Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I.
Rasulullah S.A.W. Ngadawuh:
عَنِ ابْنِ عُمَرَ رَضِيَ اللهُ عَنْهُمَا قَالَ أَخَذَ رَسُوْلَ اللهِ صَلىَّ اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ بِمَنْكِبَيْ فَقَالَ: كُنْ فِي الدُّنْيَا كَأَنَّكَ غَرِيْبٌ , أَوْ عَابِرُ سَبِيْلٍ ,وَكَانَ اِبْنُ عُمَرَ رَضِيَ الله ُعَنْه ُيَقُوْلُ " إِذَا أَمْسَيْتَ فَلاَ تَنْتَظِرِ الصَّبَاحَ وَإِذَا أَصْبَحْتَ فَلاَ تَنْتَظِرِ الْمَسَاءَ, وَخُذْ مِنْ صِحَّتِكَ لِمَرَضِكَ وَمِنْ حَيَاتِكَ لِمَمَاتِكَ " (رَوَاهُ الْبُخَارِيْ)
Ti Ibnu Umar radhiallahu 'anhu, anjeunna sasauran: “Rasulullah Shallallahu 'alaihi wa Sallam nyepeng kana punduk kami, lajeng Anjeunna ngadawuh: ‘Jadikeun diri anjeun di dunya ieu teh lir ibarat jalma asing, atawa nu keur ngayakeun lalampahan jauh (ngumbara)’. Tuluy Ibnu Umar radhiyallahu anhuma sasauran deui : “Mun seug anjeun aya dina mangsa sore, maka poma anjeun ulah nungguan datangna isuk, oge sabalikna mun seug anjeun aya dina mangsa isuk, maka anjeun ulah nungguan datangna waktu sore, prak gunakeun waktu sehat anjeun samemeh anjeun gering, jeung prak gunakeun waktu hirup anjeun ayeuna samemeh ajeun tinemu reujeung maot.” (H.R. Imam Bukhari)
Hiji jalma nu geus ngaku iman jeung nu geus ngaku islam teu pantess ngajadikeun ieu alam dunya teh tempat matuh salalawasna, tapi sawadina manehna kudu nancebkeun pamadegan yen manehna hirup di ieu dunya teh lir ibarat jalma asing nu anyar datang, atawa lir ibarat jalma nu aya dipangumbaraan nu hiji waktu kudu balik ka tempat asalna, bari geus siap-siap kana pibekeleun mulang. Manehna bakal boga rasa sono geusan mulang ka lembur matuh, nu rasa sono ieu teh bakal numuwuhkeun hiji sikep pikeun salalawasna tatahar nyiapkeun bebekelan pikeun dibawa mulang, tur manehna bakal kaeunteupan rasa henteu betah, sabab manehna bakal inget bae ka lembur matuh ka tempat geusan manehna mulang
Hiji jalma nu geus ngaku iman jeung nu geus ngaku islam, kudu ngarasa asing hirup di ieu alam dunya, sabab hal ieu bakal ngaleungitkeun sikep katungkul ku haliyah duniawiyah. Manehna hamo katipu ku perhiasan dunya, hamo kabongroy ku kaendahan dunya nu sifatna palsu ukur semu bari nipu. Manehna hamo kabeungkeut ku kasibukan dunya, sabab pamadeganana yen dunya teh ukur tempat ngaliwat samentara pikeun nuju ka hiji tempat nu abadi taya tungtungna nya akherat tea ngaranna. Sakumaha Dawuhan Allah:
.....َومَا الْحَيَاةُ الدُّنْيَا إِلاَّ مَتَاعُ الْغُرُورِ (أل عمران: 185)
“Ari dunya téh, nyaéta papaés anu semu/papaés nu nipu” (Ali-Imran: 185)
Manusa hirup di alam dunya teh mibanda waktu-waktu nu geus ditetepkeun ku Allah swt. Nyaeta tepungna reujeung nu ngaranna maot, sakumaha dawuhan Allah :
كُلُّ نَفْسٍ ذَآئِقَةُ الْمَوْتِ وَإِنَّمَا تُوَفَّوْنَ أُجُورَكُمْ يَوْمَ الْقِيَامَةِ فَمَن زُحْزِحَ عَنِ النَّارِ وَأُدْخِلَ الْجَنَّةَ فَقَدْ فَازَ وَما الْحَيَاةُ الدُّنْيَا إِلاَّ مَتَاعُ الْغُرُورِ (أل عمران: 185)
“Sakur nu nyawaan mah bakal ngalaman maot. Wawales ka maraneh ngan wungkul baris dicumponan dina poe kiamat. Ku sabab eta, sing saha nu disingkahan tina seuneu naraka sarta diasupkeun ka sawarga, eta tegh jalma-jalma anu geus untung. Kahirupan dunya mah taya lian ngan ukur papas/kasenengan nu palsu”
Dunya teh sifatna fana tegesna keuna ku rusak. Hal ieu teh minangka hiji bukti nu hak tur nyata. Oge ku hal ieu pisan jalma Mukmin kudu nancebkeun pamadegan yen dunya lain sagalana, dunya mah ukur tempat ngumpulkeun bekel, dunya mah ukur sawah tempat melak amal ka akheratan, dunya mah ukur kebon tempat melak tatanen kaakheratan, dunya mah ukur tutumpakan enggoning ngahontal kasalametan dina jalan nu dipikaridho ku Allah. Sakumaha dawuhan kanjeng Nabi
“Hubungan kami jeung dunya teh lir ibarat kami minangka nu numpak hiji tutumpakan nu ngiuhan handapeun tangkal tuluy indit ninggalkeun eta tangkal”
Imam Al-Hasan Al-Bashri sasauran:”Maksud Hiji jalma mukmin kudu jadi jalma asing di ieu alam dunya teh”, maksudna nyaeta manehna hamo sedih nalika ngarandapan kahinaan dunya, manehna hamo paheula-heula atawa kokomoan dina ngaraeh haliah dunya, nu akhirna antara manehna jeung manusa sejejnna teh mibanda urusan masing-masing nu beda-beda, tegesna manehna henteu sailu-iluna dina ngagarap hiji operkara nu samemehna ngayakeun tindakan asak tinimbangan”.
Sedengkeun Imam Ibnu Rojab dina mertelakeun maksud redaksi hadits: “Hiji jalma Mukmin kudu jadi jalma asing di ieu alam dunya the”, maksudna nyaeta yen nalika Allah nyiptakeun Kanjeng Nabi Adam as. Manten-Na nempatkeun Kanjeng Nabi Adam as. Katut bojona Siti Hawa di sawarga, nu salajengna Allah ngalungsurkeun aranjeunna duaan ka alam dunya, bari ngajangjikeun yen aranjeunna duaan katut rundayan katurunana teh bakal dilebetkeun deui ka sawarga. Tah ku hal ieu pisan numuwuhkeun rasa yen hirup di alam dunya teh lir ibarat jalma asing nu sono ka lembur matuh tempat asal baheula. Ku kituna aya pangaruh kuat pikeun jalma nu iman pikeun salawasna inget, salawasna sono ka tempat asal bari diimplik-implikkan ku rasa kacinta ka nu nyitakeunana nyaeta Allah swt.
Tapi dina emprona manusa dina kahirupan dibagi dua. Nu kahiji, aya sabagian jalma atawa manusa nu kacida betahna di alam dunya nepi ka maranehna lat bae poho ka alam asal, poho ka purawadaksi, poho ka asal ngajadi, antukna maranehna siga nu rek hirup salalawasna di ieu alam dunya bari mopohokeun alam nu teu aya tungtungna nyaeta akherat. Loba diantara maranehna nu kasaksen ku urang, malah teu nutup kamungkinan urang oge kaasup nu ngabangun imah nu kacida mewah nu matak mawa wegah mun seug waktuna ditinggalkeun, nu sok sering mawa karungsing mun seug indit-inditan, ngumpul-ngumpulkeun harta duniawi nu kaleuleuwihi nu temahna matak tamaha diri, jeung sajabana, nu dina nyiar eta haliah dunya teh teu tolih kana halal jeung haramna, teu paduli hak jeung batalna, na’udzubillaahi min dzaalik.
Nu kadua, aya deui sagolongan jalma nu memang hatena teu kapincut ku haliah dunya, hirupna salawasna mantengkeun diri ka Gusti Nu Maha Suci, lengkahna pinuh ku kawaspadaan, ati-ati dimana migawe hiji perkara estu dina hatena heurin ku rasa kasieun kana bebendon Allah. Najan manehna butuh ku dunya, tapi tara kaleuleuwihi, alakadarna, kahirupanana estu basajan, estu sederhana, ukur nyukupan kana kahayangna, nu eta kahayang teh teu nyababkeun manehna sasar lampah. Dimana tepung jeung kabagjaan manehna kontan langsung syukur. Dimana tepung jeung kasangsaraan atawa kagagalan maranehna nancebkeun rasa kasabaran, oge dimana maranehna ngalakukeun hiji kasalahan maka kontan diganjel ku tobat bari tobatna nu saestu, taubatannashuha, tr dina ngalakonan ibadah pinuh ku rasa kaihklasan. Tah golongan ieu nu bakal ngaraeh kabagjaan boh di dunya oge di akherat.
Jadi, maksud redaksi hadits Jadikeun diri anjeun di dunya ieu teh lir ibarat jalma asing, atawa nu keur ngayakeun lalampahan jauh (ngumbara), nyaeta hiji isyarat, yen hirup di alam dunya teh kudu loba tatahar sasadian bekel nu cukup bari nyugemakeun pikeun mulang ka tempat asal. Tur bekel nu panghade-hadena taya lian iwal ti kataqwaan.
....وَتَزَوَّدُواْ فَإِنَّ خَيْرَ الزَّادِ التَّقْوَى وَاتَّقُونِ يَا أُوْلِي الأَلْبَابِ
“Prak anjeun bebekelan, jeung saestuna bekel nu panghade-hadena nyaeta katakwaan. Ku kituna masing taqwa aranjeun kabeh ka Kami yeuh jalma-jalma nu mibanda akal”(Al-Baqarah: 197)
Salajengna maksud redaksi tina sasauran Ibnu Umar: Mun seug anjeun aya dina mangsa sore, maka poma anjeun ulah nungguan datangna isuk, oge sabalikna mun seug anjeun aya dina mangsa isuk, maka anjeun ulah nungguan datangna waktu sore, prak gunakeun waktu sehat anjeun samemeh anjeun gering, jeung prak gunakeun waktu hirup anjeun ayeuna samemeh ajeun tinemu reujeung maot.”
Ieu sasauran teh ngaisyaratkeun ka urang yen urang teh kudu giat dina ngajalankeun kahirupan, ulah talangke, ulah kedul, manfaatkeun waktu-waktu nu keur disanghareupan ulah nungguan waktu-waktu nu teu acan tanda wuruh bakal kaalaman. Sabab Allah ngarusiahkeun maot dina kahirupan. Kamari waktu nu geus ditinggalkeun nu hamo bakal bisa dibalikan deui, ayeuna waktu nu pasti da bukti ayeuna keur disanghareupan barii karandapan, sedengkeun waktu isuk mah poe nu teu can tangtu kaalaman da memang rusiah Allah.
Dina leresan ieu Imam Al-Hakim, ngauningakeun kalayan riwayatna kana hiji Hadits Rasulullah saw.:
“Manfaatkeun nu lima samemeh datang nu lima, manfaatkeun sehat anjeun samemeh datang na mangsa gering, manfaatkeun mangsa ngora anjeun samemeh datangna mangsa kolot, gunakeun mangsa beunghar anjeun samemeh datangna mangsa malarat, manfaatkeun mangsa nyalse anjeun samemeh datangna mangsa sibuk, manfaatkeun mangsa hirup anjeun samemeh datangna mangsa maot".
Mudah-mudahan urang kaasup golongan jalma-jalma nu salawasna ngagunakeun sesa-sesa waktu nu tos dikontrakkeun ku Nu Maha Kawasa ka urang sadayana, kalayan ngamanfaatkeun luyu reujeung kahoyong Allah swt. Dipalar karaehna bagja di dunya oge bagja di kherat. Amin.
Wallohu wa Rosuluhu A’lam Bish-Showaab
Subang, 25062010

Tidak ada komentar:
Posting Komentar