Selasa, 21 Desember 2010

Aya Naon di Bulan Rajab ?

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I.

Tos pada uninga, yen dina bulan rojab teh aya hiji kajadian aheng, aya kajantenan nu agung tur linuhung. nyaeta lalampahan isro sareng mi'roj Kanjeng Nabi Muhammad s.a.w. dina nampi hiji risalah, anu risalah eta jadi hiji kawajiban keur urang nu ngaku islam nu ngaku iman kana Karosulan kanjeng Nabi Muhammad s.aw.

naon atuh eta risalah teh ?

risalah teh nyaeta shalat lima waktu. Mun seug piarejeuneun urang ngaguar deui sajarah, sarengsena kanjeng Nabi ngayakeun lalampahan isro' sareng mi'roj, manusa di bagi tilu golongan dina narima eta beja. sagolongan aya nu langsung ngabenerkeun, diantawisna, sayyidina Abu Bakar, nu matak anjeunna katelah Ash-Shidiq. aya deui sagolongan nu percaya tapi mangmang dina narima komo ngalaksankeun eta beja, diantawisna Abdullah bin ubay. Aya deui sagolongan nu nolak malah nyebutna oge jalma teu cageur ka kanjeng Nabi teh, diantawisna nyaeta Abu Jahal.

Tah danget ayeuna dina ngalaksanakeun ieu parentah risalah teh, jalma enya umat islam ayeuna, dibagi tilu golongan deui.

Golongan kahiji, aya nu bener-bener dina ngalaksanakeunana, rajin, ta'at bari bener-bener tos ngarasakeun amisna sholat da pinuh ku ka khusu'an, bari ngajaga sapuratina kana waktu-waktuna oge nyaluyukeun reujeung sagala tuntunan nu parantos ku kanjeng nabi muhammad di contokeun.

Golongan nu kadua, aya diantarana umat islam teu nutup kamungkinan kaasup urang sorangan,dina ngalaksanakeun sholat teh siga nu daek-daek heunteu-henteu, sakasampeurna, ukur bebas kawajiban, teu mawa kana perobahan diri pribadi.

Sholat mah sholat dilaksanakeun, ngan ngarentenkeun anggeur keneh dipaju
Sholat mah sholat dilaksanakeun, ngan maksiyat tetep bae jadi adat
Sholat mah sholat dilaksanakeun, ngan ngagogoreng, nyaci, nyacampah batur masih keneh dikeureuyeuh
Sholat mah sholat dilaksanakeun, ngan kana jangji tetep sulaya
Sholat mah sholat dilaksanakeun, ngan ngomongkeun batur tetep jadi pakasaban
Sholat mah sholat dilaksanakeun, ngan kana amanah campodeh lelewodeh
Sholat mah sholat dilaksanakeun, ngan ka sasama baben nandasa
Sholat mah sholat dilaksanakeun, tatangga lapar diantep
Sholat mah sholat dilaksanakeun, ka anak yatim teu malire
Sholat mah sholat dilaksanakeun, ka nu baramaen teu hade
Sholat mah sholat dilaksanakeun, ka tatangga teu akur
Sholat mah sholat dilaksanakeun, ngan sok susah ningali batur bungah, sok bungah ningali batur susah
Sholat mah sholat dilaksanakeun, ngan ...ngan nu sejenna

Jadi geuningan, sholat urang mah teu acan kaala hasilna, da sholatna oge loba malaweungna batan khusyu'na, ngan sanajan kieu sholat urang buktina, tapi kaasup hade keneh mun seug dibandingkeun reujeung golongan nu katilu,

Nu kumaha ari golongan nu katilu ?

Tah golongan nu katilu mah kacida goreng patutna, sabab golongan ieu mah, nyaho nyahona mah bari percaya yen sholat teh kawajiban, tapi teu daek pisan ngalaksanakeunana. kacida jauh pisan kana pangsujudan, jauh pisan kana kata'atan. tapi najan bari kitu hatena mah tetep aya kaimanan, ngan imana teh ukur dina aku-akuan wungkul, islamna teh ukur dina biwir wungkul henteu eujeung praktekna. Na'udzu billahi min dzaalik.

Tah kira-kira urang asup kana golongan nu mana ? mangga manahan ku sadayana.

Sholat hiji kagiatan nu bakal numuwuhkeun hiji perobahan kana jiwa jalma nu ngalaksanakeunana, luyu reujeung tujuan hakiki sholat, nyaeat "Tanhaa 'Anil Fahsyaa'i Wal-Munkar" oge Sholat teh minangka alat nu ngabedakeun antara nu iman jeung nu kafir, sholat teh minangka hiji alat ukur kaayaan diri urang, tegesna dimana sholatna hade, maka bakal hade lengkah pikeun jalma nu ngalaksankeunana, bakal hade pasifatan pikeun jalma nu ngalakonana, bakal jauh tina sifat hasud, bakal anggang tina kamaksiyatan. Tur Sholat teh minangka hiji media diaog antawis urang reujeung Pangeran urang nyatana Allah nya kasebat sholat teh kalebet dzikir nu pangutamana batan dzikir-dzikir nu sanesna, nya sholat pisan nu bakal ngadeukeutkeun diri urang kana katingtriman bathin, kana kaluginaan rasa, kana katumaninahan manah, kana kaamanan kaayaan jeung sajabana.

Terus ngomongkeun masalah rupa-rupa jalma dina kahirupan, mun seug ditinenan, ti kawit pajabat nepi ka rahayat mun diriutkeun kabagi oge jadi tilu golongan, kahiji ..aya nu OLO-OLO, ka dua aya nu ULA-ILU, katilu aya nu ULU-ALA,

Mun Pejabat nu OLO-OLO, nyaeta diantarana sok aya pejabat nu kagegeloan ku kadudukan atawa kahurmatan jabatanana nu dilungguhan ku manehna, kahayang teh salawasna aya diluhur, kudu diugung-ugung, mun seug diondang kudu resmi bae, kudu dijajap bari kudu dihiap-hiap, salah weh nulis gelar atawa aran dina ondangan embung ngahadiran.

Sarua oge ka jalma nu geus nyandang titel Haji, aya Haji Olo-olo, nu kumaha haji Olo-olo, diantarana tara ngalieuk mun digero atawa diondang teu disebut aran Haji-na. Rahayat oge aya nu Olo-olo, nyaeta rahayat nu hayangna dibere bae, usum dipenta gawe sok loba alesan, teu jauh mun seug urang keuna ku kasusah, kasulit, kasumpek sok rajeun rajin ngado'a ngan dimana diijabah sok lat poho ka nu ngijabahna. tah ieu oge kaasup nu Olo-olo.

Aya deui pajabat nu Ula-ilu, nu kumaha pajabat nu ula-ilu ?, nyaeeta pajabat nu kaditu-kadieu dipaju, diajak maksiyat hayu, di ajak taat hayu, diajak ngajahat hayu, diajak bageur oge hayu, nu nyandang gelar haji oge aya nu kasebut Haji Ula-ilu, nu kumaha haji nu Ula-Ilu?, nyaeta haji nu ka masjid rajin, kana maksiyat jalan. Kaasup rahayat oge aya nu rahayat nu Ula-Ilu, nyaeta rahayat nu STMJ (Solat mah terus Maksiyat jalan).

Aya deui Pajabat nu Ulu-Ala, nu kumaha pajabat nu Ulu-Ala ? nyaeta pajabat nu uteukna wungkul mikiran kumaha carana ngabeungharkeun diri jeung kulawargana, kaasup nyaeta pajabat nu rajin kana korupsina, maling harta rahayat nepi ka mangmilyar-milyar malah aya oge nepi ka triliunan, tah ieu kaasup pajabat nu ULU-ALA,

Nu nyandang gelar haji oge aya nu kaasup haji Ulu-Ala, nu kumaha Haji Ulu-Ala ? nyaeta haji nu resep kana ngarah tanaga batur, dimana mere upah sok teu luyu reujeung tanaga batur nu geus dikaluarkeun. tegesna embung rugi hayangna untung bae, ngan dina nyiar untungna teh tara ningali kana kaayaan batur nu katalangsara akibat sikap reujeung lampah manehna. mun kapercaya jadi DKM sok rajin ngitung shodaqoh batur bari jeung manehna teu eling kana ngaluarkeun shodaqoh.

Rahayat oge aya nu Ulu-ala, nyaeta rahayat nu sok rajeun ngarawatan banda batur bari tara bebeja heula ka nu bogana. mun ka kebon sok ruwal-rawel kana tatanen batur, mun ka sawah sok nyempogan galengan batur, mun dipasar sok ngurangan timbangan jeung kiloan, mun seug natangga sok hayang dibere bari tara mere.

Tah mangga kaasup kamana urang ? mangga ah manahan, mudah-mudahan bae sasih rojab ieu sing jadi bulan nu nyandak kana robahna kahirupan urang dina raraga ngudag-ngudag kana karidhoan Allah swt. Amin.

Wallohu A'lam

Subang, 19062010

Tidak ada komentar:

Posting Komentar