Selasa, 21 Desember 2010

Pieunteungeun

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I.

Allah Ngadawuh:

وَمِنَ النَّاسِ مَن يَشْرِي نَفْسَهُ ابْتِغَاء مَرْضَاتِ اللّهِ ....(ألبقرة:207)

“Jeung di antara manusa aya nu ngorbankeun dirina, sabab nyiar karidhoan Alloh…..”(Al-Baqarah: 207)

Ayat ieu lungsur nalika salah saurang Shahabat nu namina Shuhaib atanapi nu ka telah Abu Yahya hijrah nyusul Rasulullah S.A.W. ka Madinah.

Di tengah jalan anjeunna dicegat ku Kaum Quraisy nu memang geus ngunguntit ti satukangeun anjeunna ti mekkah keneh, kadenge salah saurang gegeden kaum Quraisy nyarita ka shohabat Shuhaib:

“Yeuh Shuhaib !....Baheula anjeun datang ka kami kalayan teu boga naon-naon, tuluy anjeun hirup babarengan jeung kami nepi ka anjeun boga harta banda tur jadi jalma siga kieu ayeuna. Ayeuna anjeun rek kaluar ninggalkeun kami ..kalayan mawa harta banda anjeun”

“Demi Allah, kitu lampah teh moal dilakukeun ku kami” waler Shohabat Shuhaib, bari turun tina kudana, tuluy ngaluarkeun jamparing tina tempatna. “Yeuh Kaum Quraisy..! arandika apal yen kami teh kaasup jalma nu maher dina ngajamparing, demi Allah arandika hamo bisa noel kami, kajaba arandika haying kapanggang ku jamparing kami ieu… atawa haying di tilasan ku pedang kami ieu …. Sok ! lakukeun naon nu jadi karep andika ka kami ..! “ saur Shohabat Shuhaib.

“Kumah lamun kieu..! “ Shohabat Shuhaib neraskeun deui cariosanana: “Harta banda kami prak tah keur arandika kabeh, mun seug eta harta banda nu jadi pasualanana matak arandika ngahalangan kami pikeun hijrah nyusul panutan kami Rasulullah ka nagri Yatsrib, kumaha mun kitu .?.naha anjeun bakal tetep ngahalangan karep kami pikeun..hijrah ?”

“Nya ..seug mun kitu mah !.. kami moal ngahalangan anjeun pikeun hijrah nyusul Muhammad …ka nagri yatsrib !” jawab salah saurang gegeden kaum Quraisy nu harita milu ngahalangan lalampahan Shohabat Shuhaib nu seja hijrah ka Yatsrib.

Beres kitu mah Shahabat Shuhaib ngalajengkeun deui lalampahan Hijrahna. Nalika anjeunna dugi ka payuneun Rasulullah S.A.W. lajeng anjeunna nyarioskeun naon nu karandapan di jalan teu kakantun nyarioskeun naon nu tos dipilampah, nyaeta ngeunaan masrahkeun sadayana harta banda ka Kaum Quraisy.

Nguping kana sasauran Shohabat Shuhaib, maka Rasulullah S.A.W. Ngadawuh:

“Bagja anjeun ..yeuh Abu Yahya !…anjeun geus ngayakeun dagang reujeung Allah !.. nu eta dagang teh hamo tepung reujeung rugi…”. Rengse Kanjeng Nabi S.A.W. ngadawuh kitu, teu lami lungsur Wahyu Allah Qur’an Surat Al-Baqarah ayat 207 :

وَمِنَ النَّاسِ مَن يَشْرِي نَفْسَهُ ابْتِغَاء مَرْضَاتِ اللّهِ ....(ألبقرة:207)

“Jeung di antara manusa aya nu ngorbankeun dirina, sabab nyiar karidhoan Alloh…..”(Al-Baqarah: 207).

Tah ayeuna …naon nu tos diniagakeun …ku urang kangge ngabela agama Allah teh ? ..

Mangga emutan ! da geuningan eta para shohabat mah tos maparin conto ka urang dina ngabela agama Allah. Kalayan nandonkeun pati, jiwa, raga katut harta banda. Nepi ka aranjeunna teh kalebet kana golongan jalmi-jalmi nu paling utama mun seug aranjeunna janten Mujahid.

Hal ieu teh taya kajaba, aranjeunna ngajantenkeun ajaran Islam teh minangka tungtunan dina tiap laku lampah, oge nempel kuat dina ati sanubari, kajeun paragat nyawa batan kudu coplok iman sareng islam, kajeun bitotama mun seug aya nu ngahina atawa ngahancurkeun agama Allah.

Wallohu A’lam Bish-Showaaab.

Subang, 1072010

Tidak ada komentar:

Posting Komentar