Minggu, 19 Desember 2010

Neangan Piminantueun

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I

Kacaritakeun aya hiji amil desa atawa nu katelah mah ki lebe, boga anak hiji parawan hiji-hijina, nu memang kaasup bentangna sadesa eta mah, da jeung dienyana anakna ki lebe teh geulisna kawanti-wanti endahna malihwarna ceuk dalang tea mah, di teuteup ti hareup sieup, di tilik ti gigir lenggik, dipandang ti tukang lenjang, estu geulis bawaning ngajadi.

Ku hal sakitu, loba jajaka nu kabandang, kagembang, hayang ngapimilik, hayang metik kembang desa nu keur ligar mekar, nu nyambuangkeun hawa nu seungit matak ngahudang kahayang saban-saban jajaka pikeun nyeuseup madu eta kembang. Ngan teu bisa kitu bae, da li lebe dina neangan piminantueun teh teu sagawayah, teu asal pilih, manehna ngayakeun syarat jeung katangtuan nu kudu ditedunan ku sing saha bae jajaka nu seja hayang jadi minantuna.



Anapon nu jadi syarat jeung katangtuanana mah, nyaeta kudu bisa ngaji jeung rajin ibadah. Ieu beja teh najan teu aya wawaran ti ki lebe langsung tapi geus sumebar. Kabeneran imah ki lebe teh tatanggaan jeung masigit, atuh ngadadak eta masigit teh nu biasana sepi tina jama'ah teh, harita mah jadi pinuh ku jama'ah nu kalolobaanana jajaka nu seja hayang dipulung mantu ku ki lebe.Ningali kaayaan kitu, ki lebe tetep teu sagawayah dina milih piminantueun, manehna tetep nitenan, ka saban jajaka nu ngadadak gariat jadi jema'ah di eta masigit.


Geus aya kana sabulanna kaayaan kitu teh, nya kocap ki lebe teh geus manggihan jajaka nu miturutna payus jadi salaki pikeun nu jadi anakna tea. Nyate hiji jajaka nu beda ti jajaka-jajaka sejenna, sabab nu ieu mah bangun kalem, teu siga hayang kapuji komo pupujieun mah. Beda jeung jajaka-jajaka nu lianna nu katingali pisan hayang kapilihna teh.


Demi ieu jajaka teh sabenerna mah teu bisa nanaon, ibadah oge ukur sailu-iluna, ngan manehna boga modal niat jeung kahayang wungkul. Harita ki lebe sangggeus hatena aya kacocokan ka eta jajaka, tuluy bae manehna teh aya jorojoy pikeun nguji ngayakeun tes ka eta jajaka ngeunaan kamampuhna ngeunaan widang kaagamaan, nu memang manehna oge kana pangaweruh agama teh teu pati loba. Nu matak ayeuna neangan piminantueun teh nu ahli kana agama.


"Ke ari ujang teh… kawit ti mana ?" ceuk ki lebe ngamimitian nanya ka eta jajaka.


"Abdi kawit ti lembur palih kidul ..pa !" jawab eta jajaka rengkuh, bari nunjuk ku indung leunggeunna ka lebah kidul ka arah lemburna.


"Oh ..! tatangga lembur ieu atuh nya…?"ceuk ki lebe deui


"Sumuhun pa !" Walon jajaka pondok.



"Kieu ..ieu teh jang !...bapa teh.. aya hal nu teu kapaham ..nu ngaganjel kana pikiran bapa…"Ceuk ki lebe mimiti muka pasualan.


"Perkawis naon Pa ?"Walon jajaka nanya.


"Enya eta ..ngeunaan ….naon hukumna … daging kutu….?.. naha halal atawa haram ?"Ceuk ki lebe ngajentrekeun.


"Oh ..perkawis eta ..Pa..!.. sakaterang abdi mah…." Jawab eta jajaka bari rada ngahuleng sakeudeung semu nu mikir: "Perkawis eta mah saur katerangan.. nyebatkeun kieu.."


"Kumaha..kumaha …tah jang ?"Ceuk ki lebe nanya bangun nu panasaran.


"Muhun saur katerangan mah kieu…KUTU'UN SIARUN HALALUN LAHMUHU WA IDZA QOLU AMMUN WA IDZA LA QOOLU QOTALUHU…..Tah kitu Pa !" Jawab si eta jajaka siga nu enya.


"Tah naon hartina..jang?"Ceuk Ki Lebe nanya deui


"Hartosna mah kieu…Kutu teh kudu disiar, halal dagingna, jeung nalika anjeun qolu ngadaharna prak am dahar, jeung sabalikna mun seug teu kolu prak pateni bae…" Jawab eta jajaka ngajelaskeun.


"Oh… kitu ….jang..! ..nya enggeus …isuk ujang kudu datang jeung kolot ujang kadieu.. ku bapa ujang kapilih jadi minantu.. ke minggu hareup.. ujang dikawinkeun ku bapa ka anak bapa… keun masalah bea mah… ditanggung ku bapa kabeh… jung kaditu geura balik…" Ceuk K Lebe.. bari ngajurungkeun eta jajaka.


Caaaag…

Subang, 04102010

Tidak ada komentar:

Posting Komentar