Selasa, 21 Desember 2010

Tujuh Perkara anu mulya mungguh Allah

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I.

Rasulullah S.A.W. ngadawuh, nu sumberna sumping ti Anas bin Malik R.A. nu diriwayatkeun ku Bazzar sareng Abu Nu'aim:

Aya tujuh perkara pagawean hiji jalma nu ganjaranana tetep bakal ngocor sanajan nu migawena tos lebet ka alam kubur (maot), nu diantarana nyaeta:

Nu kahiji, Nu ngajarkeun elmu pangaweruh nu manfaat;

Nu Kadua, Nu ngamalirkeun cai walungan pikeun kapentingan umum, (keur nyaian sawah, kebon jeung kamaslahatan umum sejenna);

Nu katilu, Ngagali sumur keur kapentingan umum (nginum, mandi, jeung sajabana);

Nu kaopat, Melak tatangkalan keur 'penghijauan';

Nu kalima, Ngadegkeun bangunan keur sarana ibadah (masjid, madrasah, majlis ta'lim jeung sajabana);

Nu kagenep, ngawariskeun kitab suci Al-Qur'an, jeung

Nu katujuh, ngadidik anak sangkan sholeh.

Dina riwayat sejen disebatkeun, yen dina hiji waktos Rasulullah S.A.W. nuju ngayakeun lalampahan ditengah jalan tepang sareng Shohabat Sa'ad bin Ma'az Al-Anshori, Nalika sasalaman Rasulullah S.A.W. ngaraoskeun kasarna dampal pananganna Sa'ad bin Ma'az Al-Anshori.

"Ku naon dampal leungeun anjeun bet kasar siga kieu" taros Rasulullah S.A.W. ka Sa'ad

"Oh .. ieu teh tilas nyepeng Pacul kangge maculan lahan pasawahan kangge nyiar nafkah kulawarga jisim abdi ..sun !" Jawab Sa'ad.

Nguping waleran Sa'ad kitu, lajeng Rasulullah S.A.W. nyium panangan Sa'ad, teras Ngadawuh:

"Ieu leungeun nu hamo ka lentab ku seuneu naraka"

Wallohu A'lam

Subang, 28062010

Tidak ada komentar:

Posting Komentar