Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I
Kecap عِيْدُ(‘Iid) mibanda harti “balik” atawa “mulang”, sedengkeun kecap فِطْرِ (Fithri) mibanda harti “ Suci” atawa “Kasucian” bisa ogé dihartikeun “Agama nu bener” tur bisa mibanda harti ogé “asal kajadian”. Lamun urang mere harti kana kecap فِطْرِ (Fithri) kana harti “Agama nu bener”, maka hal éta téh meredih ka urang pikeun “nyaluyukeun kana hiji hubungan” sabab nyaluyukeun hiji hubungan mangrupakeun tanda ngagemna hiji agama nu bener nyaéta agama Islam. Tegesna hubungan antara manusa (Makhluq) jeung Allah (Khaliq), ku kituna Kanjeng Nabi saw. Kantos ngadawuh أَلدِّيْنُ الْمُعَامَلَةُ (Ad-Diinu Al-Mu’amalatu) tegesna yen agama téh hiji hubungan. Salian ti éta ogé silih nasehatan ogé silih hargaan kaasup kana ajaran agama, ku kituna Kanjeng Nabi saw. Ngadawuh أَلدِّيْنُ النَّصِيْحَةُ (Ad-Diinu An-Nashihatu). Dumasar kana hal éta, maka satiap jalma nu ngalaksanakeun عِيْدُ الْفِطْرِ (‘Idul Fitri) kudu tumuwuh rasa sadar yen satiap jalma pasti pernah ngalakukeun hiji kasalahan, jeung tina kasadaran éta manehna tumuwuh rasa pikeun mere ogé narima hampura ti batur ngeunaan kasalahan nu geus dilakukeun.
Kitu keneh lamun Fitrah dihartikeun kana “kasucian”. Hal ieu bisa dirasakeun nalika urang aya dina kaayaan cicing Tafakur (mikir) kana sagala kakawasaan Pangeran, Tadzakur (eling) ka Nu Maha Nyiptakeun, ogé Tasyakur (syukur) kana sagala nikmat Allah swt nu geus dipaparinkeun ka urang. Sahingga karasa tumuwuhna rasa tingtrimna bathin, tiisna pikir, ayem tengtrem, ogé Tuma’ninah (tenang)na kaayaan. Saba’dana disibukkeun ku masalah-masalah, ku rengsena kasibukan duniawiyah, lebah dieu pisan maka bakal karasa, ogé kadenge, hiji sora nu bijil tina ati sanubari, nu ngajak ka urang pikeun ngobrol, oge ngajak ka urang pikeun ngadeukeutkeun diri ka Nu Maha Suci, sarta ngajak ka urang pikeun sadar diri yeng urang téh kacida lemahna di payuneun Nu Maha Agung. Sora nu bijil tina ati sanubari éta téh, taya kajaba sora fitrah atanapi sora kasucian urang salaku manusa, nu salalawasna ngajak pikeun ngabdi, ngaula ka Nu Maha Kawasa. Ieu sora téh bisa disebut sora “kasucian”, sabab sora ieu nu sering ngajak ka urang pikeun salalawasna ngaagungkeun ka Allah swt. Tur salalawasna sora ieu téh noelan hate urang pikeun sadar, tapi ku sabab kapangaruhan ku hawa nafsu duniawiyah nu nimbulkeun sibukna urang dina ngudag-ngudag ogé nguruskeunana, nu akhirna ngakibatkeun tumuwuh mangpirang dosa-dosa, maka sora “kasucian” éta téh terkadang ku urang sorangan tara diropea, tara dianggap.
Naon atuh Sora kasucian éta téh ? taya kajaba nyaeta sora nu sering diucapkeun nalika tepungna urang reujeung عِيْدُ الْفِطْرِ (‘Idul Fitri) nyaéta kalimat ‘Takbir’ أللهُ أَكْبَرُ (Allah Nu Maha Agung). ogé nalika urang ngawalan ngalakukeun ibadah sholat. Kituna Kanjeng Nabi Ngadawuh:
زَيِّنُوْا أَعْيَادَكُمْ بِالتَّكْبِيْرِ وَالتَّهْلِيْلِ وَالتّقْدِبْسِ
(Prak Papaésan ku anjeun, prak ramekun ku anjeun sakabéh he umat kami ! poe-poe lebaran téh ku kalimat Takbir, Tahlil jeung ku Tasbih),
Dumasar kana hal éta pisan, maka nalika kalimat أللهُ أَكْبَرُ (Allah Nu Maha Agung) mun seug bener-bener diteuleuman nu hasil tina neuleuman eta kapanggih makna hakekat tina takbir eta nu saterusna sumurup miraga sukma ngahiji ngadarah daging, maka bakal ngaleungitkeun sagala rasa nu ngagantungkeun kana salian ti Allah swt. Salalawasna bakal ngalahirkeun hiji tangtungan manusa nu wungkul ka Allah ngagantungkeun harepan, wungkul ka Allah ngaula, wungkul ka Allah pikeun Ibadah ogé wungkul ka Allah pikeun minangsaraya miharep pitulung إيَّاكَ نَعْبُدُ وَإِيَّاكَ نَسْتَعِيْنُ.
Ibnu sina ngajelaskeun dina kitabna Al-Isyarat wa Tanbihat, yen lamun seug manusa neuleuman kan kalimat أللهُ أَكْبَرُ (Allah Nu Maha Agung). maka manehna geus asup kana golongan para ‘Arifin nyaéta jalma-jalma nu bebas tina beungkeutan hawa nafsu duniawiyah, manehna salawasna bakal mapaes dirina ku sifat darehedeh jeung budi nu marahmay, ogé mapaes dirina ku akhlakul karimah. hal ieu teh timbul tina hatena nu pinuh ku katingtriman, katumaninahan (katenangan) nu nimbulkeun rasa gumbira, ku sabab salawasna ngahadirkeun hatena pikeun ngaagungkeun Dzat Nu Maha Agung, dina dirina tumuwuh rasa yen hakekatna makhluk kaasup dirina teh leutik, lemah, taya kakuatan dipayuneun Allah swt. لَا حَوْلَ وَلَا قُوَّةَ إِلَّا بِ اللهِ الْعَلِيِّ الْعَظِيْمِ jauh tina sifat ujub riya jeung takabur nu teu pantes dipibanda ku makhluk, sifat takaburmah hak milik Allah. Manten-Na Dzat Nu Maha Agung nu ngagaduhan sagala nu aya dibumi sareng di Langit وله الكبرياء فى السموات والأرض وهو العزيز الحكيم . ku hal ieu pisan Allah negeskeun dina Hadits Qudsy nu diriwayatkeun ku Imam Muslim jeung Imam Thobrony nu sumberna ti Sayyidina 'Ali Karomallohu wajhah:
أَلْعِزُّ إِزَارِيْ وَاْلكِبْرِيَاءُ رِدَائِيْ فَمَنْ نَازَعَنِّيْ مِنْهُمَا شَيْئًا عَذَّبْتَهُ
"Kakuatan jeung kamulyaan eta baju kami, kaagungan jeng kakawasaan eta salendang kami. Maka sing sah jalmana nu bogha rasa nyaruaan kami (tegesna, boga rasa takabur atawa sombong) maka kami bakal nibankeun siksa ka manehna"
Saterusna Ibnu Sina ngajelaskeun, yen mun manusa geus apal kana makna hakekat kalimat takbir nyaeta أللهُ أَكْبَرُ , maka manehna bakal boga anggapan yen rahmat Allah swt milik sarerea, boh pikeun jalma ta’at oge jalma nu loba maksiyat, bari didadasaran ku pamadegan yen rahmat nu dipaparin ka jalma nu loba maksiyat wungkul keur didunya tapi di akherat hamo kabagean, beda rohmat nu paparinkeun pikeun jalma nu salawasna melak kata’atan lain wungkul di dunya tapi diakherat oge bakal jadi prioritas minangka upah tina kata’atan nu dipelak nalika keur didunya. Salian eta oge manehna moal boga rasa pikeun ngarorek kasalahan batur, nu aya malah sibuk ku menta hampura ka Allah tina sagala kasalahan diri pribadina, manehna bakal jadi jalma nu hampuraan, moal aya rasa dendem, atawa ngucik-ngucik komo nungtun raja wisuna, jauh tina dirina sifat gede ambek, sanajan ningali kamunkaran, manehna bakal nyarek nu nyarekna teh moal make jalan kasar komo garihal, estu bakal nyarek ku jalan nu hade, kalayan nerapkeun akhlakul karimah sakumaha nu dicontokeun ku Rosululloh saw. Tur dimana ka dirina aya nu ngahina, aya nu nyacampah pasti bakal ditarima kalayan hate nu pinuh rasa hampura. Sifat silih pikanyaah, silih pikaasih, silih pikaheman, salawasna jadi papaes dina kahirupanana, jauh tina tingkah nu nimbulkeun pacengkadan, jeung papaseaan. Hal ieu teh akibat tujuan hirupna wungkul hiji nyaeta لِبْتِغَاءِ مَرْضَاتِ الله (Pikeun nyuprih atawa miluruh Ridho Allah swt.). tah ieu makna hakekat tina kalimat Takbir.
Saterusna ari makna Kasucian teh gabungan tina tilu unsur: Bener, hade, jeung endah. Sahingga jalma nu kagolong jalma nu عِيْدُ الْفِطْرِ (‘Idul Fitri) tegesna jalma nu mulang atawa balik deui kana kasucian, bakal salawasna mapaes diri ku laku lampah nu bener, hade jeung endah. Sabab, ku akibat tilu unsur eta saupamana jadi papaes diri manusa, maka bakal ngalahirkeun hiji tangtungan jalma nu linuhung jeung pinuji. Manehna bakal salawasna miluruh hal-hal nu hade bari salawasna milampah kahadean tur mapaes dirina ku akhlakul karimah nu endah, bari salawasna ngajaga, ngariksa oge taat kana tetekon agama jeung darigama kalayan bener-bener. Sabab ku laku lampah nu bener bakal ngalahirkeun hiji tangtungan jalma nu salawasna ngandelan dirina ku elmu pangaweruh. Oge ku sabab laku lampah nu hade bakal ngahadirkeun hate jeung sikep nu pinuji oge ngalahirkeun tata laku pinuh ku kasopanan tegesna akhlakul karimah salawasna mapaes dirina, oge ku sabab kaendahan bakal ngalahirkeun seni kahirupan nu endah ditingalina matak jadi eunteung pikeun nu sejen. Tur ku tilu unsur eta bakal ngahalangan jalma pikeun milampah kasalahan, oge jauh tina kamaksiyatan.
Sing emut ! urang salaku manusa nalika lahir ka alam dunya miturut fitrahna, dina kaayaan suci beresih lir ibarat lambaran-lambaran kertas nu bodas nyacas tacan aya guratan-guratan atawa garis oge coretan-coretan tulisan nu ngotoranana. Oge nalika urang lahir teh teu apal kana nanaon, sakumaha Dawuhan Manten-Na:
وَاللهُ يَخْرُجُ مِنْ بُطُوْنِ أُمَّهَاتِكُمْ لاَ تَعْلَمُوْ نَ شَيْئًا وَجَعَلَ لَكُمُ السَّمْعَ وَالْأَبْصَارَ وَالَأَفْئِدَة لَعَلَّكُمْ تشْكُرُوْنَ (ألنحل: 78)
“Jeung nalika Allah ngaluarkeun aranjeun sakabeh tina beuteung-beuteung indung aranjeun, dina kaayaan aranjeun teu nyaho kana naon-naon, tuluy Allah ngajadikeun aranjeun teh pangdenge, panenjo, reujeung hate. Supaya maraneh kabeh syukur”. (An-Nahl: 78).
Dawuhan Allah swt. ieu ngajelaskeun, yen lahirna urang ka Alam dunya teh dina kaayaan teu nyaho nanaon alias bodo. Tapi najan bari kitu Allah teu ngantep kitu bae, Allah swt maparin tilu fasilitas dina diri manusa nyaeta pangreungeu, paningal reujeung hate atawa akal. Tilu hal eta teh mangrupakeun fasilitas manusa dina raraga ngisi kahirupan di ieu alam dunya.
Nu jadi garis badag dina ieu ayat teuaya sanes urang salaku manusa diperedih ku Allah sangkan urang syukur ka Manten-Na. Syukur didieu ngandung harti yen urang diperedih kudu bisa ngagunakeun oge ngamanfaatkeun kana sagala nikmat nu parantos dipaparinkeun ku Manten-Na ka urang sadayana kalayan nyaluyukeun reujeung kahoyong manten-Na. Tegesna, urang ulah lali kana temah wadi, ulah lali kana asal ngajadi, hartina urang tos pada uninga yen asal urang diciptakeun teh teuaya sanes pikeun ibadah ka Allah swt. Oge urang sadayana dituntut pikeun ngajalankeun syare’at ajaran agama kalayan totalitas atawa sagemblengna, ulah mencong, ulah lanca-linci-luncat mulang, estu hirup teh wungkul pikeun ngabdi, sumujud, pasrah sadrah bari sumerah luyu reujeung harti Islam, agama nu ku urang diagem. Tah dina ngarealisasikeunana atawa ngabuktikeunana kana kaislaman urang teh, nyaeta ku jalan ngalaksanakeun sagala parentah manten-Na oge ninggalkeun sagala nu dilarang ku Manten-Na. Nya ieu teh konsep makna tina kataqwaan, anu jadi tujuan puasa nu diwajibkeun ku Alloh swt. ka urang sadayana.
Maka ku hal ieu pisan, urang dituntut pikeun numuwuhkeun rasa kasadaran, yen urang teh lemah, urang teh hina, teu aya hargana dipayuneun Allah mun seug urang ngalalaworakeun kana sagala parentah Manten-Na. Da geuningan lahirna urang ka alam dunya teh, estu teu apal nanaon, pangaweruh nu dipibanda ku urang, kapinteran nu aya dina diri urang, kasuksesan nu kacangking ku urang, kapangkatan nu kahontal ku urang, kabeungharan nu dipibanda ku urang, oge wawuhna urang kana kaayaan sabudeureun urang teh taya kajaba anging kalayan kudrat sareng irodat Manten-Na. Sabab naon nu dipibanda ku urang ti mimiti harta banda, putra, garwa kalebet jiwa sareng raga, urang teu nga boga-ngaboga éta sadaya milik Allah, nu sawaktu-waktu bakal dicandak deui ku Manten-Na. إِنَّاللهِ وَإِنَّاإِلَيْهِ رأجِعُوْنِ
Dumasar kana hal eta, maka urang kudu numuwuhkeun kapasrahan sacara totalitas ka Allah swt. Tapi pasrah didieu lain hartina urang jadi pasif (paeh karep) atawa masrahkeun sagalana kumaha Allah, tapi pasrah didieu kudu dibarengan urang ikhtiyar atawa usaha. Urang kudu ngayakeun hiji pangurbanan, hiji perjuangan hirup dina raraga urang ngahontal karidhoan Allah swt. Sabab sagala pangorbanan anu ku urang digebrokeun pikeun ngahontal karidhoan Alloh tanwandé ku Alloh bakal diganti luyu reujeung pengorbanan anu ku urang disanggakeun ka Mantenna.أَلْأُجْرَةُ بِقَدْرِ الْمَشَقَةِ. ’Upah téh bakal diberekeun saukuran reujeung jerih payah dina ngusahakeunana". Usaha sakeupeul upahna bakal sakeupeul, usaha sarawu upahna bakal sarawu deui, ieu ukuran manusa, tapi upami ngukur kana ukuran wawales ti Alloh SWT. dina méré ganjaran ka hamba anu dipikacintana anu kapilih ku Mantenna malah bakal ditikel-tikel langkung ti naon di usahakeun.
Kacindekanan dina kasempetan nu mulya ieu, tegesna dina raraga urang miharep jadi golongan jalma-jalma nu mulang deui kana kasucian tegesna عِيْدُ الْفِطْرِ (‘Idul Fitri), aya sababaraha hal nu kudu dilakukeun, diantarana nyeta:
Nu kahiji, Halal bi Halal. Halal bihalal ngandung unsur silih hampura reujeung silaturahmi. Urang hamo manggihan dina Al-Qur’an atawa Hadits nu nuduhkeun kana ngajelaskeun harti nu pasti ngeunaan halal bihalal. Istilah halal bi halal mangrupakeun budaya khas urang Indonesia. Nu hal eta bakal nimbulkeun harti nu sifatna teu pasti pikeun bangsa deungeun-deungeun luar bangsa Indonesia dina ngahartikeunana, sok sanajan maranehna paham kana ajaran islam oge paham kana bahasa Arab. Tapi najan bari kitu, halal bihalal bisa ngandung sababaraha harti atawa makna, nu bisa ditingali ku rupa-rupa paham dina ngahartikeunana. Sedengkeun makna halal bihalal ditingali tina segi bahasa, maka bisa ditingal tina asal kecap halal eta, asal kecap ) حَلَلٌ halal( teh tina kecap حَلَّ )halla( atawa حَللَّ (halala) nu mibanda harti nu pirang-pirang diluyukeun jeung kecap panyambungna atau gabungan kecap samemeh atau saba’dana. Kecap حَلَّ )halla( atawa حَللَّ (halala) bisa mibanda harti “nyalsekeun masalah atawa kasulitan”, bisa oge dihartikeun “Ngabereskeun benang nu pakusut”, bisa oge dihartikeun “ngahencerkeun perkara nu ngabeku atawa nu teuas”. Bisa oge dihartikeun “ngaleupaskeun tali nu ngaborogod”. Dumasar kana pirang-pirang harti eta, maka halal bi halal teh ngandung makna atawa maksud pikeun ngayakeun hiji tindakan pikeun ngarubah hubungan nu tadina kiruh jadi herang, atawa nu tadina teu akur jadi akur, nu tadina kaborogod ku tali ka ngewa jadi bebas oge silih bebaskeun ku tali kaasih jeung kaheman. Tegesna silih hampura tina sagala kasalahan jeung dosa antara sasama.
Nu Kadua, Silaturahmi; Silaturahmi asal tina dua kecap nu disambungkeun nyaeta tinda kecap صِلَةٌ(Shilat) jeungرَحِيْمٌ (Rohim). Kecap صِلَةٌ(Shilat) asal tina kecapوَصْلٌ )Washlun( nu mibanda harti "nyambungkeun" atawa "ngumpulkeun". Sedengkeun kecap رَحِيْمٌ (Rohim) mibanda harti "kaasih" atawa "kaheman", nu bisa ngandung harti oge hiji anggota badan nu aya di kaum hawa’ nyaeta hiji tempat nu nyimpen bahan pi-anak-keun tegesna “kandungan”. Sabab saban anak nu dikandung ku hiji istri salawasna meunang rasa kaasih oge kaheman.
Jadi صِلَةُ الرَّحيْمُ )silaturahim( bisa dihartikeun "nyambungkeun tali kaasih nu geus pegat", atawa "ngumpulkeun rasa kaheman atawa rasa kaasih nu pabureuncay atawa nu geus papisah". Dumasar kana hal eta sahingga luyu reujeung dawuhan kanjeng Nabi saw. :
“ Lain disebut silaturahim pikeun jalma nu ngabales kana anjang sono atawa males pamere (hadiah) nu dibere ku nu lian, tapi nu disebut silaturahmi nyaeta jalma nu nyambungkeun perkara nu geus pegat atawa ngumpulkeun perkara nu geus papisah” (H.R. Imam Bukhari)
Malah dina dawuhan nu sejen Kanjeng Nabi saw. Ngajadikeun hiji ukuran pikeun hiji jalma ngeunaan kaimanana ka Allah swt. Ku dawuhanana:
“Sing saha jalmana nu iman ka Allah jeung poe akhir, maka sambungkeun tali kaasih jeung kaheman”.
Nu Katilu, Silih hampura, Boh halal bihalal atawa silaturahmi, kabehanana oge nuntut ayana usaha pikeun silih hampura. Lamun urang nyarande kana dawuhan Allah swt dina Al-Qur’an Surat Ali Imran ayat 134, ngeunaan sabagian ciri-ciri jalma nu taqwa:
َالَّذِينَ يُنفِقُونَ فِي السَّرَّاء وَالضَّرَّاء وَالْكَاظِمِينَ الْغَيْظَ وَالْعَافِينَ عَنِ النَّاسِ وَاللّهُ يُحِبُّ الْمُحْسِنِينَ (أل عمران: 134)
“(Nyaeta) jalma-jalma nu nganafaqohkeun (hartana), boh dina waktu luang oge dina waktu samporet, jeung jalma-jalma nu nahan amarahna jeung mere hampura kana (kasalahan) jalma. Allah mikaresep ka jalma-jalma nu milampah kahadean”. (Ali Imron: 134).
Tah Dina ayat ieu aya tilu hal nu kudu jadi sikep urang pikeun ngahontal darajat taqwa, nyaeta: nu kahiji, Nahan Kaambek; kadua Mere hampura tegesna kudu jadi jala nu hampuraan, jeung nu katilu nyaeta Migawe kahadean.
Dina ayat ieu kecap hampura teh make istilah أَلْْعَفْوٌ(Al-‘Afwu) nu ngandung harti "ngagugurkeun" atawa "ngalebur". Kukituna jalma nu silih hampura ngandung makna silih gugurkeun atawa silih leburkeun tapak-tapak kasalahan nu geus dilakukeun. Dumasar kana hal eta, maka dina raraga urang neuleuman makna عِيْدُ الْفِطْرِ (‘Idul Fitri) ieu, maka tilu hal eta kudu jadi kagiatan urang dina ngeusian عِيْدُ الْفِطْرِ (‘Idul Fitri) oge dina raraga ngawujudkeun diri urang teh jadi jalma nu mulang atawa balik deui kana kasucian. Tegesna urang kudu muka lambaran anyar kahirupan bari nutupan lambaran heubeul nu kiruh pinuh ku kokotor kahirupan nu jadi hahalang urang deukeutna ka Allah swt. Jeung renggang urang jeung sasama, baraya, kulawarga oge tatangga.
Mugia urang kalebet kana golongan jalma-jalma nu salamina ati-ati dina raraga ngajalankeun amanah kahirupan ti Alloh swt ieu, tur mudah-mudahan urang sadayana kalebet jalmi nu mulang atawa balik deui kana kasucian, sucina lir ibarat urang nembe dilahirkeun, tur urang tiasa ngahontal kana maqom atanapi tingkatan jalmi anu taqwa anu ridho mangeranan ka Alloh tur Alloh Ridho ka urang sadayana. Amin ya Alloh Ya Robbal 'Aalamiin.
Wallohu A'lam Bish-Showaab.
Subang,03092010

Tidak ada komentar:
Posting Komentar