Selasa, 21 Desember 2010

Tah Geus Punah Euy !

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I

“Awaass…! “ gorowok Mang Adéng bari tuluy ngajeuwang leungeun Aki Juhro nu ampir rék tigujubar ka walungan, nya kacaritakeun salamet wéh Ki Juhro téh teu tulus tigujubarna. Geus kitu mah ki Juhro téh ngahaturnuhunkeun pisan ka Mang Adéng.

Kacaritakeun Isukna kabeneran Ki Juhro tepung deui jeung Mang Adéng, tuluy duanana sasalaman, kadéngé Aki Juhro nyarita:

“Rék kamana euy ?”

“Oh éta Ki.. ! rék kadinya ka pasar… untung nya Ki ?”Jawab Mang Adéng

“Untung naon maksud manéh ?”Tanya Ki Juhro bari kerung

“Enya untung kamari ditulungan ku kuring, coba lamun euweuh kuring, aki geus pasti tigujubar ..”Walon Mang Adéng

“Oh …enya ..euy !..nuhun pisan kami ditulungan “Ceuk Ki Juhro nganuhunkeun.

Geus kitu mah kacaritakeun papisah baé duanana téh seja neruskeun lalampahan masing-masing. Soréna kabeneran tepung deui duanana téh dipasampangan, ayeuna mah Mang Odéng nu kadéngé nyarita:

“Alah geus tepung deui baé nya ki Urang téh ?”

“Heueuh euy..! kabeneran pisan …”Ceuk Ki Juhro

“Enya kabeneran pisan, sarua pisan jeung kamari nya Ki ?”Walon Mang Adéng deui

“Sarua kumaha maksud téh ?”Tanya Ki Juhro

“Enya kabeneran pisan kamari pas Aki rék tigujubar, kuring aya didinya, jadi wéh Aki téh ditulungan ku kuring”Tembal Mang Adéng

“Oh . éta ! heueuh ..nuhun pisan euy ..kami ditulungan”Walon Ki Juhro

Kocapkeun Mang Adéng nyebut-nyebut jasa manéhna ka si Aki Juhro téh .. lain sakali-dua kali, tapi ieu mah unggal maranéhna tepung, boh dipasampangan, dipengkolan, dipasamoan, di pasar, pokona mah di mana baé maranéhna duaan tepung geus pasti Mang Adéng téh nyebut-nyebut jasa manéhna ka si Aki Juhro. Lila ku lila si aki Juhro rada kesel ogé.

“Bener-bener teu ikhlas yeuh si Adéng nulungan déwék téh, éta mani unggal tepung ngan nyebit-nyebit baé éta kahadéan….” Cek si Aki Juhro bari gegerendengan. “Lah kaya kieu mah. Ku aing kudu diwarah yeuh “. Ceuk si Aki bari katingali tuluy ngagidig, horéng nepungan Mang Adéng, Barang geus tepung kadénge si Aki Juhro ngomong:

“Déng keur nyalse manéh …? “

“Enya ..ki ! rék aya naon kitu ki ..? meni rareuwas kieu …”Témbal Mang Adéng

“Mun bener nyalseé ..hayu milu jeung kami ..mungpung beurang kénéh…”Ceuk Ki Juhro bari ngajakan ka Mang Adéng

“Kamana ki ?”Tanya Mang Adéng

“Geus pokona mah tuturkeun baé kami …!”Walon Ki Juro baro ngingkig indit.

Nya dititah kitu ku Si Aki Juhro, Mang Adéng teu loba tatanya, antukna manéhna nuturkeun Ki Juhro ti tukang, bari tetep haténa mah pinuh ku kapanasaran aya naon ieu si Aki Juhro..teh ?.

Geus rada jauh duanana laleumpang, jog anjog ka hiji tempat, nu éta tempat téh, nyaéta tempat nalika si Aki Juhro rék tigujubar teu tulus da ditulungan ku Mang Adéng. Tuluy si Aki Juhro métakeun Mang Adéng kana posisi nalika nulungan manéhna rék tigujubar.

“Tah harita basa manéh nulungan kami téh ..lebah dinya cicingna ..tah kuring lebah dieu” Ceuk si Aki Juhro bari ngadeukeutan sisi walungan.

“Enya ..ki ..! émang sabenerna rék naon ?…” Ceuk Mang Adéng, ngan teu kebat nyaritana, da. kaburu ki Juhro téh ngagujubarkeun manéh ka éta walungan. Mang Adéng ukur molohok, ningalikeun kalakuan si Aki Juhro kitu.

Geus ngagujubarkeun manéh ka walungan kitu mah si Aki Juhro hanjat bari tuluy ngadeukeutan Mang Adéng deui, geus deukeut kadéngé nyarita:

“Tah geus punah . Euy !...omat tong ngomong-ngmongkeun deui ngeunaan jasa manéh nulungan kami… kaluman ngadéngéna.., da ayeuna kami geuningan tulus tigujubarna “

???????

Caaag

Subang,07062010

Tidak ada komentar:

Posting Komentar