Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I
njing mun pareng kaping 10 September 2010. kaping hiji syawal bakal kakuping di masigit-masigit, di masjid di mushola, melewung sora Takbir, tasbih, tahmid reujeung tahlil dipirig ku sora dulag nu nurugtug nyentug jajantung. Ieu minangka ciciren sasih Romadhon bakal peren. Urang bakal mapag kaping hiji syawal nu bakal medal. Kanjeng Nabi s.a.w. ngadawuh:
زَيِّنُوْا أَعْيَادَكُمْ بِالتَّكْبِيْرِ وَالتَّهْلِيْلِ وَالتّقْدِبْسِ
(Prak Papaésan ku anjeun, prak ramekun ku anjeun sakabéh he umat kami ! poe-poe lebaran téh ku kalimat Takbir, Tahlil jeung ku Tasbih),
Sora Takbir minangka isyarat pangajak sangkan diri salawasna ngagungkeun Nu Maha Agung, nu memang geus sawadina salaku manusa nu kaayaanana lemah taya daya oge upaya, bisana usik reujeung malik, anging kalayan kersa sareng Pitulung Manten-Na.
Sora Tasbih, minangka isyarat pangajak sangkan diri salawasna nyucikeun Gusti, nu hakikiyahna najan teu disucikeun ku aosan tasbih oge da Alloh mah tos suci, tapi teu kitu ! da aosan tasbih teh minangka hiji bukti urang babakti ka Gusti tur kalebet parentah Manten-Na, yen salawasna urang kedah nyucikeun Manten-Na, dibarung urang kedah nyucikeun diri pribadi tina sagala rereged oge kokotor diri nu matak janten hahalang caketna urang ka Manten-Na.
Sora Tahmid, minangka isyarat pangajak sangkan diri salawasna muji dibarung ku syukur kana sagala nikmat pamaparin Manten-Na, nu memang tos sawadina syukur teh kudu jadi hiasan pitutur nu minangka pangakuan yen sagala nikmat nu karasa oge teu karasa eta teh sumberna ti Alloh s.w.t. “Wa Maa Bikum Min Ni’matin Fa Minallooh”.
Kitu keneh sora Tahlil, minagka isyarat pangajak sangkan diri salawasna nguatkeun katauhidan, ulah lanca-linci luncat mulang udar tina tali gadang, ulah unggut ka linduan ulah gedag ku kaanginan, salawasna kudu netepkeun yen Pangeran teh mun sahiji nyatana Alloh s.w.t.
Dina mapag hiji syawal, nu minangka tanda perenna bulan Romadhon, Aya sababaraha hal nu kudu jadi bahan koreksi, bahan nyaliksik diri.
Nu kahiji, Romadhon teh ceuk katerangan bulan nu agung, bulan nu suci, bulan pikeun ngalatih diri, ngisat awak, nyucikeun batin, nyucikeun pikir, nyucikeun lakunng lampah, ngajauhan hal-hal nu matak lungsurna bebendon Gusti. Sabab dina bulan Romadhon aya hiji kawajiban nu kudu dilaksanakeun pikeun sakumna jalma nu Iman nyaeta ibadah puasa. Nu Eta kawajiban teh, mun seug dilaksanakeun hiji nu jadi udagan, tur jadi harepan Alloh nu kaunggel dina dawuhanana, nyaeta pikeun ngahontal hiji darajat nu memang eta darajat kacida jadi tolok ukur Alloh ka tiap-tiap makhlukna, mun seug geus kacangking eta darajat, maka bisa disebut insan nu pangmulya-mulyana dipayuneun Alloh, taya kajaba darajat eta teh nyaeta darajat taqwa.
Tah naha dina Romadhon ayeuna darajat eta teh geus kahontal beh dieuna, atawa geus kacangking sumurup miraga sukma dina diri urang beh dituna ?. mun seug ngarasa enggeus, tinggal ngayakeun usaha pikeun salawasna ngajaga ngariksa sangkan salawasna mingkin ningkat deui. Sabalikna, mun seug ngarasa teu acan kahontal, didieu diperedih sangkan salawasna ngayakeun usaha pikeun ngahontalna, da darajat taqwa mah pasti kahontalna, tinggal urang salaku manusa nu geus ngaku iman ngalaksanakeun sagala syarat jeung katangtuan dina ngahontalna nu memang geus natrat jelas dina dawuhan-dawuhan Alloh sareng Rosulna.
Nu kadua, Naha sarengsena ngalaksankeun ibadah puasa di bulan Romadhon teh, karasa aya pangaruh robahna kana diri? Tegesna, aya tapak nu karasa. Sabab sagala ibadah nu ditampi ku Alloh s.w.t. atanapi ibadah nu kaasup Mabrur, pasti aya tapakna, aya pangaruhna dina kahirupan.
Tah ayeuna tanya ka diri pribadi masing taliti, naha sarengsena urang ngalaksanakeun ibadah puasa sabulan lilana, aya karasa pangaruh robahna kahirupan ? mun tadina samemeh ngalaksanakeun ibadah puasa urang ngarasa diri teh ngagugulung kamaksiyatan, tah sarengsena ngalaksanakeun ibadah puasa teh kudu aya robahna jadi ngagugulung kata’atan, nu tadina mumul kana ibadah, sarengsena urang ngalaksanakeun ibadah puasa mah jadi getol kana ibadah, nu tadina koret, robah jadi berehan, jeung sajabana. Tegesna sagala laku lampah nu nincak salah, rengse urang ngalaksanakeun ibadah puasa dina bulan Romadhon salila sabulan teh bisa ngarobah diri pikeun ngabebenah diri.
Nu Katilu, dina raraga urang babakti ka nu janten sepuh, nu memang aya patula-patalina dina raraga urang ngahontal Ridho Alloh, sabab dian katerangan disebatkeun Ridho Alloh eta gumantung kana ridho nu janten sepuh.
Tah..! ayeuna kantun taros ka diri urang sadaya, tos dugi kamana babakti urang kanu janten sepuh téh ? naha seueur bakti atanapi seueur nganyeuri ? naha seueur méré kabungah atanapi kasusah ?.sabab sepu urang kacida isan ageing jasana dina ngurus ngatik ngadidik ngajeujeuhkeun ti awit urang alit tug dugi ka urang ayeuna, terutami ibu nu ngakandung salami salapan bulan, bapa ngayuga dina salami éta teu wareg tuang, teu tibra sare, ti peuting nyaring, ti berang hariwang dina ngantos urang lahir gubrag ka alam dunya. Ku kituna urang ulah petot-petot urang ngadu’a mugia sepu urang sing dihapunten dosana sing dipikaasih dipikadeudeuh ku Alloh swt sakumaha aranjeuna mikadeudeuh mikaasih urang sadayana. Amin Ya Alloh Ya Robbal ‘Alamin.
Nu Kaopat, dina raraga urang ngabuktikeun bakti urang ka Alloh, urang taros ka diri urang urang manahan ku sorangan. Naha salami ieu téh urang melak kata’atan atanapi melak kama’shiyatan ?, naha salami ieu téh urang téh seueur ngalakonan ibadah naha ngalakonan lampah salah ? tos sabaraha harta banda urang nu di korbankeun pikeun nulungan agama Alloh ? tos naon baé nu di korbankeun téh ? urang kedah saimbang antawis pengorbanan urang sareng naon anu disuhunkeun ku urang ka mantena, ulah dugi ka paneda urang pangabutuh urang kapeluan urang sadayana di gebrokeun sadayana di pasrahkeun ka Alloh sangkan nulungan ka urang, sangkan nyumponan pangabutuh urang. Tapi kana panitah Alloh, salilana urang nukang nonggong, salawasna urang ngajauhan malah teu malire-malire acan. Na’udzu billahimin dzalik. Iman sanés ucapan wungkul imansanés aku-akuan wungkul, tapi kedah dibuktoskeun ku laku lampah, kedah dibuktoskeun ku amaliah, sareng ku pangurbanan.
Hapunten bilih kalebet mapatahan, paralun teu aya maksad ka lebah dinya, ieu mah mamanawian kalebet “Tawaashau bil-Haqqi, Wa Tawaasahu bish-Shobri”
Wilujeng Boboran Shiyam 1431 H. mugia urang sadayan kalebet golongan jalma nu “Minal ‘Aaidiin Wal-Faaiziin” (jalmi nu mulang kana kasucian, tur jalmi nu kenging kabagjaan). Tur hakekat ‘Idul Fitri teh kacangking ku urang sadayana, Amin Ya Alloh Ya Robbal ‘Aalamin.
Neda sih hapuntenna ka sadayana ti kawit lahir dugi bathin, salami urang campur gaul di dunya maya ieu, bilih aya catur nu teu kaukur, aya basa nu teu kareka, aya catur seratan dina cateten oge status nu nyentug kana kolbu, bilih aya basa dina komentar atanapi pairan nu matak tugenah kana mamanahan, sim kuring sakulawargi nyuhunkeun sihhapuntenna, ti luhur sa usap rambut ti handap sausap dampal, wening galih nu dipamrih, jembar hampura nu kateda ka sadayana tutus katung kepang halang timbang taraju ti sadayana.
Subang, 08092010
Tidak ada komentar:
Posting Komentar