabahan ku nguningakeun jalan kaluar dina enggoning ngahontal nyanghareupan pasu’alan kahirupan, nepi ka kacutat sagala hal nu payus jeung kudu dipilampah oge hal nu teu payus jeung teu kudu dipilampah ku manusa, pamustungan nu jadi udagan nyeta ngahontal Ridho Allah swt

Jadi makna taqwa teh nyaeta kawaspadaan, kaati-atian dina ngajalankeun amanat kahirupan di ieu alam dunya, dipalar diestokeun bari dilakonanana sagala parentah Allah tur dijauhanana sagala nu dilarang ku Manten-Na. sabab jalma nu hirupna ati-ati, pasti bakal ngaestokeun sagala parentah Allah, tegesna tumuwuhna kataatan nu kuat, poe-poe kahirupanana wungkul dieusian ku Ibadah ka Allah, mapaes diri ku akhlak nu pinuji, bari ati tanghi manteng salilana eling ka Allah Nu Maha Ngusik jeung Ngageuing.

Kajaba ti eta ku penting-pentingna Taqwa, Allah dugi ka marentahkeun dina Ayat-ayat-Na sangkan manusa nu geus ngaku Iman oge nu geus ngaku Islam teh jadi hamba-hamba nu taqwa, mangga titenan salah sawiosna dina Qur’an Surat An-Nisa ayat 131, nu eusina yen Allah ngawanti-wanti sangkan manusa teh taqwa boh ka jalma-jalma nu baheula pon kitu keneh ka jalma-jalma ayeuna.

Kacutat dina Al-Qur'an ngeunaan parentah Taqwa, nu samemehna dimimitian ku kalimat panyaur ti Manten-Na pikeun jalma-jalma nu ariman. Lebah dieu, ngandung harti yen geus jadi tuntutan, pikeun satiap jalma nu ngaku iman nu ngaku islam kudu bisa ngabuahkeun tina kaimananana teh taqwa ka Alloh s.w.t. aya oge sabagean ayat nu nyaur lain wungkul ka jalma nu Iman tapi ka sakabeh manusa sakumaha nu kaunggel dina Qur'an Surat Al-Baqarah ayat 21 nu ngaitkeun takwa teh mangrupakeun hiji hasil nu dipiharep tina Ibadah:

يَا أَيُّهَاالنَّاسُ اعْبُدُواْ رَبَّكُمُ الَّذِي خَلَقَكُمْ وَالَّذِينَ مِن قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ (البقرة : 21)

"Yeuh Manusa ! Prak maraneh geura aribadah ka Pangeran anu geus ngayugakeun maraneh katut jalma-jalmaanu samemeh maraneh, sangkan maraneh jadi jalma-jalma anu taraqwa"

Kataqwaan oge mangrupakeun alat ukur Alloh swt dina nganiléy hijijalma ngeunaan mulya henteuna hiji hamba di payuneun Manten-Na. Kataqwaan mangrupakeun hiji wasiyat Alloh swt oge wasiyat para Nabi sareng Rasul ka Umatna.Kataqwaan hiji bekel nu panghadé-panghadéna pikeun hiji jalma dina raragatatahar nyanghareupan kahirupan abadi jaga diakhérat. Ogé kataqwaan mangrupakeun hiji konci pikeun muka lawang karidhoan Manten-Na. Tur kataqwaan téh nu kacida diwanti-wantina ku Kanjeng Nabi Muhammad saw. ka umatna.

Dina ngaguar makna takwa, mangga urang titenan Hadits Rasululloh s.a.w.:

عَنْ أَبِيْ ذَرٍّ جُنْدُبِ بْنِجُنَادَةَ وَأَبِيْ عَبْدِالرَّحْمَنِ مُعَاذِ بْنِ جَبَلٍ رَضِيَ اللهُ عَنْهُمَا عَنْ رَسُوْلِ اللهِ صَلَّىالله ُعَلَيْهِ وَسَلَّمَ قَالَ " اِتَّقِ اللهَ حَيْثُمَا كُنْتَ ,وَأَتْبِعِ السَّيِّئَةَالْحَسَنَةَتَمْحُهَا وَخَالِقِ النَّاسَ بِخُلُقٍ حَسَنٍ (رَوَاه التِّرْمِذِيْ , وَقَالَ :حَدِيْثٌ حَسَنٌ وَفِيْ بَعْضِ النُّسَخِ: حَسَنٌصَحِيْحٌ)

Ti Abu Dzar, Jundub binJunadah sareng Abu 'Abdurrahman, Mu'adz bin Jabal radhiyallahu 'anhuma, tiiRasulullah Shallallahu 'alaihi wa Sallam, Anjeunna ngadawuh : "Masingtaraqwa anjeun ka Alloh di mana bae anjeun ayana, jeung prak tuturkwun lampahdosa ku lampah kahadean, tanwande bakal mupus/ngalebur eta lampah dosa.Jeung prak anjeun campur gaul jeung sasama manusa kalayan akhlaq nu Hade".(HR. Tirmidzi, anjeunna nyarios : Hadits ieu hasan, dina lafazh sejendarajatna hasan shahih) [Tirmidzi no. 1987].

ImamAbdurrahman As-Sa'di ra. nyarios, yén Hadits ieu téh kacida agungna. Sabab,dina Hadits ieu, Rosululloh saw. Ngumpulkeun antara hak Alloh swt. jeung hakpara hamba Alloh swt. Anapon hak Alloh swt nu jadi kawajiban para hamba pikeunngalaksanakeunana, nyaéta kudu nancebkeun rasa taqwa ka Alloh swt. dina dirinasi éta hamba, kalayan taqwa anu sabener-benerna. Maranéhna kudu sieun kanabebendon sareng siksaan Alloh swt. ku cara maranéhna ngajauhan sagala bentukpagawéan nu dilarang ku Alloh swt. Taqwa ogé mangrupakeun wasiyat Alloh swt. kakaum-kaum baheula tug dugi ka umatna Kanjeng Nabi Muhammad saw. Salian éta ogé,taqwa téh mangrupakeun wasiyatna para Nabi sareng Rosul ka umatna. Sabab,satiap Rosul pasti bakal nyarita ka umatna: "Ibadah anjeun kabéh kaAlloh, jeung masing taqwa anjeun kabéh ka Manten-Na.

Dina Matan(eusi) hadits di luhur ngauningakeuntilu pesen Kanjeng Nabi saw. Khususna ka Abu Dzar ra. umumna ka urangsadayana. Tilu hal éta téh nyaéta:

Nu Kahiji, " اِتَّقِ اللهَ حَيْثُمَا كُنْتَ" (Masing taqwaka Alloh di mana baé anjeun ayana), Imam An-Nawawy ra. Ngajelaskeun yén maksud tina: "Masing taqwa ka Alloh di mana baé anjeunayana", nyaéta takwa ka Alloh dina tingkah kaayaan urang keur aya dimana baé, hartina boh nalika urang keu sosorangan, ogé keur ramé dihareupeun jalma loba. Salah sahiji hal nu bisangabantu urang nancebkeun rasa taqwa ka Alloh swt., nyaéta ku jalan urang numuwuhkeun kasadaran yén salamina Alloh swt. ningali tur nengetan ogé ngawaskeun ka urang sadayana dina sagala kaayaan. Sakumaha Dawuhan Alloh swt dina Qur'an Surat Al-Mujadillah ayat 7:

....مَا يَكُونُ مِن نَّجْوَى ثَلَاثَةٍإِلَّا هُوَ رَابِعُهُمْ ...(ألمجادلة: 7)

"....Teuaya nu lian saurang ogé ti antara tilu jalma anu haharéwosan,anging Manten-Na (Alloh) anu kaopatna ...." (Al-Mujadilah: 7).

Salajengna Imam An-Nawawy ra. sasauran, yén kecap taqwa téh ngalimpudan kana sagala bentuk tingkah pagawéan dina raraga ngalaksanakeun sagala paréntah Alloh swt. jeung ngajauhan sagala bentuk hal nu dilarang ku Manten-Na.
Syaikh Al-Utsaimin ra. nyarios, yén kalimat "" اِتَّقِ الله (masing taraqwa ka Alloh) tina dawuhan Kanjeng Nabi Muhammad saw. Mangrupakeun bentuk kalimat Fi'il Amar tina kecap "أَلتَّقْوَى ". nu mibanda maksud pikeun ngalakukeun caradina raraga urang ngajaga diri tina bebendon ogé siksaan Alloh swt. Ku caraurang ngalaksanakeun sagala paréntah Alloh swt. Ogé ngajauhan sagala nudilarang ku Manten-Na. Ieu pisan nu disebut taqwa, tur ieu pisan harti nusayakti ngeunaan harti jeung makna taqwa nu diguar ku para Ulama.

Kalimat , " اِتَّقِ اللهَ حَيْثُمَا كُنْتَ" (Masing taqwa ka Alloh di mana baé anjeun ayana) Syaikh Al-Utsaimin ra. maparin koméntar, yén taqwa téh kudu dipaké dimana baé urang ayana. Ku kituna, ulahnepi ka taqwa téh, wungkul keur ditingali ku jalma loba atawa dina kaayaanurang aya dina riungan jalma wungkul, tapi dina kaayaan urang keur sosoranganogé kataqwaan téh tetep kudu dipaké. Sabab,Alloh swt. Ningali urang dimana baé urang ayana.

Imam Asy-Syafi'i ra. nyarios: "Aya tilu hal nu kaasup kana lampah mulia dipayuneun Allohswt. Nyaéta nu kahiji Béréhan (dermawan) najan dinakaayaan keur sarwa kakurangan, nu kadua wara' (ngajaga diri tinadosa/lampah ati-ati dina nebihan maksiyat ka Gusti Alloh) dina kaayaansosorangan, jeung nu katilu, nayéta ngomong nu haq (bener) dihareupeunjalma nu bisa dipiharep bantuanana jeung nu dipikasérab kalungguhanna kukalolobaana jalma (pajabat)".

Nu kadua, tina pesen eusining Hadits di luhur téh nyaéta: وَأَتْبِعِ السَّيِّئَةَ الْحَسَنَةَ تَمْحُهَا (jeung prak tuturkeun hiji pagawéan dosa téh kupagawéan kahadéan, tanwandé éta pagawéan kahadéan téhbakal ngaleburkeun pagawéan dosa).

Imam An-Nawawy ra.Ngajelaskeun, yén maksud tina kalimat diluhur téh, nyaéta dimana urang (boh sadar atawa teu sadar) ngalakukeun hiji kamaksiyatan (lampah dosa), maka urang kudu gagancangan tobat ka Alloh swt. Tegesna, neneda panghapunten ka Alloh swt. Sanggeus kitu laksanakeun hiji pagawéan amal sholéh nu bisa ngalebur atawa ngagugurkeun kana pagawéan maksiyat (lampah dosa) nu geus dilakukeun.

Salajengna Imam An-Nawawy ngajelaskeun deui, yén lahiriyah Hadits ieunuduhkeun kana itungan hiji kahadéan éta wungkul ngaleburkeun atawangagugurkeun hiji kagoréngan (dosa), sok sanajan hiji kahadéan téh bakal ditikel-tikel pahalana ku Alloh swt. tur ku ditikel-tikelna éta pahala mun seug ningali lahiriyah Hadits éta, saolah-olah teu bisa ngagugurkeun kagorénganatawa dosa. Tapi sabenerna henteu kitu, sabab mun seug dititénan makna hakikiyah(makna sajati)-na tina eusining éta Hadits yén hiji kahadéan bakal ngagugurkeun sapuluh kagoréngan (dosa). Sabab, aya hiji Hadits nu diriwayatkeun ku ImamAt-Tirmidzy (3410), Ibnu Majah (926) Abu Dawud (5065) jeung An-Nasa'i(III/74), tur hadits ieu téh di shohéhkeun ku Imam Al-Banydina Kitabna "Shohih Al-Jami' (3230), yén Rosululloh saw.,ngadawuh:

"Anjeun ngucapkeun Takbir saréngséna sholat sapuluh kali, ngucapkeun Tahmid sapuluh kali,jeung ngucapkeun Tasbih ka Alloh sapuluh kali. Maka hal éta bakal jadi saratus lima puluh kahadéan dina lisan, sarta bakal jadi sarébu lima ratus dina timbangan (yaumil Mizan). Tuluy Rosululloh saw. Ngadawuh deui:

"Saha diantara aranjeun nu dina sapoé ngalakukeun sarébu lima ratuskali kagoréngan (dosa) ?".

Ogé Dawuhan Alloh dina Surat Hud ayat 114:

...إِنَّ الْحَسَنَاتِ يُذْهِبْنَ السَّـيِّئَاتِ ...(هود: 114)

"... Saéstuna lampah-lampah hadétéh (bakal) ngalebur lampah-lampah goréng...." (Hud: 114).

Jadi, ditikel-tikelna pahala tina kahadéan nu ku urang dilakukeun téh bakalngaleburkeun atawa ngagugurkeun kana kagoréngan (dosa) nu dilakukeun ku urangkalayan mutlak, kaasup kagoréngan (dosa) nu kaitanana reujeung hak-hak Allohswt. Anapon kagoréngan (dosa) nu kaitanana reujeung hak-hak ka sasama, sapertingambek, ghibah, ngadu-ngadu, mitnah, ngagunasika, maksa mirusa kana haksasama, ngarugikeun ka nu lian, nandasa jeung sajabana. Maka éta teu bisadigugurkeun ku kahadéan nu dilakukeun saba'dana urang milampah éta kagoréngan.Kajaba, kudu ménta dihalalkeun atawa ménta dihampura ti jalma atawa sasama nu geus diganggu ku urang. Ogé nalikaurang ménta dihalalkeun atawa ménta dihampura téh, urang kudu ngajelaskeun kananaon baé kagoréngan (dosa) nu geus dilakukeun ka manéhna.

Salajengna pesen nu katilu tina eusining Hadits di luhur téh nyaéta, "وَخَالِقِ النَّاسَ بِخُلُقٍ حَسَنٍ " (jeung prak campur gaul jeung manusa kalayan akhlak nuhadé).

Imam An-Nawawy ra. Ngajelaskeun, yén maksud ieu Hadits téh nyaéta hiji lampah nu ngabeungkeut kahadéan ka sasama, bari nyinglar tina sagala laku lampah ngaraheutkeunboh jasmani kitu kénéh rohani sasama. Hadits ieu dipikuat ku dawuhan KanjengNabi Muhammad saw. Nu diriwayatkeun ku Imam At-Tirmidzi anu sumpingna ieuHadits ti Abu Hurairah ra.:

"Jalma anu iman nu sampurna imanna nyaéta nupanghadé-hadéna akhlakna, sedengkeun nu paling hadé (diantara nu hadé) nyaétadiantara anjeun nu kacida hadéna ka pamajikanana".

Diriwayatkeun ogé dina hiji katerangan, yén pernah aya shohabat nu sumping ka Rosululloh saw. Tuluy anjeunna naros:

"Ya Rosululloh ! uningakeun kaabdi, naon amalan nu paling utama ?"

Rosululloh saw. Ngadawuh:

"Akhlak nu hadé" (H.R. At-Tirmidzy, Abu Dawud,Ahmad, Abu Ya'la sareng Imam Al-Baihaqy).

Nalika turun ayat :

خُذِالْعَفْوَ وَأْمُرْ بِالْعُرْفِ وَأَعْرِضْ عَنِ الْجَاهِلِينَ (ألأعراف: 7)

"Hampura baé maranéhna, jeungprak geura ajak (maranéhna) kana ngalampahkeun anu hadé, sarta geura balieurkeun ti jalma-jalma nu bodo".(Al-A'raf :7)

Dina nafsirkeun ieu ayat Malaikat jibril nyarios ka Kanjeng Nabi saw.:

"Anjeun kudu ngahampura ka jalma nu geus nganiaya (ngadzolim) ka anjeun, anjeun kudu nyambungkeun tali duduluran (silaturrahim) ka jalma nu mutuskeun tali silaturahim ka anjeun, sarta kudu daék méré mawéh ka jalma nu tara daék méré mawéh ka anjeun".

Ku hal ieu jelas, naon sabab Kanjeng Nabi saw. Marentahkeun ka urang sadayakudu mibanda akhlak nu hadé ka sasama. Sabab, di balik akhlak nu hadé éta aya fadilah (kautamaan) pikeun jalma nu mibandana. Ku kituna payus Rosululloh saw.di paparin pujian ku Alloh swt langsung, ku Dawuhana-Na:

وَإِنَّكَ لَعَلى خُلُقٍ عَظِيمٍ (ألقلم: 4)

"Jeung saéstuna bener-bener (dina diri anjeun Muhammad) mibanda akhlak nu agung" (Al-Qolam:4).

Jadi ringkesna, yen tilu hal nu kudu ku urang dilakukeun dina raraga urang ngeundeuk-ngeundeuk karidhoan Alloh swt. Nu kahiji,taqwa ka Alloh, nu kadua nuturkeun kalakuan teu hadé ku kalakukan nu hadé, jeung nu katilu ngahias diri ku akhlak nu hadé dina raraga urang hirup kumuh jeung sasama.

3. Makna Hakekat Kahirupan

Ieu alam dunya teh ngahaja ku Allahdijieun,Lain heureuy ngieunna tapi ngahaja Rek dipihapekeun rek dititipkeun kamanusa, sina diwangun ku manusa, sina diatur ku manusa, sina ditaruang rejekina ku manusa.

Diwangunna ieu alam dunya keur manusa teh parantos rebuan taun, ti mimiti kanjeng Nabi Adam 'Alaihis-Salam tug nepi kadinten ieu, ti dinten ieu insyaalloh dugi dinten kiyamah nu bakal datang, moal eureun ieu jagat teh diwangun. Ngan kedah janten catetan dina manah wireh mun seug ditingali dina kacamata sense of belonging (rasa mibanda) ternyata sagala rupa perkara di ieu alam dunya ti kawitan nu digarap ku urang tug dugi ka kiwari hiji oge teu aya nu anggeus. Keur nu iman nu ngaku Islam nu kagungan elmu teu heran, sabab alam dunya lain pikeun nganggeuskeun pasualan, tapi alam dunya mah pikeun migawe pasualan.

Ku sabab kitu, sagala pasualan hirup di alam dunya sanes Allah teu tiasaeun nngarengsekeun da aturanana mah anggeus, tapi manusa migawena tara anggeus. Eta teh ciri khas dunya.

Kumargi sakitu kaadilan jeung kaagungan Allah teh  henteu rata katingali kusadayana, terutama nu awwam mah teu nempo kana kaadilan Allah. Pikeun ngabuktikeun kaagungan Allah ngarah karaos tur katingali ku sadayana Allah ngadamel alam nu euweuh tungtungna nu disebut akherat. Di tingali ku kacamata ieu akherat ngandung dua fungsi.

Fungsi kahiji,  keur nganggeuskeun pasualan-pasualan alam dunya nu teu anggeus tea, nu kadua keur nembongkeun kaagungan jeung kaadilan Allah, ngarah kaadilan Allah, lain wungkul karasa tapi katempo ku sarerea engke di akherat.

Ku sabab sakitu lamun pasualan alam dunya anggeus atuh naon hartina alam akherat. Tangtos ngagibeg disebutkeun pasualan alam dunya teu anggeus, malah saliwatmah sigangaleungitkeun jasa manusa. Urang buktoskeun ku simkuring teu anggeus the. Ceuk hukum satiap nu boga hutang wajib mayar nu berpiutang nu nganjukkeun wajib nagih. Pertarosanana naha geus mayar nu boga hutang ? parantos. Pertanyaan nu kadua, naha satiap nu boga hutang mayar ? henteu.

Teu anggeus eta teh ngaranna. Da loba nu hutangna loba milyaran teu kungsi mayar, pasualanana rupa-rupa. Aya nu memang manehna embung mayar jeung sajabana.

Fungsi kadua, yen akherat tempat pikeun mempertanggung jawabkeun sagala lampah nu geus dilakukeun salila hirup di alam dunya. Mun seug laku lampah hade pasti dina maparin pertanggung jawabanna oge bakal hampang tur tereh rengse. Beda mun seug laku lampah loba nu teu hade geus pasti dina maparin pertanggung jawaban teh bakal beurat tur lila rengsena.

Nilik kana dua fungsi eta, maka urang bisa nyandak hiji pamadegan nu kedah janten cecekelan. Geuningan ternyata hirup dialam dunya teh lain ukur neangan kabungah nyinglar rasa ka susah, tapi urang dituntut pikeun tatan-tatan sasadiaan amal keur bekel dina ngeusian kahirupan di alam nu teu aya tungtungna nya akherat tea ngaranna. Didieu agama ngawartosan ka urang ku kitabna nu mangrupakeun Dawuhan Allah S.W.T. yen urang diciptakeun ku Manten-Na the taya kajaba wungkul pikeun ibadah. Tah ku ibadah ieu pisan urang bakal salamet bari boga bekel pikeun maparin pertanggungjawaban di akherat jaga. Ibadah the tangkal, nu bibit bahanna tina kaimanan sareng kaislaman, sabab moal ngalaksanakeun ibadah mun seug teu boga bibit-bibit kaimanan reujeung kaislaman.Sanggeus bibit-bibit eta jadi hiji tangkal ku bentuk tangkal ibadah, maka munseug dipupuk bari digemuk ku Amal Sholeh, maka bakal nimbulkeun hiji kembang atanapi buah, tah buah tina ibadah the nyaeta katakwaan. Nya katakwaan ieu pisan nu bakal jadi bekel nu panghade-hadena:

تزودوافإن خير الزاد ألتقوى

"Praka njeun bebekelan, saestuna bekel nu panghade-hadena nyaeta kataqwaan."

Hirupdialam dunya ukur sajorelat, Kanjeng Nabi SAW. Ngagambarkeun kahirupan di alam dunya teh lir ibarat hiji jalma nu ngayakeun lalampahan dina hiji rombongan . Mun seug urang leha-leha euweuh giatna maka urang bakal tinggaleun ku eta rombongan.tah dina raraga urang ngisi kahirupan the Alloh S.W.T. maparin pilihan ka urang dua jalan, jalan kasalametan atanapi jalan kacilakaan?, oge maparin dua pilihan hirup, hirup ta'at atanapi hirup maksiyat?, hirup syukur atanapi hirup kufur?, Allah S.W.T. oge maparin pilihan lampah ka urang naha rek lampah sholeh ? naha rek lampah salah ? Nu pilihan-pilihan eta teh minangka balanjana urang kana dua dagangan Allah S.W.T, nyaeta Ridho-na sareng Bendu-Na. Mun seug urang milih balanja kana bebendon Allah, kantun prak pelak tangkal maksiyat, gemuk ku laku lampah amal salah, siraman ku cai kawangkelangan, jaga rawat ku rasa ujub riya jeung takabur.

Sabalikna mun seug urang balanja kana Ridho Allah, maka geura borong eta ridho Allah teh ku jalan urang milih jalan kahadean atanapi kasalematan, pelak lampah ta'at, gemuk ku laku amal sholeh,  siraman ku cai kaimanan jaga rawat eta kata'atan the ku kataqwaan. Malar urang meunang karidhoan manten-Na.

Dina  kahirupan urang di alam dunya teh aya nunamina 2 malaikat nu disebat "KiroomanKaatibiin" nyaeta dua Malaikat nu salilana tara istirahat nurut tumut kana parentah Allah S.W.T. pikeun nyatet sareng ngarekam laku lampah urang euweuh nu kaliwat. Salian ti eta aya nu namina Iblis atanapi Syetan salila 24 jam taya istirahatna ngagoda urang ngaliwatan urat geutih, bari jeung dagang kana barang-barang nu sok dibalanjaan ku urang diantarana: Males ibadah, mumusuhan, oge kalakuan nu matak ngarugikeun diri jeung sasama. Ku hal sakitu, maka urang kudu waspada, kudu ati-ati, sabab kahirupan urang hakekatna mah mulang deui ka urang, sakumaha dawuhan Allah :

ومن يشكر فإنما يشكر لنفسه

"Sing saha jalmana nu syukur, maka etasyukur teh pikeun dirina"

Jadi, Mun seug dipikir-pikir ! kacida teu boga cedo meun seug urang sadayana salawasna nukang-nonggong ka Allah swt. nu sakitu Maha Welas Maha Asihna, bari jeung naon dilakukeun ku urang teh hakekatna mah balik deui ka urang. Hade, goreng, Untung jeung rugi dina kahirupan kabeh oge balik deui ka urang-urang keneh. Sakumaha Dawuhan Allah:

إن أحسنتم أحسنتم لأنفسكم فإن أسأتم فلها

"Lamun maraneh kabeh ngieun kahadean, saestuna kahadean teh mulang deui pikeun maranah, kitu keneh mun maraneh ngieun laku teu hade maka eta oge mulang deu ika maraneh"

Sayyidina Umar Bin Khothob r.a. kholifah kadua saparantos Abu Bakar r.a., parantos sasauran sakumaha nu kacutat Dina kitab "Natsrud Durr" Karangan Abu Sa'id Manshur Ibnul Husain Al-Abi, anjeunna ngauningakeun dina khothbah-na ngeunaan gambaran kaayaan dunya.

"Yén dunya téh wungkul angen-angen, harepan atawa cita-cita semu nu bakal ilang, dunya téh tempat ngurangan-na umur, jeung nu utamana mah dunya téh mangrupakeun jalan pikeun nuju ka alam akhérat, anu bakal dihalaran heula ku lalampahan maot. Ku kituna, kacida bagja jeung untung, pikeun jalma-jalma nu salalawasna nimbang-nimbang amal nu dipilampah-na, salalawasna nyadarkeun diri, bari ngalakukeun muroqobah atawa nancebkeun rasa dina dirina yén salawasna Alloh ningali, bari ditungtungan ku mentadi hampura tina sagala dosa nu geus jeung arek dipilampah".

Sayyidina Umar r.a. tos masihan tilu isyarat ka urang sadayana, ngeunaan gambaran kaayaan alam dunya.

Nu kahiji ,   anjeunna ngagambarkeun alam dunya téh ukur angen-angen,  wungkul harepan atawa cita-cita semu nu bakal ilang sirna, Sabab, dunya sareng kaendahan nu aya dijerona, wungkul kaendahan anu semu, kaendahan anu nipu,sakumaha dawuhan Alloh dina Al-Qur'an:

أَلدُّنْيَا مَتَاعُ اْلغُرُوْر

"Ari Dunya téh, nyaéta papaés anu semu/papaés nunipu"

Maksudna, yén cita-cita, harepan, kahayang, jeung sajabana. Anu aya dina diri manusa jeung makhluk nu ngisian ieu alam dunya, kabéh ogé kapangaruhan ku sifat alam dunya, nyatana alam dunya téh boga sifat 'fana' atawa 'rusak'. Jadi, Moal aya nulana salilana, kabéh ogé ka keunaan ku rusak. Mémang sagala rencana, sagala cita-cita di alam dunya, mungguh syaré'atmah saban jalma bisa ngahontal kanacita-citana, tapi hakékatna mah éta cita-cita téh ukur pangbubungah, ukur fatamorgana,nu hiji waktu bakal ilang sirna, sabab moal salawasna hiji jalma ngalungguhan kana cita-cita nu dipikahayangna. Sabab, bakal dipungkas ku hiji mangsa, yénmanusa téh kudu pisah jeung dunya-na, kudu pisah jeung cita-citana, kudu pisah jeung nu dipikameumeutna, nya maot pingaraneuna-na. Tapi didieu, sanés hartosna urang sadaya dilarang mibanda cita-cita atawa harepan, cita-cita jeung harepan wajib dipiboga, komo miharep kana rahmat sareng ridho Alloh-mah fardhu ayana. Sabab ka asup dosa lamun hiji jalma peunggas harepan/putus asa. Sakumaha dawuhan Alloh:

وَلاَ تَيْئَسُوْا مِنْرَّوْحَةِ اللهِ...

(Poma aranjeunsakabéh ulah peunggas harepan tina miharep rohmat Alloh s.w.t. ....).

Nu kadua, isyarat n u diuningakeun ku Sayyidina Umar r.a. ngeunaan dunya, nyaéta yén dunya téh tempat ngurangan-na umur. Hal ieu téh dumasar kana Dawuhan Alloh swt. dina surat Yaasin ayat 68:

وَمَنْ نُعَمِّرْهُ نُنَكِّسْهُ فِىاْلخَلْقِ أَفَلاَ يَعْقِلُوْنَ

"Jeung saha-saha nu ku Kami (saur Alloh) dipanjangkeun umurna,tanwande maranehna ku Kami bakal dibalikkan ka saasal (pikun cara barudak) tapinaha maranehteu malikir"

Sareng dawuhan Alloh nu sanesna:

وَلِكُلِّ أُمَّةٍ أَجَلُّ فَإِذَاجَآءَ أَجَلُهُمْ لاَ يَسْتَأْخِرُوْنَ سَآعَة ًوَلاَ يَسْتَقْدِمُوْنَ

"Jeung tiap-tiap umat mibanda bates waktu, maka nalika geus cunduk kana bates waktuna maranéhna hamo bisa ngundurkeun najan sakeudeung jeung hamo bisa dipajukeun".

Didieu tos jelas, yén dunya téh mangrupakeun tempat ngurangan-na umur, mungguh syaré'atmah ti taun ka taun umur téh nambah, tapi mungguhing hakékat mah umur urang téh ngurangan. Malihan lain umur wungkul nu ngurangan téh, coba lamun ditafakuran mah nu umurna geus 40 kaluhur, kakutan ogé geus mulai di kurangan, ti mimiti buuk nu hideung robah warna adi bodas, kulit kenceng robah jadi karijut, kakuatan pikiran geus mimiti kaeunteupan panyakit poho, paningal geus kudu dibantuan ku alat, awak nu tadina kuat jadi rarempo lemah, pangadangu jadi saliwang, huntu geus mimiti caroplok-kan, jeung sajabana ti éta. Jadi jelas, dunya jeung pangeusina téh, kalebet urang sadayana aya ukuran waktu-waktuna.  Anu éta ukuran waktu téh mangrupakeun bates katangtuan Alloh swt. anu hamo bisa diganggu gugat. Lamun geus nepi kana waktu nu ditangtukeun,taya pajabat taya rahayat, taya konglomerat taya nu malarat, saupamina ajal tos sumping, hamo bisa di embung-embung, hamo bisa di engke-engke, hamo bisa ditahan-tahan, sadayana bakal ngajolor ngabanusan, nya mayyit pingaraneunana. Kukituna gunakeun kasempétan hirup ieu kalayan sakumaha mistina, tur kudu saluyu reujeung kahoyong nu maparin kahirupan nyatana Alloh.  urang kedah ngudag Dawuhan Rosululloh s.a.w.: 

  "Khoerun-Naas Man ThoolaUmuruhu Wa Hasuna 'Amaluhu".  "Panghadé-hadéna Manusa nyaéta nu dipaparin panjang umur ku Alloh bari hadé dina lakulampah-na",

Salajengna Isyarat nu katilu, nyatana sayyidina Umar r.a. ngauningakeun nu utama, yén dunyatéh mangrupakeun jalan pikeun nuju ka alam akhérat, anu bakal dihalaran heula ku lalampahan maot, saluyu sareng Dawuhan Rosululloh saw.:

أَلدُّنْيَا مَزْرَعَةُ اْلأَخِرَةِ

"Dunya téh pepelakan-na akhérat".

Hartosna, dunya téh sawahna, dunya téh kebonna, kahadéaan nu dipelak di dunya, maka jaga dipanen-na di akhérat, tegesna, dunya tempat kukumpul, akhérat tempat metik hasilna. Tinggal milih sawah nu kumaha, kebon nu mana nu rek digarap, naha sawah kamaksiatan,atawa sawah kata'atan ? lamun sawah kata'atan geura pupuk jeung digemuk kukaimanan jeung amal ka-sholéhan.  Ngarah jaga di akhérat dina metik hasil ngala buah téh mucekil tur nyugemakeun.  Kitu ge sabalikna lamun milihna sawah kajahatan atawa kamaksiyatan, maka geura pupuk jeung gemuk ku hal-hal nu matak Alloh bendu. Da lamun dipikir-pikirmah gampang hirup mah, tinggal pilih antara dua jalan, naha rek jalan salamet ? atawa jalan nu matak cilaka ?. Pan tos jelas dina diri manusa ogé geus dibere ku Alloh dua potensi:

فَأَلْهَمَهَا فُجُوْرَهَاوَتَقْوَ هَا

Potensi nu kahiji nyéta Fujuur, hartosnajahat,  nu kadua potensi kataqwaantegesna potensi kahadéaan, tinggal pilih nu mana nu rek diturutan, naha potensi fujuur atawa jahat nu temahna matak cilaka nu ku urang diturut ?. Atawa kataqwaan nu akhirna bakal mawa kana kabagjaan jeung kasalametan nu ku urang di pibanda. Kukituna Sayyidina Umar r.a. dina akhir khutbahna ditungtungan ku Washiyat, yén "Kacida bagja jeung untung, pikeun jalma-jalma nu salalawasna nimbang-nimbang amal nu dipilampah-na, salawasna nyadarkeun diri, bari ngalakukeun muroqobah atawa nancebkeun rasa dina dirina yén salawasna Alloh ningali, bari ditungtungan ku menta dihampura tina sagala dosa nu geus jeung arek dipilampah".

Jadi, mangga ti ayeuna keneh urang sadayana nimbang-nimbang amal, ngayakeun evaluasi, muhasabah diri sangkan salawasna diri urang aya dina ka sadaran yén diri urang téh lemah, diriurang taya tangan pangawasa, sagala nu aya, sagala nu dipibanda, urang teu bogahak pikeun ngaku komo bariumaku, éta mah sadayana hak milik Alloh swt. urangmah ukur ka-amanatan. Tugasurangmah ukur ngagunakeun baringamanfaatkeun,  tur nyaluyukeun reujeung kahayang Alloh nu parantos maparin éta sadayana, ogé nu parantos maparin patokan kahirupan pikeun kasalametan. Tur urang sadayana kedah ngalakukeun Muroqobah,tegesna urang kudu ngarasa salawasna di titénan ku Alloh, sangkan dina lampah urang sadidinten teu papalingpang nogéncang reujeung aturan ogé ugeran agama reujeung darigama. Sabab urang sadayana kedah emut yén kamana urang indit, dimana baé urang ayana, keur kumaha baé urang kaayaanana, salilana Alloh uninga "Innallooha Sami'un Bashiir" . tur salilana  dua malaikat Alloh aya dina sagedéngeun urang sadaya. Salilana taya nu kaliwat sagala amal urang dicatet.  Kukituna mangga jadikeun istighfar sareng dzikir sanésna minangka papaés qolbu sareng lambe urang, dina raraga urang ngahontal Mardhootillah tegesna 'karidhoan Alloh swt. tur urang kedah ngabeberes ogé ngabebenah haté urang, lampah urang dina raraga sébaraga, bakti diri urang sadayana ka Alloh swt.

Harti Taqwa nu saestu
nancebna kasieun diri
ka Gusti Allah Ta'ala
malar matri dina ati
malar nyata dina lampah
nebihan bebendon Gusti

Gusti Alloh tos dadawuh
Ku Ayat-Na anu Suci
Mun seug jalma manjing taqwa
Manten-Na parantos janji
bakal mere bongbolongan
saban tepung jeung kasulit

Malah sanes eta wungkul
Manten-Naparantos jangji
dina Ayat salajengna
bakal dipaparin rizki
anuteu disangka-sangka
ieuteh jangji nu pasti

Hayu atuh dulur-dulur
urang tagih jangji Gusti
kujalan nancebkeun taqwa
malar diri henteu rugi
kufur luntur iman kuat
manjing mukmin nu sajati 

**Kinanti**

Alloh s.w.t. ngadawuh dinaQur'an Surat Ath-Tholaq ayat 2-3:

وَمَنْ يَّتَّقِ اللهَ يَجْعَلْ لَّهُمَخْرَجًا وَيَرْزُقْهُ مِنْ حَيْثُ لاَ يَحْتَسِبُوَمَنْ يَّتَوَكَّلْ عَلىَ اللهِ فَهُوَ حَسْبَهَ إِنَّ اللهَ بَالِغُ أَمْرِهِ قَدْ جَعَلَ اللهَ لِكُلِّ شَيْئٍ قَدْرًا

"Jeung sing saha jalmana nu taqwa ka Alloh, pasti bakal dipaparin ka manéhna jalan ka luar, tur Alloh bakal maparin ka manéhna rizki tina arah nu teu disangka-sangka, jeung sing saha jalmana nu tawakal (pasrah, sadrah bari sumerah) ka Alloh wungkul. maka Alloh bakal maparin Kacukupan (tina mangpirang-pirang pangabutuhna). Satemenna Alloh ngalaksanakeun urusan (nu dikersakeun) ku Manten-na. Tur Alloh parantos ngayakeun katangtuan pikeuntiap-tiap perkara".

Maksud ayat di luhur, nyaeta yen satiap hamba Alloh nu salamina nyalindung, ngagantungkeun diri, masrahkeundiri jeung sieun ku Alloh wungkul, dina satiap tingkah jeung paripolah timimiti ucap, manah, lampah, léngkah sareng paripolah di sanggakeun ka Allohswt. baringaleungitkeun sifat syirik (tegesna midua Alloh). maka Alloh bakal maparin pitulung sarta nguatkeun kaimanan dina haténa si éta hamba, tur hal ieu kabéhtéh dinilai ku Alloh dina niat sareng tujuan si éta hamba nu nyangkaruk dinahaténa. Salajengna Alloh swt ngajangjian yén saupamana baé sakabéh makhluk nuaya dilangit jeung dibumi ngahiji pikeun nipu, nganiaya komo bari ngabinasa ka si éta hamba (nyatana jalmanu salamina nyalindung, ngagantungkeun diri, masrahkeun diri jeung sieun kuAlloh wungkul), maka hamo bisa mampuh ngalaksanakeun kana niat jarahatna tadi.Sabab, ku Alloh geus diraksa, diriksa jeung dijaga sapuratina, tur nalikatepung jeung karerepet, kasumpek, karupek, kasusah jeung kasulitan ogé,langsung ku Alloh swt dipaparin jalan kaluar, tur disalametkeun tina tipu muslihat ti jalma jeung makhluq nu boga niat jahat

Alloh swt. Maha Uninga kana niat hamba-hamba-Na, tur AllohMaha Uninga kana saban-saban perkara nu lumangsung di ieu alam dunya. ku sababkitu, Alloh netepkeun lamun aya jalma nu malengos nu ngabalieurkeun diri(tegesna siga teu butuh, jeung salawasna nukang nonggong) ka Alloh, tuluymaranéhna nyalindung ka makhluq Alloh nu dianggap ku maranéhna bakal maparin manfa'at atanapi madhorot. Maka didieu Alloh swt nandeskeun kalayan katangtuana-Na, yén jalma nu saperti kitu bakal dipegatkeun (tegesna ditutup) lawang-lawang rizkina ti langit, jeung pikeun maranéhna diharamkeun kana sagalamacem bentuk jalan kasalametan. AllohMaha Sugih jeung teu merlukeun bantuan ti makhluq-Na.

Kukituna, pikeunjalma nu salawasna malengos, ngabalieurkeun diri (tegesna siga teu butuh, jeung salawasna nukang nonggong) ka Mantenna, tuluy maranéhna nyalindung ka makhluqAlloh nu dianggap ku maranéhna bakal maparin manfa'at atanapi madhorot, Maka kuAlloh sagala urusanana bakal dipasrahkeun ka siéta hamba, tegesna Alloh moal malire. Malihan Alloh bakal maparin ka manéhna hukuman, kalayan ngancikkeun dina diri maranéhna rasa hariwang hanteu tenang, rasa kateugenah,nga-anggangkeun rasa tumaninah, tur ngaleungitkeun rasa katingtriman ati, tur nu akhirna bakall disanghareupkeun kana kagagalan jeung kakuciwaan. nu pamustunganana bakal tumuwuh rasa kurang percaya kana diri pribadi, haténa henteu tingtrim, manahna gulinggasahan pinuh kahariwang, jauh tina ka-Istiqomah-an,nu antukna bakal jauh tina taufik sareng hidayah Alloh swt. Na'udzu Billahi Min Dzalik.

Mun seug dititenan aya kecap dina Al-Qur’an Dawuhan Alloh nu sok ditempelkeun samemeh kecap taqwa nu jadi harepan atanapi tujuan  didawuhkeun. Kecap eta teh nyaeta kecap ‘La’alla’ (لَعَلَّ). Mungguh ahli basa mah kecap ‘La’alla’ (لَعَلَّ)  teh kaasup huruf Littaroji’(للِتَّرَاجِى) nu mibanda harti harepan nu dipikaresep, atawa bisa oge dihartikeun harepan nu pasti bakal kahontal mun seug proses-proses nu jadi syarat kahontalna eta harepan dilakonan.

Tah ku hal sakitu, didieu jelas yen Alloh miharep hiji katangtuan nu bakal kahontal ku sakumna manusa khususna jalma nu ariman pikeun jadi jalma-jalma nu taqwa. Tegesna Alloh meredih sangkan jalma nu geus ngaku iman nu geus ngaku Islam migawe perkara-perkara nu tos janten parentah-parentah manten-Na, nu minangka hiji proses nu kudu di ambah.

Sakumaha Dawuhan Manten-Na dina Al-Qur’an Surat Al-Baqarah ayat 183:

يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُواْ كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِينَ مِن قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ (البقرة: 183)

Yeuh ! Jalma nu Ariman geus diwajibkeun ka aranjeun puasa sakumaha geus diwajibkeun ka umat-umat baheula samemeh aranjeun, sangkan aranjeun kabeh teh nghontal jadi jalma nu taqwa”

Kecap panyaur Alloh dina ieu ayat dikhususkeun pikeun jalma nu Iman, nu dituluykeun ku kecap pagawean nu kudu dilaksanakeun nu minangka parentah manten-Na nyaeta Puasa. Kacindekanana ieu ayat teh, yen jalma nu Iman nu ngambah jalan proses puasa pikeun ngahontal darajat taqwa.

Masih seueur ayat-ayat Alloh nu ngaguar ngeunaan proses kahontalna darajatna kataqwaan. Ngan nu jadi cecekelan urang kangge sementara sareng salawasna nyaeta, yen taqwa teh minangka hasil tina kaimanan, kaislaman reujeung katho’atan urang ka Alloh s.w.t. malihan kecap ‘La’alla’ (لَعَلَّ) sok dikantetkeun kana kecap Tuflihuun, Tadzakkaruun, Ta'qiluun, Yatafakaruun jeung nu sejenna.

4. Taqwa miturut Para Shohabat

Sayyidina Umar bin Khaoththob ra. Kantos ditaros ku shohabat Ubay ra. Ngeunaan makna taqwa. Anjeunna malik naros ka Ubay ra.:

“Naha anjeun kungsi leumpang di jajalaneun nu pinuh ku cucuk?”

“Sumuhun ..kantos nun “ Waler Ubay.

“Kumaha tingkah anjeun ?”Sayyidina Umar Naros deui.

“Nya tangtosna bae jisim abdi ati-ati “waler Ubay.

“Tah ..Taqwa oge kitu”Tandes Sayyidina Umar.

Ibnu Umar r.a. ngauningakeun yen taqwa teh nyaeta dimana kacangking ku hiji jalma pasifatan yen manehna henteu leuwih hade batan nu lian, tegesna ngalarapkeun sifat tawadhu atawa depe-depe handap asor dina kahirupan, maka si eta jalma geus kaasup jalma nu taqwa.

Ibnu Abbas r.a. sasauran: yen jalma nu taqwa teh nyaeta nu ngancik dina dirina rasa kasieun tigebrus dina kotakan musyrik, pasawahan dosa, jeung pakebonan kamunkaran.

Imam Hasan r.a. mere kacindekan yen jalma nu taqwa teh nyaeta nu teu ngomong ka saban jalma “manehna leuwih hade batan kuring”.

5. Taqwa Miturut Para Ulama

Ayana beda pamadegan di antara para Ulama dina ngamaknaan taqwa. Tapi diantara beda pamadegan kitu, nu jadi patokan ampir kabeh Ulama kana Dawuhan Kanjeng Nabi s.a.w. yen  sakabeh ciri jalma taqwa teh kabeungkeut dina Dawuhan Alloh dian Qur’an Surat An-Nahl (Nyiruan) ayat:90:

إِنَّ اللّهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالإِحْسَانِ وَإِيتَاء ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَاء وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُونَ (ألنحل:90)

“Saenyana Alloh nimbalan ngadegkeun kaadilan jeung ngalampahkeun kahadean, nulungan kulawarga anu dareukeut (kaum karabat), ngalarang lampah jahat jeung kamunkaran katut kadzoliman. Anjeun-Na maparin pepeling ka maraneh sangkan maraneh areling (An-Nahl:90).

Dumasar kana dawuhan Alloh di luhur, maka diantara para ulama nu ngauningakeun pamadeganana ngeunaan taqwa, saperti Umar Bin Abdil ‘Aziz, anjeunna sasauran:

“Taqwa teh lain puasa ti beurang, lain oge sholat ti peuting, atawa gabungan dua perkara eta, tapi hakekat taqwa teh nyaeta ninggalkeun larangan Alloh,  ngalakonan sagala parentah Manten-Na

 Mitururut Sufyan Ats-Tsaury yen taqwa teh nyaeta, Jalma nu mikacinta sasama sakumaha manehna mikacinta diri pribadi. Hal ieu benten  reujeung sasauran Imam Junaid Al-Baghdadi, nu ngauningakeun yen taqwa teh nyaeta, jalma nu mikacinta sasama leuwih-leuwih mikacinta diri pribadi.

Al-Fudhail bin Iyadh ngauningakeun yen taqwa teh nyaeta mun seug musuh-musuhna ngarasa aman ti dirina sakumaha amanna batur-batur deukeutna.

Imam Ibrahim bin Adham mitutur, Kami pernah meuting di luhur hiji batau nu lempar di Baitul Maqdis, dina hiji peuting. Tuluy aya dua malaikat turun jeung salah saurang di antarana nyarita ka salah saurang deui:

"Saha ieu jalma ieu teh ?"

Nu ditanya ngajawab: "Ieu teh Ibrahim bin Adham".

"Manehna geus diturunkeun tina hiji darajat" Ceuk salah saurang malaikat nu tadi nanya.

"Naon sababna, hal kitu bisa ngeuna ka manehna ?". Malaikat nu tadi ditanya malik nanya.

"Sabab manehna geus meuli kurma di nagri Bashrah, tuluy kurma milik nu dagang teh kabawa hiji ku manehna". Jawab Malaikat nu nanya tadi.

Korejat kami hudang tina pangsarean, tuluy kami indit ka nagri Bashrah niat seja mulangkeun eta korma ka nu dagang nu ku kami dibeuli kormana. geus beres mulangkeun eta korma, tuluy kami balik deui ka tempat kami sare nyaeta di luhur batu lempar di Baitul Maqdis tea, tuluy kami sare deui, maka kami ngimpi nu sarua deui sakumaha tadi awal memeh mulangkeun korma, yen datang dua malaikat nu datang turun, tuluy eta malaikat teh nanya deui ka baturna sakumaha diimpian awal:

"Saha ieu jalma ieu teh ?"

Nu ditanya ngajawab: "Ieu teh Ibrahim bin Adham".

"Manehna geus mulangkeun hiji perkara kana tempatna nu samistina, nepi ka manehna diangkat deui darajatna tina darajat nu geus diturunkeun ku Alloh samemehna" Ceuk salah saurang malaikat nu tadi nanya.

6. Panutup

Manusa hirup henteu sakadar hirup, kumelendang henteu sakadar aya, tangtu aya udagan jeung harepanana. manusa ngabogaan kahirupan lahir jeung batin. Dina katahanan nu ngagambarkeun gaya hirup nu papasangan. Kumaha gambaran gaya hirup katut kahirupana manusa, ilaharna napak dina adeg-adeg hirup nu aya dina dirina, ngakar kana jatining bathinna. Polah ringkangna jalma teh banget semender kana galih nu jadi tutungkusan kolbuna.

Hirup teh lir pawayangan, aya dalang, aya lalakon, aya nu dilalakonkeun, aya oge nu lalajo. antara eta kabeh teh hamo bisa dipisah-pisah, sabab antara nu hiji jeung sejenna bakal pada-pada silih pangaruhan nu awor pisan. Dalang didieu sang Kholiq nyatana Nu Maha Kawasa, lalakonna minangka wujud tina takdir atawa katetepan nu geus jadi katangtuan kahirupan nu kudu diambah ku tiap Makhluk tegesna nu diciptakeun ku sang Kholiq. tah makhluk teh minangka nu dilalakonkeun, ngan teu sakabeh makhluk dilalakonkeun. aya sabagian makhluk nu ukur jadi tukang lalajo.sanajan dina hakikiyahna mah kabeh oge jadi lalakon dina kahirupanana masing-masing.

Sang kholiq dina ngalalakonkeun teh ngayakeun pilihan luyu reujeung kudrot sareng irodah-Na dina nagtukeun ka saha bae makhlukna nu bakal jadi lalakon. apan saur ki dalang dina pawayangan tea mah, wayang sakotak mun seug dikotektak, tangtu teu jauh tina wujudna, teu anggang tina ragana/jasadna, usik-malikna nuturkeun kersana dalang. Lebah dieu mun seug dititenan pagelaran wayang teh geuningan mangrupakeun eusining bathinna ki dalang, Kabinekaan ngawayang tegesna eusining lalakon eta jadi tontonan atawa panitenan batin ki dalang. pon kitu keneh wekasanana eta lalakon gumantung kana kahirupan nu geus ditangtukeun ku ki dalang. nu matak aya paribasa 'wayang manut maring ki dalang'. jadi bisa disebut yen antara wayang jeung kahirupan jadi silokaning hirup pikeun manusa nu kumelendang di ieu alam dunya.

Mun geus kitu mah, atuh  dina kahirupan manusa oge kitu dina emprona, dina seuh-seuhanana mah estu mutlak aya dina leungeun atawa kakawasaan sang Kholiq, nu hal ieu teh estu teu bisa diganggu gugat. Manusa ukur jadi darma ngalaksanakeun. lebah dieu aya Bujangga Sunda R.A.A. Bratadiwijaya nyerat guguritan, nu eta guguritan teh minangka gambaran adeg-adeg hirup manusa, anjeunna mitutur dina seratanana:

"Eling-eling mangka eling, rumingkang di bumi alam, darma wawayangan bae, raga taya pangawasa, lamun kasasar nya lampah, nafsu nu matak kaduhung, badan nu katempuhan;

"Jisim nu ngarasa nyeri, raga nu ngarasa lara, hate nu ngarasa cape, hareudang nyandang kahariwang, purba perbawa hawa, ujub sum'ah takabur, riya ku panggoda setan;

"Ulah sirik ku pangampih, ulah nyacad ka nu lian, deungeun pikeun eunteung bae, nu lian  pikeun tuladan, hade goreng ge kasawang, ngukur ka tangtung sakujur, sasaran ka badan urang".

Mun seug dititenan bari diteuleuman estu kacida jembar maknana, sabab aya ajakan yen urang  teh kudu eling, eling ka diri, oge eling ka Nu Murbehing nu ngusik jeung ngageuing. lajeng deui dina ieu guguritan teh, yen dina diri manusa teh ayana dua sifat, nyaeta sifat ka-lacutan jeung sifat katakwaan, oge dina diri manusa teh ayana hawa nafsu nu sok pirajeuneun nurut teuing ka hiji makhluk nu disupata ku Pangeran nyaeta setan/iblis nu sok mamawa ka saban diri-diri manusa bari noelan hawa nafsu kana jalan lakuning lampah nu sasar. Tah amanat dina ieu guguritan teh kacida omat-omatanana sangkan ulah nepi ka goda. Atuh dina campur gaul jeung sasama, pacuan ngewa ka anak dulur, tatangga oge baraya, palias teuing  komo mun seug nepi ka ngagunasika mah, eta teh lain lampah hade. Didieu urang diperedih sangkang geuwat mulangkeun ka diri pribadi, tur geuwat toel sanubari yen geuningan nu lian oge teu beda jeung diri sorangan. Ku hal ieu apanan aya nu nyebut yen diri manusa teh disebut jagat leutik, sewang-sewangan. Nu matak kudu ayana rasa engeuh yeng geuningan hirup manusa teh aya nu ngalalakonkeun, aya nu ngawayangkeun tegesna aya dalang nu ngaturna dina lakuning hirup jeung kahirupanana.

Dina guguritan ieu oge luyu reujueng Dawuhan Alloh, "In Ahsantum-Ahsantun Lianfusikum, wa in asa'tum falahaa" (Mun seug ngalakukeun kahadean, maka eta kahadean teh bakal mulang ka diri aranjeun, ki tu keneg lakuning kagorengan oge bakal mulang ka diri aranjeun). tegesna "Lamun kasasar nya lampah, nafsu nu matak kaduhung, badan nu katempuhan"Jisim nu ngarasa nyeri, raga nu ngarasa lara, hate nu ngarasa cape, hareudang nyandang kahariwang, purba perbawa hawa, ujub sum'ah takabur, riya ku panggoda setan; Ulah sirik ku pangampih, ulah nyacad ka nu lian, deungeun pikeun eunteung bae, nu lian  pikeun tuladan, hade goreng ge kasawang, ngukur ka tangtung sakujur, sasaran ka badan urang". ieu hal teh kalebet kana makna hakikiyah tina katakwaan.

Wallohu A'lam Bish-Showaab

Subang,07092010

Tidak ada komentar:

Posting Komentar