Selasa, 21 Desember 2010

Opat Kamulyaan pikeun Nabi Muhammad S.A.W. sareng Umatna

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I.

Dina Kitab Tanbihul Ghaafilin diuningakeun, yen Kanjeng Nabi Adam A.S. parantos ngadawuh:

Allah geus maparin ka Muhammad jeung umatna opat kmulyaan nu teu dipaparinkeun ka kami:

Nu kahiji, Kami mah mun seug tobat kudu bae ka makkah, sedengkeun Muhammad jeung umatna mah dipaparin kamulyaan di mana bae oge bisa tobat.

Nu Kadua, Kami baheula make pakean tuluy ditaranjangan nalika kami ngalakukeun dosa, sedengkeun Muhammad jeung umatna mah dipaparin kamulyaan mun seug ngalakukeun dosa bari tataranjang tapi bisa make pakean satutasna ngalakukeun eta dosa.

Nu katilu, kami mah ngalakukeun dosa tuluy dipisahkeun jeung pamajikan, sedengkeun Muhammad jeung Umatna mah dipaparin kamulyaan sok sanajan ngalakukeun dosa beurang jeung peuting tapi tetep bisa babarengan jeung pamajikanana henteu dipisahkeun.

Nu kaopat, kami mah ngalakukeun dosa sakali tuluy dikaluarkeun ti sawarga tempat cicing kami samemeh ka dunya, tapi Muhammad jeung umatna mah najan loba ngalakukeun maksiyat jeung dosa di dunya, tapi bakal diasupkeun ka sawarga mun seug maranehna tobat.

Caag

Subang,16062010


Tidak ada komentar:

Posting Komentar