Selasa, 21 Desember 2010

Ya Rosulullah !

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I.

Ya Rosulullah !

Kasono nu moho nu hamo kahalaran ku rasa poho,
kaasih nu salawasna nyanding dina hariring minangka tilam ka eling,
kadeudeuh nu salawasna maneuh bari pageuh jauh tina geugeuleuh,
ka geugeut nu salalawasna pageuh ngabeungkeut,
wungkul ka anjeun Ya Rasulullah panutan Jisim Abdi.

Ya Rosulullah !

ka nyaah nu matak mawa rasa bathin tumaninah,
ka heman nu matak mawa rasa katingtriman,
kacinta nu matak mawa rasa sugema bari lalugina,
wungkul ka anjeun Ya Rasulullah panutan Jisim Abdi.

Ya Rosulullah !
Anjeun lahir ngahiliwirkeun angin katiginan ati pikeun salawasna migusti ka Allah Robbul ‘Izzaty.
Anjeun babar nyambuangkeun hawa kasadaran geusan seba raga ka Allah Azza wa Jalla
Anjeun babar nyambuangkeun hawa kasadaran pikeun sakumna manusa geusan ngarti kana arti kamanusaan.
Anjeun babar nyambuangkeun rahmat ka sakumna Alam.

Ya Rosulullah !
Anjeun nu nyebor sagara keusik kajahiliyahan ku cai kaimanan reujeung katauhidan
Anjeun nu salawasna janten pieunteungan dina kahirupan.
Anjeun nu nuduhkeun Jisim abdi kana jalan nu dipikaridho ku Gusti Num Maha Suci.

Ya Rasulullah !

isin temenan jisim abdi pamina patepang sareng salira, da Rumaos jisim abdi mah nu sakieu kotorna ku dosa.
Teu pantes temenan jisim abdi janten umat salira, da rumaos jisim abdi nukang nonggong kana ajaran salira
Rumaos jisim abdi lalawora kana wasiyat salira
Rajeun ngangkeun umat salira, tapi lampah salamina patojaiyah reujeung risalah

Ya Rosulullah !
Rajeun ngangkeun cinta ka salira, tapi lampah salamina patojaiyah tina sunah
Rajeun ngangkeun anjeun salaku panutan, tapi lampah tebih tina kasunahan
Mugia Allah salamina netepkeun ka anjeun Ya Rasulullah ! Rahmat oge kawilujengan.
Amin.

Subang, 27062010

Tidak ada komentar:

Posting Komentar