Selasa, 21 Desember 2010

Bral .....!

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I.

“Anaking anak Bapa ! teu karasa geuningan waktu teh… inditna detik, gilir gumentina menit, korelengna poe disusul ku jebulna minggu, dipapag ku datangna bulan, cag bulan kurunyung taun. Geuningan ayeuna geus nitih kana wanci nu mustari datang kana mangsa nu lugina, cunduk kana waktu nu rahayu Bapa kudu paturay jeung murid-murid bapa, kukituna bapa pesen, ka hidep.. boh anu ayeuna rek miang, oge anu enggeus tiheula, omat ..! ulah nepi ka paroho ka Bapa didieu, oge ka Guru-guru nu geus ngatik, ngadidik, jeung ngaropea hidep sakabeh. Da meureun Bapa mah jeung guru-guru hidep didieu, tetep moal kamana-mana bakal tetep ngageugeuh, tetep mulasara ieu tempat oge ngurus ngatik jeung ngadidik adi-adi hidep”.

“Geulis ! kasep !anaking anak Bapa ! tilu taun lain waktu anu sakeudeung, tilu taun lain waktu anu tereh-tereh, tapi tilu taun teh waktu anu cukup lila ukuranana, hidep kahujanan, kaanginan, kapanasan. ti poe ka peo hidep taya kacape, ti poe ka poe hidep ngalawan rasa kahoream, hidep nikreuh ngeureuyeuh teu kahalang ku adeuh…. unggal isuk rebun-rebun keneh hidep ngalengkahkeun suku pikeun miluruh elmu pangaweruh ka tempat ieu, tempat anu geus disayagikeun ku Bapa, khusus geusan ngaguar pangabisa, ngagali potensi diri jeung ngotektak ngasah otak dina nambahan luang wawasan pikeun nambahan pangabisa dina raraga ngahontal cita-cita hidep, cita-cita Ibu rama hidep nu ngarep-ngarep tur miharep hidep teh jadi jalma anu berguna pikeun diri hidep khususna oge pikeun balarea bangsa nagara tur agama pada umumna”.


“Geulis …. Kasep ….! ayeuna hidep geus bisa di sebut beres roes, lulus tur banglus dina nete taraje, nincak hambalan sajeroning nyiar luang pangabisa, nyuprih pangarti, miluruh elmu pangaweruh di dieu, di tempat Bapa, salila tilu taun, sanajan bari hese beleke, pinuh ku hahalang, gogoda reujueng pangrorobeda. Tapi….. geuningan… kalayan usaha dibarung ku niat reujeung tekad anu kuat hidep…. geuningan hidep bisa ngarengsekeun kalayan hasil anu nyugemakeun. Hasil matak genah kana manah Bapa jeung ibu rama hidep oge Guru-guru hidep. Ngan omat… ! beres didieu lain beres sagalana, lain panganggeusan dina nyiar pangabisa, tapi lengkah hidep masih panjang. Sabab nyiar pangabisa mah taya batesna, nyuprih pangartimah taya akhirna, miluruh elmumah teu ka ukur ku waktu. Sapanjang kahirupan masih bisa dilakonan jeung karandapan miluruh elmu mangrupakeun kawajiban. Ke… akhirna lamun hidep nganjang ka alam padang poe panjang nagri tunjung sampurna nya alam akherat tea ngarana. Kitu pan hidep ge geus apal meureunan kana ieu katerangan”.


“Geulis ….. kasep…. anaking anak Bapa…! Hidep tadi sasauran ngarerepot, henteu … bapa sareng guru-guru teu asa direrepot, ieu mah geus jadi kawajiban bapa jeung guru-guru di dieu. Sagala kasalahan hidep komo-komo dipenta teu di penta oge ku bapa geus dihampura. Sok ayeuna mah hidep geura tatan-tatan pikeun nyanghareupan kahirupan nu bakal dilakonan ku hidep. Bapa titip pesen ka hidep…. sing inget yen hirup teh teu gampang teu cukup ku dipikiran tapi kudu bari dilakonan, jalan kahirupan teh teu salawasna datar aya pudun jeung tanjakan. Hidep kudu sabar dina kurang, ulah nepak dada lamun hideup aya dina kasuksesan. Ulah adigung kumalangkung asa aing pangbisana, asa aing pang pinterna ulah!….omat ulah… !".


"Hidep salawasna kudu eling Ka Nu Maha Wening, nyatana Alloh nu salamina ngusik jeung ngageuing. Salawasna hidep kudu ngabaktikeun diri ka Gusti nu Maha suci Alloh Robbul ‘Izzaty, nyebakeun raga Ka Nu maha Kawasa Alloh Azza wajalla, sabab manten-Na nu ngawasa kana saniskara nu aya. Mangkahade… hidep kudu hade ka ibu rama, sabab lantaran aranjeuna hidep bisa kieu, aranjeuna tara wareg tuang leueut, tara tibra sare dina ngurus hidep teh. Ngan hiji harepan yen hidep teh kudu jadi jalma anu berguna pikeun nusa bangsa katut agama”.


“Geulis …. Kasep… Anaking anak Bapa….! Hidep sing pinter tur bener gunakeun elmu pangaweruh pikeun batur hirup dimana nyanghareupan kariripuh, ulah ngalajur nafsu teu puguh nu antukna bakal cilaka akhirna , sabab nafsu nu matak kaduhung awak nu matak katempuhan sing inget kaduhung mah datangna tara tiheula. Dimana geus cilaka. Lain wungkul hidep pribadi nu nandangan karugian kulawarga oge bakal ka babawa".


"Jung ….! Geura undur geura piluruh elmu pangaweruh malah mandar aya batur hirup dimana nyanghareupan karerepet reujeung kariripuh.


“Jig ….! Geura indit geura suprih deui pangarti ngarah hirup teu kacingcirihi komo bari rugi. Tetepkeun diri pikeun babakti ka lemah cai oge ka Gusti Nu maha Suci teu kakantun ka ibu rama hidep.


"Bral ….! geura miang, geura siar pangabisa ngarah kaangkat darajat diantara para manusa, nu memang geus jangji Nu Maha Kawasa Alloh 'Azza Wajalla pikeun jalma nu mibanda elmu pangabisa".


"Ngan omat dimana geus mibanda elmu pangabisa kudu boga rasa rumasa, ngarah teu adigung aduguna, ku ngulik elmu pare mingkin ngeusi teh apanan lain tanggah, kalah beuki tungkul, hartina anjeun teh kudu tetep tawadu' depe-depe handap asor, ka saluhureun kudu ngahormat ka sahandapeun kudu mikanyaah”.


Sakitu amanat ti Bapa, mugia sing jadi dasar lengkah hidep dina ngalakonan kahirupan nu bakal datang tur nu bakal karandapan ku hidep. Oge mugia cita-cita hidep sing kahontal sakumaha nu ku hidep di pikahayang".


Pileuleuyan….pileuleuyan…. sapu nyere pegat simpay… pileuleuyan ….pileuleuyan …paturay patepang deui.


Caaag…….!

Subang, 2206201

Tidak ada komentar:

Posting Komentar