Minggu, 19 Desember 2010

Tarikh Qishosul Anbiya' (Kanjeng Nabi Ibrahim a.s.)

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I
Dina kitab tarikh diuningakeun yen nalika Kanjeng Nabi Ibrahim A.S. yuswana tos kacida sepuhna, anjeunna katelah ku landihan 'Abu Adh-Dhoifani' (Bapak nu narima tamu). malihan mun seug teu aya tamu nu nganjang teh anjeunna mah kaluar ti bumina pikeun miluruh jalma sangkan natamu ka anjeunna, kitu dina nu diuningakeun dina sapalih katerangan.

dina hiji mangsa anjeunna nu nyalse, torojol teh aya sababaraha urang lalaki datang natamu ka anjeunna. tuluy eta tatamu teh uluk salam nya diwaler ku Kanjeng Nabi Ibrahim a.s. rengse merenahkeun tatamuna lajeng Kanjeng Nabi Ibrahim a.s. teh ngojengkang ka pangkeng nepungan ka geureuhana, teu lami norojol deui kaluar bari nyandak idangan daging sapi nu tos siap dituang nu disodorkeun ka para tatamu, lajeng kanjeng Nabi Ibrahim a.s. teh nyumanggakeun ka para tatamuna sangkan taruang. ngan aneh sabab teu aya saurang oge ti para tatamu nu nuang malah teu noel-noel acan, hal ieu ngajadikeun kahemengan pikeun Kanjeng Nabi Ibrahim a.s. antukna Kanjeng Nabi Ibrahim teh naros:

"ke..ke.. ari ki silah teh saha...?.. jeung ti mana asal..? hampura samemehna da kami mah asa anyar pinanggih.."

"Heh.. Kholilulloh ..! Abu Adh-Dhoifani ! tong ngarasa reuwas jeung aneh anjeun..kami teh malaikat-malaikat Alloh nu ngahaja datang ka anjeun.. pikeun mere beja nu matak bagja ka anjeun ti Alloh Azza Wa Jalla.."walon salah saurang tatamu

"Duh... hampura atuh kami... ke ke... beja naon atuh.. sok .. geura pok caritakeun ka kami.!".. saur Kanjeng Nabi Ibrahim a.s.



"Beja ti Alloh pikeun anjeun teh, nyaeta yen saestuna anjeun bakal jadi bapa ti budak nu kasep tur sholeh nu bakal lahir ti salah saurang pamajikan anjeun.." walon salah saurang tatamu nu teu aya lian para malaikat Alloh nu ngahaja datang.

"Alhamdulillah.... tapi ...ke ke.. naha ieu beja teh henteu salah... kapan kami teh geus kolot rempo.... tur ta pamajikan kami oge apan hapa.... nu pamohalan boga turunan.. sakali deui pikeun meakkeun kapanasaran kami, naha bener ieu beja teh... lain hartina kami teu percaya kana kakawasaan Alloh... palias.."Saur Kanjeng Nabi Ibrahim a.s. naros deui.

"Teu aya nu teu mungkin.. pikeun Alloh, ieu beja teh bener ayana tur anjeun kudu yakin, yen anjeun bakal boga turunan nu kasep tur sholeh, kalayan eta budak teh aranna Ishaq, tah ku hal ieu pisan anjeun ulah nepi ka kagolong jalma-jalma nu peunggas harepan..."Jawab salah saurang malaikat Alloh nandeskeun bari ngayakinkeun ka Kanjeng Nabi Ibrahim a.s.

"Palias kami kudu peunggas harepan tina Rohmat Alloh, iwal ti jalma nu sasar hirupna nu peunggas harepan mah..henteu.. henteu pisan-pisan ..kami peunggas harepan tina Rohmat Alloh... haturnuhun ...puji syukur wungkul kagungan Alloh Pangeran sadaya Alam... kana sagala nikmat nu tos dipaparinkeun ka Kami jeung anak turunan kami.. haturnuhun .. heh para malaikat Alloh nu geus mere ieu beja nu matak bagja pikeun kami, sasatna ieu nu dianti-anti teh.. kami hayang mibanda turunan...."Waler Kanjeng Nabi Ibrahim a.s.

***

Kocapkeun teu sabaraha lila ti waktu kadatangan tatamu nu eta tatamu teh para malaikat Alloh, bener eta beja teh, Siti Sarah nu dianggap hamo bisa mere katurunan, kalayan izin Alloh anjeunna ngandeg nu jaga bakal ngalahirkeun hiji tantungan Nabi, nyatana Kanjeng Nabi Ishaq a.s.

Ku hal ieu pisan, Siti Sarah jadi robah sikap, nu memang samemehna oge geus boga rasa teu resep ka Siti Hajar nu geus boga anak tiheula nyatana Kanjeng Nabi Ismai'l a.s. nya pamustunganana Kanjeng Nabi Ibrahim a.s. misahkeun duanan, ku jalan anjeunna nyandak Siti Hajar sareng Kanjeng Nabi Ismai'l a.s. kaluar ti nagri Syam, katambah deui aya wahyu ti Alloh s.w.t.

Hanca,
Subang, 09112010

Tidak ada komentar:

Posting Komentar