Selasa, 21 Desember 2010

Munajat

Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I.

Allohumma Sholli ‘Alaa Sayyidina Muhammadin, Wa Sallim Wa Rodhiyalloohu Ta’aala ‘An Kulli Shahabati Ajma’in. Amin Ya Allah Ya Robbal ‘Aalamin

Alhamdulillahirobbil ‘Aalamin, Hamdan Naa’imiin, Hamdan Syaakirin, Hamdan Yuwaafi Ni’aamahu wa yukaafi’u Maziidah, Ya Robbanaa Lakal-Hamdu, wa Lakasy-Syukru, Kamaa Yanbaghii Li Jalaali Wajhikal-Kariimi wa ‘Adziimi Shulthonik.

Ya Allah Pangéran Abdi sadaya !
Ya Allah Dzat Lautan Hampura, Nu Maha Kawasa tur Maha Wijaksana

Rumaos abdi sadaya tos laku kaniaya ka diri abdi sadaya ogé ka sasama
Rumaos abdi sadaya tebih tina lampah ibadah, tapi caket raket kana lampah salah
Rumaos abdi sadaya tebih tina lampah ta’at, tapi caket raket kana lampah maksiyat
Rumaos abdi sadaya kalebet kana hamba Gusti nu tos mungkir kana jangji rawuh aturan Gusti.
Rumaos abdi sadaya teu pantes janten ahli sawarga tina kawelasan Anjeun Gusti. Tapi abdi sadaya hamo kiat saupamina janten ahli naraka.
Rumaos abdi sadaya teu acan kalebet kana golongan jalmi-jalmi anu dipikacinta ogé mikacinta Anjeun Gusti, tapi abdi sadaya hoyong kalebet ka golongan jalmi-jalmi nu salawasna mikacinta ogé dipikacinta ku Anjeun Gusti

Ya Allah ! Wungkul ka Anjeun Gusti abdi sadaya ibadah, ogé wungkul ka Anjeun Gusti abdi sadaya nyuhunkeun pitulung

Rumaos abdi sadaya makhluk nu laip, anu teu luput tina kaluputan sinareng kalepatan nu ngakibatkeun abdi sadaya milampah dosa.

Kukituna, mugi Anjeun Gusti ngahaputen kana sadaya dosa-dosa abdi sadaya,
Ogé dosa Ibu rama abdi sadaya, pasihkeun ka aranjeunna kadeudeuh, kawelas tur kaasih Anjeun Gusti, sapertos aranjeunna mikaasih, mikahéman abdi sadaya ti awit abdi alit tug dugi ka abdi sawawa dewasa ayeuna.

Mugi Anjeun Gusti ngahapunten dosa guru-guru abdi sadaya, dosa jalmi-jalmi nu teu acan katohonan kawajibanana ku abdi sadaya, ogé dosa kaum muslimin sadayana, teu kakantun ogé dosa para pamingpin abdi sadaya, mugi Anjeun Gusti maparin tuduh jalan ka aranjeunna geusan mingpin abdi sadaya kana jalan nu dipikaridho ku Anjeun Gusti

Sabab abdi sadaya yakin upami Anjeun Gusti teu ngahapunten kana dosa abdi sadaya, ogé teu ngarahmatan abdi sadaya. Maka, abdi sadaya kalebet jalmi-jalmi anu rugi tur kenging bebendon Anjeun Gusti.

Ya Allah Nu Maha Héman !

Ayeuna abdi sadaya ngumpul ngariung, dina raraga ngaraketkeun tali silaturahmi,
maheutkeun jangji pasini geusan nyangreud tali mimitran malar pageuh kebek ku rasa kadeudeuh.

Kukituna, Mugi anjeun Gusti ngajantenkeun riungan abdi sadaya ieu téh, kana riungan anu salamina aya dina rahmat sinareng ridho Anjeun Gusti.
Mugi anjeun Gusti ngajantenkeun paturayna abdi sadaya téh, kana paturay nu salamina aya dina rahmat sareng ridho Anjeun Gusti.

Mugi Anjeun Gusti ngajantenkeun abdi sadaya, putra-putri abdi sadaya, katut rundayan abdi sadaya, ogé riungan abdi sadaya, kalebet kana golongan ahli-ahli elmu sinareng ahli kahadéan, kasholéhan, ogé kata’atan ka Anjeun Gusti salamina. Sareng mugi Anjeun Gusti teu ngajantenkeun abdi sadaya kana golongan ahli-ahli kaawonan sareng kajahatan nu matak anjeun bendu.

Mugi Anjeun Gusti salamina nangtayungan ka abdi sadaya tina nadah sagala gogoda kahirupan, mugia anjeun Gusti mukakeun manah abdi sadaya geusan muka lawang kasatiaan kana kaislaman kalayan saestuna. Ogé mugi Anjeun Gusti nebihkeun ka abdi sadaya tina sagala gogoda sareng cocoba kahirupan nu piaboteun nu kinten teu pikaampeuheun ka abdi sadaya dina nampina.

Ya Allah Dzat Nu Maha Suci !

Mugi Anjeun Gusti salamina maparin pitulung ogé netepkeun hidayah, supados abdi sadaya tiasa ngamalkeun sagala elmu pangaweruh paparin Anjeun Gusti, dina raraga ngabuktoskeun kaimanan abdi sadaya ku kata’atan bari nyumponan kana amanah Anjeun Gusti, geusan ngahontal kabagjaan hirup di dunya rawuh akherat kalayan disarengan ku ridho sareng panghampura anjeun Gusti.

Robbanaa Aatinaa Fid-Dunyaa Hasanah wa Fil-Aakhiroti hasanah wa Qinaa ‘Adzaaban-Naar.

Amin Ya Allah Ya Robbal ‘Aalamin Wa Ya Mujiibas-Saa’iliin. Wal-hamdulillahirobbil ‘Aalamin

Subang,04072010

Tidak ada komentar:

Posting Komentar